Kamis, 28 Desember 2017

Ngagurat Takdir

Carpon Tribun Jabar, 25-27 Juli 2017


Carpon
Ngagurat Takdir
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Caplakan teu eureun ngahanca.  Ti kidul ka kalér. Ti  kulon ka wétan. Ngaguratan leutak sawah sangkan awahan pikeun melakeun binih paré rata. Jadi dasar pangharepan anu gedé. Nya ti dinya mula. Ti lebah nancebkeun binih, mangrébu pangharepan tingpucunghul. Najan enya takdir teu beunang dipungkir kadar teu beunang disinglar. Naha paré bisa nepi ka sumedeng beukah nepi ka beuneur  konéng alaeun. Naha keuna ku ayeuh atawa hapa lantaran kapiheulaan ku hama. Ukur ngadua anu suhud malahmandar kahayang tinekanan.
                Pon kitu deui kuring. Ukur ngadua ka mantenNa. Mugia naon anu karandapan sing jadi taméng. Jadi pamecut keur diri  pikeun nyanghareupan masalah ka hareupna. Teu épés méér. Naon anu tumiba jadi pangalaman anu kudu dipupusti. Sanajan sakapeung ngarasula naha milik diri beut goréng. Apanan geus disinglar harita téh. Waktu ngimpi goréng geuwat ka luar imah. Ngagurat taneuh. Nyakra. Sangkan hal anu goréng heunteu tumiba ka diri kuring. Embung kaeuntreupan takdir goréng. Padahal mah saacan saré téh babacaan heula siga biasa. Duka meureun pikiran keur nganteng ka Kang Burhan. Ujug ujug ngimpi nu goréng. Ngimpi coplok huntu. Cenah mah lamun kitu téh bakal pisah jeung nu dipicinta. Teu kalis ku ngaguratan taneuh ning. Da nu dipicinta angger ilang.
                Neuteup Mang Juhri nu anteng baranggawé. Neudeun heula caplakan laju leumpang kana galengan nyokot téko nu aya lebah dinya.  Cur cai tina téko pindah kana cangkir. Ngalekik bangun nu nikmat. Paneuteup pindah. Sawah upluk aplak. Di di dieu. Enya di dieu, deket saung. Urang kungsi babarengan. Remen. Pamungkas sataun katukang.  Di dieu  anjeun neundeun carita melakeun jangji kana haté. Haté nu kuncup sapada harita ligar ku kembang kembang kahéman  kaceboran katresna anjeun.
                “Nung, dungakeun Akang nya. Rék miang heula. Néang kahayang anu can ngabukti. Ngarumat cita cita. Doakeun Akang suksés sangkan gera mawa Enung.  Ngahiji jatukrami bari jeung kalimpud suka lantaran Akang geus jeneng di dayeuh.”
                “Diduakeun pisan ku abdi, Kang. Perkawis kahoyong Akang, Abdi mung tiasa deudeul dunga mugia sing tinekanan kalawan lancar.”
                Kuring urang kampung. Kacida bagjana waktu anjeun ngeusian haté. Urang kota anu nyasar ka lembur. Dipikareueus heunteu waé ku Ibu jeung Apa, tapi ku nu aya di lembur. Komo basa apal anjeun sakeudeung deui bakal jeneng. Tambah ajrih maranéhna ka anjeun. Kepala di hiji instansi pamaréntahan anu aya di dayeuh. Ibu jeung Apa beuki resep. Ajénna kabawakeun naék.
Kahayang kuring meunangkeun urang kota baris laksana. Ibu jeung Apa gé antukna ngadukung kahayang kuring. Waktu apal kuring jadian jeung anjeun anu urang kota langsung sugema. Hate kuring langsung cop.  Béda jeung ka Maman atawa Dani, anu sarua urang lembur. Heunteu wé nyebut cadu mah.  Komo basa apal kang Burhan keur dipromosikeun naék jabatan. Irung beuki rebéh. Jadi bahan carita kuring ka kulawarga.
                Panyawah geus pada apal ka Kang Burhan. Apan lamun ka dieu téh teu weléh diajak ku Apa ngaroris sawah ogé kebon. Sagala dicaritakeun ku Apa perkara sawahna. Nu di kalér kebon dipelakan sampeu sakeudeung deui dipanén. Kitu deui pakaya anu lain... sagala dicaritakeun. Hayang némbongkeun meureun yén pakaya Apa gé loba.  Geus puguh dikenalkeun ka panyawah sakabéh yén anjeun téh calon minantu nu sakeudeug deui jadi kepala.
                “Juhri.  Kamalirkeun atuh caina. Maenya ngababut euweuh caina. Sok gera bendung tah... Méh caina ngumpul.” Apa tutunjuk. “Mun caina saat mah bobok wé galengan... tah kamalirkeun cai ti sawah nu ieu. Sarua sawah urang kénéh. Keur kokocokeun pibiniheun.” Apa nyarita deui. 
                Siga  hayang kapeunteun meureun ku Kang Burhan. Padahal mah asa teu kudu. Mang Juhri, Mang  Wardi, jeung lainnna nu aya di sawah. Apanan lain pagawé  anyar. Geus mangtaun taun jadi panyawah. Geus pinter, teu kudu diomonganan deui.
                “Muhun, Gan. Ieu badé dikamalirkeun caina.” Mang Juhri nyarita. Manggut ka Kang Burhan, nu aya gigireun Apa.  “Iraha ti kota, Cép?”
                “Kamari, Mang.” Kang Burhan ngajawab. “Teu cangkeul, Bi eta dongko waé?” Nanya ka Bi Uti anu dongko  bari ngababut.
                “Tos biasa atuh. Cép.” Bi Uti tonggoy barang gawé. Leungeunna pakepuk nyabutan binih paré tina pabinihan, ditalian laju digundukeun.
                “Burukeun ngababutna, Bi. Yeuh geus bérés.” Mang Juhri anu tatadi anteng ngagurat sawah. Nyarita. Neundeun caplakan.
“Enya. Tah... atuh bantuan heula. Neundeunan pabinihan.” Bi Uti ngalung ngalungkeun pabinihan ka tengah sawah.
                “Ceu Ika. Naha can ka dieu.” Apa  nyampeurkeun.  “Sakieu geus beurang téh.”
                “Sakedap deui rupinan juragan. Bagéan ngalirkeun heula cai ka sawahna cenah.” Bi Uti némbalan.
                Kuring anteng neuteup maranéhna. Ku asa suka.  Mang Juhri, Bi Uti katingali hégar. Sanajan gawe bobolokot di sawah, tapi katangen galumbira. Tara katingali nguluwut sumawona ngarasula. Narimakeun kadarna. Nu penting bisa dahar. Heup. Da cenah rejeki kabéh geus aya nu ngatur. Perkara jodo? Kitu deui sarua geus aya nu ngatur. Kitu ceuk Bi Uti gé mun ngalelemu kuring. Bi Uti kacida deukeutna jeung kuring. Lian ti jadi panyawah apanan Bi Uti mah unggal poé sok ka  imah. Purah babantu di imah.
                “Tos Enung, teu kedah diémutan nu atos atos mah. Mugia sing damang. Janglar saterasna. “ Bi Uti ngalongok ka kamar waktu kuring keur gering. Gering mikiran Kang Burhan. Leungeunna ngusapan suku bari jeung ngagerenyem. Ngadua. Nyinglar kasakit meureun. “Moal lah Enung mah kiat.” Cenah bari angger ngusapan suku jeung anteng ngagerenyem. Pangalaman hirupna mémang pait. Ning Bi Uti mah angger tohaga. Leutik kénéh kawin. Ari geus boga budak dua ditinggalkeun ku nu jadi salakina ka kota. Tapi  Bi Uti teu boboleh. Pangalaman hirupna jadi conto nyata keur kuring sorangan. Yén kuring bisa kuat. Bisa nyieuhkeun bangbaluh.
Pangaweruh teu kudu ditarima di sakola. Tapi tina kahirupan nyata. Tina pangalaman Bi  Uti kuring bisa panceg. Neuteup deui jalan kahirupan ka hareupna. Ti leuleutik dalit jeung Bi Uti, geus asa ka indung. Papatah Bi Uti nyerep kana sanubari.  Nongtoréng kénéh kana ceuli waktu manéhna  nyarita yén kahirupan jalma mah bisa robah. Teu nu kaya teu nu miskin roda kahirupan bakal muteur.  
                “Aduh. Nung. Tong leuleutakan bilih diseuseulan ku Ibu.”
                “Ih. Pan abi gé hoyong diajar atuh Mbi. Hoyong diajar ngarambét, babut.”
                “Tapi Enung mah teu kedah lungsur atuh. Wios Mbi  wungkul anu lungsur mah. Enung mah calik waé di saung.”
                “Pan hirup mah muter, Mbi. Engké pami jaga Enung janten panyawah kumaha tah.” Kuring nu harita masih SD nyarita. Bi Uti langsung teu nyarita deui.
                “Simpenna dina tengah tengah gurat, Nung. Sanés di dinya.”Bi Uti nuduhkeun anu sakuduna.
                “Oh, dina perpotongan garis nya, Mbi. Sumbu X dan sumbu Y.” Asa inget ka  guru Matematika.  “Simpan titik pada perpotongan garis sumbu X dan sumbu Y.”
                “Hihi, Nung. Aya aya waé. Make jeung aya X sareng Y sagala. Bibi mah teu ngartos. Tah leres di dinya Nung. Pinter pisan.”
                Sataun geus kaliwat ayeuna kuring teu  nganti teuing anjeun nu nepi ka kiwari teu mucunghul. Rék mupus ngaran anjeun. Kangen nataku sabenerna. Tapi anjeun geuning geus sulaya. Hamo inget ka kuring urang kampung bau lisung.  Cipanon sok merebey lamun inget harita waktu nyetel tivi. Kabeneran keur siaran langsung acara pelantikan para pejabat di kota. Bréh geuning anjeun, enya Kang Burhan. Bungah. Tapi langsung leungit waktu ningali saha anu ngadamping. Awéwé geulis rancunit. Pamajikanna, kitu ceuk réportér tivi mah. Harepan nu dipupusti laluncatan.
Saré teu tibra balas mikir kumaha engké mun geus jeneng. Kuring kudu kitu kudu kieu.  Geus puguh ngadua mah teu kudu dicaturkeun.  Laksana anjeun jeneng nyekel kalungguhan. Sanajan pamustungan batin kuring peurih. Doa reureujeungan ngajadi. Ngan lain jeung kuring. Tapi jeung awéwé lain. Duh, ku téga Kang Burhan. Neundeun asih ka kuring. Nu sanyatana cinta saujratna ngan keur anjeun. Sedeng anjeun mah teu kitu. Ukur méré harepan suwung.
“Nung kunaon ngalamun waé. Hayu...” Apa teu kanyahoan geus aya tukangeun.
“Muhun, Pa.” Mang Juhri nu  manggul caplakan ngaleungit tina teuteupan. Baganti ku hiji jirim. Apa. Apa  nu kacida tulaténna. Merhatikan kuring kacida.
“Kang mugia anjeun aya dina kabagjaan salawasna. Sanajan haté peurih lain meueusan. Tapi kuring kudu ngucap syukur. Anjeun geus meunang calon anu luyu jeug  jabatan anjeun. Awéwé modern. Awéwé masa kini nu pastina bakal ngarti kana kahayang anjeun.”
Takdir teu beunang dipungkir. Jodo, pati bagja cilaka geus aya nu nangtukeun. Geus haben ngagurat taneuh. Tapi ning kahayang can kalaksanakeun. Kuring?   urang kampung. Tong ngimpi meunangkeun ménak, urang kota. Geus dideukeutan ku Maman atawa Déni gé geus kudu sukuran.***


Nina Rahayu Nadéa. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Tulisannya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Banyuwangi, Haluan-Sumatera, Koran Waktu, dll

Tidak ada komentar:

Posting Komentar