Rabu, 27 Desember 2017

Mangsa Pare Sumedeng Beukah

Carpon SundaMidang September 2017


Mangsa Paré Sumedeng Beukah
Ku Nina Rahayu Nadéa

Oray-orayan luar léor mapay sawah
Entong ka sawah paréna keur sumedeng beukah
Mending gé teuleum di leuwi loba nu mandi
Saha nu mandi?
Anu mandina pandeuri
Oray-orayan luar léor mapay kebon
Entong ka kebon loba barudak keur ngangon
Mending gé teuleum di leuwi loba nu mandi
Saha nu mandi?
Anu mandina pandeuri

                Barudak ngantai bari jeung nyepeng taktak babaturan hareupeun nu nonggongan niru niru oray, leumpang tuluy muru lawang. Nu panghareupna disebut hulu nu pangtukangna disebut buntut. Ari nu disebut lawang  nyaéta dua urang, silicepeng ramona bari jeung dikaluhurkeun. Jalma nu ngantai téa kudu leumpang terus bari ngahaleuangkeun kawih oray-orayan sarta kudu ngaliwatan lawang. Mun pareng kawihna béak, pancen lawang pikeun néwak éta jalma ku jalan nurunkeun dua leungeun. Sarta nanya rék milih  bulan atawa béntang. Kitu jeung kitu nepi ka kabéh karungkup ku lawang. Anu milih béntang ngahiji jeung béntang. Kitu deui nu milih bulan ngahiji jeung bulan. Pamustunganna  pabetot-betot samodél tarik tambang deui.
Ngarenyu. Inget kana kaulinan éta. Kaulinan anu remen dilakonan di lapang lega hareupeun imah. Paling resep cicing di  paléstér. Sab, ti dinya negrak ka jalan. Jalan nu jadi wates antara lapang jeung sawah. Atuh paneuteup bisa samemena ka hareup neuteup upluk aplakna sawah.
                “Untung bisa mawa PR ka imah ayeuna mah nya. PR pikeun nyieun bulu mata, Jadi bisa dibantuan ku budak.” Sora karyawan Pabrik bulu mata nu ngaliwat, nyingraykeun lamunan.
                “Di dinya mah untung aya nu mantuan. Urang mah boro boro. Ngadon diganggu waé ku budak. Nu puguh mah mamatahan PR budak wae, lain ngerjakeun PR urang.”  Awéwé nu gendut nyarita.
                Lilir tina lamunan. Ngarérét ka abrulan karyawan ku karék bubar.  Lapangan lega nu pinuh ku jujukutan ngiles baganti wangunan weweg hareupeun. Pabrik bulu mata. Ku alpukahna nu jadi anak, Dani. Ieu wangunan bisa ngadeg di dieu.   
                Mun teu inget nu jadi budak keur aya karerepet, moal teuing ngidinan ngarobah lapang jadi wangunan. Komo deui jadi pabrik.  Teu ngimpi ngimpi acan aya pabrik di ieu kampung. Ngan ku dikeukeuhan kunu jadi budak antukna léah.  Nawaétu sangkan paniatan   mawa kamaslahatan. Lieur mikiran nu jadi budak, gawé teu puguh waé. Dijeujeuhkeun mah enggeus, dititipkeun ka Emangna nu aya di dayeuh. Teu lila. Alesanna teu betah. Ti dinya jadi teu matuh gawé, kadang kana widang perminyakan kadang kana taneuh. Teu jelas. Mun ditanya téh tara puguh ngajawabna. Ngan boga ténder kitu wé mun ditanya kana naon gawé téh.
                Hanjelu waktu dina hiji poé datang ka imah. Katingali ulatna pinuh ku kabingung. Mimiti mah diantep wé.  Meureun isuk gé cageur. Tapi ning angger. Sabaraha lila nguluwut waé. Malah ngaringkeb waé di kamar.
                “Moal gawe deui?” Tanya téh waktu manéhna keur ngahuleng di téras imah.
                “Moal, Pa. Lirén heula.” Halon bari jeung tungkul.
                “Aya masalah?” Kuring diuk hareupeun. Top kana rokok.
                “Kitu téa, Pak.”
                “Kunaon?”
                “Proyékna gagal. Rugi ratusan juta. Jigana abdi moal  angkat deui ka Jakarta.”
                “Wayahna waé. Kangaranan bisnis kadang untung kadang rugi. Sing sabar.” Ukur sakitu. Kahayang mah nganaha naha. Naha atuh waktu harita beut  kaluar gawé. Kabongroy ku gajih gedé. Paribasa bisnis jeung babaturan. Tapi teu pok. Barina gé ngadon  meunggaskeun harepan budak.
                “Pa?”
                “Kumaha, Dan?” Neuteup manéhna.
                “Eu.... Abdi badé nyungkeun tulung. Mudah mudahan ieu jalan  keur kamajuan kulawarga.”
                “Aya naon?”
                “Upami lapang dibagun teu nanaon?”
                “Dibangun kumaha?”
                “Didamel pabrik, Pak. Sigana ramé gera.“ Manehna sumanget. Paroman katangen  bérag . Derekdek nyaritakeun kahayangna. Aya babaturan anu ngajak join. Hayang nyieun pabrik bulu mata. Asal aya tempat waé. Ké dibangun sarta hasilna bagi dua.
Ngahuleng sakedapan. Lapangan. Tempat kuring tibubudak ulin. Neundeun panineungan. Tempat anu tibaheula dipertahankeun dapon katineung nyangreud na uteuk. Geus sabaraha puluh jalma anu datang ngahéroan ieu tanah. tapi teu dibikeun. Barina moal dibikeun. Hayang siga kitu angger. Jadi lapangan. Jadi tempat arulin barudak. Tempat anu bakal nganteur panglamunan kuring. Paling resep ngajanteng hareupeun jalan. Lian ti nangenan mayakpakna sawah. Ngagaruhna cai ti walungan Cihalimun bakal écés kadéngéna. Moal...moal aya nu méré kasugemaan lian ti éta. Sora alam nu malidkeun pikir nu rungsing. Matakna teu hayang ngarobah. Sumawona ngajual ieu lapang ka saha waé. Ngahaja deuih teu ditémbok. Kumeclakna cihujan bisa langsung nyerep kana taneuh.
                Ayeuna budak keur manggih karerepet. Piraku kudu diantepkeun. Pan gawé teh keur titinggal nu jadi budak? Dani anak  hiji-hijina. Anu sakeudeung deui rék rumah tangga nu ngadua kalina. Rumah tangga nu kahiji peunggas di jalan balukar nu jadi anak teu puguh cekelan hirup.  Embung pangalaman goréng nu eungeus eunggeus karandapan kanu jadi budak.
                Tisaprak pabrik  ngadeg. Teu bisa ningali mayakpakna sawah ti hareupeun imah. Kahalangan ku ngabedegana pabrik. Batin asa tiiseun. Pikeun nganjang ka sawah kudu ngahajakeun leumpang heula ngaliwatan pabrik. Kadieunakeun ngahaja nyieun saung, na galengan sawah. Atuh gumuruhna  Cihalimun jadi matuh dina kalbu, mun pareng nganjang ka sawah. Sok aya rasa melang mun léngkah pamustung ninggalkeun sawah. Rék ku saha engké jaga diurusna? Sawah mingkin ngaheureutan béak ku wangunan. Atuh nu purah ka sawah beuki hésé da lolobana gawé di kota. Komo ayeuna di dieu aya pabrik. Katugenah mingkin nambahan. Hariwang mun pareng panén. Sieun ieu panen panungtung. Bagja mun leuit kaeusi deui.
                Baheula mah teu hariwang teuing najan paceklik. Leuit salilana neundeun cadangan. Hasil panén mucekil waé. Geus sababaraha taun teu kajadian. Balukar Walungan Cihalimun geus kakeumeuhan ku limbah. Cai nu canémbrang hérang geus baganti kotor sarta kaangseu bau teu puguh. Balukarna sawah jadi gararing kurang cai. Dina ayana cai gé, teu matak nyéhatkeun paré da geus kacampur ku zat kimia  anu pibahayaeun.  Hama rabul nyalampeurkeun. Panén paré teu bisa diandelkeun.  
                Matakna ningali paré anu ayeuna. Kacida pisan bungahna. Paré anu keur sumedeng beukah téh salilana jadi panyawangan ngeunaan mun panén engké. Harepan alus tingparentul. Ti barang ditandur nepi ka kiwari. Salamet. Teu aya hama. Ngadoa tiap waktu sangkan hasilna mucekil. Ngan ieu meureun nu jadi obat keur kuring. Ningali paré anu beuneur rata nambah soson-soson nguntun harepan anyar pareng panén nu rék kasorang.
                “Sigana  panén ayeuna mah alus, Bu.” Kuring nyarita ka pamajikan anu karék datang. Diuk dina biwir saung.
                “Ehm enya wé nya, Pak. Meuni alus kieu paréna.” Pamajikan neuteup mayakpakna sawah. Leumpang lalaunan. Niténan paré anu keur sumedeng beukah, katangen pisan bagjana. “Mudah-mudahan tinekanan, Pa...” Aya nu nguyumbang na juru panon.
                “Naon téa, Bu?”
                “Mayar sawaréh waréh keur kukumpul ka tanah suci.”
                “Amin. ” Sarua neuteup paré nu keur sumedeng beukah. “Ari Dani ka mana cenah? Geus lila teu katingali.”
                “Duka kamana puguh budak téh. Ari nanya waé pajar céréwéd.  Diantepkeun melang. HP gé teu aktip waé.”     
                “Ehm angger kalakuan téh. Cul kana pagawéan. Sakitu rék kawin téh.”
                “Moga waé geus boga pamajikan mah cageur.”
                “Hayu, Bu, ah. Urang ka imah. Geus guguludugan kieu. Bakal hujan gedé sigana  mah.” Kuring ninggalkeun sawah dituturkeun ku pamajikan.         
Enya wé teu lila hujan ngagebrét siga dicicikeun ti langit. Beuki peuting hujan beuki rongkah. Alam siga nu murka.Ngadatangkeun keueung anu pohara. Cihalimun ngungun...
                “Pak, simbut nu kandel téa di mana? pamajikan ngagorowok ti kamar. “Tiris kieu lah hayang dibulen.”
                “Aya di luhur.”  Ceuk kuring. Bari jeung nété hambalan, niat rék nyokot simbut di lanté dua. Muru jandéla maksud rék mageuhan.
                Gebruug.
Érang érang teu kanyahoan murag  nenggel pisan kana awak. Les, teu inget di bumi alam. Inget inget isukna geus aya di rumah sakit.
                Sabaraha lila  taya kabérag. Tapi kupangjorong dulur, neut neutan cageur. Nguatkeun manéh, némpo imah kameumeut. Korédas.   
Sedih katurug katutuh. Komo waktu maca berita dina koran. Cenah mah banjir bandang Cihalimun téh lantaran gunung larangan anu salila ieu ditutup keur umum, kanyahoan geus ruksak. Loba kai anu geus dituar.  Tersangka utama nyaéta Dani Iskandar. Rét kana poto handapeun. Ngagebeg. Sidik poto anak kuring.
“Hampura, can bisa nyugemakeun.” Ukur sakitu. Ngawurkeun kembang malati na tetengger pamajikan. Sésa caah rongkah masih katangen. Gigireun pajaratan saranggeuy paré  ngagoler,  alum. Dicokot laju diambung. Paré nu sumedeng beukah kari waasna.***


Nina Rahayu Nadéa. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Tulisannya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Banyuwangi, dll

Tidak ada komentar:

Posting Komentar