Tampilkan postingan dengan label Carpon Murangkalih. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Carpon Murangkalih. Tampilkan semua postingan

Selasa, 16 Juni 2020

Gara-gara Korona

Carpon Murangkalih
Dimuat di Majalah Mangle, No 2776, 2-8 April 2020


Gara-gara Korona
Ku Nina Rahayu Nadéa

                “Horéé libuur.” Réga ajrag-ajragan waktu bu guru ngumumkeun yén salila dua minggu diajar di imah. Pembelajaran Jarak Jauh, kitu kasebutna. Kabayang bisa nongton tivi, maén gim, maén tiktok sawaregna.
                Poé  kahiji sumanget nitenan Hapé. Tugas ti Bu Siti ngeunaan korona langsung dikerjakeun. Babari da materi ngeunaan korona mah numpuk. Asal daék maca. Tugas langsung dijapri ka Bu Siti.
                “Bu, Réga nonton film nya.”
                “Kerjakeun heula tugasna.”
                “Atos.”
                “Sadayana?”
                “Muhun.”
                Réga surak basa Ibu unggek.  Ti jam satu labas nepi ka jam lima soré nagen hareupeun tivi. Cengkat téh mun Ibu ngagero nitah ka cai atawa nitah dahar.
                Poé ka opat cul kana tivi. Anteng kana hapé. Maén tiktok. Dua leungeun ka luhur, nyekel sirah, leungeun nyilang piligenti terus gaya metik buah, létah dielélkeun.  Dungdak déngdék hareupeun kaméra hapé. Kabéh gaya  ditamplokeun. Nyieun tiktok ngaliwatan aplikasi likee.
                Bosen maén tiktok pindah kana gim kitu wé piligenti. Mimiti kesel.
                “Bu....”
                “Hemmm.” Ibu nu pakepuk di dapur ngarérét.
                “Ka bumi Dini nya?”
                Ibu gideug teu panuju.
                “Sakedap atuh, Bu. Tugasna sadayana tos dikerjakeun tos dikirimkeun ka bu guru. Nya, Bu da geulis atuh Ibu mah.”
                Indungna mesem. “Teu kenging. Sok calik wé di bumi.”
                “Atuh da bosen.”
                “Dangukeun, sadayana gé teu kenging ka luar. Kedah calik di bumi. Sami Dini ogé ku mamahna teu kénging ka luar.”
                “Muhun. Matakna Réga mah badé ka bumi Dini. Pan aman calik di bumi. Moal ka mamana Bu. Pliis.”
                “Saur ibu teu kénging. Titik.” Ibu rada nyureng.
                “Ku naon sih sadayana ngalarang ka luar.” Réga  ceurik. Keuheul nataku ka indungna.  Padahal Dini téh sobatna.  
                “Sok nelepon wé ka Dini.” Ibu nyarita leuleuy mikeun hapé ka Réga.
                “Aliiim.  Réga mah hoyong pendak.” Réga ngagadeud.
                “Upami Dini kersa ka dieu sok.” Walon indungna.
                “Horéé.” Réga nyusut cipanon. Nyokot hapé tina leungeun indungna.
                “Diniiii. Nuju naon?”
                “Maén gim juma. Réga nuju naon?”
                “Nuju nelepon. Héhé.”
                “Diniii. Réga hoyong ka bumi Dini. Ngan ku Ibu teu diwidian. Dini ka dieu atuh ameng ka Réga. Réga hoyong pendak.”
                “Dini gé teu kenging ka mamana ku Mamah. Saur Mamah kedah di bumi.”
                “Ih, naha nya, ortu kita beut sami nyariosna.”
                “Ke, mun teu aya korona tiasa pendak cenah.” 
                “Bu, ku naon sih beut sadayana teu kénging ka luar. Dini, Cindy. Ku Réga diteleponan téh sami cenah teu kénging ka luar.”
                “Kumargi nuju aya pirus korona. Upami ka luar bilih aya nu eutreup heug tépa.”
                “Kantun minum obat atuh. Pan damang.”
                “Ieu mah teu acan aya landongna geulis.  Urang moal katépaan lamun tiasa ngajaga kabersihan. Salah sahijina ku cara ngajaga jarak. Hartosna teu pependak heula sacara langsung sareng réréncangan sareng wargi. Intina kedah calik heula di bumi. Ibu gé sami hoyong pendak sareng Bi Eutik, Wa Ai.  Ngan wayahna ayeuna mah tong waka pendak. Bisi aya pirus korona.”
                “Jahat atuh korona téh nya, Bu. Padahal téwak gera.”
                “Muhun, mun katingal mah ditéwak. Ieu mah pan teu katingal.”
                “Jaba lami kénéh liburna. Réga tos sono ka réréncangan. Hoyong main bola di lapangan, uucingan. Gara-gara korona, Réga dikerem di bumi.”***
               
Profil Penulis
Nina Rahayu Nadea. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Karyanya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat Yogyakarta, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Banyuwangi, Jabar Ekspres, Majalah Geliat, Rakyat Sultra-Sulawesi Tenggara,  Koran Pantura Probolinggo, Majalah Cianjur, Koran Haluan Sumatera, FTBM Jabar, Medan Pos, dll


Selasa, 09 Januari 2018

Taun Baru

Carpon barudak. Dimuat di Majalah Mangle, 10-17 Januari 2017. Keur pun anak. "Regalia Candranaran Arief Nadea"


Taun Baru
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Sora luhureun suhunan beuki tarik. Imah asa inggeung karasana. Tini nutupan ceuli ku  bantal. Babaturan ti luar kadéngé surak, marotah pisan.
                “Hayu Tini...” teu kanyahoan Andin aya hareupeun. Metot leungeun  satengah maksa.
                “Moal, Din. Tini mah mending di dieu waé.” Tini  mugen.
                “Ih, hayu atuh. Jauh jauh ka dieun ngadon murungkut di kamar. Teu asiik, ah.”
                “Kunaon ah, Andin téh maksa.” Hing wé Tini ceurik.
                Sora petasan jeung  mércon beuki tarik. Ting jelegér. Babaturanna gé kabawakeun ku kaayaan. Surak teu eureun bari jeung ting jorowok. Tini beuki ngagukguk. Leungeun pageuh nyekel bantal nutupan ceuli.  
                Andin ngahuleng ningali Tini kitu.
                “Eu... hampura atuh Andin, nya, maksa waé Tini ka luar. Tadina mah nya méh Tini apal wé kaayaan taun baru di dieu. Karunya Bu Cicih, tos nyiapkan babakaran di luar. Aya bakar jagong, sosis, saté, kumplit. Karunya. “ Andin ngajanteng. Asa dosa maksa Tini ka luar kamar.
                “Andin gé moal ka luar atuh, rék maturan Tini waé di dieu.” Gék Andin na biwir ranjang, semu bingung.
                “Sok wé Andin mah ka luar. Karunya Bu Cicih.”
                “Kéla atuh, Tini ka luar heula nya....” siga nu atoh. Beretek wé ka luar kamar. Teu lila ogé kadéngé corowokna, ngahiji jeung lain.  Kacipta maranéhna anteng naringali mércon, petasan nu tinggurilap mapaésan langit, Tini ngabayangkeun nu aya di luar.
                Lémbang. Tempat ayeuna anu ku Tini dicicingan. Ngahaja ka darieu. Tadina mah mugen da geus kajudi naon anu bakal kaalaman. Tapi babaturan keukeuh maksa. Mamah gé ngajurungkeun. Diajar mandiri cenah. Barina gé pan lain di sasaha di Lémbang téh. Di imah bu Cicih, Wali kelasna. Itung itung sukuran cenah yén barudak geus  ngalaksanakeun Ujian Akhir Semester hiji  kalawan lancar. Tur nileina nyugemakeun.
                Ti baheula barudak ngarenghik ka bu Cicih. Hayang ulin ka Lémbang.  Barudak ka bu Cicih dareukeut pisan. Béda jeung ka guru lain. Lian ti jadi wali kelas téh bu Cicih kacida getén merhatikeun barudak. Teu anéh lamun kolot gé teu melang nitipkeun barudak.  Ka bu Cicih asa ka kolotna sorangan. Aya nanaon pasti curhatna ka bu Cicih. Mun aya dahareun saeutik saeutik pasti sok mekel ka sakola, inget ka barudak.
                Kabéh dareukeut. Bu Cicih geus apal kana kaayaan barudak. Taya anu dirusiahkeun ka bu Cicih. Iwal Tini meureun anu ngemu rusiah. Ngan indungna nu apaleun. Ayeuna taun mimiti Tini diajar ka luar ku indungna. Ngahaja. 
                “Enyaan Tini moal ka luar. Tuh Ibu gaduh popcorn seueur. Bisi Tini alim babakaran mah.”Bu Cicih ngelol ka kamar. Dibéjaan ku Andin sigana, yén Tini ceurik di kamar.  “Wios atuh ari Tini hoyong di kamar mah. Ngan asa anéh, nu lain mah curak curak. Ari ieu beut nyorangan. Pan Ibu jadi melang. Rieut Tini téh?” bu Cicih  nyabak tarang Tini.
                “Heunteu.”
                “Tong nyeuseul ka Andin nya.  Cenah tadi  maksa téh bakating ku nyaah ka Tini. Méh apal kaayaan Lémbang dina taun baruan. Pan ti basa éta gé Tini hoyong ameng ka dieu. ka bumi Ibu. Hampura lamun Ibu karék ngajak ayeuna.”
                “Bu hapunten Tini.” Tini nyegruk.
                “Enya teu nanaon.”
                “Bu. Saleresna...” Ngarandeg.
                “Sok atuh kunaon?” Bu Cicih neuteup.
                “Tini mah... upami taun baru téh sieun. Sieun ngadangu pepetasan sareng mércon. Sieun pisan, Bu.” Tini nginghak.
                ”Baruk?”
                “Kapungkur sababaraha taun ka pengker, Tini siga nu sanés. Resep pisan nyeungeut petasan. Resep ningali mércon nu mapaésan langit. Ngan duka kumaha ngawitanna.  Petasan nu  ngapung ka langit téh, muragna  beut ka bumi Aki. Ngaduruk bumi Aki.  Aki anu nuju kulem dugi ka ngantunkeun. Matakna Tini téh alim pisan ngadangu petasan. Dini sieun, Bu, sieuuun.”***
               

Nina Rahayu Nadéa. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Tulisannya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Banyuwangi, Haluan Padang, Harian Cianjur, dll

Rabu, 01 November 2017

Diajar Shaum

Wilujeng Ega, carponna dimuat di Majalah Mangle.


Carpon Alit
Diajar Saum
Aya tilu murangkalih, namima: Sarah, Syla sareng Salma. Syla sareng Salma mah saumna tara dugi ka tamat. Tapi Sarah mah sok tamat waé. Kumargi upami saumna tamat sok dipasihan artos ku mamahna.
“Salma, Syla? Saumna sok tamat tara?”
“Abi mah saumna dugi ka lohor. Teras di sambung deui.”
“Abi gé tara tamat. Sok lapar waé. Upami Sarah?”
“Abi mah sok tamat. Da ku Mamah sok dipasihan artos.” Sarah némbongkeun artos tina sakuna.”
“Aduh artosna meni seueur.”
“Muhun pan saum waé. Teras saur Mamah upami saumna tamat kénging pahala anu ageung ti Gusti Alloh. Engké wengi urang tarawéhan nya.”
“Muhun. Hayu ah, urang uih tos sonten. Amengna atosan nya.” Bring nu tiluan téh ngalabring uih ka bumi séwang-séwangan.
*
“Sarah énggal abdas heula.”
“Sakedap atuh, Bu. Hoyong nongton heula” 
Énggal Sarah tarawéhna badé dikawitan.”
 “Muhun. Sarah nyandak heula mukena.”
“Sarah badé di payun atanapi di pengker netepanna?”
“Ah, hoyong sareng Ibu di pengker. Di pengker mah tiasa nyarandé.”
“Atanapi badé sareng réréncangan di payun? Pan aya Syla sareng Salma ayeuna mah.”
“Nya tos atuh Sarah mah netepanna sareng réréncangan di payun.”
“Sok atuh kaditukeun énggal mukenana bisi kabujeng ditempatan ku nu sanés tempatna.”
“Muhun, Bu.” Sarah lumpat ka masjid anu aya payuneun bumi.
            Dugi ka masjid Sarah nyampeurkeun Syla sareng Salma. “Héy, Syla, Salma, netepanna di payun yu?”    
“Hayu...” Syla sareng Salma nuturkeun Sarah.
            “Sarah ayeuna téh sunat. Sarah badé ngiringan sunat teu?” Syla naros.
            “Ah, moal waka. Bisi capé engké tarawéhna. Da saur Mamah tarawéhna kedah pul, teu kénging liren.”
            “Hayu atuh meungpeung sunat urang calik heula. Urang maén aabécéan.” Sarah, Syla sareng Salma ameng aabécéan.
“ABC ada lima.” Ramo sadayana luhureun sajadah.
“Tina bubuahan nya.” Sarah nyarios.
“a...b...c...d...e...f...g...h...i...j.”
            “J?”
            “Abi Jeruk.” Saur sarah
            “Jambu,” saur Syla.
            “Aduh abi naon nya.” Salma ngahuleng.
            “Salma éléh... Salma éléh.... Kedah diciwit.”
Tapi amengna teu diteraskeun kumargi waktosna netepan Isa. Salma, Syla sareng Sarah énggal tatih ngiringan netepan.
            Dina waktosna netepan tarawéh. Sarah mah giat. Netepan teras. Syla sareng Salma mah seueur lirénna, teu giat siga Sarah.
            “Sarah tong netepan teras atuh capé. Mending istirahat heula siga abi.”
            “Alim, ah. Pan abi mah netepan kedah pul. Améh artosna ditambihan. Héhé.”
            “Ah, abi gé engké mah badé netapan pul, ah. Engké ka mamah badé nyungkeun artos siga Sarah.”
            Balubar ti masjid kaluar sasarengan. Ngobrol heula di buruan masjid.
“Sila, Salma urang mésér baso yu ka Pa ustad.”
            “Hayu atuh. Ku abdi diantos nya di bumi Pa ustad. Abina nyandak heula artos.”
            “Duh kumaha nya. Abi mah teu gaduh artos. Artos jajanna tadi tos diséépkeun.” Saur Syla. “Duh Sarah mah artosna meni seueur.” Syla ningal artos Sarah.
            “Pan abi mah tarawéh sareng saumna pul, janten ku mamah sok dipasihan artos.”
            “Ah abi gé ayeuna mah  tarawéh sareng saumna badé pul. Méh siga Sarah.”
            “Nya sok atuh. Ayeuna mah artos basona ti abi heula. Énjing artosna ti Syla.”
            “Siap Sarah.” Syla seuri atoh. Tah ti harita, Sila sareng Salma rajin netepan sareng saumna.***
           
Kintunan:
Regalia Candranaran Arief Nadea
Kelas 2B
SD YWKA.
Jalan Rajawali Bandung.