Rabu, 27 Desember 2017

Sumanget Nulis

Kolom dimuat di Majalah Mangle, No 2639. Agustus 2017


Kolom Rumaja
Sumanget Nulis
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Loba rumaja anu sabenerna hayang ngamekarkeun kaparigelan anu aya di dirina utamana dina widang tinulis. Namun can apal kumaha carana. Loba nu nyangka yén dimuatna hiji karya téh gumantung kana deukeut jeung deuheusna   pangarang ka pihak redaksi.
                Pamikiran  négatif.  Kudu néang tarékah séjén anu bakal ngaleungitkeun éta Kamandang. Hal anu babari pikeun ngamekarkeun kahayang, salah sahijina nyaéta gabung jeung komunitas anu aya patalina jeung widang tinulis.  Jaman téhnologi globalisasi siga ayeuna. Ngababarikeun pikeun aub kana  komunitas.  Sanajan teu bisa macangkrama sacara langsung tong salempang, perkara  Silihsimbeuh dina widang nulis mah geus teu kudu dicatur. Nu teu pédé nulis bakal langsung katoél haténa atuh antukna jadi ulubiung pipilueun dina widang nulis. Komo ningali karya anu diapungkeun mah pasti aya sumanget anu ngagedur. Kumejot Hayang geura bisa.
Aub jeung komunitas. Dipiharep bakal ngawanohkeun jeung jalma anu boga kaparigelan  sarua. Bisa silihsimbeuhan sumanget nu utamana mah. Tapi poma tong kalalanjoan.  Tong saukur  ngobrol ngariung  teu puguh. Chatingan, facebookan nuluy nepi ka poho kana waktu. Mangfaatkeun waktu keur ngobrol dina hal tutulisan téa. Ti gubrag ka alam dunya bakat mémang geus aya. Geus kapimilik ku masing masing jalma. Ngan pamustunganna tinggal urang anu nangtukeun naha rék angger mekarkeun éta bakat atawa  rék ngalatih  widang lain. Atuh dina prungna kudu yakin ka diri sorangan bari jeung mraktékeun sacara langsung kagiatan nulis. Ngariung penting keur nambahan amunisi nulis tapi leuwih pentingna ngahasilkeun karya.  
Nulis anu pangbabarina nyaéta nulis naon anu kaalaman. Tulis naon anu dirasakeun. Ditingali jeung anu kaalaman. Éta leuwih gedé mangpaatna lantaran babari ngembangkeun. Tur bakal karasa geterna ku nu maca. Teu anéh lamun mangsa rumaja kacida dalitna jeung téma cinta. Da éta pisan anu kaalaman jeung karasa dina kahirupan saumurna. Alus. Tinggal kembangkeun waé.
                Disiplin nulis. Salah sahiji hal lain anu bakal nyababkeun  terus produktif. Tong waka mikir naha tulisan urang layak muat atawa heunteu. Alus atawa heunteu. Nu penting  ngadisiplinkeun heula diri pikeun terus nulis. Ditambah percaya diri. Rék kumaha nyaho tulisan urang alus heunteuna atawa layak muat heunteuna lamun  teu pédé nyieun tulisan.  
                Kudu diinget nulis téh lain pagawéan anu instan hartina bisa dihasilkeun kalawan énténg. Tapi ngabutuhkeun prosés. Aub jeung komunitas minangka salah sahiji cara pikeun mekarkeun kadariaan urang méh pangaweruh ngeunan tinulis bisa mekar.  Tapi tong pundung lamun pas dina hij waktu tepung lawung paamprok jonghok aya kekecapan anu rada nyigeung ti nu tepung. Nu nyababkeun bolayna kahayang urang pikeun ngembangkeun karya tea. Anggap naon rupa anu karandapan teh pikeun uji mental.  Tong nepi ka jadi boboleh lantaran miss comunication téa. Bisa waé maksudna heureuy tapi katampana béda. 
Bad mood? Pasti mindeng kaalaman.  Kumaha carana pikeun ngungkulan hal ieu? Tinggalkeun kagiatan nulis saheulaanan. Lakukan kagiatan  lain anu dipikaresep lian ti nulis. Jalan jalan, kuliner atawa maca buku. Naon waé nu penting bisa ninggalkeun rasa jenuh tina nulis. Lamun suasana geus rada meueusan langsung nulis deui.  Tangtu waé tina reureuh, aktivitas nulis téh sok rada horéam nulis. Anggap wé tatahar deui. Léléngkah deui nulis saeutik saeutik. Teu nanaon rék saparagrap dua paragrap gé. Asal rutin. Ké lamun kaayaan haté geus janglar saratus persén tinangtu sumanget nulis  bakal datang deui. Dina waktu kieu, manfaatkeun kalawan hadé. Nulis naon waé anu aya dina pikiran tong diengkékeun deui. Keun wé teu langsung jadi ogé. Di  poé lain mah tinangtu tulisan urang bakal kapaké.  
                Cara néangan ide mah gampang. Bisa maca buku, maca sakuriling anu aya di lingkungan urang. Bisa  macaan status batur jeung réa réa deui. Asal urang daék ngolahna tinangtu bakal kaala hasilna.  “Teu aya nu anyar dina handapeun panonpoé” Kasauran sastrawan H. Usep Romli, bisa jadi pamecut keur urang kabéhanana. Yén saha waé gé bisa diajar. Bisa maca naon rupa anu aya di lingkungan deukeut urang. Tinggal ngolahna waé.
                Ningali karya batur anu diapungkeun misalna waé dina éfbi, blog atawa media sosial lainna bisa jadi panyumanget keur urang sangkan bisa siga maranéhna. Matakna tong anéh lamun aya penulis anu sok ngapungkeun poto tulisanna. Meureun di satukangeunna éta téh aya kahayang. Sangkan batur kabitaeun. Atuh geus kitu mah meureun nu ningalina,  nyoba nyoba diajar nulis. Tong disebut sombong atawa gedé hulu lamun aya nu sok ngapungkeun karya téh. Urang cokot  sisi positipna.
                Yakin urang bisa nulis? Yakin. Inget, Thomas Alva Edison anu kasohor ku panaluntikan  ngeunaan bola lampu. Teu langsung kasohor kitu waé, tapi ku sumanget anu ngagedur. Ngaliwatan maca buku anu teteterusan. Teu eureun, teu épés méér basa karya anu dipiharepna gagal. Latihan terus nepi ka  ngahasilkeun. Wejangan Alva Edison kudu diinget, yén suksés téh diwangun ku  1% bakat jeung 99% kerja keras.*** 

Nina Rahayu Nadéa. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Tulisannya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Banyuwangi, Haluan-Sumatera, Koran Waktu, dll

Tidak ada komentar:

Posting Komentar