Selasa, 11 November 2014

Talaga

Carpon dimuat di Tribun Jabar

Talaga Kamelang
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Gorobas... sada tatangkalan rungkad.  Mobil beko teu ereun ngahanca. Ngabaladah tempat, ngaburak-barik nu aya méh rata jeung lemah. Imah nu weweg, sakali gecuk langsung ruksak teu mangrupa.  Dipaksa ku polah manusa lantaran dibuldoser. Jalma tinglaliud nyaksian. Sanajan enya geus aya perjanjian. Tapi teu burung loba nu muragkeun cimata, waktu nyaksian tempat maranéhna diburak barik.
Geus saminggu leuwih Lembur Dadapan nu asalna simpé ngahanenang ngahening, ayeuna teu weléh gandéng. Sora mobi beko, sora tangkal rungkad, imah nu runtuh, paselang jeung nu tingcorowok  saban usik. Sanggeus aya kasapukan.  Lembur Dadapan rék disulap jadi daérah industri. Pabrik tékstil-Indotex. Atoh nu aya waktu dibibita ku pagawéan. Yén cenah pamuda-pamuda Lembur Dadapan nu teu boga gawé, bakal langsung diangkat jadi karyawan tetap di Pabrik tékstil téa.
Pon kitu deui anu geus karolot anu asalna bobolokot leutak purah ka sawah. Rék dibéré pagawéan anu luyu jeung kamampuhanna di éta pabrik. Moal aya deui tukang ojég, tukang ngarambét jeung lianna da kabéh bakal kacumponan ku gawé di pabrik. Sanajan bakal leungiteun. Upluk aplakna sawah, rajegna tatangkalan di kebon leungit baganti ku dugdegna wangunan pabrik.
Warga anu kaleungitan tempat nyiruruk lantaran kasabet ku wangunan anyar nu rék diadegkeun kapaksa pindah ka tempat lain, sanggeus meunang kompénsasi ti invéstor.
“Keur naon, Cun?” Atma sobatna  nyampeurkeun kanu cindekul hareupeun balong.
“Nya. Keur kieu wé niis. Kumaha jadi pidah ka dieu téh?”
“Jadi. Isukan rék  iimahan. Ah, éta wé di tanah Jang Ikin kabeneran teu dipaké. Rék dibeuli gé teu dibikeun. Pék wé cenah ari rék dieusian mah.”
“Nya sukur atuh. Kadé duit pangjejeg imahna jadi béak teu puguh.” Ki Encun ngalinting bako molé. Pelenyun diseuseup antaré.
“Paling dijieun modal keur tani waé. Jadi asa teu puguh lampah ieu téh. Mun inget kamari cabé téh keur hargaan. Kari-kari rék melak. Kaburu...” Atma teu neruskeun omongan. Panonna neuteup lalangit.
                “Bonganna atuh nandatangan.” Ki Encun seuri konéng. Paneuteupna anteng kana balong  hareupeun. “Enya kétang pasti kabongroy ku duit gedé. Ki Ardasim gé nu asalna teu nyaluyuan yén lemburna rék dijieun daérah industri. Tapi kalilaan mah, beunang ku pangbibita. Rék dijadikeun mandor di pabrik. Tungtungna ning nandatangan.”
                “Nya kumaha atuh. Da geus puguh tanah kuring mah kaasup tanah anu rék dipaké bangunan anyar téa. Pangpangna mah karunya ka budak sorangan kétang. Da sasat meunang nitipkeun, méh bisa gawé di éta pabrik. Keun wé lah sugan aya berkah keur urang saréréa.” Atma ngupahan manéh.
                Euweuh masalah. Kitu meureun, matakna pihak invéstor langsung ngabaladah tanah. Nu tadina rék 3 bulan deui. Langsung dipajukeun. Gegedén anu boga modal langsung ngalaksanakeun kahayangna. Bisi aya nu béda paham meureun, ngaburantakeun rencana anu geus dijieun. Meungpeung sapuk kabéhanna, nya langsung dibangun pabrik.
                “Nya mudah-mudahan wé.”  Ki Encun ngahuleng. Inget basa manéhna adu rényom jeung Lurah Danu.
                “Ulah ditandatangan.” Ki Encun nyampeurkeun ka warga anu keur ngariung. Waktu Lurah Danu méré kamandang. Nagabéjér béaskeun perkara kunaon warga kudu nandatangan.
                “Cicing, Ki. Tong jadi propokator atuh. Tong pipilueun, barina gé pan béda lembur. Urus wé lembur di dinya.” Lurah Danu jamedud asa kahalangan ku Ki Encun.
                “Lain jadi propokator kuring mah. Rumasa jalma bodo. Tapi Lurah Danu salaku pamingipin di ieu lembur kuduna méré kamandang nu satarabasna. Kumaha hadé goréngna. Lain ngan saukur ngobrolkeun nu alusna wungkul. Enya alusna mah warga téh ayeuna bakal pindah pileumpangan. Nu asalna bulu taneuh ayeuna mah jadi buruh pabrik. Meureun genah teu kudu kokotoran. Genah meunang duit mingguan. Teu kudu nungguan tina ladang tanén anu can tangtu hasilna. Kitu deui budak di lembur anu keur meujeuhna. Anu asalna ngan saukur tinghariul ngaligeuh teu puguh meureun ayeuna mah moal ngajentul dan  boga pagawéan maneuh.”
                “Tuh geuning Aki pinter. Tah éta matakna kuring nitah  warga sangkan daék paheuyeuk leungeun sangkan pabrik  geura ngadeg di ieu lembur.”
                “Tapi urang kudu ngabéjer béaskeun kumaha pangaruh goréngna keur sanitasi, keur lingkungan urang.”
                “Ah, teu kudu dibahas atuh tamah jauh kénéh. Nu penting urang nyukséskeun heula lembur Cidadap sangkan euweuh nu ngalanggur.”
                “Lain nanaon kuring mah sieun wéh. Pangpangna sieun réhna ku ayana pabrik, sawah nu di tempat kuring jadi teu kacaian. Walungan anu caina ngangenyas... tada teuing jadi ruksak lantaran kakeumeuhan ku limbah pabrik téa.”
                “Geus, Ki. Tong waka mikiran ka dinya. Ku urang mah moal kapikiran. Nu boga pabrik téh lain jalma écék-écék. Titélna gé kuat ngabérébét, tandaning jelema nyakola. Inyana pasti ngabogaan rencana nu alus nu heunteu matak ngarugikeun. Teu kudu urang mikiran nu karitu patut.”
*
                “Kumaha meunang loba kalapa téh, Atma?” Ki Encum nanya kanu keur leumpang nikreuh bari jeung mamanggul karanjang nu eusina pinuh ku kalapa. “Leuh geuning jeung mawa jeujeur sagala geus ngusep?”
                “Enya tadi nyobaan nguseup di  sisi walungan. Ngan teu beubeunangan. Hésé nyanggut ayeuna mah.” Cenah bari jeung ngécagkeun babawaan. “Aéh, enya nanyakeun kalapa? Tah kalapa mah loba. Bisi kabita ku caina urang purak hiji nya?”
                “Cikan buka tah kalapana hiji. Lumayan lah keur ubar halabhab”
                “Yeuh, ari hayang mah.” Cenah bari jeug ngalaan kampas kalapa, dibutik terus dibolongan. Cur dikucurkeun kana emuk bogana Ki Encun.
                “Nikmat?”
                “Alhamdulillah kaubaran sakieu gé Atma, Sanajan béda rasanana. Kiruh jeung semu pangsét  cai kalapa teh beuki lila mah. Tapi keun lah sugan jadi ubar.”
                “Pangaruh kalapa geus kolot meureunan nya. Da jeung enyana kétang, ayeuna mah arembungeun ngadahar cai kalapa téh, majarkeun pangsét. Sakalieun hayang cai kalapa anu ngeunah kudu ngahajakeun néangan ka kota. Duka kunaon nya cai kalapa téh beut robah.”
                “Pangaruh pabrik tatéh Atma!”
                “Pabrik? pan lembur urang mah teu boga pabrik. Ari lain pabrik tékstil di Cidadap mah. Barina gé jauh ieuh ka urang.”
