Tampilkan postingan dengan label Hahaha. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Hahaha. Tampilkan semua postingan

Senin, 06 November 2017

Panjang, Kuat jeung Gede

Carpon Mangle, N0 2635, 6 Juli _ 12 Juli 2017.

Panjang, Gedé jeung Kuat
Ku Nina Rahayu Nadéa
Kacaritakeun di hiji kerajaan. Aya hiji putri anu geulis kabina bina. Kulantaran geulisna téa, rabul lalaki anu ngalamar hayang ngajadikeun Nyi Putri salaku pamajikanna. Hanjakal. Teu aya nu cocok. Maranéhna baralik deui. Luménghoy. Lamaranna teu ditarima.
                Rahayat  bingung ku Nyi Putri.  Piraku tinu rabul nu datang teu aya nu kapilih hiji hiji acan.  Nu kasép ditolak komo deui nu kolot mah geus karuhan.  Meureun Nyi Putri mandang harta? Dina enyana gé, meujeuhna. Piraku nu jugala meunang cacah kuricakan. Tapi kabéh  anéheun waktu aya hiji putra kerajaan ti RajaDalu, ngahaja datang. Jauh jauh dijugjug anggang ditéang. Ngan hiji pamaksudan, rék ngalamar Nyi Putri. Tapi ning balikna ngaligeuh.
                Moal kitu Nyi Putri gering? Loba anu mikir nepi ka dinya. Atuh rabul dukun  datang rék ngubaran Nyi Putri. Ngan teu tulus. Ngadon dibagéakeun kulutusna  pihak kerajaan. Teu pupuguh atuh ngadon rabul dukun. “Barina gé teu ngondang, “ ceuk gulang gulang.   
Kangjeng raja kacida bingung ku polah Nyi Putri. Dina kaayaan gering parna, hayang manéhna ningali Nyi Putri rumah tangga. Neruskeun tanggung jawabna salaku putri kerajaan. Nyaksian Nyi Putri ngaheuyeuk nagri saacan puput umur.
*
                Aya hiliwir angin, béja anu datang teuing timana. Ngan cenah éta béja anu jitu. Sarat pikeun para lalaki sangkan bisa nyandingkeun Nyi Putri. Duka teuing naon saratna. Ukur haréwos angin, haréwos jalma ka jalma deui. Kitu jeung kitu.  Nu puguh mah ti barang ngadéngé haréwos, loba lalaki langsung nyumput ka nu suni. Ka kamar. Ka cai. Ningali naon anu dipikahayang ku Nyi Putri. Aya nu jigrah, aya ogé nu hanjelu nepi ka kagegeringan. Loba ogé anu bur ber ihtiar.  Ti obat modern nepi ka tradisional kabéh dicobaan, dapon kahayang Nyi Putri katedunan.
Sawatara lila kerajaan rada jempling. Nu biasana rabul ngalamar Nyi Putri ayeuna mah jempling. Da éta keur ihtiar heula meureunan. Ngan  Kangjeng Raja mah sieun nataku. Inggis Nyi Putri saumur umur teu payu. Atuh inyana nyieun béwara yén sing saha waé anu bisa ngabandang Nyi Putri, baris kabagéan harta nu moal béak nepi ka tujuh turunan. Kabéh harta seja dibikeun.
                Jul jol nu datang. Ti jajaka nepi ka kolot, kabéh datang metakeun pangabisa, nu diharep sangkan Nyi Putri léah. Ayeuna mah Nyi Putri ku anjeun nu nyanghareupan sémah téh. Ditingali naha cenah geus luyu jeung kahayangna. Tapi nya kitu balikna léngoh deui waé. Da cenah can nyumponan sarat. Datang deui lamun saratna geus lengkep.
Hiji jawara kolot datang. Kumisna baplang sangadulang. Diiket barangbang semplak. Datang ka kerajaan pinuh ku kayakinan. Manéhna geus tapa lila. Geus meunang élmu pikeun meruhkeun Nyi Putri.
Digleu ... digleu.. éta jalma  gendut datang. Cedok nyembah payuneun Nyi Putri.
“Kaula, katelahna Aryana Dipa. Seja nohonan kahoyong Ndén Putri.” Eureuleu teurab. Leguk heula nginum siga nu capé. Ngarénghap heula panjang.  Ningali teu ngiceup ka Nyi Putri hareupeun. Neureuy ciduh siga ucing manggih lauk. Kasihir ku geulisna. Panonna burial buncelik, nepi ka poho teu ngiceup. “Bilih Ndén Putri teu percanten, ayeuna kénéh urang buktoskeun.” Manéhna nangtung ajeg. Ngalaan pangsi nu keur dipaké.
“Ké...ké... nanaonan ari Andika?” Nyi Putri reuwas. Ngeureunkeun paniatan éta lalaki.
“Muhun ayeuna kénéh urang buktoskeun. Tapi bilih alim di dieu. Hoyong urang paduduaan hayu atuh. Ku Engkang dipangku.” Ngaléngkah ka hareup. Maksudna rék ngais Nyi Putri.
Nyi  putri gasik nangtung. “Tong wawanian Andika!”
“Ih, atuh moal terang. Panjang, kuat jeung gedéna.”
“Maksudna?” Nyi Putri olohok.   
“Pan Akang mah. Nohonan kahoyong salira.” Cenah angger gumasep pikasebeleun. “Akang tos tapa lami. Sangkan panjang, kuat jeung gedé. Tah kitu. Matakna bilih teu percanten hayu urang suka suka jeung Akang. Tinangtu Ndén Putri  deudeuieun.”
Nyi Putri imut. Kaharti.
“Maksud kuring mah lain ka dinya... Ngan rumasa resep kanu panjang  kuat jeung gedé.”
“Tah... tah... éta mah abdi pisan.”
“Déngékeun. Panjang hartina panjang pamikiran. Teu gedebas gedebus. Kudu bisa nyieun kaputusan anu panghadéna demi kapentingan rahayat. Kuat hartina kuat  jasmani rohanina. Kuat nyanghareupan pakewuh anu datang. Komo ayeuna ieu kerajaan téh rék aya nu nyerang. Kudu aya di panghareupna. Nyanghareupan musuh. Demi nu terakhir gedé. Maksudna kudu gedé jasa ka ieu kerajaan. Témbongkeun pangabisa. Lain hayang dibéré tapi kudu méré.” Nyu Putri nyarita panjang lebar.***

Nina Rahayu Nadéa. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Tulisannya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Banyuwangi, dll

Jumat, 25 Desember 2015

Bau Naon

Dimuat di Majalah Mangle N0 2547, 16-21 Oktober 2015

Bau Naon
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Geus biasa sakadang laptop dibabawa. Teu nyaho waktu, teu nyaho tempat, dimana wae mun aya waktu tur aya ide nu alus, langsung dibuka harita kénéh. Geder ngetik.
                Siga harita,  sanggeus nganteurkeun budak sakola. Rét kana jam. Jam 6.45. Aya waktu rinéh saméméh asup ka kantor. Kabeneren aya kahayang pikeun  tutulisan, tur sakadang ide ti kamari kénéh geus hayang dikotrétkeun kana laptop.
                Rarat rérét ka sakurilingeun. Loba bangku tapi katangen geus parinuh ku ibu –ibu nu ngadon nungguan barudakna. Sakapeung mah sok  mikiran. Naha betah caricing di sakola sakitu lilana nungguan. Ti jam 7 kaluar jam satengah satu. Ceuk urang mah mending baralik, tibatan ngarumpi teu puguh. Tapi kétang meuereun ceuk maranéhna mah itung-itung hiburan. Matak kitu gé barosen caricing di imah.
                Rét kanu rada nénggang, katangen bangku Kosong. Horséh! Hate surak lain dikieuna. Langsung ngajugjug kadinya. Muka laptot. Geder nulis. Tara diengkékeun, sok langsung wé ngetik. Haré-haré wé kanu lain. Sanajan loba nu ningali ka kuring. Pantes marelong atuh. Da ngetikna  bari cingogo. Tadina mah diuk dina éta bangku panjang. Laptop diteundeun dina pingping, bari suku rada dicengkatkeun saeutik. Nahan kasaimbangan, tapi kalilaan mah karasa cangkeul utamana lebah punduk da tungkul teuing. Antukna laptop diecagkeun, di teundeun dina bangku, ari kuring cingogo nyanghareupan  laptop téa.
                Anteng ngetik. Eureun-eureun sotéh, sanggeus ngetik geus beubeunangan loba, sarta na sirah geus béak pikeun ngetrukeun. Eureun, sawatara lila ngahuleng. Mun kandeg kitu, sok tumpa tempo kana naon waé nu bisa ditempo. Ibu- ibu nu ngariung masih aya kénéh, katangen tingkecewis, bapak satpam nangtung lebah panto gerbang. Kuring ngarénghap panjang.
                Tah lebah ngarénghap panjang beut kaangseu bau teu puguh. Teuing nanahaon. Ngarénghap deui. Bener da bau. Rarat rérét ka tukang ka gigir. Teu kapanggih sumber bauna. Ah, rarasaan meureun. Jeun teuing, ceuk pikir bari langsung deui nereleng neruskeun hanca tutulisan.
                Ketikeun geus bérés. Tinggal ngedit. Tah keur ngedit kitu nu kaambeu téh aya deui. Rét kana jam,  sakeudeung deui asup ngantor. Editeun lebar deuih. Geus di kantor mah sok loba pagawéan. Tapi nu bau? Ih, beut pipilueun hayang katempo ku kuring meureun. Dangdak déngdék. Teu sirika laptop diilikan lebah bujurna. Taya nanaon. Irung diantelkeun kana laptop. Karasa rada cangkeul. Suku ngised saeutik. Pelenghir nu bau tambah rosa. Rét ka handap.  Gehel sihoréng tai ucing ngadungkuk handapeun pisan sapatu. Kaangseu pisan, komo da kakoerkeun meureun ku sapatu. Paingan bau sihoréng tai ucing. Sanajan bau hanca diteruskeun deui. Anggursing nganuhunkeun ka tai ucing nu geus méré sumber tulisan J

Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, jrrd.

Jumat, 28 Agustus 2015

Minyak Seungit

Minyak Seungit
Ku Nina Rahayu Nadéa
            “Minyak seungitna yeuh. Murah... murah.” Dodo jojorowokan di jero kelas. Ngasongkeun ka babaturanna. Utamana budak awéwé.  “Hesti seungit geura. Sok ambeuan.”
            “Ei. Enya ning, Do. Seungit nakeran. Sabaraha hargana?”
            “Murah  25 rébu.  Sok buru. Meungpeung hargana murah. Bulan promo. Ké bulan hareup mah hargana normal deui. 50 rébu.” Dodo ngarayu. “Nu gareulis... nu darénok. Calon sarjana. Énggal... énggal geura pésér minyak seungit ti Aa Dodo. Dijamin nyugemakeun.”
            Awéwé pada ngadeukeutan. Maranéhna mimiti kataji ku dagangan Dodo. Da jeung enyana. Waktu diangseu téh sengitna ngahiliwir.
            “Pesen hiji nu melati nya.”
            “Kuring gé hiji nu mawar.”
            Jul jol nu paresen. Si Dodo, sumanget nuliskeun pesenan.
            “Iraha barangna?”
            “Minggu hareup. Ngan duitna kudu ayeuna.”
*
            “Barangna datang yeuh.” Dodo norojol ka jero kelas.
            “Asiik. Kadieu atuh urang cobaan ah. Meungpeung pengawas can aya.”
            Sebrot... sebrot para mahasiswi nu geus pesen téh nyebrotkeun minyak seungit nu kakara katampa.  Teu lila garandéngna téh da kaburu aya pengawas asup.  Atuh jep kelas ngadadak jempling.
            “Sadun kunaon manéh seuseurian waé?” Tanya Nita waktu geus bérés ujian.
            “Teu nanaon ah. Nya hayang seuri wé.” Sadun nutup biwirna nahan kaseuri.
            “Ari si Dodo ka mana nya? rek mayar urut minyak seungit.”
            Biasa si éta mah paling nangkring di basecamp Pecinta Alam.”
            Nita jeung nu lainna kaluar. Maksud rék ka si Dodo. Ngan teu ku hanteu beut jadi teu pararuguh. Asa loba nu merhatikeun ka maranéhna.
            “Ka mana Nit?. Rek ka pulau Sumatera nya?” Si Boim ngajorowok beulah katuhu.
            “Ka mana wéh.” Nita teu miroséa.
            “Lain ari jalma téh asa aranéh nya ka urang.” Wati neuteup, rét kana baju Nita. “Nit... ari éta baju keuna kunaon? Paingan si Boim nyebut pulau sagala. Da baju téh  enya siga aya pulauan.”
            Nita ngarérét ka Wati. Sarua neuteup baju. “Ari éta ning baju Wati...”
            Duanana karék sadar. Yén kabéh jalma di kampus téh malencrong ka maranéhna, dumeh anéh. Bajuna nu asalna bodas  beresih ning jadi emblog emblogan lebah kélék, kerah jeung tukang. Urut minyak seungit téa.
            ‘Dodoooo....!” Maranéhna lumpat ka basecamp pecinta alam.
            “Éh. Nita jeung wati. Dé mayar hutang nya?”
            “Mayar hutan naon. Tingali baju urang?”
            “Heuleuh kunaon baju téh, Wat. Maké mamawa pulau sagala. Da ka Bali mah bulan hareup.” Dodo cicirihilan
            “Belegug, gara-gara manéh tingali baju urang?” Nita ngambek.  Laju ngajéwér ceuli katuhu Dodo satarikna.
            “Haduh hampura. Nit. Dodo gé da teu apal.”
            “Ari ieu meulina ti mana? Asli lain?”
            “Asli enyaan asli... ngan... ngan...”
            “Ngan ditambahan alkoholna loba, da mun asli mah euweuh batian.”
            “Belegug. Kasebelan..” Wati ngajéwér ceuli kénca.
            “Ampun... ampun....” Dodo  teterejelan. “ ceuli duanana digugunyeng ku Nita jeung Wati.
            “Kadieukeun duit parurugi. Bonganna geus ngabohong.”
            “Teu  boga!”
            “Ah. Teu boga.. teu boga. Cokot tah Nit! Na saku bajuna.”
            “Pikasebelun.” Nita jeung Wati ninggalkeun Dodo sanggeus meunang duit.
            Dodo humarurung. Rék meunang untung, jadi buntung. Katambah ceulina nyeri nyanyautan.***

Dimuat  di Majalah Mangle No 2526, 7-13 Mei 2015