Tampilkan postingan dengan label Fiksimini Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Fiksimini Sunda. Tampilkan semua postingan

Sabtu, 22 November 2014

Kucinta SUNDA

https://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/426225487419024/
FIKMIN #Ujian Nasional jeung Sertifikasi Guru#

Basa dibéjaan yén manéhna teu lulus dina PLPG ujian sértifikasi. Awak langsung lungsé, téténjoan ranyai karonéng, sakapeung karasa murel. Beu...beu... rék teu kitu kumaha? Padahal di sakolana manéhna kapeto jadi guru teladan sarta dipercaya nyekel kelas 3.
Kitu pantes atuh, pan manéhna dipercaya jadi guru matematika. Sarta salilana jadi pada mikareueus ku sakola, sabab rata-rata matematika tiap taun teu weleh undak. Komo taun kamari mah pan anak didikna loba nu meunang peunteun 10 dina Ujian Nasionalna. Nu jadi kahemeng teh si Udin nu tara sakola jeung nilai sapopoéna goréng, tetela undak pisan. Meunang 10 nilai Ujian Nasionalna.
Beu! kayak kieu mah, dunya téh geus tibalik. Aya bahan budak ngajar guruna
· · · Friday at 3:54pm

Fikmin #Pacabakan Hayang Ngarang#

Fikmin #Pacabakan Hayang Ngarang#

Hayang ngajajah alam sastra, nganyam rasa na sagara lampah panjang tanpa batas. Ngahaja balaka ka baraya para pangarang, tatangga, akang-akang sadayana, ana hayang nyandang pahlawan sastra. Sanajan karangan ngan sakadar ngalalar hanca na sarakan alam laas ana. Hanjakal karangan ana can kabaca na sajarah sastra. Ngan talak...talak katampa kana manah. Nyaan, sadayana can mawa kabagjaan, kanyaah kana dada. Ah hanjakal, padahal tanaga, raga, akal ana ngan jang ngarang...ngarang. Hayang ana nampa kabagjaan sangkan taya panasaran saacan pasaran datang.
Naha sarat pangarang ngan aya jang lahan sastrawan badag? matak sawan kana dada. Can aya sajarah, pangarang anyar ngalalar warta badag. Padahal nyaan ngaran ana hayang tandang kana majalah badag, pan karangan ana bakal nyandang jasa sarta awak bakal badag lantaran taya kapanasaran. Sarakan, dahar, kacamata, calana, salawasna hayang anyar na ladang ngarang . Ah, ngan ngarang pacabakan ana.
Kamana nyampay rasa sangkan aya pangarang mawa karangan ana ka majalah badag. Balaka ka sadaya, dampal karasa panas jang ngarang, kalan-kalan raga napak hambalan na alam maya, sangkan ana nampa kanyaah pangarang, sastrawan badag. Ya Allah, ngahaja ana ngawakwak, cacalawakan, sangkan karangan ana katampa majalah badag. Ana tamada ka para sastrawan, wawar karangan ana ka saban madhab, malahmandar aya mangpaatna ka baraya. CAG!
· · · Yesterday at 9:21am