                “Nya angger aya pangaruhna. Coba ilikan... walungan nu asalna beresih hérang. Sabangsaning lauk walungan loba. Pan kaalaman ku di dinya, ayeuna mah ngusep jadi hésé. Padahlah baréto mah di walungan téh loba pisan ku lauk. Kancra, jongjolang, bogo, senggal, jeung nu lainna. Nguseup téh tara ieuh lasut. Sok aya waé beubeunangan.  Ayeuna mah musnah  balukar karacunan ku limbah pabrik. Atuh sawah urang nu asalna lendo subur ayeuna mah pan mimiiti kieu. Karasa ku urang ngahngar jeung gararing. Sakalieun aya cai, warnana hideung jeung hinyay.” Ki Encun neuteup kajauhna siga nu jauh panineungan.
                “Enya. Komo deui polusi di lembur Cidadap nya? Urang waé anu jauh ti Cidadap ngarasaan polusina. Komo deui anu dareukeut.”
                “Nya mudah-mudahan waé lembur urang moal dijieun deui jadi tempat industri. Béjana mah cenah pabrik tékstil nu di Cidadap téh kacida maju. Malah nu gawéna gé loba ti luareun lembur Cidadap.”
                “Ngadéngé béja anyar kitu?”
                “Ngadéngé naon?”
                “Majar cenah pabrik tékstil nu di Cidadap téh rék néang tempat anyar. Ayeuna keur ngéker pilemburan anu rék dijieun deui pabrik.”
                “Mudah-mudahan tong ka urang, Atma!” Ki Encun ngahuleng. Nu ngegedur teu pupuguh euntreup. Aya kamelang nu pohara. Ngeyembeng jadi  talaga dina haténa.
                “Enya mudah-mudahan, Cun.” Duanana ngahuleng ngumbar lamunan.

*
                Lung jeujeur dialungkeun ka tengah balong anu ririakan. Pameunteuna leleb neuteup ka tengah balong. Kurunyud teu lila jeujeurna ngurunyud. Laju ditarik disakalikeun. Bréh lauk jaér leutik semu hideung.
                “Ehm.... jaér deui jaér deui.” Leungeunna narik jeujeur. Teu dialungkeun deui tapi diteudeun di gigireunna.
                Pameunteu ngarenyu, rarat rérét ka sakuriling. Béh kénca katingali paré semu konéng tinggarupay. Paré bogana. Sakalieun aya manuk entreup  macokan, tingggal ngenyed tali anu aya gigireun. Bebegig sawah langsung tingarulang, tingaraced. Sapada harita manuk haliber ngajauhan.  Luhureun galeng, tangkal cau rajeg. Ngahaja dipelak pikeun jadi ciri atawa wates imah manéhna. Rét ka béh katuhu sarua sawah. Minangka ciri anu ngawatesan éta sawah jeung balong manéhna, luhureun galengan  dipager awi, runtuyan kacang panjang katingali ngembat.  Wuwuh matak pikabetaheun, ngadaweung bari dibaturan angin nu ngipasan. Satungtung deuleu, sawah upluk aplak matak waas.
Rét deui kana beungeut cai hareupeun.   Caina tingsérélék ka ditu ka dieu. Lung pangangguran miceun jagong garing ka tengah balong.     Beungeut cai anu cicing obah, ngariyeg. Aya nu ting rarimpel bunder, beuki lila ngagedéan maju bareng ka tiap jurusan.
                “Tuh Kang. Urang téh kudu bisa paheuyeuk leungeun. Bajoang babarengan. Heunteu sieun kaéléhkeun. Siga buleudan dina beunget cai itu. Ngagedéan téh bareng, nepi ka tujuanna.” Rumi pamajikan Ki Encun neuteup balong.
                “Enya atuh Rum. Pan Rumi téh pamajikan akang. Pasti sapapait samamis.”
                Tina balong aya pameunteu nu geus lila dianti. Pamajikanna, nu salila ieu dipicangcam. Teu weléh ngait dina ati. Nya lantaran Rumi, manéhna remen cindekul hareupeun balong. Ngumbar lamunan.
                Rumi  awéwé nu salila ieu nyumangetan dirina. Ngababangbalérkeun  katuna nyieuhken kahoréam ku cara gawé jeung gawé. Gawé naon waé dilakonan asal ngabukti. Nya Rumi pisan awéwé désa  nu  pinuh ku kaasih, nu teu weléh ngagedurkeun sumanget. Nampa cintana bari jeung teu mandang harta. Saeutik saeutik manéhna nguntun harepan. Saeutik-saeutik bisa meuli sawah hiji nepi ka baranahan. Rumi jeung Encum babarengan baranggawé. Teu ieuh muruhkeun ka batur. Ngabukti amis. Dina beubeunangan hasil tatanén téh asa karasa pisan amisna. Lain amis ku duitna. Kacapé kaubaran ku ningali sawah ngémploh héjo. Jadi ubar karungsing maranéhna. Hésé keur dicaritakeunna. Saeutik saeutik manéhna jeung Rumi  nété hambalan. Nya tina ladang nyawah jeung ngebon maranéhna bisa ngamajukeun barudak. Nepi ka sakola luhur.
                 Anyaran kawin ngahaja kukumpul duit pikeun boga tanah. Nya balong ieu saksina. Balong, pakaya munggaran anu kapimilik, tina ladang kukumpul maranéhna. Beuki lila nambahan sawah, kebon jeung nu lainna. Nya kulantaran boga sawah, boga balong anu kalilaan mah ngahasilkeun duit antukna tarik milik boga imah di jero lembur. Lumayan gedé keur ukuran urang lembur mah.  Ti anakna laleutik geus caricing di éta imah. Da anyaran kawin mah apanan nyicingan imah indungna nu aya di pasir.
                Tapi tisaprak Rumi ninggalkeun alam dunya. Ki Encun, ngahaja nyieun imah leutik luhureun balong. Méh deukeut ka sawah majar téh. Padahal mah aya nu dihéroan. Nguntun harepan, ngumbar lamunan ka mangsa anu geus kasorang. Cul wé imah nu di jero lembur mah tara aya nu ngeusian.  Paling diberesihan ku dulurna. Keur aya anakna mah sok rajeun balik. Tapi tisaprak anakna caricing di kota. Cul.
Mendingan gawé di kota, duit loba bari jeung teu kudu kokotoran. Kitu cenah jawab barudakna lamun sakalieun Ki Encun ménta budakna cicing di lembur. Ngurusanan sawah anu lega. Padahal mah heunteu nitah sangkan turun langsung ka sawah. Apanan bisa nitahan batur, nu penting aya nu ngabebenerna. Da piraku rék salilana ku manéhna nu beuki kolot waé. Malah mah asa nyeri haté kacida ngadéngé kekecapan budakna. Lain sakali dua kali barudakna nitah ngajual tanah, ngajual sawah.
                “Moal... moal. Wayahna nepi ka iraha waé gé Bapak moal ngajual sawah.”
                “Tapi kanggé saha, Pak. Sadayana putra Bapak tos di kota. Bapak di dieu nyalira. Taya batur. Mending ngiring wé ka abdi. Keun da moal ngariweuhkeun. Abdi iklas pisan Pak, kacalikan ku Bapak.” Darman anak ka hiji ngolo sangkan Encun daék pindah.
                “Moal, Man. Wayahna. Hampura lain Bapak teu percaya kana kanyaah maranéh. Bapak percaya maranéh nyaah ka Bapak. Ngan wayahna teu bisa tungut kana kahayang.  Aya hiji hal anu teu bisa diukur ku materi. Omat tong nitah Bapak ninggalkeun ieu lembur. Ieu panineungan Bapak.” Cenah dumareuda. Tina juru panan aya nu nyalangkrung.
                Panineungan jeung Rumi. Awéwé nu dipicintana. Moal bisa kagantikeun ku naon waé. Nya di dieu mula. Manéhna dadasar.... nété tiap hambalan, nepikeun aya buktina. Barudak anu sakola junun. Gawé merenah. Pada mikareueus ku balaréa. Rumi awéwé tohaga anu nyababkeun maranéhna siga kitu. Sanajan ti kampung bau lisung tapi inyana kacida mentingkeun dunya atikan,  ngajurung budak sangkan sakola luhur. “Élmu mah moal beurat mamawa.” Kitu cenah nu diomongkeun ka barudakna saban waktu.
                Dina kakolotan. Angger jiwa Encun mélankolis. Mindeng pisan haténa kaeuntreupan suwung. Lain pédah nyorangan cicing di imah. Tapi méllow lamun ngingetkeun Rumi nu kacida dipicintana. Rumi anu geus ninggalkeun alam dunya 7 taun ka tukang. Taya deui ubar sono nu ngaleungitkeuna lian ti neuteup sawah, neuteup balong hareupeun imah.
                “Kang urang pelakan lauk emas geura. “ Rumi nyarita waktu balong geus merenah.
                “Enya. Rum. Keun masalah cai mah gampang beunang kakocoran kénéh ku sawah ti urang. Moal hésé cai di urang mah, cur cor.”
                “Muga-muga ieu balong bisa maheutkeun kaasih urang nya, Kang. Barudak urang jaga sing nyaah ka ieu balong jeung nu lainna. Panginget-nginget ti urang salaku kolotna.” Manéhna ngagalenyu.
                “Pasti Rum. Ieu balong téh panineungan keur urang ti ayeuna nepi ka jaga.”
                Éta omongan baheula. Tapi  teu weléh nongtoréng dina ceuli Encun. Teu anéh lamun Encun saban poé  cicing neuteup balong satutas barang gawé di sawah. Satutas bobolokot. Lantaran nya balong ieu nu méré pangharepan ka manéhna. Nyumangetan dirina nu sakapeung kaeutreupan rasa horéam, teu paruguh. Lir panyumanget keur dirina. Matakna teu anéh lamun Encum keukeuh embung ningalkeun ieu lembur.
Antukna betah di dieu. Imah luhureun balong. Sanajan beuki dieu haténa beuki marudah. Asa jarauh panineungan. Loba kamelang nu gumulung dina haté. Pamustungan ngarasa simpé.  Ketug jajantung nu nabeuhan mirigin haté mingkin gimir. Lelenyapan teu puguh.
                “Ki....” sora bedas ti tukang ngagareuwahkeun. Gambaran Rumi nyinglar.
                “Saha? Aéh geuning Lurah Sahmi. Aya naon?”
                “Cios sigana urang ngaralih téh, Ki. Wayahna Aki kedah geura bébérés bumi.”
                “Kéla... kéla.... asa teu ujur teu angin kumaha ieu téh. Jeung perkara ngajual imah jeung pakaya anu geus diobrolkeun saminggu ka tukang. Wayahna nepi ka iraha waé gé moal nyatujuan. Kuring moal daék.” Ki Encun ngambek. Bet asa  teu dihargaan. “Inget nya euweuh tanda tangan kuring. Éta pabrik moal bisa ngadeg di dieu.”
                “Tapi sadayana gé tos bérés, Ki. Tos nandatangan. Perkawis keuangan sadayana tos réngsé.”
                “Har kami mah asa teu nandatangan?”
                “Abdi sareng nu gaduh pabrik kamari tos nepangan  palaputra aki nu di kota. Alhamdulillah ngarojong pisan. Malah mah ngiring nyimpen saham sagala. Aranjeunna tos sapuk. Tuh tos ditandatangan.” Lurah Sahmi mikeun bukti ka Ki Encun.
                Sajongjonan Ki Encun ngahuleng. Asa dibéntar gelap tengah poé éréng-éréngan.
                “Ki.... Asep hoyong nguseup.” Incuna nyampeurkeun diuturkeun ku budakna satilu-tilu.
                Rét manéhna ka Lurah Sahmi, rét ka bapakna anu ngahuleng teu lémék teu nyarék. Siga nu surti. Dasép anak kadua cumarita.
                “Leres, Pak. Hapunten kamari teu kabujeng nepangan ka Bapak. Sibuk. Ayeuna mah tos jelas. Urang nyandak nu gampilna. Sareng tong salempang. Alhamdulillah éta nu gaduh pabrik téh rerencangan Dasép nuju kuliah.  Enyaan suksés, Pak. Malah ti wangkid ayeuna Dasép anu baris ngaping  éta pabrik sangkan énggal ngadeg. Sarengna deui, Pak. Piduana ti Bapak. Alhmadulillah Dasép dipercanten janten pamingpinna di ieu pabrik.” Dasép panjang lebar banget ku bagja.
                Teu hayang nembal. Ki Encun ngaléngkah ka luareun imah. Neuteup balong, neuteup sawah nu upluk aplak, neuteup lamunan anu nyalampeurkeun. “Hampura Rumi....” Talaga kamelang tina panonna ngalémbéréh, maseuhan pipina nu geus karemong.***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar