Rabu, 27 Desember 2017

Langit Kulawu Deui

Carpon Tribun Jabar, November 2017


Langit Kulawu Deui
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Biwir ngarenyu. Neuteup kertas nu keur dicekel. Kertas berharga. SK. SK nu ngajinekeun yén  kuring ayeuna nyekel kalungguhan. Kepala Urusan di hiji sakola. Neuteup langit anu béngras. Caang narawangan nyieuhkeun kalangkang hideung nu salila ieu ngunguntit diri.
                Capé gawé  disirikan waé batur. Sagala pagawéan dianggap salah. Itu ieu lain. Pingpinan muji kana gawé, maranéhna? ngadilak tanda teu suka. Hayang dianggap nu pangbenerna. Senior nu loba pangalaman hirup. Teu meunang yunior ngaleuwihan maranéhna. Hukum alam sigana téh. Pantes nu yunior hésé maju, hésé nepikeun kamandang. Lantaran naon anu diomongkeun geus ditémpas mantén méméh dipedar hadé goréngna. Ngerjakeun itu ieu salah bari jeung teu méré conto nu bener. Di luar kepala meureun. Kitu nu kaalaman ku kuring salila gawe. Teu... teu hayang malikeun kanyeri. Anggursing naon anu kaalaman dijieun catetan dijieun pangalaman hirup anu kacida gedé hargana. Éta nu saila ieu dillakukeun ku kuring. Kadieunakeun maranéhna ningali. Kumaha kuring sabenerna. Kuring anu cenah jiga besi, teu épés méér. Tara katingali ngarasula, ngangluh sumawona ngaragragkeun cimata. Narah. Narah keur kuring ngaluarkeun cimata hareupeun maranéhna.  Sanajan maranéhna moal apal kumaha sabenerna haté. Haté salilana poékeun. Langit teu weléh kulawu.
“Insya alloh hidep pinanggih bagja, Nung. Ku Ibu didungakeun.” Ceuk Ibu hiji poé. Waktu kuring nyaritakeun naon anu kaalaman. Teu betah gawé. Hayang  mutasi. Kuring medar carita  dibarengan langit ti béh wétan anu katangen kulawu. Nipuk rungruman kalbu nu dipinuhan marudah rasa.  
“Lamun hidep ka luar sarua jeung némbongkeun diri anu lemah. Méré kasempetan ka maranéhna anu dolim sangkan terus maju, sarta nyangking kalungguhan. Lain perkara kalungguhan sabenerna, tapi perkara sifat anu kudu diingetan. Yén teu sakabéh nu nyekel kalungguhan téh amanah. Salah sahijina nyaéta katangen ti sipat muasalna.  Nuning hayang apal  kunaon maranéhna beut kitu peta ka hidep?”
Gideug
“Kasieunan. Sieun hidep kapaké ku atasan sarta antukna diromosikeun naék jabatan. Komo ngadéngé  ti Nuning, apanan nu sakola luhur S2 téh ngan hidep. Nu lain paling luhur sarjana, enya ogé geus senior. Naon anu kaalaman ku hidep kudu dijadikeun conto, jadi panguat keur diri sorangan sangkan teu gampang boboléh. Ibu yakin hidep bakal pinanggih jeung kabagjaan. Bakal nyekel kalungguhan. Nu penting amanah. Nulung ka saha waé anu susah. Poma tong ngabales ku kagoréngan, salila Nuning bisa jeung mampu, layanan kahayang maranéhna nepi ka sugema.” Omongan Ibu nongtoréng dina ceuli. Asa cik kénéh nyarita kitu. Ngalelemu haté nu keur baluweng.
                “Ibu... Langit ayeuna mah béngras. Moal kulawu deui sigana. Moal aya nu nyirik moal aya nu  ngagunasika diri.” Gerendeng haté.  Sapuluh taun di  Dinas Kahuripan, lain waktu anu sakeudeung. Wareg ku tangkeupan dodoja. Nyolongkrong ngajak sasalam ka Bu Nine ngabalieur, ka Bu Wéndah api-api sibuk ngetik. Kuring? Budak anyar pindahan ti kampung. Cabang Dinas Paliaman.  Inget waktu  pagawé téh teu méré budi. Acuh ka kuring. Reuwas. Teu nyangka, apanan di Dinas Paliaman mah teu kitu. Sok siliélingan silibantu. Ngarangkul anu anyar datang. Sababaraha poé cimata maturan, mun geus nepi ka imah. Ngan ka Ibu, kuring cumarita, ngan ka Gusti kuring neneda. Leler waktu geus  diélingan. Sadar... yén pergaulan kota béda jeung di désa. Hirup individualistis téh bener. Silisigeung silijongklokeun geus biasa di kota mah.
Hareugeueun waktu ku atasan -Pak Usman, dititah nyieun curiculum vitae. Pikeun promosi jabatan. Sanajan enya mimiti mah teu dienyakeun. Tapi ari haben dipénta mah, antukna léah. Ti baheula gawé tara boga cita cita ka hareupna perkara hayang jadi pejabat. Éstu gawé ngaguluyur waé. Nu penting di mana waé bisa ngajalankeun  pagawéan sahadé hadéna. Peun ukur sakitu.
“Teu raos ku nu sanés atuh, Pak. Piraku abdi badé dipromosikeun?”
“Tong ningali batur. Tingali kamampuh diri sorangan. Nuning bisa heunteu?” dunungan malik nanya. “Ieu kasempetan panghadéna. Meungpeung Bapak masih bisa ngusahakeun.” Tandes
“Nuhun, Pak. Nanging abdi téh asa atah kénéh.”
“Ké gé bisa diajar. Barina gé nitah téh pan geus kajudi, yén Nuning mampu. Bapak salila ieu merhatikeun gawé Nuning.
                Dua taun gawé di Dinas Paliaman, nu mencil. Aya di kampung. Karasa pisan paheuyeuk leungeun. Ngahiji jadi kulawarga. Sapapait samamanis sabagja sacilaka. Betah sabenerna. Tapi karunya ka Ibu anu sepuh, ngurus Apa nu tiktikbrek nyorangan. Éta nu jadi putusan kuring ngajukeun mutasi. Pindah ka kota, tempat lahir kuring.
Nya kitu loba pisan dodojana.   Kuring ngarasakeun kumaha teu betahna di tempat gawé. Teu nyaman. Itu ieu pada sinis. Majar cenah bisa pindah  téh pedah boga anu di luhur. Aya nu nitipkeun. Teu ngaleuleungit, Uwa baheula nyeukeul kalungguhan di ieu kota. Tapi naha salah lamun kuring pindah ka kota, deukeut jeung kolot, pikeun babakti? Naha salah lamun kuring  hayang nambah pangaweruh,  mekarkeun kamampuh anu aya di diri.
“Da, Ibu mah, teu maké prosedur atuh pindah ka dieu téh. Karék ayeuna minangsaraya. Coba baheula saha anu nguruskeun pindah?” Pak Budi, bagéan kapagawéian nyureng. Waktu kuring mikeun SK sarta ménta tupoksi anyar. “Barina gé kuring mah teu  ngurusanan nu kitu, tanyakeun ka atasan di dinya.”
“Muhun, abdi piwarang ngadeuheus ka dieu, ku Bapak téh.” Halon.
                Ti mimiti nyieun curriculum vitae. Jalan pinuh ku hahalang. Gusti... éta mah   biwir nu  jebi asa beuki ngalobaan, nu ting balieus ting kecewis  teu kaitung.  Sanajan enya teu wani ari pok langsung mah. Ngan kitu waé loba sindir sampir teu paruguh. Mun teu inget kana kaimanan mah hayang malikeun. Untungna sok inget kana papatah Ibu  ogé pingpinan. Yén, di mana waé gé kana kabeneran jeung kamajuan mah bakal loba nu nyirik.
                “Omat Nung. Enung mah kudu junun kana pagawéan. Tong loba pikiran. Nu penting gawé nu bener-bener. Témbongkeun wé pangabisa....”              Peupeujeuh Ibu dibawa ku kuring. Dipraktékeun dina kahirupan. Teu anéh lamun kuring disebut gila kerja.  Tara itungan kana pagawéan. Tara pipilih perkara saha anu nitah. Salila masih bisa dipigawé nya dikerjakeun. Jol itu jol ieu pada nitah.  Mun aya nu nitah heug teu bisa nya tinggal nanyakeun waé, dianggap pelajaran anyar pikeun nambah pangalaman gawé. Tara pamrih. 
               
                “Naha, Nung. Moal ka kantor?” Ibu nolol tina lawang kamar hiji poé. Anéheun, pédah jam 7.30 can kénéh miang.
                “Moal, Bu. Istirahat heula, ah.”
                “Teu ngarareunah?” Leungeunna nyekel tarang.
                “Ah, nya moal wé.... Kabita ku batur. Unggal poé santai, teu diudag udag pagawéan. Kabéh ditangkes ku Nuning sorangan. Teu boga beban. Tara dicarékan ku atasan mun pareng aya nu salah da mémang tara barang gawé. Nuning mah ah, nya kieu.... Capé gawé teu kapaké.” Kuring ngaheruk. Inget kana kajadian kamari. Digelendeg ku Pak Usman. Pédah nyieun proposal salah. Nu lain mah surak ningali kuring disalahkeun  téh.
                “Dieu, Nung. ” Ibu ngésérkeun tempat diuk. “Kabéh jalma pernah salah. Tapi leuwih hadé salah lantaran gawé. Tibatan tara salah lantaran teu kungsi barang gawé. Kasalahan téh pangalaman anu kacida mundelna. Poma tong dijieun leutik haté....” Ibu ngusapan siga ka budak leutik.
                Ti dinya kuring hojah. Teu deui mikiran nu lain lain. Perkara batur anu sirik anu ngéwa. Tara ieuh diasupkeun kana haté.  Nu penting  teu ngarugikeun batur. Kalilaan mah manéhna ngawawuhan deui. Ngadeukeutan deui. Wawuh jeung pagawéanna. Diteumbleuhkeun deui ka kuring. 
                Milik diri. Dina prungna pengumumam. Ning kuring kapilih pikeun mingpin hiji instansi, jadi mitra jeung Kepala Sakola. KaUr. Kitu kalungguhan anu ayeuna dicekel kuring. Geus gilig. Rék jadi pamingpin nu adil. Ngahijikeun anak buah kumaha waé carana. Hirup sabilulungan. Pangalaman anu enggeus eunggeus tong karandapan ku anak buah. Komo jeung silisigeung dina urusan gawé. Kitu paniatan dina haté.   
                Rék jadi pamingpin anu low profile. Teu adigung ku jabatan. Anggursing rék ngaraih. Rék nyaruakeun visi. Pajabat ayeuna mah teu payu ukur  paparéntah. Tapi nu alus mah nyaéta imeut, daék ngadéngékeun kamandang sanajan datangna ti anak buah. Heunteu otoritér. Kitu kahayang.
                Rék sharing jeung maranéhna nu geus senior. Enya gé kuring jadi pamingpin. Tapi dina umur mah apanan kaitung ngora kénéh. Matakan paniatan kuring mah moal rék asa  aing. Moal asa jadi pamingpin, asa aing jadi pajabat.  Barina gé kétang nanaona kikituan. Asa euweuh guna. Sanajan enya dina kahirupan jaman kiwari,  loba jalma anu robah adat waktu nyekel kalungguhan.  Leumpang dangah. Disebut gé hayang Bapak atawa Ibu. Ditambah ngaran kalungguhan di tukangna.  Ganti pimpinan ganti kabijakan. Teu anéh loba nu ABS –Asal Bapak Senang,  PDKT téa da hayang kapaké, bari jeung gawé euweuh kabisa, tah éta nu pikasebeleun mah. Kabisa teu boga tapi kahayang nyekel kalungguhan nereptep, antukna nya kitu néang cara anu teu halal. Naon waé dilakukeun dapon kahayang cumpon. Dina prungna dilantik jeneng nyekel kalungguhan geus kajudi kumaha dina prakna. 
                Mimiti datang ka tempat anyar. Sakola  di tengah kota. 
                “Oh. Iyeu.... Nuning  téh. Asa karék apal.” Hiji awéwé datang nyampeurkeun.
                “Muhun Bu, nepangkeun.” Leungeun nyolongkrong
                “Kalahiran sabaraha?” Bari nampanan leungeun.
                “80, Bu.”
                “Leuh ngora kénéh atuh. Anéh bisa diangkat jadi Kaur.” Rada teugeug.
                Kana angen aya nu nenggel. Tapi teu ditingalikeun. Api api waé.
                “Bu mangga ruangan palih dieu.” Hiji awéwé nyampeurkeun  kuring. Nuduhkeun hiji rohang.
                “Nuhun.  Sareng Ibu...?”
                “Nepangkeun abi...  Ike.” Manéhna imut. Dituturkeun ku nu lain anu sung sog ngajak sasalaman. Budina béar marahmay.
                “Dupi nu tadi?  nu jangkung saha nya Bu?”
                “Oh. Bu Oce. Éta kepala  enggal, Bu. Alihan ti Bekasi. Nembé dua sasih di dieuna.”
                Kuring unggut.
                Ti mimiti sasalaman gé geus aya panilaian perkara kumaha maranéhna. Sikepna.
                Ti harita kuring cicing, teu hayang merkarakeun program. Enya gé tadina mah hayang gawé babarengan. Tapi ning teu bisa. Bu Oce nganggap kuring budak jaringoa. Euweuh kanyaho. Teu meunang  ngaleuwihan manéhna salaku Kepala. Kamandang kuring sanajan ceuk nu lain alus embung narima. Manéhna ngangap dirina  sarwa nyaho, teu meunang aya nu ngaleuwihan. Ti dinya. Peun. Tara ieuh ngomong nu lain lain. Ukur ngurusanan masalah kuring, jeung anak buah. Staff nu aya di handap kuring sacara langsung. Perkara manéhna mah, ah antepkeun wé. Rék nyieun pelayanan dua pintu ceuk heureuy mah. Baé téh teuing. Paling disebut teu akur, teu ngahiji. Kitu meureun ceuk batur.***             
               
                Nina Rahayu Nadéa. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Tulisannya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Banyuwangi, dll
 alhamdulillah diapresiasi. Hatur nuhun kamandangna.
 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar