Tampilkan postingan dengan label Artikel Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Artikel Sunda. Tampilkan semua postingan

Rabu, 20 Januari 2021

 

Galura No.26 Edisi III November 2020. Alhamdulillah. 


 

Dasboard Monitoring System Pikeun Ngawaskeun Sakola

Wakil Walikota Bandung Yana Mulyana muka acara Sosialisasi Persiapan Akreditasi Periode Tahun 2021 pada Kegiatan Pengembangan dan Tata Kelola Penyelenggaraan Sekolah Gratis SMP di GH Universal Hotel Jl. Setiabudi No. 376 Bandung,  Rebo 11 November 2020. 

            Yana Mulyana dina sambutanana ngaaprésiasi kagiatan anu dilaksanakeun ku Disdik Kota Bandung, inyana ngadadarkeun yén pendidikan mangrupakeun invéstasi  anu kacida pentingna pikeun urang saréréa tur hasilna bisa dirasakeun dina jangka pendek ogé jangka panjang utamana dina hal ngabentuk karakter.

“Sakola mangrupa ruang kréativitas nu kudu diperhatikeun, ku kituna kudu dinomorhijikeun perkara  étika,” tandes Yana.  

            Hadir dina ieu kagiatan Kepala Dinas Pendidikan Kota Bandung Hikmat Ginanjar, Sekretaris Dinas Pendidikan Kota Bandung Cucu Saputra tur pejabat struktural lainna.

Hikmat Ginanjar dina laporanana miharep kagiatan ieu bisa ningkatkeun kualitas kaimanan ka Alloh SWT ogé  ningkatkeun kualitas layanan ka siswa-siswi hususna.

“Sanajan covid, lain harti barudak heunteu diajar, tapi PBM angger lumangsung  ngaliwatan PJJ. Kitu deui dina hal méré layanan, kudu leuwih dihangkeutkeun,” tandes Hikmat.

Sekertaris Dinas Pendidikan Kota Bandung Cucu  Saputra dina pedaranana ngécéskeun yén pikeun ngahontal tujuan pendidikan anu geus ditangtukeun, butuh dukungan ti sakabéh partisipasi publik. Aprésiasi nu kacida gedéna ka para guru anu geus ngalaksanakeun kawajibanana, ku cara méré layanan.

            Kaitannya jeung akreditsi, Dedi Sumiadi salaku narsumber mertélakeun yén mekanisme akreditasi nyaéta:  1) Sosilisasi IASP dan pelaksanaan akreditasi 2)  Asesmen kecukupan sasaran kreditasi 3) Visitasi ke sekolah/madrasah 4) Validasi proses dan hasil visitasi 5) Verifikasi hasil validasi & penyusunan  rekomendasi 6) Penetepan hasil dan rekomendasi akreditasi 7) Pengumuman hasil akreditasi 8) Penerbitan sertifikat akreditasi & rekomendasi.

            Ka hareupna BANSM Provinsi ngawaskeun sakola cukup ningali Dasboard monitoring system.  Sakola teu kudu divisitasi sacara langsung. Dashboard monitoring System mangrupakeun   kolaborasi antara Dapodik, SPMI, Emis,  AKMSK (Assemen Kompetensi Minimum jeung Survei Karakter).

            Salaku narasumber dina ieu kagiatan nyaéta Nana Tursino (Kepala Bidang Penyelenggaraarn Perizinan dan Non perizinan) - Sosialisasi OSS (Online Single Submission). Dedi Sumiadi–Pengenalan Sistem Akreditasi, Asep Sodikin - POS Pelaksanaan Akreditasi, Dadang Hendrana - Pengenalan Instrumen Akreditasi Satuan Pendidikan  (IASP) 2020.

Para pamilon nu ngaluuhan ieu acara nyaéta Kepala Sekolah Negeri nu aya di Kota Bandung sarta 43 Pengawas SMP Kota Bandung.  Sedengkeun pamilon Kepala Sekola Swasta SMP di Kota Bandung ngaluuhan ieu acara dina poé Kemis, 12 November 2020 nu lumangsung di Prime Park Hotel Bandung, Jl. PHH Mustofa  No 47/57 Bandung. *** Nina Rahayu Nadea. Email: ninarahayunadea@gmail.com

Rabu, 17 Juni 2020

Rumaja Milenial SMK Ciamis


Rumaja Milénial SMK  BeNC Ciamis
Ku Nina Rahayu Nadéa

                Geus arang rumaja anu gedé kanyaahna kana budaya Sunda. Lolobana para rumaja ayeuna milih ancrub ka dunya masa kini, dunya rumaja anu ceuk maranéhna bakal ngaleungitkeun  kapanasaranana. Tapi teu kitu pikeun rumaja di SMK BeNC Ciamis, geus katangen deudeuh jeung nyaahna ngamumulé budaya Sunda.
Anu jadi siswana, lian tinu deukeut aya ogé anu jauh, ti Banjarsari, Rancah, Cisaga, Parigi, Cijulang.  Sanajan jumlah muridna kurang ti 20  tapi teu ngajadikeun leutik haté, anggur paheuyeuk leungeun ngolah rasa maheutkeun beungkeutan sangkan terus ngembangkan kreativitas. Katangen kagiatan anu geus dirintis téh mingkin nyambuangkeun seungit, jadi kareueus saréréa.
Jurusan  di SMK BeNC téh Seni Karawitan Sunda, tapi dina kaparigelanana heunteu waé ukur dina seni nu dimaksud. Dina ngabagéakeun anu datang misalna teu weléh disuguhan ku rupaning pangabisa; maén angklung babarengan, rupaning tarian jeung lainna. Anu leuwih ajrihna   para rumaja di SMK BeNC népakeun élmuna ka siswa siswi SD nu aya di sabudeureun kampus.
"Ayeuna tos dua angkatan. Per angkatan 8 SD, latihanana tiap poé Saptu jeung Minggu," Ceuk Ketua Yayasan.
Dina prak-prakanana, Kegiatan Belajar Mengajar (KBM) teu ditarik waragad alias haratis. Keur nyanghareupan Ujian Nasional, supaya standarisasi kompeténsi teu katinggaleun, siswa kelas 12  dititipkeun di SMKN 10 Bandung salaku pembina.
"Sok sanaos keur yayasan mah nambah résiko biaya lantaran  kudu ngontrak imah jeung sagalana, tapi demi ningkatken ajén pendidikan, hal éta dicumponan,” Ceuk Dewan Pembina.
  Kaayeunakeun  aya dukungan ti sababaraha sanggar seni ogé rumah makan méré fasilitas keur nguatkeun kompeténsi para siswa bari diajar produktif.
Suksésna siswa BeNC tinangtu ku pangrojong guruna.  Guru nu aya di SMK BeNC Ciamis lolobana urang Ciamis. Muasal  ti Universitas anu teu bireuk deui: ISBI, UPI, UNSIL sarta UNIGAL.
                Dina raraga miéling poé basa indung  sadunya ieu sakola nyieun acara anu kacida hadéna. Minangka acarana: 1) saréséhan jeung latihan nulis aksara sunda tina manual nepi ka digital, 2) saréséhan jeung latihan rupa-rupa iket sunda, 3) mintonkeun lagu sunda dina wanda pélog jeung saléndro, 4) pamilon  diajak ulin kaulinan urang lembur.
                Katangen daria jeung soson-soson para rumaja ngiluan ieu acara. Ngobrol basa Sunda.  Reueus enyaan. Tong boroning nulis aksara Sunda dalah ngomong dina basa Sunda pikeun rumaja  kiwari mah  sigana geus éra.  Katoong dina kahirupan sapopoé, lolobana  ngomong ku basa Indonesia. Da hayang dianggap gaul téa.
Ku alpukahna Nonoman Galuh anu dipupuhuan ku Tendi - Komunitas barudak ngora Ciamis anu béla ngaraksa budaya sunda, khususna aksara sunda, kagiatan ieu bisa lumangsung kalawan lancar. Ari kagiatanana dilaksanakeun di gedung KawaSSunda SMK BeNC Ciamis anu pernahna di Jl.Sukalena Desa/Kec.Cijeungjing Kab. Ciamis.
Anu ngaluuhan ieu acara lian ti siswa  jeung guru SMK BeNC ogé siswa ti sababaraha SMP/MTS sarta ti komunitas Sakola Motékar. Ngahaja dina miéling poé basa indung sadunya taun ayeuna Nonoman Galuh  kolaborasi jeung SMK BeNC  sabab boga  misi jeung visi anu sarua dina hal kasundaan. Hadir dina ieu kagiatan: Ketua Dewan Pembina Dr. H Elih Sudiapermana, M.Pd, Ketua Pengurus Yayasan Drs.Endang Cece, M.Pd.
Keur kahareupna tinangtu butuh pangrojong sangkan sakola  bisa maju tur  gedé mangpaatna pikeun balaréa. Kukituna keur dirancang samodél 'Teaching Factory'  maké gagasan KawaSSunda,  kawasan wisata édukasi berbasis seni budaya sunda.
Mugia waé dina leungeun para rumaja milénial SMK BeNC gaur Kisunda mingkin ngaronjat. Rumaja milénial lain waé ukur ngagulkeun sarana digital wungkul  tapi  mampuh ngagunakeun sarana digital  pikeun hal anu mangpaat utamana dina ningkatkeun ajén Kisunda.***

Kamis, 28 Desember 2017

Nganjang ka Sakola Dolan

Dimuat di Majalah Mangle, 21-28 Desember 2017.



Nganjang ka Sakola Dolan
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Sababaraha waktu kaliwat rombongan Dinas Pendidikan Kota Bandung anu diluluguan ku Kepala Dinas Pendidikan Kota Bandung, DR. H.Elih Sudiapermana, M.Pd nganjang ka Sakola Dolan anu aya di Malang pernahna di Bukit Tidar, Merjosari Kec. Lowokwaru Kota Malang.
                Rombongan ditampa kalawan daria ku pupuhu lembaga. Lukman Hakim. Kabéh pamilon saregep ngabandungan biantara ti pribumi. Kataji ku naon anu dipedar. Komo waktu siswa  Dolan mintonkeun kréativitasna, kabéh sigana hookeun. Moal aya nu nyangka yén di sakalo anu katangen biasa tapi jerona kacida luar biasa. Loba barudak ‘istiméwa’ anu saméméhna diharé-harékeun - tandang makalangan. Siswa anu mintonkeun kaparigelan harita diantarana Kenzie Setya Pratama Kelas 3– Drum, Patricia Grace Kelas 8 – Wushu, Kei Delilah Kelas 3 – komikus, Nadhief A. Fathoni  Kelas 7 – Tahfidz.
                Naon atuh kaunggulan sakola Dolan, nepi ka pada ngadeugdeug?
                Sakola Dolan boga tujuan pikeun  méré atikan dina waktu anu fléksibel. Hartina ngondisikeun jeung kamampuh barudak. Waktu diajar, kamampuh nampa materi jeung  hal lainna. Sangkan caina hérang laukna beunang. Heunteu waé ukur ngudang suksés dina hal kurikulum sacara formal tapi ogé ningkatkeun kamampuh widang séjén lian ti mata pelajaran. Teu anéh lamun ieu sakola boga kaunggulan dina widang séjén. Aya anu sukses dina widang Olahraga, musik, nulis, kulinér jeung réa réa deui.
                Sakola Dolan teu pipilih barudak. Anu daftar ka Dolan ditampa kalawan pinuh ku kaasih. Loba barudak anu pugag di sakola formal lantaran teu kuat  ngungkulan kurikulum ogé diraih. Digedékeun haténa, yén teu sanggup ngungkulan materi di formal téh lain hartina teu bisa. Lantaran sakabéh jalma tinangtu bisa, tinggal néang skill anu aya dina dirina.  Kajudi, teu sakabéh barudak anu sakola di formal mampuh  nyaluyukeun diri jeung kurikulum anu aya. Kabéh pelajaran boga acuan sorangan pikeun ngaréngsékeun kurikulum. Matematika, IPS, IPA jeung séjénna. Sanajan dina émprona loba kurikulum anu kacida beuratna pikeun barudak. Matematika - lebah perkalian can bérés  geus  datang deui materi anyar misalna pembagian. Kitu jeung kitu piligenti. Barudak anu IQ- niai kecerdasan luhur mah meureun teu jadi masalah sanajan kurikulum gunta ganti. Tapi lebah barudak anu teu mampuh? Ieu jadi masalah anu kacida gedéna. Loba nu teu eungeuh kumaha balukarna pikeun psikologis barudak nu siga kieu. Lemot, bodo, kekecapan  anu datang ti babaturanna sacara teu langsung. Barudak jadi korban bully, tah ieu anu antukna loba barudak teu betah cicing di sakola.
                ABK, Anak berkebutuhan khusus. Satuluyna di sakola Dolan mah disebutna budak istimewa. Lantaran dianggap yén barudak téh mibanda kaistimewaan, lain kakurangan. Ieu meureun anu nyababkeun barudak betah di sakola Dolan. Dolan muasal tina  bahasa Jawa anu hartina ulin. Ulin ka gunung, perpustakaan  néangan sumber élmu. Sakola lain hiji hijina tempat pikeun diajar. Tapi loba tempat lain anu bisa dipaké pikeun sumber diajar. Ulin tapi bari diajar. Nganggap sakola, lain pikeun ngepuk katugenah barudak tapi leuwih ti éta. Sakola téh tempat senangna barudak. Barudak bungah aya di lingkungan  sakola.
Lukman Hakim.  Kepala sakola anu ngahaja ngadegkeun ieu sakola. Lahir taun 1966. Moal nyangka kumaha kahirupan Lukman saméméhna. Karirna dimimitian di widang konsultan pembagunan. Kungsi gawé di hiji perusahan taraf nasional. Geus kajudi tinangtu lebah materi mah béda jeung kiwari. Ngan teu sapagodos jeung haté.    
Taun 2000 balik  deui ka Malang. Nyaba ka ditu ka dieu urusan gawé. Nu utamana néangan nu cop kana haté. Antukna taun 2006 naon anu ditéangan katimu. Katimu jeung kasugemaan haté. Sakola Dolan.
                Jiwa senina ngaguluyur. Ngadongéng jeung ngagambar jadi modal utama manéhna ancrub di dunya atikan. Hal ieu pisan nu nyababkeun gairah barudak pikeun nungtut elmu di Sakola Dolan nambahan.
                Pikeun nyumangetan barudak. Sakola Dolan remen ngayakeun kagiatan samisal seminar, paméran oge launching buku. Pameran anu ngahaja majang karya karya barudak  pikeun jadi conto tur panyumanget barudak anu lainna.  Némbongkeun ka balaréa yén barudak di dieu mampuh ngahasilkeun karya sarua jeung barudak séjénna anu sakola di formal.
                Dolan. Hiji sakolah anu mampuh ngunkulan masalah barudak. Nu cacah nu kaya anu IQNa  biasa nepi ka luar  biasa kabéh diaping dijaring.  Hiji tujuan. Sangkan barudak mampuh mekarkeun kaparigelan anu aya dina dirina kalawan maksimal.
                Prestasi  mimiti tingpucunghul. Jadi kasugema tim  Dolan oge kolot barudak.  Hiji komitmen anu dijieun ku tim Dolan nyaéta leuwih getén merhatikeun barudak. Lian ti éta anu leuwih penting nyaéta ngaraketkeun hubungan antara budak jeung kolot. Lantaran ieu salah sahiji konci pikeun  mulus rahayuna kahayang dina enggoning nanjeurkeun  kamotékaran barudak.
                Atikan di Sakola Dolan mémang luar biasa. Teu mandang kasta mana waé. Si pinter si bodo, si kaya si miskin, anu sampurna atawa istiméwa kabéh ditampa kalawan daria. Teu kudu lieur ku masalah kurikulum. Keun perkara kurikulum mah geus aya nu ngatur tapi salaku anu ngalaksanakeun di lapangan, kudu bisa milah  mana anu luyu jeung kamampuh barudak, mana anu kudu dibikeun atawa heunteu. Anu pasti kudu jadi kayakin, yén sakabéh jalma téh lahir istiméwa.  Béda jeung nu ngajar di formal anu  anteng jeung kurikulum. Bakating kalalanjoan ku masalah kurikulum, nepi ka  poho yén di sagigireun éta téh aya anu kacida pentingna,  yén  diajar téh lain ngan saukur ngajar wungkul tapi nu utamana ngabimbing baudak sangkan trampil dina widang séjén.
                Éta pisan anu nyababkeun naon pangna Disdik Kota Bandung ngadeugdeug  Kota Malang. Jauh teu panasaran.  Papanggihan pangaweruh anu mucekil.  Barudak kabéh istiméwa tinggal urang anu di lapangan ngungkulanana. Kamana budak téh loyogna. Kamana budak téh parigelna. Aping ku kaasih nepi ka jejem dina widangna. Insya alloh laksana nu diseja.***



                Nina Rahayu Nadéa. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Tulisannya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Bayuwangi, dll


Rabu, 27 Desember 2017

Sumanget Nulis

Kolom dimuat di Majalah Mangle, No 2639. Agustus 2017


Kolom Rumaja
Sumanget Nulis
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Loba rumaja anu sabenerna hayang ngamekarkeun kaparigelan anu aya di dirina utamana dina widang tinulis. Namun can apal kumaha carana. Loba nu nyangka yén dimuatna hiji karya téh gumantung kana deukeut jeung deuheusna   pangarang ka pihak redaksi.
                Pamikiran  négatif.  Kudu néang tarékah séjén anu bakal ngaleungitkeun éta Kamandang. Hal anu babari pikeun ngamekarkeun kahayang, salah sahijina nyaéta gabung jeung komunitas anu aya patalina jeung widang tinulis.  Jaman téhnologi globalisasi siga ayeuna. Ngababarikeun pikeun aub kana  komunitas.  Sanajan teu bisa macangkrama sacara langsung tong salempang, perkara  Silihsimbeuh dina widang nulis mah geus teu kudu dicatur. Nu teu pédé nulis bakal langsung katoél haténa atuh antukna jadi ulubiung pipilueun dina widang nulis. Komo ningali karya anu diapungkeun mah pasti aya sumanget anu ngagedur. Kumejot Hayang geura bisa.
Aub jeung komunitas. Dipiharep bakal ngawanohkeun jeung jalma anu boga kaparigelan  sarua. Bisa silihsimbeuhan sumanget nu utamana mah. Tapi poma tong kalalanjoan.  Tong saukur  ngobrol ngariung  teu puguh. Chatingan, facebookan nuluy nepi ka poho kana waktu. Mangfaatkeun waktu keur ngobrol dina hal tutulisan téa. Ti gubrag ka alam dunya bakat mémang geus aya. Geus kapimilik ku masing masing jalma. Ngan pamustunganna tinggal urang anu nangtukeun naha rék angger mekarkeun éta bakat atawa  rék ngalatih  widang lain. Atuh dina prungna kudu yakin ka diri sorangan bari jeung mraktékeun sacara langsung kagiatan nulis. Ngariung penting keur nambahan amunisi nulis tapi leuwih pentingna ngahasilkeun karya.  
Nulis anu pangbabarina nyaéta nulis naon anu kaalaman. Tulis naon anu dirasakeun. Ditingali jeung anu kaalaman. Éta leuwih gedé mangpaatna lantaran babari ngembangkeun. Tur bakal karasa geterna ku nu maca. Teu anéh lamun mangsa rumaja kacida dalitna jeung téma cinta. Da éta pisan anu kaalaman jeung karasa dina kahirupan saumurna. Alus. Tinggal kembangkeun waé.
                Disiplin nulis. Salah sahiji hal lain anu bakal nyababkeun  terus produktif. Tong waka mikir naha tulisan urang layak muat atawa heunteu. Alus atawa heunteu. Nu penting  ngadisiplinkeun heula diri pikeun terus nulis. Ditambah percaya diri. Rék kumaha nyaho tulisan urang alus heunteuna atawa layak muat heunteuna lamun  teu pédé nyieun tulisan.  
                Kudu diinget nulis téh lain pagawéan anu instan hartina bisa dihasilkeun kalawan énténg. Tapi ngabutuhkeun prosés. Aub jeung komunitas minangka salah sahiji cara pikeun mekarkeun kadariaan urang méh pangaweruh ngeunan tinulis bisa mekar.  Tapi tong pundung lamun pas dina hij waktu tepung lawung paamprok jonghok aya kekecapan anu rada nyigeung ti nu tepung. Nu nyababkeun bolayna kahayang urang pikeun ngembangkeun karya tea. Anggap naon rupa anu karandapan teh pikeun uji mental.  Tong nepi ka jadi boboleh lantaran miss comunication téa. Bisa waé maksudna heureuy tapi katampana béda. 
Bad mood? Pasti mindeng kaalaman.  Kumaha carana pikeun ngungkulan hal ieu? Tinggalkeun kagiatan nulis saheulaanan. Lakukan kagiatan  lain anu dipikaresep lian ti nulis. Jalan jalan, kuliner atawa maca buku. Naon waé nu penting bisa ninggalkeun rasa jenuh tina nulis. Lamun suasana geus rada meueusan langsung nulis deui.  Tangtu waé tina reureuh, aktivitas nulis téh sok rada horéam nulis. Anggap wé tatahar deui. Léléngkah deui nulis saeutik saeutik. Teu nanaon rék saparagrap dua paragrap gé. Asal rutin. Ké lamun kaayaan haté geus janglar saratus persén tinangtu sumanget nulis  bakal datang deui. Dina waktu kieu, manfaatkeun kalawan hadé. Nulis naon waé anu aya dina pikiran tong diengkékeun deui. Keun wé teu langsung jadi ogé. Di  poé lain mah tinangtu tulisan urang bakal kapaké.  
                Cara néangan ide mah gampang. Bisa maca buku, maca sakuriling anu aya di lingkungan urang. Bisa  macaan status batur jeung réa réa deui. Asal urang daék ngolahna tinangtu bakal kaala hasilna.  “Teu aya nu anyar dina handapeun panonpoé” Kasauran sastrawan H. Usep Romli, bisa jadi pamecut keur urang kabéhanana. Yén saha waé gé bisa diajar. Bisa maca naon rupa anu aya di lingkungan deukeut urang. Tinggal ngolahna waé.
                Ningali karya batur anu diapungkeun misalna waé dina éfbi, blog atawa media sosial lainna bisa jadi panyumanget keur urang sangkan bisa siga maranéhna. Matakna tong anéh lamun aya penulis anu sok ngapungkeun poto tulisanna. Meureun di satukangeunna éta téh aya kahayang. Sangkan batur kabitaeun. Atuh geus kitu mah meureun nu ningalina,  nyoba nyoba diajar nulis. Tong disebut sombong atawa gedé hulu lamun aya nu sok ngapungkeun karya téh. Urang cokot  sisi positipna.
                Yakin urang bisa nulis? Yakin. Inget, Thomas Alva Edison anu kasohor ku panaluntikan  ngeunaan bola lampu. Teu langsung kasohor kitu waé, tapi ku sumanget anu ngagedur. Ngaliwatan maca buku anu teteterusan. Teu eureun, teu épés méér basa karya anu dipiharepna gagal. Latihan terus nepi ka  ngahasilkeun. Wejangan Alva Edison kudu diinget, yén suksés téh diwangun ku  1% bakat jeung 99% kerja keras.*** 

Nina Rahayu Nadéa. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Tulisannya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Banyuwangi, Haluan-Sumatera, Koran Waktu, dll