Satutas
Reunian
Ku:
Nina Rahayu Nadéa

Asa
wegah puguh gé indit ka ditu téh. Maklum pagawéan kantor salila ieu numpuk
jeung numpuk. Boro-boro mikir kasenangan arulin siga batur, pon kitu deui ruang riung. Ari kahayang mah
siga batur, ngan kumaha atuh hengker ku pagawéan. Sakalieun manggih libur téh
kahayang ngan ukur cicing di imah. Istirahat, ngumpulkeun deui tanaga keur nyanghareupan
deui gawé.
Lain waé
tanaga pisik tapi ogé tanaga psikis. Rumasa gawé di bagian anu kacida
ngabutuhkeun tanaga jeung pikiran, jadi dina
gawé
téh
kudu enya-enya nyiapkeun sagalana.
Ari
ayeuna? Manggih masalah siga kieu. Enya sok teu paruguh pisan kana haté.
Ceuk batur mah kétang lain masalah anu kieu mah. Tapi kasenangan. Enya kasenangan
anu hésé
ditéangan.
Malah pamajikan gé sabaraha kali nitah kuring indit. Karunya cenah kanu ngontak,
neleponan atawa ngaSMS bisi majar disebut sombong.
“Horéam
indit puguh gé.” Kuring ngahuleng waktu pamajikan ngadesek indit.
“Ih
batur mah hoyong ruang riung. Bernostalgia
sareng kapungkur. Reunian. Ari akang mah beut horéam?”
“Kawas
nu teu apal kumaha pagawéan akang. Unggal poe balik peuting atuh indit gawé
kudu tangginas. Bororaah mikir nu kitu.”
“Ngiringan
atuh kali-kali. Sakalian refreshing.” Pamajikan
keukeuh ngahatéan. “Karunya wé ka akang. Bisi disangka sombong, abong-abong tos suksés!”
pamajikan ningalkeun kuring.
“Suksés
kumaha, sakitu gawé ripuh téh. “Kuring nuturkeun pamajikan.
“Batur
mah moal apal siga kitu, Kang. Matakna ngiring sakali mah. Jadi maranéhna
bakal apal kumaha gawé akang sabenarna.”
“Enya
urang pikiran.” Kurig ngaléos ka kamar. Ngahérang
ngumbar lamunan.
*
“Horé!
antukna Hérman
sobat kuring bisa ngiluan euy. Enyaan euy, kuring sono ka di dinya.”
“Heueuh...
tapi ke ari awak di dinya geus kempés can? Haha.”
“Kempes.
Siga kana bola waé. Rada langsing ayeuna mah euy.
Matakna geura panggihan atuh!”
“Haduh
sigana bakal aya nu berbuga-bunga haténa. Hérman sumping mah.” Dewi ngilu
mairan dina komén.
Teu
lila loba nu ngomén dina eta grup teh. Teu dituluykeun ku kuring ngoménna.Riweuh
ku telepon anu asup urusan kantor.
*
Pamajikan
ngahaja mangmilihkeun baju anu pas keur kuring. Kaméja kota-kotak leungeun panjang
dipasieup jeung calana jin warna biru kolot.
` “Tah
cocok nganggé
nu ieu,” pamajikan ngaluarkeun baju tina lomari. Didangdak déngdék
jeung calana. “Serasi, Kang. Pasti wé bakal seueur nu naksir ka akang.” Cenah
bari ngadéhém.
“Rido
kitu?” kuring malik nanya bari jeung seuri leutik, kagugu ku omongan pamajikan.
“Enya
mangga ari akang teu nyaah ka si geulis mah.” Bari jeung ngusapan beuteungna
anu bureuyeung.
Sajajalan
haté
dipinuhan ku rupa-rupa kalangkang. Beungeut babaturan SMA tingkolébat
ngurunyung dina lamunan.
Nyenghél
waktu ngingetkeun ngaran landihan anu disebut ku babaturan. Ngaran paméré
kolot salaus-alus diganti teu kireum-kireum. Dipaké sapopoé. Teu waé
di sakola, tapi ogé mun nganjang ka imah. Darman dilandih si Iteung pédah
awakna hideung. Mansur disebut si gurilem pédah kolotna dagang kurupuk gurilem. Asép
disebut si BF, pedah kungsi dihukum ku wali kelas, kapanggih mawa kasét
teu paruguh dina kantongna. Ari kuring disebut si profesor. Pédah
ti kelas hiji nepi ka kelas 3 teu weléh nyanding jadi juara umum di
sakola. Jeung na deui kaca mata teu weléh
tingaleun dina cukang irung. Éta nu nyababkeun gelar profesor maskét.
Ti
baheula gé
teu dibéré
resep kana ruang-riung kitu téh, mending ulin jeung buku waé.
Babaturan bring kamana-mana gé kuring mah tara ngiluan. Ngilu sotéh
waktu acara panungtung di kelas 3. Éta gé pédah dipaksa Dadan, batur
sabangku, jeung na aya kahayang nu nyangkaruk dina dada. Nu antukna ngilu ka Curug Citiis. Curug tempat kuring neundeun
rusiah. Taya saurang gé nu apal, réhna kuring jadian jeung hiji awéwé
nu diincer ti kelas 2 kénéh. Nya Curug Citiis geus jadi saksi. Kanyah jeung katresna
kuring tamplok ka manéhna.
“Dimana
kénéh
Prof?” HP kuring disada.
“Di
jalan sakeudeung deui gé nepi.” Témbal kuring ka Dadan.
“Jalan
mana? Loba jalan téh.”
“Pokona
sakeudeung deui wé.” Teu ngabéjakeun
anu sabenerna. Yén kuring geus aya di tempat parkir.
“Siip.
Ditungguan. Barudak geus karesel yeuh nungguan di dinya.”
Kuring
rarat rérét
ka sakurilingeun. Masih siga baheula bangunan téh, kelas ngajajar teu ditambahan teu dikurangan. Atuh di
deukeut lapang parkir, taman nu dipinuhan rupaning kekembangan angger aya, nyeungitan
taman haté
kuring sapada harita. Bangku panjang sagigireun taman nyuaykeun lamunan waktu
harita keur istirahat. Di bangku éta, kuring jeung manéhna
kungsi ngobrol panjang lebar ngeunaan cita-cita. Panonna anu curelek, dipasieup
kempot pipi nambah geulis. Aya kitu manéhna? Sanajan embung panggih inggis
nguniangkeun rasa. Tapi, teu kuhanteu haté noroweco. Sanajan disidem,
tresna téh
angger aya. Karék nincak sakola gé, ngaran manéhna geus ngaronghéap
dina lolongkrang haté.
“Profesor
datang euuuy.” Dadan ngagorowok, waktu kuring mucunghul ka aula.
“Eta
beuteung, jadi burayut kitu.” Kuring ngarangkul Dadan.
“Burayut
ogé
masih kuat da... haha.” Dadan sarua ngarangkul pinuh ku kasono.
“Enyaan
euy prof geus kacida suksés.” Jol itu jol ieu naranya terus ngajak sasalaman.
“Damang,
Man.” Hiji sora ngagebahkeun kuring.
“Hesty?
Damang?” Ceuk kuring nampanan nu ngajak sasalaman.
“Tos
sabariji bati?”
“Nembé
badé
hiji. Tos dalapan sasih.”
“Ning?”
Manéhna
teu kebat.
“Hesty
tos sabariji?”
“Tilu.
Abdi mah nu pangganggeugna tos SMA.”
“Heuleuh
meni resep.”
“Hayu
ka dieu Prof. Tong ngahiji wae jeung awéwé atuh, Dadan metot leungeun
kuring. “Kela, Hes. Rek ngobrol heula jeung sohib nya penting!”
“Antos
sakedap nya?” Kuring ningalkeun Hesty.
“Geulis
kénéh
nya si Hesty.”
“Geulis
wé
da awéwé.”
“Leuh
si éta.
Prof manéh
mah tinggaleun berita. Si Hesty téh randa.”
“Kutan?”
“Sok
bisi rek disabet ku di dinya.” Si Dadan ngahahah.
“Geus
lila ngarandana?”
“Sataunan.”
“Ehm...
anyar kénéh
atuh.” Kuring ngagerendeng. Dina haté timbul kaduhung. Naha beut panggih
ayeuna, teu panggih taun kamari. Meureun mun tepung mah kuring jeung Hesty bisa
ngahiji. Meureun moal ngawin Larasani, pamajikan kuring ayeuna.
Teu
kalis ningali hiburan dina panggung téh. Nu puguh mah kabéh
nu hadir ngobrol namplokeun kasono ka babaturan anu geus lila teu tepung. Dadan
gé
teuing ka mana tah, majar téh
rék
néangan
nu geulis ka tukang cenah.
“Tiasa
calik di dieu?” Hesty teu kanyahoan geus aya gigireun. Teu nungguan jawaban kuring, gék manéhna diuk gigireun.
“Mangga.”
Kuring mesem.
“Dadanna
kamana kitu?”
“Biasa
badé
milari nu geulis cenah. Angger wé nya si éta mah... hehe.”
“Naha
atuh Hérman
teu milari?” manéhna ngarenyu, neuteup kuring. Dua panon paamprok. Aya nu
kumeleter kana haté lebah ningali panon nu curelek, angger siga baheula. Ehm,
Hesty ning angger siga baheula geulis teu robah. Anggur asa geulis ayeuna.
“Pan
ieu nu geulisna di sagédéngeun.” Kuring seuri leutik. “Leres putra téh
tos tilu?” Kuring nanya deui, panon angger neuteup.
“Enyaan.
Naha naros kitu?”
“Asa...
asa angger siga kapungkur geulis, senang rupina?”
“Senang
kumaha, puguh Hesty mah asa menderita. Budak satilu-tilu. Hesty hirup sorangan
da tos teu aya carogé.” Luk manéhna tungkul nyumputkeun semu.
“Tos
lami carogé
ngantunkeun?”
“Tos
sataun.”
Obrolan
beuki muter, beuki manjang. Nu tadina
horéam
indit téh
geuning geus ka dieu mah beut asa senang. Komo deui panggih jeung Hesty, nu
jadi béntang
ti keur SMA. Ngobrol ngalér ngidul...
“Bandungna
di mana Man?”
“Daérah Sudirman.”
“Bérés acara teras mulih ka Bandung?”
“Muhun
atuh ka mana deui.”
“Teu
kaabotan teu pami Hesty ngiring?”
“Badé
ka mana kitu?”
“Badé
ka Cileunyi heula. Badé
ka pun Uwa. Aya candakeun kanggé si bungsu.”
“Mangga.”
Kuring giak. Geus kabayang sajajalan bakal hégar jeung resep dibarengan ku
Hesty.
Jeung
enyana. Teu jauh tina sawangan. Sajalajan galécok, ngomongkeun waktu anu
geus kaliwat. Katresna nu baheula maluguran, ayeuna mangkak karembangan deui. Kacinta
tingparentul mapaesan rohang hate. Katurug Hesty ayeuna hirup nyorangan.
Dunya téh
asa éndah
rarasaan. Komo ningali manéhna
beut léah.
“Resep
sigana mun Hesty harita ngadahup ka Hérman, meureun moal kieu hirup téh
tunggara. Nyorangan waé.” Panon curelek ngadadak angkeub.
“Tong
kitu Hes. Pamali.”
“Asa
kaduhung harita Hesty ngajauhan Hérman teu pupuguh. Hapunten nya, Man.” Sirahna
ngadangheuak ka lebah kuring. Antel kana dada.
“Tos
nu atos mah, tong ngemutan deui.” Kuring ngahegak. Aya rasa nu nyangkaruk lebah
dada. Ngeundeuk ngeundeuk kaimanan lalaki. Nguniangkeun rasa anu lawas teu
kasorang tresna. Geuning cinta téh masih aya dina diri. Sugan téh
katresna moal usik. Cinta nu kungsi leungit ayeuna norojol. Datang deui,
malikeun seseungit anu pinuh ku tresnaning cinta, nu pinuh ku gupay deudeuh
Les beungeut Larasani di imah leungit.
Baganti ku ngaran Hesty jeung Hesty. Hesty anu ayeuna aya gigireun. Lelendotan
lebah dada. Kahayang mah lila ka Cileunyi téh. Kahayang mah jalan téh
maceé.
Ameh rinéh
ngobrol. Tapi dikersakeun jalan téh molongpong. Asa sakedet nétra,
sangkilang mobil ngahaja ngarayap, alon.
“Hesty
gé
sering ka Bandung da. Ajakan ké amengan nya?“
“Pasti.
Dimana lungsur téh?”
“Éta
di payun. Tuh caket Alfa wé.” Hesty ngised ngajauhan. Panonna manco ka hareup. “Omat nya ngoling Hesty.” Hesty
neundeun leungeun na pingping kuring.
“Sip!”
Kuring nyekel leungeunna. Srrr aya nu sumarambah kana bayah. “Hes!” Ukur kitu nu bisa kedal. Leugeun
pageuh nyekel leungeunna. Hesty imut, ngabalieus. Laju nonggongan mukakeun panto
mobil. Ngagupay imut.
“Tong
hilap nya, Man.”
Sababaraha
jongjonan siliteuteup. Asa wegah
papisah. Sababaraha jam babarengan geus neundeun rasa anu béda.
Samagaha kaubaran ku datangna Hesty ka kamer haté.
“Tiddiiit...”
klakson mobil kadéngé. Ngageubahkeun kuring nu keur kasmaran.
“Hayu
Hes...”
“Hati-hati,
Man.”
Kuring
ngarénghap
panjang. Neundeun lalakon dina hate pangjerona. Mobil nyemprung muru Bandung. Kadéngé HP disada, teu hayang
ngangkat, sumawona maca SMS. Haté keur pinuh ku ngaran Hesty.
“Minggu
payun abdi badé ka bandung. Aya waktos?” SMS ti Hesty geuwat dibaca.
Biwir
ngarenyu. Bungangang neundeun haté anu beuki kumeleter kaentreupan asih.
Teu kaburu dijawab. Waktu aya telepon asup. Ti Didin adi kuring.
“Aya
naon, Din?”
“Akang
nuju di mana?”
“Jalan
tol.”
“Sibuk
nya?”
“Heunteu.
Kumaha kitu?”
“Pedah
wé
sms teu dibales, telepon teu diangkat. Langsung we ka rumah sakit, Kang.”
“Saha
nu gering?” kuring reuwas.
“Téh
Sani ka rumah sakit. Pendarahan.”
Kuring
ngagas mobil. Dosa mahung diri. Enya we diilikan SMS ti pamajikan rabul. Ngan
teu kungsi kabuka. Pan kuringna keur
anteng suka bungah jeung Hesty. Beungeut Larasani kokolébatan. Kabayang manéhna
indit sorangan ka rumah sakit, bari jeung bureuyeung nahan kanyeri. Merjuangkeun utun inji. Gusti mugi pun anak
sareng pun bojo disalamatkeun, Ya Rabb. Bukti cinta kuring duaan nu geus dianti.
Hampura kuring geulis.... Hate lumengis. Telepon disada deui. Giak dicokot. Teu
laju diangkat, waktu aya ngaran Hesty mapaésan layar HP. Sora HP angger disada,
teu hayang ngangkat. “Pileuleuyan Hesty.” kuring ngagerendeng, Ngadelete ngaran Hesty Puspitasari tina
kontak HP.***
Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Sunda
jeung bahasa Indonesia. Tulisanna sumebar dina sawatara média.
Oge bisa dipaluruh di www.ninarahayunadea.blogspot.com
Tidak ada komentar:
Posting Komentar