Midang di DisdikBandung, Januari 2020 |
Rebo Nyunda
Grup Trio
Ku Niradéa
“Ka dieu Baba Banténg urang peperangan,” Nunu Babi nyalukan
“Hayu, siapa takut,” Baba Banténg nyampeurkeun. “Mana Céli Uncal nya? Céliii,” Baba nyalukan.
“Enya
hayu ngiluan lah.” Teu lila Céli Uncal nyampeurkeun. “Manéh rék naon.
Ngajedog waé di dinya. Ngaheurinan.” Panon Céli Uncal méh kalaur kabéh,
basa ningali aya Jiji Anjing.
“Nyingkah bisi diparieuskeun tah leungeun téh.” Baba Banténg nyampeurkeun. Melak cangkéng.
Jiji Anjing cicing. Teu miroséa, anggur ngoléséd ninggalkeun anu keur gutreng.
“Dasar banci.” Kadéngé sora Nunu Babi.
Teu
betah sabenerna aya di tempat ieu. Tempat anyar. Sanajan biasa
pipindahan angger wé anyaran mah sok ngarumas. Ngilu Bapana nu gawéna
pipindahan, nyababkeun manéhna jeung kulawargana pindah. Pindah deui
batur ulin, tapi kitu ning kabeneran di tempat ulin téh aya nu katelah
grup trio. Disebut grup trio téh pédah jumlahna aya tiluan. Nya grup
tiluan ieu téh kalakuaan kacida pikasebeleun. Kolot budak geus apal kana
adatna. Ari keur Jiji Anjing mah sabenerna di mana waé sarua. Lamun
manggih nu kitu téh sok cicing waé.
Karesepna
grup trio nyaéta néang masalah, paséa. Teu kaop aya anu anyar datang
pasti wé dibuli. Disindir sampir kitu jeung kitu matak ka réréan mah nu
datang téh tara arulin ka dinya. Mending ulin ka nu jauh.
“Deuh
nu anyar datang. Sebutkeun atuh ngaranan saha? Terus kudu rengkuh ka
nu aya. Ka para senior.” Nunu Babi nyarita bari jeung nunjuk irung Jiji
Anjing nu anyar datang. Keur cicing dina bangku handapeun tangkal
caringin harita téh. Teu loba omong. Ngaranna anyar datang mah kudu
niténan heula kumaha kaayaan sakuriling. Kitu kabiasaan mun aya di
tempat anyar. Indungna geus papagon sangkan tong saruana lamun manggih
hal anu matak jadi tugenah.
“Antepkeun,
Ji. Lamun maranéhna ngabuli, mendingan ngajauhan nya. Omat,” ceuk Uu
Ucing hiji poé. “Da kahayangna kitu. Hayang aya layan pikeun migawé nu
teu eucreug. Tong saruana.”
“Barina
gé nanaonan lah urang mah horéam ngalayan nu kitu. Geus biasa manggih
nu siga karitu gé. Komo baheula keur aya di leuweung gerot. Iy, loba
pisan kalakuan mahluk nu pikasebeleun. Enya kungsi dilawan bakat ku
keuheul. Nepi ka galungan. Kuring ka rumah sakit, musuh asup ka bui.
Euweuh untungna.” Ti dinya tara ngalawan deui. Ceuk indung kuring tong
dilayanan kacapé-capé.
Enya sanggeus dipikir bener
ogé, ngadon capé haté. Ukur eureun saharitaeun, maranéhna mah, tutas
dilawan téa. Ka dituna mah angger teu reugeujeug. Matakna ayeuna mah
diantepkan. Nuhun nya Uu Ucing, pépélingna. “Tenang kuring mah geus
biasa nyanghareupan nu kieu,” Jiji Anjing nyarita.
“Sukur atuh ari teu nanaon mah. Bisi waé nyeri haté ku caritaan maranéhna.”
Ti
dinya mah tara ieuh diwaro lamun grup trio nyaritana nyigeung atawa
nyiar-nyiar masalah gé sok diantepkeun wé. Sanajan enya mun kongang mah
hayang ngalawan.
“Jiji,
manéh banci nya? Naha geuning lamun dipoyok atawa disigeung téh sok
cicing waé. Ngarasa jalu mah kudu aya kawani. Maenya disigeung atawa
dicarékan cicing sarua jeung banci...”
“Nu kitu ngaranna naon?”
“Bancii...”Céli Uncal, Nunu Babi patarik-tarik.
Hiji
waktu balik ulin. Jiji Anjing siga biasa balik pandeuri. Mantuan heula
beberesih dibantuan ku Uu Ucing sasapu téh. Geus bérés langsung baralik.
Keur
leumpang duaan bari jeung upkek ngobrol. Kadéngé sora nu lumpat, tarik.
Geuwat maranéhna nyumput tukangeun batu. Teu lila datang Baba Banteng,
Nunu Babi, Celi Uncali lumpat tarik. Dituturkeun ku Bona Babi.
“Mending
eureun, atawa mending dilaporkeun ka nu berwajib?” Sora Bona Babi
tarik. Nu tiluan langsung eureun ngadéngé ancaman Bona Babi.
Jiji Anjing rék cengkat, ngan leungeunna dibetot ku Uu Ucing. Neundeun leungeun dina biwirna
“Nanaon
kalakuan maranéh kitu waé. Kieu-kieu gé kolot. Naha sikep téh kitu waé.
Lain sakali dua kali kalakuan manéh kitu. Nyigeung di jalan,
ngawurkeun dagangan. Nanaonan?” Katangen Bona Babi ambek. Leungeunna
réflék nyabok nu aya hareupeun.
“Aduh.”
“Ampunnn.”
“Geus tong ampun-ampunan. Hayu urang anteurkeun ka kolot manéh.”
“Moal... enyaan moal deui deui. Entong.... Tong dianteurkeun ka kolot kuring.” Baba Banténg luwa-lewé.
“Bona
Babi. Hampura kalakuan babaturan kuring nya. Pasti kapokeun, moal
ngalakukan hal anu tadi disebutkeun. Kuring jaminanana. ” Jiji Anjing
kaluar tina panyumputan.
“Euh geuning manéh, Ji. Babaturan manéh ieu téh?”
Jiji Anjing unggeuk.
“Nya sok atuh. Da mun lain manéh nu méntana sigana geus digusur tah ieu sato kasebeleun téh. Wayahna nitip nu tiluan nya.”
“Regepken.
Ari kalakuan téh kudu siga Jiji Anjing. Sanajan manéhna jawara silat
sanagara tapi tara nyirikeun. Anggur handap asor.” Babi Bona nyarita.
“Nuhun Jiji.” Nu tiluan ngarangkul Jiji.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar