Selasa, 16 Juni 2020

Misteri Lipstik

Carita Misteri
Dimuat di Majalah SundaMidang, Maret-April 2020



Misteri Lipstik
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Sigana geus teu cocog maké lipstik téh. Da beuki dieu biwir asa rengkeng. Padahal lipstik nu mahal.  Meulina geus matuh di Toko Babah Suin. Pamajikanna - Nyonya Suin ngahaja nyadiakeun lipstik khusus. Tara aya di toko lain. Lipstik spésial bahanna ti luar negeri. Ngaracik sorangan cenah. Paling murah dua ratus rébu, maklum racikan khusus. Nu jadi katugenah ayeuna téh, éta lipstik anu dipake téh teu daék leungit. Mimitina mah atoh wé tiap geus guley geus digalémoh lipstik téh angger aya, nambah kakuatan diri nambah lalaki beuki maskét ningali biwir kuring nu ambucuy.
Diberesihan mah diberesihan. Tapi batan beresih ngadon beuki peurih karasana. Beuki  ngandelan da unggal poé ditambahan ku lipstik anyar. Kadieunakeun rengkeng. Asa jeding karasana.
                Lipstik. Hiji benda anu kacida dipuja. Benda leutik campernik anu mawa kawani. Nambah kayakinan diri. Warna anu rupa rupa, nyiptakeun hiji sensasi anu hésé dicaritakeun. Lipstik  beureum, orange, ping.  Rupa rupa kelir.
                Sanggeus wawuh jeung Babah Suin, tara deui ngider néangan lipstik. Asal daék datang ka toko, tinggal milih. Asalna mah ngaprak néang lipstik anu alus, di mana  waé tempatna, tinangtu dijugjug, asal sieup kana awak. Asal langganan teu nyingray.
                Ngajanteng lila hareupeun eunteung. Nuluy ngagambar biwir maké lipstik. Biwir dilelewé. Kadang manyun, calangap, jebi. Ah, kabéh gerakan biwir anu dicipta sangkan bisa ngajiret maranéhna. Lalaki anu haus birahi. Lalaki tolohéor.
                Apal jeung Babah Suin ogé pan tina lipstik.  Kuring remen meuli lipstik ka pamajikanna. Mun  si Babah nu ngaladangan mah mindeng diskon, kadieunakeun mah haratis. Asal aman, tong kapanggih ku Nyonya Suin. Kadieunakeun beuki bebas. Milih lipstik sakarepna bari jeung teu kudu mayar. Nyonya Suin gering parna. Teuing naon panyakitna. Da kudu bétrés. Sakalieun ka luar kudu maké korsi roda.
                Aki aki tujuh mulud. Enya si Babah téa. Ih, da geuning nurustunjung. Ngahereuyan, ngelétan  gumasép. Geuleuh sabenerna. Ngan inget kana duitna wé anu murudul matakna daék ngalayanan. Si Babah téh jadi pelanggan satia kuring.
Lipstik téa. Barang anu kacida mahal. Ngandung maunat. Tina lipstik,  lalaki naringali kuring. Biwir séksi ambucuy anu antukna mawa kuring kana keukeupanna. Lipstik mahal anu méré rasa anu béda. Sanggeus ngajiret lalaki nepi ka anteng na lampah salah, dirungrum lamokot dosa.  Tina lipstik lalaki sadrah mikeun lambaran duit kalawan teu kudu dipaksa. Ku ningali biwir maranéhna surti naon anu dipilampah satuluyna.  Teu kudu wakca pikeun milampah méré kasugema ka maranéhna. Cukup ku imut anu ngirut seuri anu nyari,  sakapeung biwir baeud tapi semu nyawet. Atuh pakakas biwir anu mampuh téh nya taya lain sakadang lipstik téa kudu diutamakeun pangheulana.

                Teu kudu ngajanteng sisi jalan ayeuna mah jiga nu enggeus enggeus. Cangkeul, kahujanan katirisan. Kadang kala sapoé sapeuting nyamos euweuh nu maké. Tapi kaayeunakeun mah dagang téh haneuteun waé. Boga pelanggan tetap, salah sahijina  Babah Suin.           
`               Peuting geus maju ka kolot. Biasana  Babah Suin geus nelepon nitah datang ka imahna.  Api api nawarkeun lipstik anyar, padahal geus kaerong naon anu dimaksud. Horéam sabenerna datang ka  Toko Babah Suin téh. Geueuman. Imah kuno. Batur mah maén téh di hotél berbintang. Ah, dasar aki-aki, ngajak téh sok hayang di imah waé.  Bisi aya rajia cenah, waktu diheureuyan mending maén di hotél téh. Ékol meureun padahal  sieuneun asam uratna jadi. Uyuhan atuh lalaki geus kuduna asup ka liang kubur masih kénéh hayang naékan gunung.
                “Aya lipstik alus. Warnana beureum euceuy. Cocog keur di dinya.”
                “Siap. Sakeudeung deui ka dinya.”  Gura giru dangdan, maké lipstik  beureum karesep  Babah. Nyud... biwir ngurunyud. Diseurikeun téh ngadon karasa peurih.
                “Lipstik téh sigana geus kadaluarsa. Ning kana biwir ngadon nyeri.” Kuring ngirim SMS waktu geus aya di jero taksi.
                “Keun baé lipstik kadaluarsa mah. Asal biwirna wé tong kadaluarsa. Angger nyetrum.”
Irung ungas ingus waktu anjog ka palataran toko. Bau teu paruguh. Asa bau bangké bau kentang. Bau pagaliwota.
“Langsung ka kamar luhur,” SMS si Babah asup, siga nu apal kuring geus datang.
                “Naha meni elat méré iberna, Bah. Ngeukeupan heula Nyonya, nya?” kuring nanya basa geus aya di kamar luhur.
                “Ah, ngeukeupan naonna, geus létoy kitu mah. Mending gé ngeukeupan nu aya hareupeun.” Si Babah ngaléng cangkéng. “Aéh, mana biwir nu peurih téh?” urang ubaran gera. Biwirna ngadeukeutan.
                “Cing mana lipstik nu alus téh?” kuring nitenan ka sabudeureun kamar.
                “Tah, di dieu disumputkeun.” Si Babah nunjukeun jero calana.
                “Dasar cunihin.” Kuring ngagabrug.
                “Waduh.... “ si Babah pepelengkingan, nyerian katindihan ku awak kuring.
                “Tinggalkeun wé atuh si Nyonya mah, Bah. Kacapé capé ngurus. Babah  gagah kénéh.” Jero haté hayang seuri nyebutkeun manéhna gagah téh. Hayang mah najong,  sakali nojér gé ngajurahroh.
                “Kahayang mah kitu. Ngan.... “ teu kebat.  “Ah, geus tong nyaritakeun nu kitu mun panggih téh. Urang hépi hépi waé wae nya...” cenah langsung muru awak.
                Apal ka pamajikanna téh geus lila. Galéhgéh mun ka toko téh, sagala ditawarkeun. Bisaan dagangna. Matakna nu meuli lipstik loba waé.  Kadieunakeun mah tara paggih da gering téa. Saméméh gering gé si Babah geus mindeng bareng jeung kuring, ngan tara remen teuing. Paling mun si Nyonya ka luar negeri karék sapatemon. Tapi tisaprak gering, si Babah sigana bébas merdéka. Tiap usik nelepon jeung nelepon. Nya kuring mah atoh wé nu aya.
                Sada aya panto ngagebrug dituturkeun bau teu pararuguh asup ka kamar. Kuring ningali panto kamar. Nutup. Da geus sidik tadi gé dikonci. Moal kitu si Nyonya datang ka luhur? Ah, teu mungkin. Pan geus disebutkeun manéhna kudu bétrés, jeungna deui pan leumpangna gé ukur bisa maké korsi roda.  Haté norowéco.
                “Engké dianteurkeun nepi kana taksi.” Siga nu apal kana kahariwang kuring, da jeung enyana asa horéam balik. Keueung teu puguh.
                Si Babah mah anteng wé ngagalémoh. Dilayanan bari jeung teu puguh.
                Hiuk  angin neumbrag kana panto. Blak... panto muka.
                “Angin ti mana atuh.” Si Babah semu ngambek. Kasenang pugag. Cengkat lalaunan menerkeun heula panto. Dikonci pageuh malah mah dihalangan ku korsi sagala.
                “Lipstik ti toko uing mah alus nya. Tuh angger wé beureum ambucuy.” Si Babah ngaragapan biwir kuring. Teu bosen neuteup.
                “Lipstik Babah téa atuh. Keren.” Kuring muji. Celengok kana pipina
                Jedud. Biwir asa  nguruyud. Kekedutan. Mimitina saeutik. Tapi kalilaan asa tarik pisan. Malah beut asa nyeri jeung peurih. Kagok. Namplokeun heula kasono ka si Babah.  Tapi teu kuat ku nyerina.  Langsung nangkeup si Babah. Pikeun ngusir kanyeri. Nu ditangkeup dangah.
                “Waw.” Manéhna ngarénjag.     “Kunaon éta?” nunjuk kana biwir kuring nu asa jeding, asa kedeplik pisan. Ku kuring diragap. Gebeg biwir beut manjangan.
                “Gara gara lipstik Babah, ieu biwir kuring beut jadi kieu?” reuwas kacida.
                “Ah, naha da nu lain gé teu kua kieu. Si Nyonya gé teu kua kieu”
                Gelebug. Angin gedé. Bray jandla kamar muka. Pelenghir bau teu puguh asup. Kuring ngajerit nungkup biwir. Asa aya nu narik waktu angin datang.
                “Bah, tulung ieu nyeri.”  Éta nu hayang diomongkeun. Tapi nu kadéngé anggur auh auhan teu puguh.
                “Waw.” Si Babah ngajerit nempo kuring anu mindah rupa jadi pikasieunen. Kitu deui kuring ngajerit waktu neuteup wujud sorangan tina kaca. Nyeri nataku, nyaliara dina saujur awak. Mimiti tina biwir maju kana pipi, kana ceuli, kana awak. Tina biwir ngareclakan getih beureum.
                “Ju... ju.... jurig.” Si Babah undur unduran. Kuring? Nuturkeun manéhna, ménta tulung. Tapi jajauheun, manéhna ngadon   lumpat muru panto. Panto muka teu pupuguh. Neunggar si Babah nu keur ugil ugilan muka panto. Awak kabantingkeun keuna pisan kana awak kuring.
                Biwir kuring beuki  manjangan... rarengkeng... kalilaan caroplokan. Laju jeung ngeclakna getih. Mimitina sakeclak dua keclak. Getih minuhan kamar. Teu bisa nyingkah. Suku beuki beurat ngaléngkah. Duaan roroésan. Hayang hojah. Beuki hojah awak beuki beurat katutupkan ku getih beureum campur bau teu puguh campur  seungit lipstik anu biasa dipaké.
                Hiuk... angin gedé datang. Jelegjeg hiji jirim atra katingali. Nangtung ngaluhuran.  Ngalayang. Seuri nyikikik nempokeun kuring jeung si Babah ugil ugilan.
                “Lasakeun liptik aing. Wawales ngeur nu masiat. Moang leungit saumul umul. Hihihi.” Sora nyikikik handaruan kasilep ku angin peuting handaruan.***



Di

Tidak ada komentar:

Posting Komentar