Kamis, 28 Desember 2017

Tim Sukses

Dimuat di Majalah Mangle,  November 2017


Tim Suksés
Ku Nina Rahayu Nadéa

                Koran anyar  na luhur méja dicokot. Aya gambar nu keur orasi, kitu nu katempo saliwatan. Gék diuk na korsi sanggeus ngaregot   cai téh nu masih weuteuh. Karasa haneutna ngageleser kana tikoro. Maca koran kaca kahiji.  Masih ramé berita nu siga kamari. Ngeunaan pilkada. Pilkada nu dilaksanakeun méh bareng  di tiap kota. Horéam maca nu kitu sabenerna, tapi angger panasaran. Sok hayang nyaho kumaha lalakon saterusna.
Nu démo ampir unggal poé. Sarua raména jeung pilkada nu diayakeun. Itu ieu néang kasalahan lawan. Ragot siliteumbleuhkeun masalah. Nu dipiharep sangkan lawanna rugi, teu meunang sora dina pilkada. Ari para kandidat? Teu hariwang, teu gimir sigana téh sanajan loba nu ngadedetkeun. Percaya saratus persén ka tim suksés. Hoax, kitu pastina gé ceuk tim suksésna lamun aya nu ngagogoréng. Nu penting aman. Caina hérang laukna beunang. Nu penting sora kudu bisa kapimilik ku maranéhna nepi ka puncak TPS engké. Ku cara nepikeun program-program anu geus dijieun  ka rahayat. Pék téh teuing meureun jangji mah kuma engké. Nu penting pinter ngahuntu, ngabulaéh nepi ka rahayat percaya yén maranéhna téh pilihan anu alus. Perkara dina unggulna sora, tapi program anu dijangjikeun téh ngahiang. Ah, geus biasa.
                “Tim suksés... tim suksés tai anjing. Sia geus ngancurkeun kahirupan aing.” Silalatu  ngabrul  nyongkabkeun hate, panas pohara.  Leungeun ngeupeul satarikna. Koran nu tatadi dibaca dibabétkeun kana méja.  Ngadayagdag kana korsi, miceun bangbaluh. Nu nyongkab saharita tiis, waktu aya nu ngolébat. Imut kareureueut bari ngagupay. Ibu.
                “Ang, ari ceuk Ibu mah tong ngiluan nu karitu. Geus wé konséntrasi ngurusanan perusahaan Ibu jeung Apa. Pan éta gé sakitu gedéna. Butuh tanggung jawab anu kacida. Ibu mah sieun hidep kabawa ku sakaba-kaba. Komo pan kaayeunakeun mah loba pejabat anu antukna cicing di pangbérokan dina umur tunggang gunung téh. Anu sakuduna hirup tenang, jadi sangsara. Ibu mah embung hidep siga kitu.”
”Ah, kuma jalmina, Bu. Sing percanten.”
“Kolot mah ngan saukur deudeul dua, Ang.” Ukur sakitu.
                Keur anteng gawé  sabenerna harita. Perusahaan anu keur dicekel keur meujeuhna nyambuangkeun seungit.  Kauntungan ngalir babari, atuh karyawan gé lugina lantaran kasejahteraan mingkin kaperhatikeun. Matak reueus kulawarga, utamana Ibu jeung Apa.
Kaganggu waktu harita datang ka lembur. Hayang liburan rada lila. Sono kana kaayaan lembur. Rabul nu datang. Dulur, tatangga, kitu deui babaturan baheula. Silaturahmi mimitina mah,  tapi ka dieunakeun beut béda. Aya misi lain. Intina ngajakan kuring pikeun ngaramékeun pilkada anu sakeudeung deui rek diayakeun di kota Giri. Kota,  tempat kuring gubrag ka alam dunya. Mimiti mah teu dilayanan.
“Lebar, Ang. Angga boga poténsi. Ditambah  teureuh asli ti ieu kota. Pasti wé bakal unggul dina pilkada. Béda jeung calon lain, nu  lain  urang dieu.“ Acéng, babaturan SD baheula datang ka imah harita téh. Ngabring jeung babaturanna, aya kana limana.
“Ah, barina gé teu boga kamampuh widang politik. Bisa téh ukur mekarkeun usaha. Kitu gé kétang diajar kénéh. Héhé.”
“Tah... tah. Éta gé hiji kamampuh anu luar biasa. Tingali nu lain. Pararédé, bari boga kamampuh mah can karuhan.  Pokona Angga kudu maju. Sok didukung ku di dieu.”
“Pasti ngadukung?” Nyenghél.
“Pasti atuh milih Angga. Urang Lembur anu matuh di Karangpamulang Kota Giri.”  Jol itu ieu réang, rék ngadukung.
Rebéh irung. Pada muji ku itu ku ieu. Majar kuring pasti mampuh nyangking kalungguhan nomor hiji di ieu Kota.  Ngajak ngajak sangkan kuring milu aub. Milu ngaramékeun calon walikota. Komo cenah kuring mah teureuh asli urang dieu. Kitu jeung kitu omongan nu katampa. Teu kalis kitu patingpucunghul partai nu ngarajakan  kuring, sangkan daék miluan.
                Sanajan kudu uculan duit pikeun béaya kampanye   teu pati dipikiran. Pan harta lubak libuk. Nu penting maranéhna ngadukung kuring saratus persén.  Aceng Jamhur.  Dalit ti SD kénéh, geus apal kana ulatna. Sanajan rada belet tapi wanian jeung jujur.  Manéhna  jadi kapercayaan  kuring. Kabéh modal, naon waé tékték bengék nu dipénta tara diengkékeun deui.
Dapon dua kagiatan  kalakonan, ngurus usaha jeung nyalon walikota. Kuring bulak balik Kota Giri-Jakarta. Enya oge kuring geus jadi kandidat walikota.  Nu penting mah dina waktuna kampanye kuring kudu aya. Babari ning ngerahkeun masa mah nu penting diwowoy ku duit. Reugreug tiap  jadwal kampanyeu, pamilon teu weléh loba. Pilihan téh geus moal salah pasti keur kuring.
                “Tenang, Ang. Angga pasti unggul dina pilkada taun ayeuna. Gampang jelema mah. Asal dibibita ku ieu.” Cenah bari jeung ngadukeun  curuk  jeng jempol semu di sadakeun. Duit maksudna meureun.
                “Mun  éléh?”
                “Naha beut leutik haté. Pasti meunang. Ceuk kuring gé asal muruluk duit. Dijamin sora rahayat ngan keur Angga. Percaya ka kuring. Tah, sangkan kahayang mulus banglus urang kudu nyieun rarancang. Sangkan program urang nepi ka rahayat di pasisian.”
                “Kapikir ku kuring gé, ngan ké kudu kumaha nya?”
                “Gampang éta mah. Urang kudu  meuli motor keur tim suksés. Keur némpélkeun banner jeung spanduk ka tiap kampung. Nu utamana mah sangkan informasi ti urang bisa nepi ka maranéhna.”
                “Ngarti ... ngarti.” Kuring seuri. Harita kénéh nelepon ka déler motor, sangkan ngirim motor sababaraha unit.
*
                Sakeudeung deui pamilihan  calon pilkada. Geus ujub pasti meunang. Percaya saratus persén ka tim suksés. Muji bébéakan kana gawéna.
                “Teu nanaon uculan duit gedé ayeuna mah, Ang. Nu penting ké kagantian mun geus  jadi walikota. Kitu ceuk manéhna unggal waktu.
                Piisukeun ka waktu nyoblos. Di imah rempeg ku jalma. Pangaosan teu eureun. Sababaraha pluh. Ti beurang nepi ka subuh. Nepi ka teu sararé. Dapon nu dipiharep laksana. Nu utama sangkan  meunang sora. Cenah lamun pas ngaji atawa riungan aya hibar atawa béntang anu murag ka imah. Tandaning éta imah bakal kasinugrahan rahmat. Unggul dina pilkada.
                “Pasti unggul, Ang.” Kuring ngimpi Angga kasinugrahan béntang.
                “Enya pasti juragan Angga unggul.” Peuting tadi. Tutas pangajian. Aya cahaya, turunna téh ka lebah dieu. Totondén tatéh, Kang.” Darma babaturan Acéng milu  nyarita.
                “Tanda. Pimeunangeun, Ang.” Acéng ngacungkeun jempol.
                Irung beuki rebéh pada muji. Pada ngayakinkeun ku saréréa. Geus kabayang meureun mun jadi walikota. Duit ngagolontor. Pan ceuk Acéng gé kitu. Néangan duit mah babari ari geus jadi pejabat mah.
*
                Amarah nyongkab. Asa teu percaya kana  hasil pamilihan. Kuring éléh. Asa napak asa heunteu kana lemah. Katurelengan. Mun teu diceuhceuhan ku kolot mah meureun teuing kumaha. Kasebelan tah si Acéng  jeung nu lainna anu cenah jadi tim suksés. Geus apal kuring éléh mah geuning teu katingali irung irungna acan.          
Rumahuh teu eureun. Hutang raweuy. Geus puguh perusahaan mah bangkrut. Loba ditinggalkeun. Dipercayakeun ka babaturan anu teu amanah.  Katambah modal  kapake keur nyalon téa. Tungtungna disérénkeun kanu nagih hutang.
                Rék cicing di lembur wirang. Wirang kunu nagih hutang. Goblog tah si Acéng. Geus wani ngajual sawah anu di lembur. Wani wani datang kanu jadi kolot ménta sertifikat tanah pikeun modal kampanyé.  Apal sotéh basa balik ka lembur rék ngajual tanah keur mayar hutang téa. Boro boro. Ning kadatangan kuring ka lembur geus pada ngadagoan. Da Aceng nginjeum duit ka ditu ka dieu.
                “Mun teu daék mayar, kudu daék urusan jeung aparat.” Kitu omongan salah sahiji jalma anu datang.
                Kapaksa kuring ngaleungit. Cicing dinu suni. Ningtrimkeun diri, ngubaran haté nu gudawang.
                Kasono moho ka lembur. Kabayang beungeut kolot ogé dulur anu dipicinta. Ceurik maratan langit waktu ngadéngé béja. Béja nu matak pikanyerieun. Indung kuring. Hj. Ningrum Jubaédah dipundut kunu rahayu dicandak kunu kawasa. Demi nyalametkeun diri oge nyalamatkeun kulawarga. Kuring teu datang. Teu ngalongok nu jadi indung pikeun pamustungan. Lain lain teu nyaah ka Ibu.  Tinimbang ngabarubahkeun saréréa nu di lembur.
                Ukur dunga nu teu eureun ditepikeun. Mugia Ibu sing ditampi iman islamna dicaangkeun di alam kuburna.
*
                Rét deui kana tivi. Ngahanca warta satuluyna. Nu meunang pilkada geus diumumkeun. Rada ngajenghok kana berita anu katingali.   Didéngékeun jeung ditempo teu ngiceup, bisi salah. Bener kitu ieu jalma anu baris mingpin kota Giri pikeun 5 taun ka hareup.
                Bener  Aceng itu? Aceng nu baheula tim suksés kuring? Rét kana ngaranna katut  poto hirup nu aya dina tivi. Sidik. Acéng. Acéng Jamhur. Tim suksés kuring.
                 “Sia geus suksés ngancurkeun kahirupan aing.” Silalatu mingkin ngabrul tina jero dada.***


Nina Rahayu Nadéa. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Tulisannya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Bayuwangi, dll

Tidak ada komentar:

Posting Komentar