Rabu, 27 Desember 2017

Mangsa Tunggang Gunung

Carpon Galura Oktober 2017


Mangsa Tunggang Gunung
Ku Nina Rahayu Nadéa
Angkot hideng eureun, waktu Darga-minantu kuring ngagupay. Lalaunan kuring ngalacat waktu angkot  hareupeun.  Diuk di juru pangtukangna sanggeus mernahkeun iteuk. Di lawang hareupeun panto  jeung nu di gigir mah geus pinuh. Arembung ngiser. Nu kosong ukur duaaneun. Di pangjuruna.
                Sanggeus panumpang tumaninah. Geuleuyeung angkot maju. Awak nyarandé ngareureuhkeun kacapé. Angkot nu maju lalaunan asa ningtrimkeun haté. Ngayun ngambing, ngagero katunduh datang. Sareup reupeun peureum, langsung molotot. Waktu angkot dirém semu ngadadak. Budak leutik awéwé umur 7 taunan  dituturkeun ku lalaki kolot asup, sanggeus awéwé ngora  gendut turun. Nu anyar datang diuk hareupeun. Tina paneuteupna nu lamur sarta kulitna anu paréot,  umurna teu béda ti kuring, 70 taunan.  Ngan bararesih, béda jeung kuring. Baju koko bodas, dikopéah haji bodas, nambah cahayaan.  Katunduh nu tadi datang leungit waktu ningali anu datang. Asa hayang nyidikeun, kabita ku cahayana. Jeung asa apal. Rét ka incuna anu  dilahun. Rét ka Darga nyekel kantong pageuh, siga anu kasieunan.   
                “Ki...Melly terang saha é...” Budak leutik nunjuk ka kuring.
                “Sst...” leungeuna haget nyekel leungeun incuna. Nitah tong geruh.
                “Dieu gera...” Manéhna ngaharéwos
                Lalaki kolot unggut unggutan. Waktu incuna ngaharéwos kana ceuli. Ngabéjaan meureun saha ari kuring téh. Enya kuring gé beut asa wawauh. Asa kungsi  panggih jeung ieu jalma tapi dimana?
                “Oh.... muhun Engki nembé émut.”  Lalaki kolot ngabelenyéh.
                “Melly téa atuh pinter, nya, Ki...”
                Suku anu nyanyautan dipencétan lalaunan. Geus puguh ari awak mah pasiksak. Bangun anu protés unggal poé dibawa kukurilingan. Jegroh... jegroh batuk sababaraha kali.
                “Beulah dieu diukna,” rada kasar. Darga metot leungeun kuring. Waktu aya panumpang anu turun. Ngised ngadeukeutan panto. Euweuh kasopanan pisan boga minantu téh. Kahayang mah nyarékan. Ngan teu nyoara, nurut kahayangna, ngisedkeun awak. Nyarandé ka tukang.
                “Tong saré. Sakeudeung deui nepi.” Darga  nyentak ningali kuring ngalenggut. Kabéh panumpang naringali kuring. Kaasup lalaki kolot hareupeun. Manéhna gogodeg, ningali pamolah minantu. Batur gé pasti keseleun meureun. Komo deui kuring. Sanajan geus biasa disentak tapi angger wé sok aya nu nyeuitan haté. Panon dibolototkeun bari jeung keukeureuceuman. Nyekel iteuk pageuh sieun lésot. Teu lila bolototna. Panon  mingkin ceuleuyeu. Lenggut. Saheulaanan bisa ngalenyap, waktu ningali Darga keur  neuteup jalan. Sirahna rada ngénca, ngahalangan ka kuring.
                “Kiri...kiri” Ceuk Darga. Waktu angkot ngaliwatan hiji gang.
                 “Hayu, lungsur. “Lalaki kolot nyarita ka incuna.
                “Muhun.”
                “Tapi  Engki nyimpang heula ka masjid, nya.”
                “Muhun, Melly gé netepan di masjid, ah.”
                Ngalenyap, ngadéngé kekecapan masjid. Tempat anu baheula dalit jeung kuring, jadi pangbebetah, jadi ubar kuring mun keur rarudet.  Apal ayeuna mah, lalaki kolot éta. Imah coklat nu buruanna lega.
                “Punten, Pak... sodaqohna.” Leungeun kuring manjangan. Ka hareupeun  lalaki kolot waktu  ngaliwatan hiji imah.  Keur kerja bakti. Ti kajauhan geus katingali suka bungahna. Aya nu nyébor. Aya nu meresihan jukut, aya ogé nu ngangkutan runtah. Gawé babarengan. Paheuyeuk leungeun. Galumbira nakeran.  Kaasup lalaki kolot nu keur ngoréd.
                “Punten, Pak.” Lalaki kolot nangtung. Bari teu nempo ka kuring. Rék ngaléos.  Ngan basa ningali ka kuring,  paadu teuteup sababaraha detik. Aya harepan. “Ké, sakedap, Pak.” Manéhna ngaléos ka jero.
                “Ka mana?” Aya nu ngomong tarik ti jero.
                “Aya nu jajaluk.”
                “Tumben.”
                Kecap anu nyadarkeun kuring. Karék sadar, tiap ngaliwat ka dieu. Ka imah ieu. Can kungsi dibuka sumawona méré duit. Sanajan pupuntenan ménta sodaqoh. Lamun pareng muka, nu kaluar ukur incuna. Ngomong punten, cukup sakitu. Budak lumpat deui ka jero imah.
                Mimitina mah geus yakin. Moal hasil, da kitu kabiasaanna. Tapi anéh ayeuna beut robah. Duka meureun ningali kuring anu kolot pikarunyaeun. Nyimpulkeun kitu sotéh pédah tadi geus ngomong punten ngan béda jawaban waktu geus neuteup kuring.
                Loba kénéh gawé anu bisa dilakukeun tinimbang jadi jajaluk. Kuli panggul, ngumpulkeun rongsok, purah beberesih. Teu bauan.  Kitu kahayang kuring gé.  Asal halal. Mending purah beberesih di masjid, sanajan enya sadibéréna, tapi karasa nikmat. Karasa tingtrim kana diri.
                “Mending jajaluk. Babari duitna.” Darga molotot. Waktu kuring mugen nuturkeun manéhna.      “Mun hayang diurusanan mah kudu nurut ka kuring, Bah. Rék jeung saha deui silitulungan ari lain jeung anak mah. Méméh ka batur téh ka anak heula. Ti saha salila ieu Abah dahar? Dimana nyiruruk? Apanan di imah kuring.” Omonganna matak seueul.
                “Nuhun, ” Ngeleper leungeun, nampanan duit. Neuteup panon manéhna sakedapan.  Luk  tungkul. Aya nu sumulusup kana haté, ningali sorot panonna. Éra parada. Ku beresih éta beungeutna. Jauh jeung kuring anu lagedu ku dosa.
                Kadang mucekil. Kadang saeutik. Tara ari nepi ka polos mah. Masih loba jalma nu haat méré. Karunya ku waruga kuring nu geus kolot, rumanggieung. Sanajan aya ogé anu nyentak batan méré.
                “Euweuh gadag. Tibatan jajaluk mending gawé.”
                “Geus kolot, lain tafakur ngadon ménta ménta. Jajaluk téh pagawéan hina!”
                Loba  omongan nu matak nyentug kana ati. Tapi  kuring tonggoy. Ngadekul dina pagawéan. Lain lain teu hayang robah.  Mun bisa mah tibaheula gé geus nyingkah.
                “Geus adan, Jang?” Nanya kanu jadi minantu.
                “Geus kaliwat, adan mah tatadi.”
                “Eureun heula. Hayang ka cai. Sholat heula.”
                “Teu kudu. Mendingan néangan duit. Duit mah moal datang mun teu ditéangan. Ké wé solat engké mung geus aya di imah.  Balik balikanan ayeuna, jadi tongtonan nu lain, mun Abah solat di dieu mah. “
                Leumpang lalaunan bari jeung rénghap ranjung. Kitu jeung kitu pagawéan unggal waktu. Teu nolih ku kakolotan.  
                “Solat heula nya, Jang. Barina gé Abah téh nyeri pisan suku. Hayang reureuh sakeudeung.”
                “Bedegong kolot téh. Ceuk aing engké... engké. Naha rék dahar jeung batu? Sakitu geus sagala karasa téh? Nyeri sirah téa, nyeri suku téa. Pan kudu ku duit éta téh. Hayu buru indit.” Semu ngagusur leungeunna ka kuring. Sanajan lieur kapaksa nuturkeun. Nguat nguat manéh.
                Datang ka imah ngalénghoy. Awak asa rangsak enyaan. Suku nyut nyutan. Ngalunjar dina dipan butut teu diamparan amparan acan.
                “Jang pangninyuhkeun téh manis atuh, Abah sakali ieu mah. Asa capé nakeran.” Kuring mencétat suku teu eureun.
                “Yeu, Bah. Cai hérang gé cukup.” Manéhna datang, mikeun cai ka kuring. “Keur jalma siga urang mah teu kudu maké nu amis amis sagala. Komo Abah geus kolot,  bisi diabetes. Barina gé lebar, da kudu dibeuli.” Darga diuk. Pelenyun rokok samsu nu karék dibeuli. Gégéléhéan banget ku nikmat nyanghareupan tivi 21 Inchi weuteuh kénéh.
                “Kang, kumaha beubeunangana?” Maslimah, anak kuring datang. Nyarandé ka salakina. Semu gumlis. “Tangtu atuh. Tah....” Mikeun kantong ka pamajikanna. “Pangoporkeun hayam wé Akang mah nya.” Bari angger ngaroko.  “Omot wé, tuh aki aki tujuh mulud mah. Sayur lodéh.”
                “Horéam ngurusanan nu kitu.” Ngagerenyem.
                “Keun wé kukut lebar, butut butut gé babari ngahasilkeun.” Darga ngahaha kitu deui Maslimah.
                Adan ngalanglaung pataréma jeung sora musik dangdut nu kaluar tina TV. Maksakeun cengkat. Leungeun ngarayap kana témbok imah.
                “Rék ka mana?” Darga nanya.
                “Ka masjid, Jang.” Kuring leuleuy.
                “Teu kudu ka masjid. Meungeus di imah wé. Kuriak ngucah ngacéh pagawéan. Lamun modar di masjid kumaha? euweuh nu ngagotong. Enggeus di imah wé.”
                Teu lémék. Ingkud-ingkudan muru cai. Wudhu. Solat remen baheula mah. Ayeuna bulang betong.  Loba godaan. Indit isuk datang Magrib tara aya waktu keur solat. Sakalieun hayang solat sok diulah ku Darga, bisi tekor kana hasil. Datang ka imah awak geus pasiksak boro boro solat, anggur humarurung, bari jeung teu eureun ngulaskeun PPO atawa tarason.
                Gambaran lalaki kolot saumuran kuring anjeucleu ti tatadi mula. Beut asa aya nu moyokan. Ngaléléwa kuring. Komo mun inget kana beungeutna nu cahayaan. Nandakeun bersih haté. Alus ahlakna. 
                Solat husyu bari jeung bedah cimata. Naha Pangeran ngahampura ka umatna nu ninggalkeun solat karna dihaja. Hirup dikukuntit pati, teuing iraha datang ka diri. Naha dina kaayaan pinuh ku pangampunan Gusti atawa dina waktu anu keur dibendon. Ah, masrahkeun sagalana. Mangsa tunggang gunung kahayang mah tingtrim ku  wirid. Ngaleuya ku dunga. Tapi ning hésé hojahna.
“Hapunten abdi, Ya, Rabb.”***


                Nina Rahayu Nadéa. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Tulisannya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Bayuwangi, dll

Tidak ada komentar:

Posting Komentar