Dimuat di Majalah Mangle, 12-19 Maret 2020 |
Keur Améy
Ku Nina Rahayu Nadéa
Locéng
geréja
tangara kebaktian dimimitian kadéngé. Kuring néang
tempat anu sepi. Gék diuk na bangku handapeun tangkal buah. Mukaan buku pakét
Bahasa Indonesia anu tadi dititipkeun ku Améy. Teuing sabaraha lila kuring nunggu Améy
da tonggoy maca.
“Agan....”
“Ih,
naha bérés
deui?” kuring neuteup hareupeun teu ngiceup.
“Agan,
ngadon ningali Méy. Méy jadi géé,” Améy seuri.
“Tong
seuri, Méy.
Pas beunta ké
Agan ngaleungit.” Kuring ngaheureuyan manéhna.
“Geuleuh
Agan mah. Hayu atuh ka mana ayeuna?”
“Urang
jalan-halan nya. Améy bade ka mana?”
Manéhna
ngahuleng.
“Jajan
heula batagor Isan nya. Tah ti dinya urang ka Gramédia. Méy aya tugas ngaresénsi.
Ngan kedah mésér
heula bukuna.”
“Hayu...
Agan siap mengantar Néng Améy yang pétét ka mana waé.”
“Ah,
Agan mah.” Améy nyiwit cangkéng bari clé ka nu motor.
“Wadaaw
nyeri atuh, Méy.” Kuring ngocéak.
Ti
geréja
bélok
ngénca,
sajajalan ngobrol ngalér ngidul. Teu hayang ngebut sanajan jalan kosong gé
da anteng ku obrolan. Pas manggih jalan macét, teu méré
aral, da di tukang aya Améy, resep we nu aya, motor seselendep dina sela mobil néang pijalaneun. Datang ka tukang batagor Langsung pesen dua porsi.
“Ka
Gramedia téh,
dé
mésér
naon tadi téh?”
kuring muka obrolan.
“Buku
naon wé
bébas.
Nu penting ngeunaan novel rumaja. Ké diresénsi teras dikumpulkeun.” Améy
nerangkeun.
Kuring
merhatikeun Améy nu keur ngabahas carana ngaresensi. Gemet. Resep ka Améy
téh,
lian ti handap asor, ngobrol ogé sok ku bahasa Sunda anu lemes. Éta
nu nyababkeun kuring resep ka manéhna.
“Améy émang
bisa gitu bikin resensi?”
“Ih,
meni memelayuan. Sebeel. Tiasa atuh, pan tos diajarkeun. Aya contona gé
dina buku Pakét Bahasa Indonesia, kantun dipelajari wé.”
“Hihi.
Kabogoh Angga téa pinter.” Kuring ngajembél pipina. Hayu ah, ngopi heula
batagor, Angga mah lapar.” Kuring nyodorkeun batagor ka manéhna.
*
“Tadi
tos panggih jeung Améy?” Ema nanya basa nepi ka imah.
“Saur
saha, Ma?” kuring malik nanya. Kalacat ka tengah imah. Neundeun helm luhureun
lomari. Rada reuwas ku pananya Ema, ngan api-api kalem.
“Ah
teu kudu apal ti saha-sahana. Ema mah moal ngulah-ngulah ka Angga panggih jeung
Améy.
Angga leuwih apal hadé goréngna.” Ema ngoloyong ka dapur.
Kuring
ngagoloyoh kana kasur, ngadon ngahérang. Kabungah karék
panggih jeung Améy baganti ku hariwang, hariwang Abah apal yén
kuring panggih jeung Améy. Kumaha lamun Ema nyaritakeun yén kuring bareng jeung Améy. Abah geus omat-omatan
sangkan kuring mutuskeun hubungan. Tapi da kuring nyaah pisan ka Améy,
matakna sok ngelemet wé papanggihan ogé.
“Ema,
apal ti saha Angga pendak jeung Améy?” Ngawanikeun nanya waktu di dapur.
“Ti
Abah.”
“Ti
Abah?” kuring reuwas. “Kumaha atuh, Ma?”
“Teu
kukumaha. Anggur solat heula jig, bisi
leuir. Tuh, sarungna anyar nyeuseuh.”
Réngsé solat
Magrib rék
ngaleos. Ngan Abah asup ka kamar.
“Urang ngaderes
heula.” Abah mikeun Qur’an ka kuring.
Duaan
ngaderes. Kuring ngan sakeudeung ngaji. Asa tagtégtog. Ka dituna ngadengékeun
Abah. Sora gumeter kadang halon kandang
tarik semu ngajerit, nyeuitan ati kuring. Gambaran
Ema jeung Abah piligenti némbongan. Cipanon teu kaampeuh bedah.
“Mey
hampura nya.” Gerentes haté. Ngasupkeun amplop kana buku Améy. Amplop nu di luarna
ditulisan Keur Améy.***
Profil
Penulis
Nina Rahayu Nadea. Menulis dalam bahasa
Indonesia dan bahasa Sunda. Karyanya dimuat di:
Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa
Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh,
Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang,
Galura, Tabloid Ganesha, Tribun Jabar,
Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah
Guneman, Sastra Sumbar, Majalah Bobo,
Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat Yogyakarta, Solo Pos, Joglo Semar,
Radar Banyuwangi, Jabar Ekspres, Majalah Geliat, Rakyat Sultra-Sulawesi
Tenggara, Koran Pantura Probolinggo,
Majalah Cianjur, Koran Haluan Sumatera, dll
Tidak ada komentar:
Posting Komentar