Rabu, 17 Juni 2020

Rumaja Milenial SMK Ciamis


Rumaja Milénial SMK  BeNC Ciamis
Ku Nina Rahayu Nadéa

                Geus arang rumaja anu gedé kanyaahna kana budaya Sunda. Lolobana para rumaja ayeuna milih ancrub ka dunya masa kini, dunya rumaja anu ceuk maranéhna bakal ngaleungitkeun  kapanasaranana. Tapi teu kitu pikeun rumaja di SMK BeNC Ciamis, geus katangen deudeuh jeung nyaahna ngamumulé budaya Sunda.
Anu jadi siswana, lian tinu deukeut aya ogé anu jauh, ti Banjarsari, Rancah, Cisaga, Parigi, Cijulang.  Sanajan jumlah muridna kurang ti 20  tapi teu ngajadikeun leutik haté, anggur paheuyeuk leungeun ngolah rasa maheutkeun beungkeutan sangkan terus ngembangkan kreativitas. Katangen kagiatan anu geus dirintis téh mingkin nyambuangkeun seungit, jadi kareueus saréréa.
Jurusan  di SMK BeNC téh Seni Karawitan Sunda, tapi dina kaparigelanana heunteu waé ukur dina seni nu dimaksud. Dina ngabagéakeun anu datang misalna teu weléh disuguhan ku rupaning pangabisa; maén angklung babarengan, rupaning tarian jeung lainna. Anu leuwih ajrihna   para rumaja di SMK BeNC népakeun élmuna ka siswa siswi SD nu aya di sabudeureun kampus.
"Ayeuna tos dua angkatan. Per angkatan 8 SD, latihanana tiap poé Saptu jeung Minggu," Ceuk Ketua Yayasan.
Dina prak-prakanana, Kegiatan Belajar Mengajar (KBM) teu ditarik waragad alias haratis. Keur nyanghareupan Ujian Nasional, supaya standarisasi kompeténsi teu katinggaleun, siswa kelas 12  dititipkeun di SMKN 10 Bandung salaku pembina.
"Sok sanaos keur yayasan mah nambah résiko biaya lantaran  kudu ngontrak imah jeung sagalana, tapi demi ningkatken ajén pendidikan, hal éta dicumponan,” Ceuk Dewan Pembina.
  Kaayeunakeun  aya dukungan ti sababaraha sanggar seni ogé rumah makan méré fasilitas keur nguatkeun kompeténsi para siswa bari diajar produktif.
Suksésna siswa BeNC tinangtu ku pangrojong guruna.  Guru nu aya di SMK BeNC Ciamis lolobana urang Ciamis. Muasal  ti Universitas anu teu bireuk deui: ISBI, UPI, UNSIL sarta UNIGAL.
                Dina raraga miéling poé basa indung  sadunya ieu sakola nyieun acara anu kacida hadéna. Minangka acarana: 1) saréséhan jeung latihan nulis aksara sunda tina manual nepi ka digital, 2) saréséhan jeung latihan rupa-rupa iket sunda, 3) mintonkeun lagu sunda dina wanda pélog jeung saléndro, 4) pamilon  diajak ulin kaulinan urang lembur.
                Katangen daria jeung soson-soson para rumaja ngiluan ieu acara. Ngobrol basa Sunda.  Reueus enyaan. Tong boroning nulis aksara Sunda dalah ngomong dina basa Sunda pikeun rumaja  kiwari mah  sigana geus éra.  Katoong dina kahirupan sapopoé, lolobana  ngomong ku basa Indonesia. Da hayang dianggap gaul téa.
Ku alpukahna Nonoman Galuh anu dipupuhuan ku Tendi - Komunitas barudak ngora Ciamis anu béla ngaraksa budaya sunda, khususna aksara sunda, kagiatan ieu bisa lumangsung kalawan lancar. Ari kagiatanana dilaksanakeun di gedung KawaSSunda SMK BeNC Ciamis anu pernahna di Jl.Sukalena Desa/Kec.Cijeungjing Kab. Ciamis.
Anu ngaluuhan ieu acara lian ti siswa  jeung guru SMK BeNC ogé siswa ti sababaraha SMP/MTS sarta ti komunitas Sakola Motékar. Ngahaja dina miéling poé basa indung sadunya taun ayeuna Nonoman Galuh  kolaborasi jeung SMK BeNC  sabab boga  misi jeung visi anu sarua dina hal kasundaan. Hadir dina ieu kagiatan: Ketua Dewan Pembina Dr. H Elih Sudiapermana, M.Pd, Ketua Pengurus Yayasan Drs.Endang Cece, M.Pd.
Keur kahareupna tinangtu butuh pangrojong sangkan sakola  bisa maju tur  gedé mangpaatna pikeun balaréa. Kukituna keur dirancang samodél 'Teaching Factory'  maké gagasan KawaSSunda,  kawasan wisata édukasi berbasis seni budaya sunda.
Mugia waé dina leungeun para rumaja milénial SMK BeNC gaur Kisunda mingkin ngaronjat. Rumaja milénial lain waé ukur ngagulkeun sarana digital wungkul  tapi  mampuh ngagunakeun sarana digital  pikeun hal anu mangpaat utamana dina ningkatkeun ajén Kisunda.***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar