Rabu, 27 Desember 2017

Kameumeut Ati

Carpon Mangle, Oktober 2017


Carpon Mangle Gaul
Kameumeut Ati
Ku Nina Rahayu Nadéa
                “Nit, tiasa teu engké amengan ka bumi.”  Yadi  megat kuring  nu rék balik pisan.
                “Hem... teu kudu ka imah atuh Yadi, pan unggal poé gé panggih. Hihi . Teu bosen kitu?” Widi babaturan sabangku teu kanyahoan geus aya tukangeun. “Jeung asa anéh deuih meni asa dines jeung sopan ari nyarita ka Nita mah. Béda jeung ka urang.”
                Yadi tungkul, kaéraan. Da jeung enyana lamun duaan mah Yadi téh sok ngomong lemes nakeran ka kuring téh.  
                “Haduh punten nya, Yad, abina aya peryogi heula. Ké wé sanes waktos nya.” Kuring teu méré budi ka Yadi. Baeud heunteu seuri gé heunteu, datar waé. Ngan sigana Yadi ge surti yén kuring serius embung diajakan.
                “Nya wios atuh mugia sanés waktos nya.” Manéhna ngaleos.
                Sabenerna karunya ka Yadi téh, remen pisan ngajak. Ngan nya kitu atuh kumaha da kuring téh teu bogoh. Sanajan ceuk sasaha gé Yadi téh bageur jeung pinter. Ngan  haté  teu bisa diajak badami. Mun Yadi ngajak téh anu kabayang ku kuring mah Anggita Surya waé. Leuh mun Anggita Surya anu ngajakan mah sigana téh langsung dienyakeun harita kénéh.
                Sakapeung mah sok nyalahkeun diri sorangan naha beut resep pisan ka Anggita, pan manéhna teh lain babad jeung kuring. Kacinta ukur dina sawangan wungkul, da asa pamohalan bisa panggih  sumawona jadi kabogoh mah. Anggita Surya téh penulis. Salila  ieu tulisana remen mucunghul di media. Ayeuna cenah rék medalkeun novel anyarna – Kasmaran- Duh enyaan kuring geus nganti éta buku, hayang gera meuli. Komo basa apal tina sinopsisna yén tokohna sarua pisan jeung ngaran kuring. Nita Puspitarini.
                Sakapeung ngahayal, yén éta tokoh anu aya dina carita téh nya kuring pisan. Sigana bagja mun jadi tokohna meureun sabataé Anggita inget waé ka kuring. Sina apaleun Anggita yén kuring téh lain ngan saukur jadi penggemarna, lain ngan saukur jadi idolana. Tapi aya  nu leuwih ti éta. Aya nu mangkak karembangan dina haté. Tiap maca caritana, tiap ngimeutan tulisanna katresna  mingkin nambahan.
                “Resep kana seratan Anggita nya?” Tanya Yadi, hiji poé waktu kuring keur maca majalah di perpustakaan. Majalah remaja anu kabeneran midangkeun tulisan Anggita. Rapuh. Anteng pisan ngilo éta tulisan, nu matak teu bosen macana. Tulisanna ngaguluyur, ngajak nu maca ancrub kabawakeun ku  tulisan. Bakat ku kabawakeun ku éta tulisan kuring nepi ka rambisak.
                Kuring unggek. Nyusut cipanon.
                “Enyaan nya dugi ka kana haté kitu. Sami atuh Yadi gé da resep ka Anggita.“ Yadi diuk gigireun.
                “Pastilah Anggita seueur penggemarna atuh. Aya cerpen halimun, kala senja menyapa, di suatu malam...”
                “Merpati putih, ketika cinta datang...” Yadi nambahan.
                “Yadi gé apal ning. Sama dong... Ah, bagja temen lamun tiasa pendak jeung Anggita. Heug ngajak  nonton film sigana téh langsung surak da.” Asa manggih bongbolangan. Aya jalan komo meuntas. Méh Yadi apaleun yén sabenerna kuring kacida resep pisan ka Anggita. Lain... lain ngan saukur resep. Sina apaleun Yadi yén saeutikna kuring aya haté ka ngaran Anggita. Ngahaja dicaritakeun méh Yadi ngajauhan kuring.
                Yadi ngahuleng, nyusun kalimah sigana. “Ehm... idola pisan nya ka Anggita.”
                “Tangtos atuh.”
                “Ké atuh mun tos medal novelna,  urang pangmésérkeun.”
                “Serius, Yad?”
                “Sarebu rius atuh kanggé Nita mah. Pasti diutamikeun pisan...” Manéhna ngarénghap panjang. “Nita... pami engké aya waktos teu? Hoyong atuh amengan ka bumi Nita.” Manéhna nanya deui.
                Duh Gusti, naha beut éta waé nu diomongkeun ku Yadi téh. Asa bosen ngadéngéna. Sakitu tadi geus dijelaskeun kuring resep ka Anggita. Naha torék kitu? Beut semu nu ngahajakeun.
                “Pasti teu tiasa nya, Nit?” Yadi miheulaan nyarita, waktu kuring anggur cicing waé. “Nya teu nanaon atuh, tapi mugia sanés waktos tiasa nya.”
                “Eu... sanés kitu Yad. Ngan kumaha nya ah. Nita gé janten bingung.”
                “Muhun... Yadi ngartos. Moal maksa Nita.” Manéhna ngaléos.
                Kuring neuteup tonggong Yadi.  Rasa karunya nyaliara kana dada. Duh, Yadi hampura kuring.  Mun Yadi apal yén ieu haté geus aya nu ngancik. Hiji ngaran nu cikénéh diobrolkeun. Mun Yadi apal kumaha nalangsa jeung kasiksana ieu haté, lantaran mitresna nu pamohalan. Tapi Yadi kudu apal, kudu ngarasakeun haté kuring, sabenerna karunya ka Yadi. Apal kumaha perjuangan Yadi ngadeukeutan. Ti kelas hiji SMA. Anyar kénéh asup geus katangen kumaha perhatian jeung  bélana ka kuring. Tugas atawa naon waé pasti sadia dilaksanakeun ku Yadi. Mimitina mah atoh waé. Sok ngahaja nitah  mun aya nanaon téh.  Karék apal ti Ingrid basa kelas dua,  yén sabenerna Yadi bogoh ka kuring. Tah ti dinya rada ngajauhan.
                Dikersakeun deuih ti kelas hiji nepi ka kelas 3 beut sakelas. Can kabéjakaun deuih manéhna boga kabogoh, da cenah cinta matina ngan keur kuring. Ari kuring nya kitu sarua can aya no boga da kabogoh kuring mah Anggita téa.
                Mindeng ceurik sorangan lamun kasono moho. Hayang pisan panggih jeung Anggita. Kaubaran ku maca tulisananna di média. Komo ayeuna mah asa produktif pisan Anggita téh. Naon nu aya dina caritana beut asa kuring. GééR. Asa ngapung ieu irung. Boa-boa jodo meureun kitu guyon kuring ka diri sorangan.
                “Nit.  Ieu buku téa.”
                “Buku naon?”
                “Buku Anggita téa. Novel kasmaran.”
                “Wow serius, Yadi?! Horéé... ternyata Yadi keren tos pangpayunna kénging bukuna. Padahal kamari kukurilingan di gramedia ngan cenah teu acan aya. Ah, Yadi hébat pisan. Nuhun nya.”
                “Sami-sami. Enyaan penggemar berat Anggita nya?”
                “Ih. Pan tos terang atuh pami Anggita téh segala-galanya buat Nita. “
                “Moal nolak atuh pami énjing Yadi ngajak ka acarana Anggita. Launching novel Kasmaran. Kaleresan Yadi tos gaduh undanganna. Ngahaja mésér dua kanggé Nita.”
                “Nyaan?”
 Sanajan teu resep ka Yadi. Tapi inget ka Anggita éta ajakan tangtu waé ditarima.
“Serius nya énjing dijemput ku Yadi jam 9 ka bumi.”
                “Iya. Nuhun nya, Yad.”
*
                Di tempat acara kuring diuk panghareupna. Mimiti mah bareng jeung Yadi ngan cenah ka luar heula. Aya perlu. Ih, atoh wé nu ayana barina gé da kuring mah hayang jongjon panggih jeung Anggita.
                Hadirin yang terhormat saatnya yang ditunggu tiba. Pasti semua tengah menantikan  penulis yang selama ini tidak mau diekspos. Ini kali pertama ia tampil di muka umum untuk launching novel terbarunya kasmaran. Kita sambut yang meriah Anggita Surya.
                Kabéh nangtung. Émprak bareng. Hiji lalaki ngurunyung bari jeung imut leleb. Pameunteuna anteb ka kuring Lalaki nu  teu bireuk deui. Lalaki nu salila ieu  ngadeukeutan kuring. “Yadi?!” ***



                Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Solopos, JogloSemar, jrrd.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar