Selasa, 16 Juni 2020

Paguneman di Jero Damri


Paguneman di Jero Damri" Cerita remaja di Majalah Mangle, 3-10 Juni 2020


Paguneman di Jero Damri
Ku Nina Rahayu Nadéa
Damri jurusan Cicaheum-Cibeureum eureun waktu  tilu lalaki ngora maké baju olah raga nyegat lebah sélter beus hareupeun Stadion Pérsib. Kalacat maranéhna naék.
                “Jir,  heurin euy, Nang. ” Ceuk lalaki nu maké topi bodas.
                “Milik alus. Urang mah meunang tempat diuk. Haha.” Danang nyarita. Gék diuk di korsi ka opat tukangeun  supir.
                “Ah, geuleuh, diuk siga awéwé. Éra tah ku baju bola manéh. Baca tuh, utamakan yang hamil dan lansia.”
                “Ngomong wé sirik kituh. Nya Dén, kita mah santai aja di sini.”
                “Meunggeus gandéng, itu penumpang marelong ka urang.” Deni nu diuk gigireun Danang nyarita.
                 Lagu Nicky Astria nu disetél ku supir langsung dipareman. Sorana kalindih ku tilu rumaja anu ngomong tarik.  Panumpang anu keur nundutan, nu  nyoo HP atawa nu maca buku eureun tina kagiatanana. Melong ka tilu lalaki. Pasti kaganggu, da ti barang naék ngobrol tarik nakeran. Sagala diomongkeun.
                “Korona téh rejeki keur urang nya, Dén.”
                “Gandeng, Wan. Ka mana waé nyarita téh. Sieun urang mah.”
                “Lain kitu, bro. Pan berkat korona. Sakola kita jadi libur.”
                “Lain libur. Belajar di rumah. Pembelajaran jarak jauh.”
                “Ah, sia. Kawas nu heueueh. Ning, manéh ngadon maén bal.”
                Éta mah keur kaséhatan. Héhé.”
                “Mun sakola mah si Wawan, biasana jam sakieu téh keur diceramahan ku Pak Burhan.” Danang nyarita.
                “Heueuh anjir. Urang ni kesel tah lamun geus adu hareup jeung Pak Burhan. Euweuh ka bosen mamatahan.”
                “Salah manéh atuh mamaké calana pénsil. Nyaho teu meunang. Terus wé dipapaké.”
                “Méh gaya brow. Keun wé sina boseneun.”
                “Alun-alun... Alun-alun.” Kondéktur ngagorowok.
                “Ayo, Néng manis di sini duduknya.” Wawan nyarita waktu aya dua awéwé naék. Nu  ditanya teu nolih, leumpang ngaliwatan maranéhna. Diuk di korsi tungtung.
                “Haha... moal payu ka manéh mah, Wan. Apaleun euweuh duitan.”
                “Gélo siah. Yeuh urang loba duitna.”  Ngusiwel kana saku calana. Mikeun kertas ka Danang.
                “Ngomong wé teu gableg duit. Ngadon méré kertas.” Danang ningali kertas dina leungeunna. “Anjirrr peunteun saratus ulangan bahasa Indonésia. Légég ngahaja némbongkeun ulangan nu kamari.”
                “Aing téa atuh murid teladan. Bahasa Indonésia mah dilalab.”
                “Percaya teuing ka si Wawan. Sakitu niron waé téh. Apal lah urang gé meunang niron ti si Andri.”
                “Ih, nanaoan percaya ka batur. Mending percaya ka Mbah gogel.”
                “Tuh pan ngaku meunang niron tina gogel. Rajeun saratus meunang niron. Mending siga urang percaya diri.”
                “Bari jeung teun opat. Haha. Mending gedé, saratus, baé niron gé da moal apaleun.”
                “Niron téh sebagian dari korupsi.”
                “Sakieu gé geus usaha. Maraban quota unggal waktu. Éta téh pan pengorbanan.”
                “Andir... Andir.” Kondéktur méré tangara ka panumpang nu rék eureun di Andir.
                Lalaki umur tilu belas taunan  naék.
                “Dé... Dé... sini duduknya.” Danang ngagupay.
                Nu digupay teu ngalieuk. Ngajanteng tukangeun pisan supir beus. Sieuneun sigana.
                “Meunggeus tong diheureuyan karunya.”
“Taruhan jeung urang nya. Bakal ngalieuk gera.”
                “Dé... Dé ... Héy. Sini liat ada tiktok baru.”  Wawan nyilangkeun leungeun katuhu jeung kénca piligenti awakna doyong ka hareup laju leumpang ka lalaki nu disebut Dédé sanggeus deukeut dua leungeun dirapetkeun, cong nyembah. Leungeuna méh adek ka gado Dédé. Dédé melong seuri kapiasem. Wawan ngaléngkah mundur, awak angger doyong nyembah ka Déni.
                “Berhasil... berhasil Horéé.”***




Profil Penulis
IMG_0250
Nina Rahayu Nadea. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Karyanya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat Yogyakarta, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Banyuwangi, Jabar Ekspres, Majalah Geliat, Rakyat Sultra-Sulawesi Tenggara,  Koran Pantura Probolinggo, Majalah Cianjur, Koran Haluan Sumatera, FTBM Jabar dll
Novel yang telah dibuat diantaranya: Memahar Rembulan (BIP – Gramedia digital), Ilalang Belakang Sekolah ( BIP- Gramedia digital), Dua Hati (BIP – Gramedia digital), Menantimu ( di penerbit Anomali), Suara dari Langit (penerbit Anomali), Bersama Bapak dalam Goresan Tinta (Guneman Publisher). Jomblo Sejati (Leutika Prio Yogyakarta), Bersama Bapak dalam Goresan Tinta (Guneman Publisher), Cerita dari Sahabat Terbaik (Proses terbit)  Kisah 4 Kucing (Proses terbit), Kamu Akhirnya Bisa Menulis Fiksi dan Nonfiksi (Proses terbit)  serta puluhan antologi lainnya.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar