Nina Rahayu Nadea

Nya di dieu dina sagara. Wirid teu anggeus-anggeus digalindengkeun

Laman

  • Beranda
  • Carpon
  • Fikmin Sunda
  • Cerpen
  • Review
  • Artikel
  • My Book
Tampilkan postingan dengan label Dongeng. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Dongeng. Tampilkan semua postingan

Selasa, 16 Juni 2020

Grup Trio

Midang di DisdikBandung, Januari 2020






Rebo Nyunda
Grup Trio 
Ku Niradéa

“Ka dieu Baba Banténg urang peperangan,” Nunu Babi nyalukan 
“Hayu, siapa takut,” Baba Banténg nyampeurkeun. “Mana Céli Uncal nya? Céliii,” Baba nyalukan.
“Enya hayu ngiluan lah.” Teu lila Céli Uncal nyampeurkeun. “Manéh rék naon. Ngajedog waé di dinya. Ngaheurinan.” Panon Céli Uncal méh kalaur kabéh, basa ningali aya Jiji Anjing.
“Nyingkah bisi diparieuskeun tah leungeun téh.” Baba Banténg nyampeurkeun. Melak cangkéng.
Jiji Anjing  cicing. Teu miroséa, anggur ngoléséd ninggalkeun anu keur gutreng.
“Dasar banci.” Kadéngé sora Nunu Babi. 
Teu betah sabenerna aya di tempat ieu. Tempat anyar. Sanajan biasa pipindahan angger wé anyaran mah sok ngarumas. Ngilu Bapana nu gawéna pipindahan, nyababkeun manéhna jeung kulawargana pindah.  Pindah deui batur ulin,  tapi kitu ning kabeneran di tempat ulin téh aya nu katelah grup trio. Disebut grup trio téh pédah jumlahna aya tiluan. Nya grup tiluan ieu téh kalakuaan kacida pikasebeleun. Kolot budak geus apal kana adatna. Ari keur Jiji Anjing mah sabenerna di mana waé sarua. Lamun manggih nu kitu téh  sok cicing waé.  
Karesepna grup trio nyaéta  néang masalah, paséa.  Teu kaop aya anu anyar datang pasti wé dibuli. Disindir sampir kitu jeung kitu matak ka réréan mah  nu datang  téh tara arulin ka dinya. Mending ulin ka nu jauh.
“Deuh nu anyar datang. Sebutkeun atuh ngaranan saha? Terus kudu  rengkuh ka nu  aya. Ka para senior.” Nunu Babi nyarita bari jeung nunjuk irung Jiji Anjing nu  anyar datang.  Keur cicing dina bangku handapeun tangkal caringin harita téh. Teu loba omong. Ngaranna anyar datang mah kudu niténan heula kumaha kaayaan sakuriling. Kitu kabiasaan mun aya di tempat anyar. Indungna geus papagon sangkan tong saruana lamun manggih hal anu matak jadi tugenah.
“Antepkeun, Ji. Lamun maranéhna ngabuli, mendingan ngajauhan nya. Omat,”  ceuk Uu Ucing  hiji poé. “Da kahayangna kitu. Hayang aya layan pikeun  migawé nu teu eucreug. Tong saruana.”
“Barina gé nanaonan lah urang mah horéam ngalayan nu kitu. Geus biasa manggih nu siga karitu gé. Komo baheula keur aya di leuweung gerot. Iy, loba pisan kalakuan mahluk nu pikasebeleun. Enya kungsi dilawan bakat ku keuheul. Nepi ka galungan. Kuring ka rumah sakit, musuh asup ka bui. Euweuh untungna.” Ti dinya tara ngalawan deui. Ceuk indung kuring tong dilayanan kacapé-capé.
