Rabu, 27 Desember 2017

Kembang keur Dian

Carpon Galura Oktober 2017


Kembang Keur Dian
Ku Nina Rahayu Nadéa

                Dian...
Tuh tingali kembang  nu aya di buruan keur meujeuhna mangkak karembangan. Laligar pikabitaeun. Ciibun tadi peuting masih némpél na tungtung daun. Tinggorélap katojo panonpoé. Matak resep ningalina. Komo lamun ningalina jeung anjeun. Beuki geugeut. Pan ti baheula gé tempat ieu teh kacida dipikaresep. Sok lila diuk handapeun tangkal balimbing, bari jeung sagala dicaritakeun.
                Lebaran taun kamari. Anjeun kungsi nyarita. Neundeun jangji.  Jangji anu nepi ka kiwari  masih dipupusti. Yén Lebaran taun hareup anjeun téh bakal datang. Nepungan Ibu jeung Apa. Rék maheutkeun hubungan urang. Muguhkeun tresna sangkan geura disalametkan.
                Gumbira nu aya. Sanajan teu dipénta ku omongan. Ngan batin anu angger nyarita ti baréto gé. Yén hayang sabanerna hubungan urang téh nepi ka balé nyungcung. Tilu taun babarengan asa can kungsi anjeun nyaritakeun perkara indung bapak. Perkara nepungkeun kuring, nepungkeun ka baraya anjeun sakabéh.
Dian...
Hubungan urang éstu ngaguluyur teu aya hahalang sumawona ti kulawarga kuring. Pan anjeun mah sakitu geus dalit jeung Apa ogé Ibu. Anjeun geus dianggap anak. Lar sup ka imah. Ngan heunteu wé nepi ka mondok moék mah. Ngaragangan ka kuring. Ngaragangan salaku kulawarga awéwé. Yén kahormatan awéwé téh salah sahijina meureun ditingali ti lalaki anu remen nganjang. Nu sok mondok moék. Anjeun hayang mumusti kuring salilana. Sangkan teu aya pandangan négatif tinu lain.  Heunteu waé layeut jeung Apa ogé Ibu dalah jeung dulur dulur, kulawarga besar. Geus dipikawanoh. Geus pada apal sareréa yén anjeun calonna Dine. Calon kuring.
                Sakapeung aya kamelang. Tilu taun bobogohan. Can kungsi anjeun nyaritakeun kulawarga. Apanan anjeun mah cicing di dieu ngumbara. Taya geusan pakukumaha. Hirup nyorangan di kosan. Ti kuliah nepi ka gawé  éstu mandiri. Kabéh biaya ditangkes ku sorangan. Ngan kungsi nyarita anjeun téh asal ti Palémbang. Heup. Ukur sakitu.
                Mimiti  diwawuhkeun ku babaturan. Heunteu dihaja pédah waé kuring ulin ka kosan babaturan ngerjakeun tugas. Pék aya anjeun nu kabeneran kamarna pagigir gigir.
                “Dian.”
                “Dine.”
                “Ih meni sami tina D. Sigana jodo.” Anjeun imut ngaheureuyan ngajak wanoh meureun.
                Kecap anu biasa. Tapi pangaruhna kana awak matak tingsariak. Karék ayeuna aya lalaki anu togmol siga kitu. Duka pédah nu nyaritana anjeun meureun. Da lamun Gesang atawa Karli mah sigana haré haré. Geus biasa hog hag nyarita jeung kuring. Tapi ieu mah beut béda karasana. Ah, baper téa meureun. Pédah wé pas ningali ogé beut kataji ku panonna. Hérang. Siga héhérang budak leutik tanpa dosa.
                “Maké softlens kitu.” Gerendeng haté bari jeung nyumputkeun teuteupan waktu anjeun ningali ka kuring. Ah, tapi piraku lalaki maké softlens asa gareuleuh.   Norowéco dina dada mingkin loba. Tina neuteup sorot panon anjeun nu ngagenclang hérang beut jadi resep. Matakna meureun basa anjeun ngaheureuyan téh beut  aya nu nyérédét kana haté duka teuing naon atuh ngaranna. Ngan nu pasti éta rasa téh tetep maskét nepi ka kiwari. Komo mun  keur adu hareupan. Salting. Untung kasuka téh beut teu nogéncang.
                Sababaraha bulan ti harita anjeun ngedalkeun rasa, yén resep jeung bogoh ka kuring. Bagja temen. Laksana pataréma tresna. Sakapeung sok ngarasula naha tara tatanya ka anjeun. Perkara  bibit buitna. Ngan nyéta beut poék. Kaduhung tara nanya kunaon beut teu balik mun lebaran. Atoh nu aya panggih lebaran téh. Berarti anjeun bakal tepung jeung Ibu jeung apa ogé kulawarga besar kuring. Ah, ngingetkeun anjeun mah sok manteng. Anjeun lalaki bageur, tanggung jawab. Ibu kos gé kacida resepna jeung geus nganggap anak ning. Duméh kalakuanna pikaresepeun. Karesepna kana buku, dalit jeung perpustakaan. Teu anéh lamun IPK tiap semeseter teu weléh nérékél.
                Aya karesep anu lain, anu nyababkeun Apa kacida resepna ka anjeun. Catur. Cocog. Apa asa manggih batur. Kasimpéna salila ieu kagantian ku datangna anjeun. Pan biasana mah Apa ukur maén catur sorangan. Bari sakapeung nuliskeun rumus meureun dina kertas. Rumus sangkan raja teu bisa gerak. Skak. Kitu jeung kitu lamun Mang Danu - badéga keur teu aya. Baheula mah keur barudak kumplit can malencar Apa mindeng maén jeung Kang Jana lanceuk kuring nu pangais bungsu. Lian ti éta mah teu aya. Ukur Kang Jana budak Apa nu sapangaresep. Matakna basa Kang Jana nikah, Apa teu aya batur.  
                Tisapkrak aya anjeun, Dian. Apa jadi hégar. Tara deui ulin catur sorangan di kamar. Kuring gé sakapeung timburu ka anjeun anu terus waé bareng jeung Apa. Geuleuh. Da perhatian anjeun tamplok ka Apa. Tapi kétang keun baé pan aya alusna, matak kitu gé geus diaku minantu. Héhé.   Kamelang Apa jeung Ibu gé ngurangan. Pan saacan aya anjeun mah,  unggal usik nanyakeun  babaturan. Lain babaturan biasa tapi babaturan anu rék marengan kuring nepi ka engké. Pisalakieun.
                Da enya, kuring téh asa alergi ka lalaki. Teu dibéré resep atawa bogoh. Can aya nu cocog duka kumaha, padahal nu ngadeukeutan loba nu nyatakeun cinta aya. Ngan  asa embung. Ceuk dina pikiran mah mun boga kabogoh téh sigana bakal ribet. Ngatur téa. Teu beunang ka ditu ka dieu téa. Éta meureun anu jadi tinimbangan naha kuring beut heunteu waé muka lawang ka lalaki. Tapi panto ngadadak muka basa tepung jeung anjeun. Panggih langsung aya nu nyetrum. Aya rasa nu béda.  Matakna haté langsung léah.
                “Din. Pokona mun kangen ka Dian tingal wé nya kembang ieu.” Anjeun neuteup kembang ros, laju dipetik. Diambung sakedapan terus dibikeun ka kuring.
                “Pasti atuh, pan Dine gé resep kembang.” Kuring ngurilingan taman. Lain waé pédah kuring geus boga Dian, resep kana taman téh. Ti baheula geus resep. Neuteup rupa kembang nu warna  warni.  Sanajan ngan saukur neuteup kukupu, bangbara, nyiruan, jeung sato lainna. Tapi angger teu bosen.  Masih untung Apa jeung Ibu boga tanah anu lega. Ngahaja nyieun taman méh betah.
