Rabu, 27 Desember 2017

Di Hiji Hotel

Carpon Misteri, Mangle September 2017


Di Hiji Hotél
Ku Nina Rahayu Nadéa

                “Hii... tos,  Téh,  ah. Tong ningalian nu kitu. Jadi sieun.” Kuring nutupkeun kampuh semet dada.  Kadituna ngadon ngahérang, inget kana bieu poto pikagilaeun. Beungeut  remek.Tina tarangna ngaley getih semu ngimpel. Panon bolotot pikasieuneun.
                “Ah, moga waé ieu mah ukur hoax.” Anjar mareuman HP. “Geus  Dewi  tong sieun. Moal mungkin jaman canggih. Di hotél berbintang, masih ngagunakeun nu teu masuk akal. Tong percaya kana wadal.”
                Atoh waktu diajak babaturan ka hiji acara nu diayakeun di hotél. Hotél anyar. Hotél panggedéna sakota Jayaparna. Salila ieu ngan saukur dina implengan bisa saré di hotel alus. Ngarasakeun kumaha nikmat jeung ngeunahna di hotél. Di imah mah apanan ngan sakitu kituna, jauh tina kaméwahan. Atuh, barang diajak ku babaturan téh, teu mikir dua kali langsung dienyakeun.
                Sapeupeuting méméh indit geus ngabayangkeun kumaha engké geus aya di hotél. Rék saré tibra dina kasur empuk.  Rék mandi lila di room decor shower curtain. Rék ngarasakeun daharan anu anéh tur ngareunah.
                Cunduk kana waktuna. Kuring geus anjog ka tempat anu dijangjian. Di parapatan, tempat kuring jangjian jeung Ira babaturan kuring anu ngajakan téa. Rada lila nungguan téh. Waktu manéhna nelepon. Diangkat.
                “Wi. Hampura. Sigana Ira moal ngilu ka ditu. Budak panas. Ayeuna kénéh kudu ka rumah sakit.“
                “Leuh kumaha atuh. “ Rada ngahuleng.
                “Tenang... da di ditu mah bakal loba batur. Tanyakeun wé ka résépsionisna kagiatan keur pelatihan ieu di mana. Ké gé bakal dituduhkeun tempatna di mana.”          
“Enya atuh. Muga budak sing gera cageur nya.”
                Megat taksi nu kabeneran ngaliwat.       
“Hotél Méga Utama, Pa.” Cekéng ka supir.
                “Nyalira waé, Bu?” supir tamba teuing heunteu meureun nanya ka kuring.
                “Muhun, Pa. Kedahna duaan ngan réréncangan teu tiasa angkat. Putrana teu damang.”
                “Ooh. Hotélna téh nembé diresmikeun minggon  kamari nya, Bu. Ku Presidén?”
                “Muhun. Kaleresan wé ti kantor réréncangan aya acara. Kedahna mah anjeunna nyalira. Ngan milari batur. Kaleresan abdi nu diajakna téh. Ngan hanjakal  anjeunna nu pokona teu ngiring.” Kuring nyarita. Rada reueus bisa asup ka hotél alus.
                “Panggangeungna sa Asia Tenggara saurna, Bu.  Matakna nu garesmikeunna gé présidén.”
                Ngobrol ngalér ngidul. Teu karasa. Tungtungna geus nepi di tempat. Hotél Méga Utama. Mobil eureun di lapang parkir. Teu sagawayah. Ditanya kaperluanna, sanggeus kuring ngomong pamaksudan yén rék ngiluan pelatihan ti  salah sahiji kantor. Teu papanjangan, langsung nitah asup.
Supir nampanan duit ti kuring. Mikeun pamulangan.
                “Tos wé kanggé Bapa.”
                “Nuhun, Bu. Bilih peryogi mobil mah tiasa kontak abdi. ieu kartu namana.” Supir mikeun kartu nama. Katangen gumbira pédah dibéré paleuleuwih.
*
                Kagiatan téh pernahna di lanté dua. Daftar ulang heula ka panitia. Geus kitu mah diuk di tempat anu geus disadiakeun. Teu lila jul jol, nu tadina rada melang téh reugreug lantaran geuning loba nu datang. Nambah babaturan. Teu lila gé geus boga babaturan. Anjar.  Ngobrol uplek jeung manéhna, ngarasa cocog. Atuh waktu dititah néangan babaturan pikeun batur saré di kamar langsung milih manéhna.
                Acara mimiti ku pembukaan diteruskeun materi ka hiji. Ngeunaan kesetaran génder. Anu ayeuna keur haneut dicaritakeun. Perkara pro kontra kagiatan awéwé anu satata jeung lalaki.  Ramé. Nepi ka teu karasa geuning waktuna istirahat. Pamilon langsung dibére konci kamar. Kuring  kabagéan kamar 1613. Hartina kamar 13 aya di lanté  16.
                Béda jeung hotél nu biasa ning ari hotél alus mah. Pikeun asup ka kamar téh kudu asup ka lip anu geus ditangtukeun. Misalna, lip ka hiji keur kamar 5-15. Lip 2 pikeun  kamar 16-20. Jeung saterusna. Ngahaja meureun pikeun kaamanan. Jadi teu sambarang jalma bisa asup ka kamar. Barang sup  ka lip, kartu kamar ditémpélkeun kana alat anu geus disadiakeun. Héjo hartina ditarima. Beureum  teu ditarima.  Lip langsung nutup. Nganteurkeun kuring jeung Anjar asup ka kamar.  
                Milih kasur anu nyanghareup ka jandéla. Méh samemena neuteup pamandangan anu kacida alusna. Neuteup kalawan geugeut. Teu eureun panon manco ka luhur. Gunung nu ngantai. Upluk aplakna  kota jeung iimahan katingali atra. Mayakpak. Laleutik.  éndah kacida.
                “Bu Déwi. Badé ka jamban heula? Sok énggal, ah. Tos tabuh dua. Urang ka lanté 2 deui. Bilih kasiangan.” Anjar ngagebah kuring anu keur ngalamun.    
“Aéh. Muhun.”
                Dibarung ku resep mah waktu téh asa nyérélék.  Hog hag, loba heureuyna.  Teu sing mamatahan méré matéri téh, éta nu karasa ku kabéh pamilon.  Da lolobana permainan. Matak anteng. Pogot. Poho kana waktu. Jam salapan geus kudu aya di kamar. Teu meunang ka mamana mun geus di kamar téh. Kudu istirahat total. Lantaran jam tujuh isuk acara dimimitian deui. Kitu jeung kitu acara téh aya kana lima poéna.
                “Teu karasa nya, Wi. Geus malam terakhir deui.” Anjar nyarita ka kuring. Waktu geus ngadalitkeun kuring jeung manéhna. Nimbulkeun hiji rasa. Sosobatan anu dalit.  Nyebut nu tadina Ibu ayeuna ngatétéhkeun,  ngaragangan pédah umurna sataun leuwih kolot ti kuring.  
                 “Wi, Anjar. Duluan nya ka kamarna. Teu kuat hayang ka cai.”
                “Iya. Sok, Téh. “ Ceuk kuring. Bari anteng ngabandungan anu keur méré materi. Ningali kana jam. Lima menit deui  waktu  ka lekasan.
                Lip muka. Kabéh   arasup. Kitu deui kuring.
                “Bu, Arin ti payun nya.”
                “Duh, gaya. Dewi  tiasa ngalamun dina lip. Kamarna pangluhurna. Ati-ati nya. Bisi aya nu ngaheureuyan.” Jol itu jol ieu heureuy waktu katangen kuring sorangan nu aya di jero lip. Dijawab ngan saukur ku seuri. Panto lip nutup. Tonggong babaturan leungit. Pelengseng bau teu paruguh,  asa nyelek. Culang cileng  teu puguh rasa. Ngangseu baju anu keur dipaké. Bisi waé nu bau téh datangna ti dinya. Babacaan sabisa bisa. Lampu di jero lip reup bray.
                Angka nunjukeun 16. Panto lip muka. Hareugeueun sakedapan ningali nu harérang luareun panto. Sanajan kitu teu burung kuring kaluar  rusuh muru kamar. Kaambeu menyan ngahiliwir ngahudangkeun kakeueung anu tatadi geus nganjang. Kartu diasupkeun kana gagang panto. Warna beureum. Nandakeun teu konék. Panto teu bisa muka. Sababaraha kali dibalikan kitu jeung kitu.  Rét kana angka nu ngajeblag deukeut panto. Gebeg. Kamar 2013? 
                Ngaléngkah lalaunan. Undur. Teu percaya kana tetempoan. Ngaléngkah muru lip deui. Teu aya. Naha beut ngaleungit? Apanan sidik lip téh di dieu.  
                “Dupi lip palih mana, Téh?” Lahlahan nanya ka awéwé nu nonggongan. Buukna panjang ngarumbay.
                “Meulah ni...tu... nukangeun misan ni ninya.” Manéhna malik.
                “Tuluuung...” Malikeun awak. Lumpat muru kamar tadi.
                Késang minuhan awak. Macaan deui nomor kamar. Bisi waé salah tempo. Lakadalah itu geuing kamar kuring.  Bungangang waktu katempo nomor 1613. Ngasupkeun  kartu. Warna héjo ngabaranyay. Laju jeung panto kamar muka. Panto nutup deui waktu kuring geus dijero. Atoh, waktu ningali nu ngagolér na kasur.  “Téh Anjar...  gugah, Téh..” Ngageubigkeun awak nu keur nyangkéré na kasur.
                “Aya, naon?” manéhna cengkat. Malikeun awak.
                “Téh...  eu.... eu....” Létah ngonci. Panon molotot teu ngiceup ka jalma anu aya hareupeun. Awéwé nu tadi téa. Buuk panjang ngarumbay euweuh irungan, beuteungna gudawang.
                “Nganieu... nya. Nong malik neui. Nyapé. Hihihi.” Seuri. Matak kukurayeun.
                 
Tiis caméwék, waktu leungeunna antel ka kuring. Lir  robot suku ngaléngkah  nuturkeun manéhna ka hiji rohangan. Mukakeun panto anu harérang. Bréh... korsi gading emas, katingali hiji lalaki maké baju sarwa hérang.
“Wilujeng sumping Enéng pujaan Akang.”
Ngumpulkeun pangacian. Asa wawuh  ka éta lalaki.
                Manéhna, enya lalaki nu aya hareupeun, nyeplés pisan jeung hiji lalaki anu  salila ieu kaimpikeun.  Beungeut  remek. Tina tarangna ngaley getih semu ngimpel. Panon bolotot pikasieuneun. Lalaki anu sarua dina handphone Anjar. Supir taksi téa.***
                   
                                                                                                Hotel Ibis Trans-Gatot Subroto Bandung, 2017


Nina Rahayu Nadéa. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Tulisannya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Banyuwangi, dll

Tidak ada komentar:

Posting Komentar