Enya sanggeus dipikir bener ogé,   ngadon capé haté. Ukur eureun saharitaeun, maranéhna mah,  tutas dilawan téa. Ka dituna mah angger teu reugeujeug. Matakna ayeuna mah diantepkan. Nuhun nya Uu Ucing, pépélingna. “Tenang kuring mah geus biasa nyanghareupan nu kieu,” Jiji Anjing nyarita.
“Sukur atuh ari teu nanaon mah. Bisi waé nyeri haté ku caritaan maranéhna.”
Ti dinya  mah tara ieuh diwaro lamun grup trio nyaritana nyigeung  atawa nyiar-nyiar masalah gé  sok diantepkeun wé. Sanajan enya mun kongang mah hayang ngalawan. 
“Jiji, manéh banci nya? Naha geuning lamun dipoyok atawa disigeung  téh sok cicing waé. Ngarasa jalu mah kudu aya kawani. Maenya disigeung atawa dicarékan  cicing sarua jeung banci...” 
“Nu kitu ngaranna naon?”
“Bancii...”Céli Uncal,  Nunu Babi patarik-tarik.
Hiji waktu balik ulin. Jiji Anjing siga biasa balik pandeuri. Mantuan heula beberesih dibantuan ku Uu Ucing sasapu téh. Geus bérés langsung baralik.
Keur leumpang duaan bari jeung upkek ngobrol. Kadéngé sora nu lumpat, tarik. Geuwat maranéhna nyumput tukangeun batu. Teu lila datang Baba Banteng, Nunu Babi, Celi Uncali lumpat tarik. Dituturkeun ku Bona Babi.
“Mending eureun, atawa mending dilaporkeun ka nu berwajib?”  Sora Bona Babi tarik.  Nu tiluan langsung eureun ngadéngé ancaman Bona Babi.
Jiji Anjing  rék cengkat, ngan leungeunna dibetot ku  Uu Ucing. Neundeun leungeun dina biwirna  
“Nanaon kalakuan maranéh kitu waé. Kieu-kieu gé kolot. Naha sikep téh kitu waé. Lain sakali dua kali kalakuan manéh kitu.  Nyigeung di jalan, ngawurkeun dagangan. Nanaonan?” Katangen Bona Babi ambek. Leungeunna réflék nyabok nu aya hareupeun.
“Aduh.”
“Ampunnn.”
“Geus tong ampun-ampunan. Hayu urang anteurkeun ka kolot manéh.”
“Moal... enyaan moal deui deui. Entong.... Tong dianteurkeun ka kolot kuring.” Baba Banténg luwa-lewé.
“Bona Babi. Hampura kalakuan babaturan kuring nya.  Pasti kapokeun, moal ngalakukan hal anu tadi disebutkeun. Kuring jaminanana. ” Jiji Anjing kaluar tina panyumputan.
“Euh geuning manéh, Ji. Babaturan manéh ieu téh?”
Jiji Anjing unggeuk.
“Nya sok atuh. Da mun lain manéh nu méntana sigana geus digusur tah ieu sato kasebeleun téh. Wayahna nitip nu tiluan nya.” 
“Regepken. Ari kalakuan téh kudu siga Jiji Anjing. Sanajan manéhna jawara silat sanagara tapi  tara nyirikeun. Anggur handap asor.” Babi Bona nyarita. 
“Nuhun Jiji.” Nu tiluan ngarangkul Jiji.




