Fikmin #Sandiasma 2#
“Duh Gusti mugia anjeun nangtayungan kulawarga abdi. Mugia pun anak
Budi Syarif salamina aya dina jalan lempeng, teu kabaud ku hal anu teu
puguh,” clak cimata murag kana tonggong leungeun. Beuki anteng ngado’a,
cimata beuki juuh na pangsujudan.
Ngarénjag waktu di luar aya nu
keketrok. Peuting nu jempling meujeuhna ngahenang ngahening,
ngarasakeun nikmat ti mantenna, mancawura, waktu aya haréwos karisi
malibir na biwir peuting.
“Angga aya?” ceuk hiji pulisi.
“Teu aya, Pak,” walonna tatag.
“Kuring tos maluruh, leres di dieu. Panuhun ibu tong nyumputkeun, kuring keur ngajalankeun tugas.”
“Muhun teu aya jenengan Angga.”
Teu madulikeun omongan éta awéwé. Pulisi langsung asup ka imah.
Ngawut-ngawut naon rupa anu aya hubungan jeung nu ku manéhna dipaluruh.
Kabéh tempat dititenan taya nu kaliwat. Teu lila amitan.
Isukna
geunjleung. Téroris kacerek di Batu Rengat, Cigondéwah, tiwas dina
leungeun Densus 88. Térorisna taya lian Angga Sandiasma ti Budi Syarif.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar