Rebo
Nyunda
Ku
Nina Rahayu Nadéa
Panceg sataun program nu
dirintis ku Ridwan Kamil lumangsung di Kota Bandung. “Rebo Nyunda” anu mimiti
diwawarkeun ti Ping 6 Novémber 2013 tug nepi ka kiwari. Bisa karasa kumaha héabna.
Barudak sakola saeutik saeutik wawuh kana budaya sunda utamana dina hal pakéan.
Jeungna deui saeutik saeutik teu éra make basa Sunda sanajan aya
salahna.
Dumasar kana Perda Kota Bandung
no 9 taun 2012 ngeunaan ngariksa , ngamumulé basa, sastra jeung aksara
Sunda. Katangen hangkeut jeung dariana pamaréntah ngeunaan hal ieu. Dibuktikeun ku ayana aturan nu nyata
ngeunaan Rebo nyunda. Dumasar kana ieu aturan téh, sakabéh
instansi, dipiharep maké pakéan sunda dina poé Rebo. Teu waé dina pakéan
tapi ogé
dina bahasa, khususna poé Rebo sangkan maké bahasa Sunda. Geus puguh ari ngobrol mah, kitu deui dina
acara resmi, upamana rapat jeung lainna mun kabeneran ninggang poé
Rebo, wayahna kudu maké basa Sunda.
Ayana kahariwang anu kacida gedéna
lamun budaya sunda luntur. Jati kasilih
ku Junti -Pribumi kaéléhkeun ku sémah. Éta hal utama nu nyababkeun ayana Rebo
Nyunda. Atuh, barudak nu asalna teu apal jeung teu diajarkeun ku indung bapakna
perkara basa Sunda. Wayahna, kudu tuhu kana aturan. Teu meunang nyebut teu bisa,
lamun di sakola budakna kudu ngomong basa Sunda. Sanajan tangtu waé
kudu diaping ku guru di sakola. Da jeung kanyataana. Barudak sakola sok nyebut
pelajaran basa Sunda téh hésé. Ieu katingali tina peunteun ulangan budak. Bahasa Inggris
peunteunna bisa salapan puluh malah saratus, na ari ninggang basa Sunda? Bahasa
buhun, bahasa karuhun urang, janggélék peunteun genep puluh. Malah loba
anu sahandapeun, da cenah pelajaranna hésé.
ieu program téh kacida dirojongna ku sakabéh inohong di Jawa Barat. Atuh guru
basa Sunda nu asalna asa kateumbleuhan perkara barudak nu teu wawuh kana budaya
sunda. Saeutikna kabantuan ku ayana ieu program. Sanajan saéstuna,
perkara kamekaran basa jeung budaya sunda, lain ngan saukur tugas guru basa Sunda
wungkul. Tapi kabéh guru nu aya di lingkungan sakola. Ogé para inohong, budayawan sunda jeung
lainna nu ngarasa daria micinta sunda, bakal ngetrukeun pangabisana, sangkan ki sunda angger aya.
Dina poéan Rebo téh sakabéh barudak sakola diwajibkeun
maké
pakéan
sunda. Kabaya keur awéwé atuh pangsi keur lalaki. Lian ti pangsi ogé loba lalaki anu maraké iket jeung hiasan kujang. Kaayeunakeun teu sirikna tiap instansi
paalus-alus dina perkara pakéan. Da hayang kapeunteun ku balaréa.
Pangonjoyna. Éta alusna. Silitémbongkeun pakaya kasundaan. Tapi nu
goréngna
aya sifat sili saingan téa, mugia wae teu nepi ka dinya.
Ngahaja dilaksanakeun pikeun ngamumulé budaya sunda méh teu luntur. Méh
sakabéh
masarakat khususna urang sunda pituin, kitu deui barudak teu ngaluli-luli
budaya sunda. Budaya Sunda kudu tetep aya, teu kagiridig ku budaya deungeun.
Sanajan sabenerna loba hal lain anu dilakukeun sangkan budaya sunda teu ilang
dangiang. Contona waé remen ngayakeun lomba kasundaan. Samisal puisi, jaipong,
wayang jeung lain-lain. Tapi tacan hémpak. Ngan sababaraha komunitas anu
ngariluan.
Dina prak prakanna ‘Rebo Nyunda’
masih kénéh
loba barudak ogé guru di sakola tacan maké baju budaya sunda kalawan
rata. Masih kénéh katangen maraké baju dinesna. Karagok téa,
asa rék
ka ondangan majar téh. Kacida manghanjakeulkeunna. Padahal éta
poé
téh
kudu dibagéakeun
ku urang saréréa.
Lain ngan saukur kedal tina haté tapi kudu aya bukti kongkrit rasa
kacinta urang ka sunda. Aranéh puguh, ari barudak salaku anak didik kudu maké
baju sunda ari guruna, salaku figur anu sakuduna dijieun conto heunteu maké.
Tojaiyah ngarana.
Atuh atribut sunda ayeuna ramé
deui. Da loba nu maraké. Contona waé iket, pin kujang, kabaya, salendang,
jeung nu lainna.
Iket nu dipaké
sabenerna lain ngan saukur iket teu puguh. Lian ti keur panyalindungan sarta
nandakeun tingkat status sosial. Aya ma’na nu leuwih perkara iket. Iket dijieun
tina kaén
anu bentukna ‘segi opat’ ngabogaan 4
sudut. Anu ngawangun harti ngahiji jeung unsur angin, cai, taneuh jeung seuneu.
Satuluyna lamun éta iket dilipet dua. Ngajanggélek jadi 3 sudut anu ngandung
harti diri, bumi jeung nagara.
Niténan iket. Sabenerna loba
ragamna; aya iket buhun baheula aya ogé
nu kaasup iket kaayeunakeun atawa modérn.
Iket buhun nyaéta
iket nu geus aya ti béh ditu mula. Dipaké di sawatara kampung adat. Jeung dina
cara makéna
éstu
alami heunteu kacampur ku budaya ti luar. Rupa-rupa iket buhun diantarana:
parekos jéngkol,
parekos nangka, barangbang semplak,
Julang ngapak, koncér, kuda ngencar, jrrd.
Iket kaayeunakeun atawa iket modérn.
Nyaéta
iket tina hasil kréasi
kaayeunakeun. Sanajan saenyana mah angger maké kaén segi opat. Conto nu kaasup iket ka dieu diantarana: candra sumirat,
maung leumpang, iket batu amparan, jrrd.
Kitu deui dina hal maké
kabaya anu dipaké ku awéwé. Kabaya sunda nepi kaayeunakeun
angger pada mikaresep tur teu tinggaleun jaman.
Teu kaéléhkeun ku baju lain nu beuki dieu beuki loba waé
modélna.
Kabaya sunda angger méré komara. Nandakeun pribadi nu makéna. Komo dipasieup ku kabaya
anu diadumaniskeun jeung batik, beuki beda katingalina.
Mugia waé kahayang pamaréntah
khususna, umumna urang saréréa nu micinta sunda bisa tinekanan. Réhna
budaya sunda moal ilang. Beuki deudeuh jeung beuki gumati ka ki sunda. Sanajan
saenyana lain ngan saukur dina hal pakéan. Nu leuwih penting tatakarama,
prilaku urang kudu némbongkeun ketak nu hadé. Hayu urang témbongkeun
ka saréréa
yén
urang sunda téh sabilulungan. Urang mumulé budaya sunda ku urang saréréa bari
jeung dibarengan ku hadé gogog, hadé tagog, geus pasti sieup. Urang
buktikeun kanu lain yén sunda téh aya. Lamun lain ku urang rék
ku saha deui?***
Nina Rahayu Nadea. Nulis dina
bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di: Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah
Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah
Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle,
SundaMidang, Galura, Tabloid Ganesha,
Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya,
Majalah Guneman, jrrd
Tidak ada komentar:
Posting Komentar