                Dian...  Lebaran geus lila kaliwat. Dulur baraya anu asalna ngumpul di dieu. Geus marulang ka tempat séwang séwangan. Sedeng kuring masih satia di dieu. Diuk handapeun tangkal balimbing. Neuteup kembang anu laligar. Ngangseu seungitna anu ngahiliwir. Naha anjeun poho Dian. Lebaran téh urang jagji kudu tepung.
                Padahal harita. Enya taun kamari Apa jeung Ibu geus nyadiakeun kadaharan karesep anjeun. Heunteu ngan saukur kitu Apa jeung Ibu geus nyadiakeun oléh oléh anu loba, bisi waé cenah aya bésan datang.
                Kajudi. Kunaon Ibu nyarita kitu,  meureun anjeun geus neundeun carita.
                Sapoé... dua poé... nu dianti teu datang. Purnama geus ganti sababaraha kali. Ayeuna panceg dua Lebaran anjeun teu datang.  Ibu jeung Apa nu mimitina ngarep ngarep nitah sabar ka kuring sangkan sabar nungguan, ayeuna mah geus mopohokeun. Malah lamun kuring ngamimitian ngomongkeun anjeun sok disalénggorkeun. Ngahaja meureun améh kuring teu katutuluyan mikiran anjeun.
                Kamari Ibu ngahaja datang ka kuring. Ngabéjaan, aya babaturan nu rék datang. Dian ngaranna. Bungangang. Geus pasti anjeun datang nepungan. Kembang ros nu hégar ngahaja dipetik. Diteundeun di rohang tamu. Nganti anjeun béak karep. Ronghéap datang. Nu laligar téh ngadadak nguncup. Seungitna ros jero rohangan beut ilang. Waktu neuteup nu datang. Enya Dian. Tapi lain Dian anjeun. Ieu mah Dian nu lain. Babaturan TK kuring. Indungna kabeneran sobat Ibu. Ti baheula cenah hayang bébésanan jeung Ibu.
                Teu kudu dicaritakeun kumaha samagahana haté. Tapi kuring leuwih nyaah ka Apa jeung Ibu. Sok ceurik sorangan lamun ningali Apa catur sorangan. Sok merebey cimata lamun Ibu ningalian foto kuring leutik mapay nepi ka ningalian foto anjeun. Lahlahan ieu haté rék dibuka narima ngaran Dian nu anyar. Kuring unggek sumegruk na lahunan Ibu, waktu Ibu nanyakeun narima heunteuna tresna Dian.
                “Geulis anaking. Jodo pati bagja cilaka éta sadayana ti Gusti. Apa jeung Ibu geus sepuh. Nyaah ka Dine anaking puputon ati. Gudawang hidep gudawang Ibu. Peurih hidep peurih Ibu ogé Apa.” Ibu ngusapan mastaka.
                “Tong mikiran Apa Dine anaking. Léngkah hidep masih panjang. Siga pion catur anu dipaénkeun. Teu apal kumaha ka dituna. Geus aya sutradarana. Apa  masih bisa nyeuihkeun peurihna hirup ku maén catur. Hidep? Ah, Dine anaking. Apa embung ningali hidep alum sungkawa.”
                Dian...
Ieu kembang ros halégar deui. Aya ciibun na tungtung daun. Tinggorélap katojo panonpoé. Hérang siga héhérang panon anjeun. Duh asa teu iklas. Ceurik balilihan waktu kembang ros anu dipupusti téh  dituar, dibabad rata. Diganti ku kembang anyar. Kembang alus kembang ti luar negeri nu ngahaja dibawa  sangkan kuring lilir. Nganti nu anyar datang.
Ah, beut hayang gera deui Lebaran. Aya kayakin dina diri Lebaran nu dianti anjeun bakal tigin kana jangji. Dian... kembang ros dina haté beut  beuki ligar. Ligar ukur keur anjeun.***



Nina Rahayu Nadéa. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Tulisannya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Banyuwangi, Haluan-Sumatera, Koran Waktu, dll

Tidak ada komentar:

Posting Komentar