Tampilkan postingan dengan label Cerpen Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Cerpen Sunda. Tampilkan semua postingan

Rabu, 17 Juni 2020

Sagagang Kembang keur Fika

Dimuat di Majalah Mangle




Sagagang Kembang keur Fika
Ku Nina Rahayu Nadéa

                Tadina rék langsung mulang. Beuteung geus kukurubukan. Tapi maranéhna metot leungeun Fika.
                “Fika. Tong waka balik. Hayu ditraktir ku urang.” Mila teu méré kasempetan ka Fika.
                Antukna Fika nuturkeun maranéhna.
                Barang gék diuk na méja. Lagu  selamat ulang tahun tina CD kadéngé, dituturkeun ku sora Mila anu cempréng. Ana jeung Anggi gé sarua ngilu ngahaleuangkeun lagu ulang taun. Fika gé sarua ngiluan nyanyi.
                Teu lila kurunyung Budi, KM kelas mawa kueh ulang taun tuluy diteundeun dina méja.
                “Tiup lilinnya....” Budi pipilueun nyanyi.
                “Ayo, Fik. Tiup lilinna. Bengong waé.” Ana nyigeung awak Fika.
                “Ayo tiup sama-sama. Satu... dua...tiga...” Mila méré komando, lilin pareum sapada harita.
                “Hapi berdey Fika...” Mila nangkeup Fika.
                “Selamat. Semoga cepat mendapat gaetan baru lagi.”
                “Dapat yang lebih cakep ti Robi, nya.” Jol itu jol ieu nyarita.
                “Nuhun... nuhun...” Fika  nampa  pangwilujeng sobat-sobatna. Karék sadar yén dirina nu ulang taun. 
                Babaturan sakelasna  milu gabung da diajakan ku Budi. Kantin pinuh ku kelas 3 IPA hiji.
                “Mugia sing aya gantina nya putus jeung Robi téh.”
                “Diduakeun si Robi sing jomlo tah.”
                Kabéh  apaleun perkara Fika anu  putus jeung Robi. Putus teu pupuguh.  Mimitina Fika  sok ngaheruk inget waé ka Robi. Tapi sok inget kana caritaan indungna yén SMA mah tong nyieun hubungan nu serius, bisi nyeri haté.
                “Tong mendalam teuing ari bobogohan téh.” Ceuk indungna hiji poé.
                “Naon, ih, ari Mamah,” pipi Fika beureum. Asa kanyahoan. Da jeung enyana harita keur maca WA ti Robi. HP dikeukeupan. Ti balik sakola teu daék ka mamana. Gogoléran wé na kasur bari jeung  teu lésot kana HP.
                “Moal lés deui?”
                “Moal, Mah. Asa rieut.”
                “Rieut wé. Ari maca HP teu rieut.” Indungna gogodeg.
                Untung boga babaturan anu balageur. Enjoy ayeuna mah. Tara inget waé ka Robi. Niatkeun diri  rék soson-soson diajar anu bener komo sakeudeung deui Ujian Nasional. Sieun nguciwakeun nu jadi kolot.  Pan hayang neruskeun kuliah ka ITB. Kabita ku Angga nu kuliahna di ITB tur jadi guru lés Fika di Bahana Pelajar.
                Nya jilim Angga anu nyababkeun Fika ayeuna terus-terusan diajar. Lés ogé anu biasana ngedul lantaran hayang bareng waé jeung Robi ayeuna mah dihangkeutkeun deui.  Jadwal lés saminggu tilu kali, kamari-kamari mah ukur saminggu sakali, da remen kanganggu. Remen kaganggu ku SMS, WA atawa teteleponan.
                Putus jeung Robi. Fika jadi sumanget diajar.  Nambah sosobatan anu baheula pukah  ayeuna mah dibeungkeut deui. Robi téh saangkatan jeung Fika sarua kelas 3 ngan béda kelas. Mun istirahat atawa balik teu weléh bareng jeung Robi. Teu anéh lamun sasakola apal yén Fika téh kabogoh Robi.
                Kuring imut ngagelenyu piligenti ka Mila, Ana jeung Anggi.
                “Kalian, sohib-sohibku yang nyaris terlupa.” Fika nangkeup pageuh.
                “Wilujeng tepang taun Fika....” hiji lalaki deku hareupeun Fika. Mikeun sagagang kembang ka Fika. Kembang  ros nu anyar kénéh  metik.
                “Kang.... “ Teu kebat. Neuteup lalaki nu aya hareupeun. Sidik Angga Kusuma lalaki nu jadi pamecut dirina pikeun terus diajar.
                “Cié.... cié...” nu lain surak
                Panon beureum. Éra parada ku babaturan.
                “I Love you...” Angga mikeun kembang ka Fika.
Sanajan éra, teu burung  leungeunna nyokot éta kembang.
                “Ciéééé.” Nu surak beuki éar.

Selasa, 16 Juni 2020

Cinta Segitiga

Dimuat di Majalah Mangle No 2767, 30 Januari-5 Februari 2020


Carpon Rumaja
Cinta Segitiga
Ku Nina Rahayu Nadea

            “Mending purtuskeun  kabogoh kitu mah. Komo nyebut teu satia, aya cinta segitiga.“ Tini sobat kuring mamatahan waktu  keur curhat jeung manéhna. Nyaritakeun Angga nu jadi cuék.
            Angga téh kelas XI sarua jeung kuring. Kuring XI IPA1 sakelas jeung Tini. Manéhna IPA2. Kuring, Tini, Angga, Tedi  ka mamana  sok bareng. Ari Tedi sobatna Angga. Sarua IPA2.  
Geus putus mah bébas, teu aya nu timburu ka kuring. Teu ngeunah atuh kuring disebut maén jeung Tedi di satukangeun Angga. Padahal teu sing. Kungsi sababaraha kali jalan bareng jeung Tedi ka Gramedia atawa  ka kantin. Pédah wé euweuh pisan batur. Angga teu aya, HPna teu aktif. Tini sababaraha poé teu sakola. Antukna ngajakan Tedi. Suérna gé teu aya nanaon. Sajajalan nu dicaritakeun iwal ti pelajaran. Peun. Taya nu leuwih
            Gosip beuki nyebar. Mimitina mah teu didéngékeun. Ké gé répéh sorangan. Kadieunakeun Angga  beuki ngajauhan, padahal hayang ngobrol panjang lebar.  
            “Kudu dihajakeun,” gerentes haté. Kakesel numpuk na angen waktu sababaraha kali nelepon teu diangkat. Kitu deui mun pasarandog, haré-haré. Pokona kuring téh diantepkeun. Dianggap euweuh ku manéhna. Ti dinya mah kuring gé cuék teu hayang nyaho kabar manéhna. Sok ngahajakeun wé nyampeur Tedi mun istirahat téh.
            Beuki buleud sangkan putus ti Angga, basa Tini ngabéjaan yén Angga geus boga kabogoh anyar.
            “Ted... hayu ngabaso.” Kuring ngelol ti lawang panto.
            “Angga...” Tedi nyampeurkeun ka bangku Angga. Nu ditanya teu ngarérét rérét acan. Tonggoy nulis. Api-api nulis meureun.
            “Ted. Kuring ka kantin jeung Ina, nya?”
            “Hayu, Ted. Kuring lapar yeuh.” Kuring ngagero beuki tarik
            “Hayu...” méh lumpat Tedi  muru kuring.
            Sina panaseun tah Angga. Emang euweuh manéhna kuring sedih? Sori. Tadina gé nampa kacinta manéhna téh hayang aya batur. Hayang aya pakukumaha dina urusan pelajaran.
            Tini sobat kuring gé harita milu. Atuh jadi tiluan ka kantin téh. Leuwih seru. Da Tini mah jalmana resep ngobrol jeung sagala dicaritakeun. Di kantin teu karasa. Kabeneran deuih Pak Iman guru Olahrag teu asup. Jadi bisa lila ngagosip di kantin. Tedi mah tiheula ka kelas basa bél tanda istirahat lekasan.
            “In, ka kelas heula nya?”
            “Yo. Hati-hati, Ted.”
            “Cie... cie... so perhatian.” Tini seuri.
            “Ih. Naon, ah.”
            “Ari kamu beneran jadian jeung Tedi?” Tini nanya daria waktu Tedi geus teu aya.
            “Ku naon, teu gugur teu angin nanya nu kitu. Saruana jeung Angga. Pan geus dicaritakeun ti basa éta gé kuring mah euweuh nanaon jeung Tedi. Geus ah, sebel ngadon nanya nu kitu. Jadi bété,” kuring cengkat. Teu ngeunah ku pananya Tini.
            “Lain kitu, In. Tapi....”
            “Geus ah, Ina ka kelas heula.” Kuring muru kelas.
Gek diuk na bangku, waktu geus di kelas. Ngadon ngahuleng. Mukaan buku tulis Matematika laju gagambaran teu puguh. Kitu deui waktu mukaan novel Tere Liye bawa ti imah, anggur dibukaan wungkul.
Rét kana buku catetan Matematika Tini anu ngagolér luhureun bangku. Sugan kudu dicaritakeun naon kakeuheul ka Tini, méh manehna  maca, gerentes haté. Rek nyieun surat keur Tini perkara haté nu keuheul, kitu paniatan téh.  
Pulpén geus dicekel, kalimah geus merenah dina uteuk. Leungeun kénca muka lambaran terakhir. Ngagebeg waktu maca tulisan hareupeun.
“Bahagia hari ini, aku dan Angga telah jadian. Anjing menggonggong kapilah berlalu. Yang penting hepi.”***
              

Keur Amey

Dimuat di Majalah Mangle, 12-19 Maret 2020



Keur Améy
Ku Nina Rahayu Nadéa

                Locéng geréja tangara kebaktian dimimitian kadéngé. Kuring néang tempat anu sepi. Gék diuk na bangku  handapeun tangkal buah. Mukaan buku pakét Bahasa Indonesia anu tadi dititipkeun ku Améy.  Teuing sabaraha lila kuring nunggu Améy da tonggoy maca.
                “Agan....”
                “Ih, naha bérés deui?” kuring neuteup hareupeun teu ngiceup.
                “Agan, ngadon ningali Méy. Méy jadi géé,” Améy seuri.
                “Tong seuri, Méy. Pas beunta ké Agan ngaleungit.” Kuring ngaheureuyan manéhna.
                “Geuleuh Agan mah. Hayu atuh ka mana ayeuna?”
                “Urang jalan-halan nya. Améy bade ka mana?”
                Manéhna ngahuleng.
                “Jajan heula batagor Isan nya. Tah ti dinya urang ka Gramédia. Méy aya tugas ngaresénsi. Ngan kedah mésér heula bukuna.”
                “Hayu... Agan siap mengantar Néng Améy yang pétét ka mana waé.”
                “Ah, Agan mah.” Améy nyiwit cangkéng bari clé ka nu motor.
                “Wadaaw nyeri atuh, Méy.” Kuring ngocéak.
                Ti geréja bélok ngénca, sajajalan ngobrol ngalér ngidul. Teu hayang ngebut sanajan jalan kosong gé da anteng ku obrolan. Pas manggih jalan macét, teu méré aral, da di tukang aya Améy, resep we nu aya, motor seselendep dina sela  mobil néang pijalaneun. Datang  ka tukang batagor Langsung pesen dua porsi.
                “Ka Gramedia téh, dé mésér naon tadi téh?” kuring muka obrolan.
                “Buku naon wé bébas. Nu penting ngeunaan novel rumaja. Ké diresénsi teras dikumpulkeun.” Améy nerangkeun.
                Kuring merhatikeun Améy nu keur ngabahas carana ngaresensi. Gemet. Resep ka Améy téh, lian ti handap asor, ngobrol ogé sok ku bahasa Sunda anu lemes. Éta nu nyababkeun kuring resep ka manéhna.
                “Améy émang bisa gitu bikin resensi?”
                “Ih, meni memelayuan. Sebeel. Tiasa atuh, pan tos diajarkeun. Aya contona gé dina buku Pakét Bahasa Indonesia, kantun dipelajari wé.”
                “Hihi. Kabogoh Angga téa pinter.” Kuring ngajembél pipina. Hayu ah, ngopi heula batagor, Angga mah lapar.” Kuring nyodorkeun batagor ka manéhna.
*
                “Tadi tos panggih jeung Améy?” Ema nanya   basa nepi ka imah.
                “Saur saha, Ma?” kuring malik nanya. Kalacat ka tengah imah. Neundeun helm luhureun lomari. Rada reuwas ku pananya Ema, ngan api-api kalem.
                “Ah teu kudu apal ti saha-sahana. Ema mah moal ngulah-ngulah ka Angga panggih jeung Améy.  Angga leuwih apal hadé goréngna.”  Ema ngoloyong ka dapur.
                Kuring ngagoloyoh kana kasur, ngadon ngahérang. Kabungah karék panggih jeung Améy baganti ku hariwang, hariwang Abah apal yén kuring panggih jeung Améy. Kumaha lamun Ema nyaritakeun yén kuring bareng  jeung Améy. Abah geus omat-omatan sangkan kuring mutuskeun hubungan. Tapi da kuring nyaah pisan ka Améy, matakna sok ngelemet wé papanggihan ogé.
                “Ema, apal ti saha Angga pendak jeung Améy?” Ngawanikeun nanya waktu di dapur. 
                “Ti Abah.”
                “Ti Abah?” kuring reuwas. “Kumaha atuh, Ma?”
                “Teu kukumaha. Anggur solat heula jig,  bisi leuir. Tuh, sarungna anyar nyeuseuh.”
                Réngsé solat Magrib rék ngaleos.  Ngan Abah asup ka kamar.
“Urang ngaderes heula.” Abah mikeun Qur’an ka kuring.
                Duaan ngaderes. Kuring ngan sakeudeung ngaji. Asa tagtégtog. Ka dituna ngadengékeun Abah. Sora  gumeter kadang halon kandang tarik semu ngajerit, nyeuitan ati kuring.   Gambaran Ema jeung Abah piligenti némbongan. Cipanon teu kaampeuh bedah.
                “Mey hampura nya.” Gerentes haté. Ngasupkeun amplop kana buku Améy. Amplop nu di luarna ditulisan Keur Améy.***

Profil Penulis
Nina Rahayu Nadea. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Karyanya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat Yogyakarta, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Banyuwangi, Jabar Ekspres, Majalah Geliat, Rakyat Sultra-Sulawesi Tenggara,  Koran Pantura Probolinggo, Majalah Cianjur, Koran Haluan Sumatera, dll