Sabtu, 22 November 2014

Kucinta SUNDA

https://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/426225487419024/
FIKMIN #Ujian Nasional jeung Sertifikasi Guru#

Basa dibéjaan yén manéhna teu lulus dina PLPG ujian sértifikasi. Awak langsung lungsé, téténjoan ranyai karonéng, sakapeung karasa murel. Beu...beu... rék teu kitu kumaha? Padahal di sakolana manéhna kapeto jadi guru teladan sarta dipercaya nyekel kelas 3.
Kitu pantes atuh, pan manéhna dipercaya jadi guru matematika. Sarta salilana jadi pada mikareueus ku sakola, sabab rata-rata matematika tiap taun teu weleh undak. Komo taun kamari mah pan anak didikna loba nu meunang peunteun 10 dina Ujian Nasionalna. Nu jadi kahemeng teh si Udin nu tara sakola jeung nilai sapopoéna goréng, tetela undak pisan. Meunang 10 nilai Ujian Nasionalna.
Beu! kayak kieu mah, dunya téh geus tibalik. Aya bahan budak ngajar guruna
· · · Friday at 3:54pm

Tidak ada komentar:

Posting Komentar