Selasa, 16 Juni 2020

Gembok

Dimuat di Koran Galura Edisi II, Juni 2020


Gembok
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Kasakit Ema keur kanceuh. Kondisi ayeuna nu keur sumebar sasalad korona nyababkeun kuring nambah hariwang. Ema téh boga kasakit gula, darah tinggi ogé jantung sedengkeun méh unggal poé nu datang ngalongok ka Ema. Éta nu nyababkeun kahariwang kuring mingkin gedé. Bingung mikiranana. Pan ceuk dokter gé nu gampang kauntreupan virus téh nyéta jalma nu boga panyakit bawaan. Kuring  hayang ngajaga  kolot tina hal-hal anu teu dipiharep. Nyieun tarékah  sangkan leuwih caringcing pageuh kancing saringset pageuh iket.
“Moal di lembur urang mah moal keuna. Jauh ka kota ieuh.” Ceu Mimin nyarita waktu kuring ngobrol perkara korona.
                “Korona mah panyakit jalma beunghar. Anu mindeng iinditan ka luar negri sarta ngariungna jeung jalma beunghar wungkul, Yati.  Geus di dinya tong mikiran nu kararitu. Barina gé kudu sukuran ka Ema loba nu ngalongok, sugan téréh nyinglar kasakitna.”
                Ngahaja ngobrol jeung Ceu Mimin téh, satadina méh ngarti da nu mindeng ngalongok ka Ema sarta ngabringkeun balad téh nya manéhna pisan. Garo-garo teu ateul. Sanajan dibéjaan nepi ka ngabulaéh gé sigana moal ngarti.  Keuheul nataku, tapi teu bisa kumaha, ukur disidem di jero dada.
                Kaayaan di kota nu mingkin pikahariwangeun tur ningali kondisi Ema nu nyababkeun Kang Gandi salaki kuring eureun gawéna. Nutup toko saheulaanan nepi ka kondisi stabil. Méméh PSBB gé Kang Gandi mah hideng, babakuna inget ka nu jadi kolot. Kitu jawabna waktu ditanya ku kuring ku naon pangna teu jualan. Kaharti sarta ngadukung saratus persén kana putusan nu jadi salaki. Kolot hiji-hijina deui tur  kacida dinangna néngné, inggis aya nanaon anu tumiba.
                “Kudu leuwih getén merhatikan Ema. Tong loba teuing nu ka dieu, Yat.” Salaki nyarita dina hiji poé.
                “Kahayang mah kitu, ngan nya kitu ning.” Kuring humandeuar. “Akang gé apal kumaha kaayaan di lembur urang. Kamari gé pan Ceu Mimin ngadon mamatahan, nyarita norolang siga nu nyaho kana korona waktu kuring ngobrol perkara Ema jeung kasieun kuring. Di lembur mah moal aya korona cenah.”
                “Nyéta hésé nya .” Gandi ngahuleng.
                “Titah maké masker wé atuh mun ka dieu.”
                “Atos, Kang. Ih, da teu ngarti. Kesel kana haté. Sakitu geus dibéré masker sabarahiji mah. Ih, alesanana téh loba. Tingaleun téa, diseuseuh téa, moal nanaon téa.” Kuring ngarahuh. “Sok baringung puguh, jaba panto pager ruksak teu bisa ditutupkeun. Asa dibéré ombér ngadon ngarobrol di hareup, ngagarosip. Datang ka Ema sotéh éta mah alesan, da lolobana mah kitu, ngarumpi.”
                “Tah, Akang boga ideu  ayeuna. “ Salaki seuri.
                “Ideu naon, Kang.”
                “Tingali wé isuk.”
                Ti isuk nepi ka beurang Gandi ngadekul ngoméan pager. Rapékan manéhna mah. Mun sakalieun aya di imah téh naon we dikerjakeun tara nitah ka batur.
                “Yat, ka dieu...” cenah ngagupayan. “Moal aya nu asup ayeuna mah.” Salaki nunjuk pager.
                Kuring seuri. Panuju ku pagawéan salaki.
                Ayeuna mah kuring teu hariwang. Ningalkeun Ema gé teu sieun da moal aya nu asup ka imah. Atuh istirahatna cukup da tara aya nu ngajak ngobrol.
                “Naha Yat, maké dikonci.”
                “Paur, barudak sok ka luar waé.” Ceuk kuring basa keur sasapu di hareup, kasampak manéhna di lawang pager.
                “Leuh boro hayang ngilu moyan, kumaha Ema cageur?” tanya Ceu Mimin.
                “Alhamdulillah. Koncina ku Kang Gandi.”
                Kitu alesan mun aya Ceu Mimin, Ceu Eti. Atawa tara nyampeurkeun mun manéhna gegero, api-api teu kadénge wé.
                “Keur areuweuh meureun.”
                “Biasana gé tara dikonci.”
                Di luar kadéngé nu gutreng
                Kuring nyerangkeun ti jero imah. Katangen Ceu Mimin jeung Ceu Eti aya hareupeun panto pager. Teu bisa asup da digembok.
                “Aman?” salaki nanya.
                “Aman, Kang. Tadi gé aya Ceu Mimin jeung Ceu Eti teu bisa asup.”
                “Enya kitu wé tinimbang Ema aya nanaon.”
                Isukna kitu deui digembok. Tonggoy di dapur barang gawé, salaki mah keur ka kebon.
                “Leuh ka marana nya. Piraku piknik jaman harénghéng kieu.” Kadéngé ti luar, sigana Ceu Mimin  jeung Ceu Eti. Areuweuh gawé pisan jam sakieu geus ngalanto ka imah batur, lain bébérés di imah, ceuk kuring jero haté. Ningali jam nu ngadaplok nunjukkeun pukul 09.00.
                “Ayeuna mah sok digembok, Téh. Abdi gé ti kamari bade lebet sesah. Padahal ngan saukur hoyong ningali Ma Éha sehat heunteuna.”
                “Kasieunan pisan. Padahal mah abdi oge Ceu Éti séhat teu aya virus.”
                “Baruk sok digembok. Kasieunan teuing.” Sora awéwé rada tarik. “Yat... Yati!” kadéngé nyalukan. Kuring noong tina jandéla. Leuh geuning aya Bi Ika ti Jakarta. Pikiran sabil. Apal kumaha adatna. “Ah, rék api-api teu ngadéngé wé.”
                “Ka kebon sigana, ké ku abdi urang susul.”
                “Tong. Ah, teu ridhoeun sigana kaanjangan téh. Ngan keuheul wé jauh-jauh dijugjug ngadon disampakeun gembok.”
                “Muhun unggal dinten gé digembok,” Ceu Éti mairan.
                Katingali ku kuring manéhna asup kana mobil, indit bari beungeut bangkenu nahan kaambek. Duh, geus pasti pirameeun wé iyeu mah. Nya keun waé lah. Meureun enya ku jaman ayeuna mah kudu aya pengorbanan demi ngajaga kolot.
                Bener wé naon anu disawang téh teu nyalahan, peutingna dina grup kulawarga ramé. Bi Ika béak karep ngajejeléh kuring ogé Kang Gandi.
                “Cing atuh nya teu ngaragap perasaan. Jauh-jauh ti kota ngadon disampakeun gembok.”
                “Euceu mudik?”
                “Aya naon, Bi.” Dina grup ramé
                “Enya keuheul ku Yati. Piraku kuring nu ngahajakeun ti Jakarta niat ka lembur téh hayang ngalongok lanceuk, ngadon  dibéré gembok.”
                “Naha, tiasa mudik, Ceu? Tiasaan jalan ka mana?” nu lain aya nu nanya.
                “Enya keuheul na téh kitu. Keur bisa ka lembur téh ngabélaan ngabohong. Nyieun surat pengantar ti kantor sarta néang jalan tikus. Ari geus nepi ka nu dituju ngadon kitu... Padahal mah si Gandi téh bisa maju siga ayeuna  pan sasat ku kuring. Na ari ayeuna nurustunjung.”
                “Bi, hapunten Yatina nuju teu aya. Nuju ka kebon. Sarengna naha Bibi teu ngabaran atuh.” Kuring nyieun alesan.
                “Ah, biasana gé tara kudu dibéjaan. Yeuh ceuk tatangga gé di dinya mah ayeuna sombong. Geus teu butuh ku bantuan tatangga sumawona dulur. Geus beunghar sigana. Geus lah tong nyebut deui Bibi... “ manéhna nutup chatingan di grup sarta langsung ka luar  grup. Teu kalis nepi ka kitu nomor kuring ogé Kang Gandi diblokir.
                Bati ngurut dada kana naon nu karandapan.
                “Sing sabar, adatna Bi Ika mah kitu. Ké gé moal.”
                “Ku naon atuh maké jeung digembok sagala, pan biasana gé tara jadi wé disangka negatip, maheutkeun duduluran antukna.” Nu ngomén di grup ramé. Kuring ukur nganuhunkeun kana kamandang maranéhna. 
                Niat hayang ngajaga Ema, hayang nyenangkeun Ema téh ning ngadon kieu. Pipaséaeun. Ku dulur di jauhan ku tatangga dijebian. Untungna Kang Gandi ngagedékeun haté yén sagala gé pasti aya awal ahirna, niat urang alus in syaa alloh hasilna alus.
                Ti dinya mah tara ieuh mikiran nu geus karandapan, anggur beuki getén ngurus Ema. Ema nu asalna teu bisa hudang-hudang acan neut-neutan cageur. Ayeuna mah geus bisa diuk sorangan na biwir ranjang. Duh, bungah nataku ningali kaayaan Ema. 
                Tilu poé ti harita nampa telepon ti nu jadi adi.    
                “Teh, Bi Ika positip korona. Ké soré aya tim gugus  kadinya. Ngajemput saha-saha waé nu kontak langsung jeung Bi Ika. ”
                Leng. Bumi alam asa tungkeb. Gambaran Ceu Mimim, Ceu Éti nu keur ngobrol jeung Bi Ika némbongan.***
                Profil Penulis
Nina Rahayu Nadea. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Karyanya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat Yogyakarta, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Banyuwangi, Jabar Ekspres, Majalah Geliat, Rakyat Sultra-Sulawesi Tenggara,  Koran Pantura Probolinggo, Majalah Cianjur, Koran Haluan Sumatera, Medan Pos, dll

Tidak ada komentar:

Posting Komentar