Posted by Niradea at 22.24 Tidak ada komentar:
Kirimkan Ini lewat EmailBlogThis!Bagikan ke XBerbagi ke FacebookBagikan ke Pinterest
Labels: Carpon, Cerpen Anak, Dongeng

Selasa, 20 Januari 2015

Londok :)

Dongeng kangge barudak. Midang di Majalah SundaMidang, Januari 2015. :)
Londok nu Mindah Rupa
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Saméméh pindah ka ieu leuweung. Kaayaan rahayat di tempat asal éstu tengtrem tara aya pacogrégan. Kabéh sato siligeuing, silitulungan. Pokona siliajénan. Ngan enya duka kunaon tisaprak parindah ka tempat anyar beut jadi robah adat, robah kaayaan. Mimitina mah enya tengtrem, tabéat ti tempat baheula angger dilakonan sanajan aya di tempat anyar. Tapi tisaprak remen  kaleungitan barang. Jadi robah. Jol ieu leungit dahareun jol ieu leungit barang. Balukar kajadieun ieu,  leuweung anu tadina aman betah ngahenang ngahening téh jadi lieur. Gutreng.
                Geus loba  anu jadi paséa, lantaran kajadian leungiteun barang téa. Kabéh silisangka yén maranéhna palaku anu ngalantarankeun leungitna dahareun atawa barang.  Atuh teu anéh, lamun beuki dieu leuweung beuki harénghéng waé. Jol itu jol ieu embung gabung, embung ngariung, mertahankeun égo masing-masing. Kabéh hayang ngarumpul jeung kulawargana saumpina saumpina. Nyieun kaamanan soranganeun-soranganeun. Kulawarga manuk hayang ngariung jeung manuk. Kulawarga bajing hayang jeung bajing. Pokona kabéh embung ngahiji. Mertahankeun kulawargana sorangan. Sarieuneun,  inggis aya mamala anu leuwih lian ti kaleungitan harta benda.
                “Barudak yeuh ema boga kadahareun,” ceuk indung bajing ka budakna.
                “Enya, Ma, teundeun weh di dinya, ucing-ucingan heula,” maranehna, anak bajing anteng arulin mijah. Indung bajing gé anteng deuih baranggawé.
                “Ma, mana buah téh?”
                “Éta dina luhureun lomari,” indungna ngomong tarik.
                Si rebing kurulang kuriling néangan buah ceuk panuduh indungna. Tapi lebeng teu kapanggih.
                “Ngaleungit, Ma.”
                “Ngaleungit ka mana. Puguh sidik tadi gé diteundeun di dinya,” ceuk indungna bari sarua kokotéténgan néangan buah anu dimaksud. “Na kamana atuh nya da sidik di dieu?” indungna ngagerendeng. “Ké urang tingalian heula ka handap bisi murag.”
                Indung bajing turun ti imahna. Ari nu disebut imah téh nyaéta tangkal jambu gedé, anu dahanna ngarandakah ka ditu ka dieu. Haneut kacida. Bisa ngiuhan maranéhna tina kapanasan jeung kahujanan. Geus di handap tunga tengo ka ditu ka dieu. Teu sirikna naon rupa anu kapanggih disingkaban, diilikan. Malahmandar sakadang buah keur anakna kapanggih. Jaba éta buah kacida gedé. Cukup lamun keur dipaké dahar peuting ngariung téh.
                “Kumaha aya, Ma,” jorowok si hideung, anakna panengah.
                “Enya ngiles,” cenah bari asup ka imah. “Aya nu nyumputkeun meureun nya. Panon indung bajing seukeut neuteup anakna. Ti mimiti si rebing, si hideung jeung si koréng, kabéh diteuteup hiji-hiji taya aya nu kaliwat. “Sok saha anu ngaheureuyan. Anu hawek nepi ka téga  nyumputkeun éta dahareun?. Ieuh anaking, teu meunang kitu. Urang kudu hirup sauyunan. Kudu silibagi. Teu meunang hawek.”
                “Enya manéh hideung nyumputkeun nya?”
                “Teuing atuh.  Ari manéh, rebing sok ka mana wé nuduh téh.”
                “Geuning buku kuring, kamari disumputkeun.”
                “Ah, éta mah kamari. Da bonganna atuh buku tulis kuring dicurat corét. Manéh koréng meureun nya?”
                “Sumpahna gé daék salamet, teu nyumputkeun,” ceuk si koréng bari luwa lewé,  dituduh ku duaan.
                “Ah bohong....”
                “Enyaan heuteu. Tah si rebing wéh meureun anu nyokotna. Naha beut nuduh-nuduh ka batur.”
                “Éh, gagabah manéh, wani nuduh ka lanceuk.”
                “Enya da bonganna atuh teu pupuguh nuduh. Ngamimitian,” si koréng teu éléh omong.
                Tungtungna der wé éta adi lanceuk téh paséa. Paréa-réa omong, ngomongkeun buah anu teuing leungit kamana.
                “Meunggeus. Heup wéh tong paséa deui. Ayeuna mah anggur urang kudu tarapti. Pan enya diurang téh ayeuna mah keur meujeuhna harénghéng sagala kaleungitan. Indungna ngahulag anu paraséa.
                Keur kitu kurunyung manuk ngurunyung. Katingali paromanna teu béar.
                “Aya naon, bajing  meni gandeng kitu? Kadéngé sorana nepi ka luar.”
                “Ah puguh leungit buah. Jaba keur dahar ayeuna,” bajing ngangluh. “Ari manuk ku naon ka dieu, jeung éta siga anu muyung kitu. Aya naon?”
                “Nyéta puguh gé sarua jeung di dinya keur baringung.”
                “Ku naon?”
                “Sigana ti isuk nepi ka engké mah puasa heula wéh.”
                “Ku naon kitu?”
                “Sarua puguh gé. Kulawarga kuring kapalingan. Jaba éta téh keur jatah saminggu. Tuh nepi ka salaki gé ambek-ambekan, majar kuring ngahambur-hamburkeun dahareun,” cenah ngaheruk.
                “Enya anéh atuh nya. Naha di urang téh ayeuna bet harénghéng. Da baheula mah aman waé.”
                “Aya naon ieu téh meni garandeng kitu?” teu kanyahoan londok geus aya di gigireun maranéhna.
                “Nyéta keur saredih puguh gé, londok,” témbal bajing.
                “Sedih. Sedih kunaon?”
                “Kuring téh kapalingan dahareun. Jadi kulawarga kuring teu bisa dahar atuh da dahareunna béak. Téga nya éta nu maling. Teu ningalikeun usaha anu kacida hésé. Jaba barudak keur meujeuhna lapar,” bajing ngomong.
                “Enya kuring gé nepi ka paséa di imah disebut tukang ngahamburkeun duit.”
                “Geus atuh lah tong ngaharuleng jeung sedih kitu. Keun ari keur dahareun ayeuna mah kabeneren kuring aya. Ké dikadieukeun nya.”
                “Nuhun nya londok.”
***
                “Landak, kumaha lamun urang pindah deui waé ka tempat anu baheula. Di dieu mah teu aman.”
                “Enya sok kaleungitan waé. Anéh puguh gé.”
                “Lain teu hayang pindah ka ditu. Tapi pan apal sorangan kampung urang keur keuna ku musibah, imah arurug. Balukar banjir  nu teu eureun-eureun. Panyakit kitu deui mahabu, kulantaran runtah patingtalambru di mana waé.”
                “Enya atuh nya. Ku kituna mah manusa. Teungteuingeun miceun runtah dimana waé, bru sangeunahna ka walungan nepi ka ngahunyud. Atuh waktu hujan caina teu bisa ngalir lantaran kahalangan ku runtah. Antukna  runtah nepi ka kampung urang, bau, nimbulkeun panyakit, nu antukna tatangkalan nu dipaké imah urang teu séhat. Katurug-turug banjir datang, tangkal nepi ka urug,” bajing dumareuda.
                “Enya matakna, sementara ayeuna mah wayahna wéh cicing heula di Kampung Anyar ieu. Ngan urang kudu ngaronjatkeunn kasiagaan. Kabéh bagilir kudu jaga-jaga. Jeung omat kudu sauyunan tong paburencay siga kamari-kamari. Inget urang téh sarua pendatang. Kudu babarengan. Supaya betah cicing di Kampung Anyar. Jeung na deui teu poho urang kudu nganuhunkeun ka sakadang londok anu sok ngabantuan urang lamun manggih karerepet,” ceuk landak salaku ketua, nutup obrolan.
Ayeuna mah diakalan, kabéh panghuni di ieu kampung, Kampung Anyar. Sacara bagilir ngaronjatkeun kaamanan. Ku cara ningkatkeun siaga. Unggal peuting jeung beurang kudu ngemitan ieu kampung sacara bagilir. Tarapti. Kitu deui kabéh masarakat nu tadina paaing-aing. Ayeuna mah ngahiji. Kabéh sapuk hayang ningkatkeun kaamanan. Kabéh mupakat demi hirup tenang, tengtrem sauyunan salilana. Perkara dahareun anu biasana silisumputkeun ayeuna mah brukbrak. Silibagikeun, siliasaan. Hiji deui, nu dipaké cara sangkan teu kapalingan, utamana dina urusan dahareun. Silibagi anu walatra jeung tara nyésakeun dahareun di imah. Aya dahareun langsung dibagikeun kitu jeung kitu wéh. Sanajan enya aya goréngna. Lamun pareng lapar, euweuh persediaan. Tapi mendingan kitu tinimbang boga kadahareun diteundeun teundeun, dina prungna  rék didahar ngaleungit.
                Tah kucara kitu mah, ngarasa aman. Teu honcéwang teuing. Atuh lian ti aman téh ayeuna mah tali silaturahmi beuki raket waé, kusabab jadi silianjangan, siliélingan jeung siliingetan lamun aya dahareun téh. Ngingetkeun kanu kopét bisi teu méré, sok disingsieunan wé ku saréréa.
                “Pék wéh disumput-sumput. Hayang ngaleungit ku maling?”
                Dikitukeun mah atuh golosor wé dahareun dibagi-bagi. Pan geus komitmen kabéh masarakat di Kampung Anyar kudu silibagi dina urusan kadaharan.
***
                Dina hiji poé, saréréa keur kerja bakti. Beberesih jeung  ngoméan imah masing-masing warga. Kabéh euweuh nu kaliwat tarurun ka jalan, méréskeun imah. Ogé meresihan jalan anu barala.
                “Ka mana nya londok beut teu katingali?”
                “Puguh kuring gé rék nanyakeun ngan kapiheulaan.”
                “Hayu atuh urang téang ka imahna. Ké geus bérés ieu urang ngabring. Bari sakalian urang kerja bakti méréskeun imahna londok.”
                Sanggeus bérés meundeurkeun imah, kulawarga bajing kabéh ngabring muru ka imah londok.
                “Punten...punten,” taya nu némbalan. Ngan kadéngé samar-samar siga aya nu ceurik sisimeukeun.
                Tungtungna kabéh arasup. Barang sup katempo anak londok keur ngalempréh jeung nginghak pikarunyaeun.
                “Kunaon londok leutik?”
                “Teu nanaon ngan lungsé wé. Ti isuk teu barang dahar. Sedih puguh gé,” londok leutik ceurik.
                “Na atuh beut teu ngobrol. Pan biasana ge londok gedé sok ruang riung. Ari ayeuna ditungguan teu ngelol-ngelol. Sok ieuh dahar aya saeutik mah,” bajing mikeun dahareun. “Ari bapak manéh-londok ka mana?”
                “Duka atuh da ti subuh-subuh gé turun. Cenah mah rék balangsiar.”
                “Nya keun atuh. do’akeun wé sing hasil. Teu nanaon lamun imah ieu dibéréskeun nya, da kamari gé geus ngobrol jeung bapak londok.”
                Londok leutik tiban unggeuk.
                Atuh prung deui kabéh kerja bakti beberesih di imah londok nepi ka beresih taya cawadeun. Kitu deui teu poho menderkeun panto anu méh coplok. Tulak panto nu lesot dibenerkeun deui. Nepi ka panto weweg.
                “Bérééés,” kabéh saruka bungah.
                “Ka mana deui ayeuna nya?” landak tumanya.
                “Ka imah kuring atuh, bisi kaliwat,  jaba tempat saré nu jadi budak geus réyod. Pakuna caroplokan. Kuring mah teu bisa ngoméan puguh gé.”
                “Enya hayu lah.”
                Euweuh kacapé. Kabéh bring deui muru imah manuk. Ngan basa ngaliwat ka imah landak. Kabéh tingraradeg. Ceulina direbingkeun bisi salah dédéngéan.
                “Tulung...tulung,” cenah hawar-hawar semu peura.
                “Enya kitu aya nu tulung-tulungan,” ceuk manuk.
                “Enya bener. Kuring gé ngadéngé. Tapi dimana nya?”
                “Sorana mah siga di....”
                “Imah Landak,” ceuk nu hadir réang.
                “Jep tong geruh bisi salah. Caricing heula di dinya,” landak miheulaan muru imahna. Lebah panto manéhna ngajanteng. Sieun salah dédéngéan. Tapi teu salah, éta sora téh datangna ti imah manéhna.
                “Tulung...tulung”
                Geus kitu mah landak ngagupayan babaturan sangkan asup ka imahna.
                “Aya saha di jero?” bari jeung sieun manuk ngajorowok.
                “Tulung....enya kuring,” ceuk hiji sora.
                “Bener di dieu. Téangan ku kabéh. Sugan aya di dapur,” landak hariweuswes. Bari jeung sieun ogé. Duméh titadi geus ditéangan tapi bungkeuleukna teu kapanggih. Sedeng sora pan sidik ti imahna. Ngan lebah-lebahna mah teu apalaeun di mana.
                “Andika jurig?” manuk ngomong.
                “Sst, naon jeung nanya jurig sagala, kumaha mun ngaku enya,” bajing nyigeung leungeun manuk.
                “Ssst. Sarua urang ge sieun. Tapi da hayang nyaho wéh. Ari anu aya sorana euweuh bungkeuleukna pan jurig ngaranna. Éyyy,“ manuk ngabirigidik.
                “Landak, eunggeus lah hayu. Urang ka luar. Barina gé teu pupuguh ieu beut ngadon sieun. Pan geus puguh euweuh mangklukna.”
                “Enya tapi panasaran,” landak ngajanteng nenget-nenget sakabéh imahna. “Ké...ké... naha itu lém kai beut jadi ngagolér kitu nya? Bener ieu mah aya nu asup,” landak ngaragamang kana wadah lém anu patingsoléngkrah. Katingali lémna kalaluar. “Awas, tarapti, bisi kana lém,” landak ngomong bari jeung menerkeun lém téa.  Geus bérés leungeuna nyarandé kana tihang saung imahna. Barang tel leungeuna adek.
                “Awww,” landak ngagurubug.
                “Aya naon landak?” kabéh reuwas bari jeung tingpurungkut sieuneun.
                “Teuing éta lebah dinya beut aya nu geunyal. Cikan ilikan,” cenah bari jeung nunjuk ka tempat nu tadi.
                Kabéh nyidikeun tihang anu ditunjuk. Enya lebah dinya aya nu uteuk-uteukan. Kabéh ngadeukeutan.
                “Ampun...hampura kuring,” éta nu ngadaplok téh ngomong bari jeung calangap. Katingali ayeuna mah ku saréréa. Elak-elakan sarta huntuna.
                “Londok, bener éta teh londok. Nanaonan aya di imah kuring.” Landak nanya pacampur héran.
                “Enya engké wéh ngobrolna. Bantuan heula kuring. Geus capé titatadi naplok di dieu. Hésé hojah.”
                Ku saréréa awak londok diturunkeun. Sanajan hésé teu burung awakna leupas. Kitu pantes atuh da awakna méh ampir kabéh keuna ku lém kai.
                “Atuh rék naon los-los ka dieu? Batur mah kerja bakti.”
                “Enya puguh gé. Kuring ménta dihampura. Ngadéngé béja kamari téh, yén landak rék balanja ka kota. Susuganan manggih dahareun jeung nu lainna. Nya kuring ka dieu manggihan. Ari sugan téh éta opieun, ku kuring dibuka. Ngan barang dibuka téh, teu kuhanteu beut bahé nenggel pisan ka awak kuring,” londok tungkul.
                “Jadi anu sok malingan téh...,” bajing teu kebat.
                “Enya hampura bajing, ogé ka kabéhanna. Kuring ngaku. Nya kuring pisan anu salila ieu sok malingan dahareun téh.”
                “Ehm enyaan telenges manéh. Nyaho kieu mah teu sudi teuing ngoméan imah manéh komo jeung bari barang béré mah.”
                “Ssst...,” kadal neundeun leungeun na biwirna.
                “Kunaon atuh londok?”
                “Nya mimitina mah keuheul waé. Kampung kuring kaanjangan ku urang deungeun. Sieun kuring téh enyaan sieun. Sieun kasoro dahareun, apal sorangan anak kuring sok hayang waé barang dahar jeung nu utama mah sieun bangsa sasama kuring kalindih ku batur. Tah supaya teu betah lila di lembur. Kuring geus badami jeung londok lainna pikeun malingan naon rupa kadaharan anu aya di warga. Teu aya niat nu lain-lain asalna mah. Enya ngan hiji hayang maranéh  nyingkah,” londok tumungkul.
                “Nya ari geus kitu mah atuh. Sidik londok mahluk anu nyieun teu aman téh. Ieuh londok, keun ari bener kitu mah kuring saparakanca rék indit. Rék pindah deui tempat. Da tadina gé pindah téh ngan sementara. Dan ceuk béja, ayeuna mah kampung kuring gé geus teu banjir deui. Rék pindah ayeuna ogé,” bajing cengkat.
                “Ulah. Enyaan ulah. Hampura sakali deui. Duduluran urang ulah nepi ka pukah. Kuring geus nyaho kabageuran jeung kalakuan maranéh, geuning  sakitu alusna. Enyaan rido kuring kacicingan. Kuring sadar.”
                Enya ari geus kitu mah lah. Sapuk ti ayeuna urang caricing di dieu nya. Omat londok tong mindah rupa. Ngaganti warna ngan pikeun ngalakukeun hal anu alus, tong dipaké anu teu bener,” ceuk landak daria.
                “Siap! Ti ayeuna kuring rék ngamankeun ieu kampung. Rék jadi spionase bisi aya musuh nu asup. Ku kuring langsung dicerek.”***

Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Sunda jeung bahasa Indonesia. Tulisanna sumebar dina sawatara média. Oge bisa dipaluruh di www.ninarahayunadea.blogspot.com

Posted by Niradea at 01.39 Tidak ada komentar:
Kirimkan Ini lewat EmailBlogThis!Bagikan ke XBerbagi ke FacebookBagikan ke Pinterest
Labels: Carpon, Cerpen Sunda, Dongeng, Dongeng Sunda

Jumat, 29 Maret 2013

Dimuat di Majalah Mangle 28 Maret 2013


Batu Ceurik
Ku: Nina Rahayu Nadéa
                Kaléreun Pulo Jawa. Kahalangna ku Laut Jawa. Pernahna kalimantan. Aya hiji carita nu nepi ka ayeuna jadi paguneman balaréa. Jadi pelajaran keur urang saréréa. Khususna ngeunaan hirup kumbuh dina nanjeurkeun tatakrama, kasopanan utamana ka indung sorangan. Indung nu geus ngagandung salapan bulan. Tur méré kacinta kanyaah kalawan getén taya pamrih.
                Kieu carita anu baris dipedar. Kacaritakeun di hiji désa,  aya randa jeung anakna. Tapi dikersaning ku Pangéran hirup maranéhna téh kacida balangsak. Malarat,  kabina-bina. Keur dahar sapopoé kacida héséna.
                Keur ngabanjel-banjel hirup,  indungna gawé di sawah. Buburuh. Saha waé anu nitah teu weléh dicumponan kalawan haté nu daria. Anu dipalar sangkan bisa meunang buruh atawa bayaran pikeun nyumponan pangabutuh.
                Ari anakna awéwé. Urang sebut wéh  ngarana Darmi. Rupana geulis pisan. Kitu pantes, da pagawéanan sapopoé di imah ngan ngageulis jeung ngageulis. Gulak gilek di hareupeun kaca.  Sanajan urang kampung, tapi dina dangdan mah teu éléh ku urang kota. Malaur manéhna mah tara poho ngarawat jeung ngariksa kageulisan. Teu ereun maké bedak, molés diri sangkan tetep geulis. Teu anéh lamun paménta ngeunaan barang-barang kageulisan teu weléh waé murudul. Kudu. Teu beunang diengké-engké. Teu nalipak manéh, jadi jelema miskin. Jeung teu mangkarunyakeun ka indungna anu gawé. Suku dijieun hulu, hulu dijieun suku.
                Hanjakal, kageulisan Darmi teu dibarengan ku kageulisan haté. Bedegong. Mindeng pisan nganyerikeun haté indungna sarta kedul kacida. Di imah tara daék baranggawé sumawonan babantu ka indungna.
                “Darmi, hayu bantuan atuh barang gawé di sawah.”
                “Ah moal. Ema wéh nu geus kolot. Kuring mah embung. Bisi kuku jeung leungeun kotor,” témbalna teugeug.
                Indungna ngan bisa ngurut dada ningalikeun lampah anakna. Teu kaop kagetrik sok jadi pundung tur ambek.
                Dina hiji poé indungna ngajak Darmi ka pasar, rék balanja kabutuhan sapopoé. Ari pasar jeung désa téh lumayan anggang. Kudu nyorang jalan anu kacida lilana. Waktu diajakan ka pasar Darmi kacida atohna, sarta saacan miang dangdan sataker kebek. Hayang katingali geulis ku batur.
                Indungna leumpang ti tukang mawa karanjang keur wadah balanja, sarta papakéan anu dipaké kacida rudin jeung dekil.  Ari anakna, leumpang panghareupna ngagandeuang. Teu mamawa nanaon pisan.  Sajajalan pada malencrong. Utamana mah loba jajaka anu ningali ka Darmi kusabab kabéngbat ku geulisna. Kulantaran imahna mencil, jauh kasasaha. Teu aya nu apaleun yén maranéhna téh indung jeung anak.
                Maranéhna kacida kasengsrem ku kageulisan Darmi sarta hayang wanoh. Tapi barang ningali ka tukang-ka awéwé kolot,  haténa dipinuhan ku pananya, nya saha atuh éta awéwé téh? Pangadeg katut pasemona, éstu jauh tanah ka langit.
                Hiji lalaki lahlahan ngadeukeutan Darmi sarta nanya.
                “Héi geulis, éta nu di tukang téh indung di dinya?”
                “Lain,” ceuk Darmi bari terus nikreuh leumpang, muru pasar.
                Teu lila aya lalaki nu ngadeukeutan deui ka Darmi.
                “Héi, manis, éta nu di tukang, indung anjeun?”
                “Lain...lain, éta mah  pembantu kuring.”
Kitu jeung kitu wéh jawaban Darmi. Tiap aya nu nanya perkara saha  awéwé nu aya di tukang.    Darmi keukeuh ngakukeun indungna téh pembantu. Inyana kacida éra ku batur. Embung ngaku indung tegesna. Indung nu geus ngalahirkeun jeung ngagedékeun manéhna.
                Mimitina mah indungna sabar, ngadengé kekecapan anakna anu teu ngaku saha ari dirina. Tapi beuki lila haténa beuki sedih. Cimata juuh teu kaampeuh.
“Gusti, kuring geus teu kuat nandangan panghina manéhna. Anak teges sorangan, nu doraka. Enyaan ieu haté peurih kacida. Gusti tibankeun hukuman naon waé ka manéhna.”
                Kersaning Pangéran. Awak Darmi saeutik-saeutik robah jadi batu. Dimimitian tina suku. Awak jeung sirah. Kabéh.  Waktu satengah awakna robah jadi batu, Darmi sadar sarta ménta hampura kanu jadi indung.
                “Ema, ampun kuring. Ampun. Ma, Hampura Darmi!”
                Darmi terus ceurik pinuh ku paménta ka indungna, sangkan indungna ngahampura manéhna. Leuir. Indungna geus kacida nyeuri haté ku lampah jeung ucap manéhna. Antukna sakabéh awakna robah jadi batu.
                Tina panon anu robah jadi batu téh,  ngaluarkeun cipanon. Cipanon tina rasa kaduhung duméh teu ngaku ka indungna. Tah ti harita batu anu ngaluarkeun cimata téh disebut batu ceurik, atawa batu menangis.


Posted by Niradea at 23.25 Tidak ada komentar:
Kirimkan Ini lewat EmailBlogThis!Bagikan ke XBerbagi ke FacebookBagikan ke Pinterest
Labels: Carpon, Carpon Murangkalih, Dongeng, Dongeng Sunda
Postingan Lama Beranda
Langganan: Postingan (Atom)

KATEGORI

Artikel (34) Artikel Indonesia (14) Artikel Sunda (20) Carpon (125) Carpon Murangkalih (11) Cerpen (46) Cerpen Anak (21) Cerpen Sunda (118) Dongeng (6) Dongeng Sunda (6) Fiksimini (15) Fiksimini Sunda (15) Hahaha (9) My Book (6) pantun (1) Puisi (4) Puisi Indonesia (2) Puisi Sunda (2) Re-view (5) Resensi (1)

ARSIP BLOG

  • ▼  2021 (3)
    • ▼  Januari (3)
      •  Galura No.26 Edisi III November 2020. Alhamdulill...
      • Membumikan GLN Gareulis Jabar
      • Berprestasi Berarti Berkarakter
  • ►  2020 (25)
    • ►  Oktober (1)
    • ►  Agustus (2)
    • ►  Juni (20)
    • ►  Maret (1)
    • ►  Januari (1)
  • ►  2019 (1)
    • ►  November (1)
  • ►  2018 (5)
    • ►  Desember (1)
    • ►  November (1)
    • ►  Juni (1)
    • ►  Januari (2)
  • ►  2017 (40)
    • ►  Desember (12)
    • ►  November (5)
    • ►  Agustus (3)
    • ►  Mei (6)
    • ►  April (5)
    • ►  Maret (2)
    • ►  Februari (4)
    • ►  Januari (3)
  • ►  2016 (21)
    • ►  Desember (19)
    • ►  Juli (2)
  • ►  2015 (49)
    • ►  Desember (14)
    • ►  Oktober (1)
    • ►  September (3)
    • ►  Agustus (7)
    • ►  April (13)
    • ►  Maret (2)
    • ►  Februari (2)
    • ►  Januari (7)
  • ►  2014 (46)
    • ►  Desember (3)
    • ►  November (8)
    • ►  Oktober (5)
    • ►  September (8)
    • ►  Agustus (4)
    • ►  Juli (3)
    • ►  Juni (1)
    • ►  Mei (3)
    • ►  April (1)
    • ►  Maret (2)
    • ►  Februari (3)
    • ►  Januari (5)
  • ►  2013 (33)
    • ►  Desember (1)
    • ►  Oktober (3)
    • ►  September (2)
    • ►  Agustus (1)
    • ►  Juli (6)
    • ►  Mei (5)
    • ►  April (1)
    • ►  Maret (6)
    • ►  Februari (3)
    • ►  Januari (5)
  • ►  2012 (26)
    • ►  Desember (3)
    • ►  November (4)
    • ►  Oktober (3)
    • ►  September (8)
    • ►  Agustus (8)

STATISTIK BLOG

Tema Sederhana. Gambar tema oleh luoman. Diberdayakan oleh Blogger.