Carpon Alit
Diajar Saum
Aya tilu murangkalih, namima: Sarah,
Syla sareng Salma. Syla sareng Salma mah saumna tara dugi ka tamat. Tapi Sarah
mah sok tamat waé. Kumargi upami saumna tamat sok
dipasihan artos ku mamahna.
“Salma, Syla? Saumna sok tamat tara?”
“Abi mah saumna dugi ka lohor. Teras
di sambung deui.”
“Abi gé tara tamat. Sok lapar waé. Upami Sarah?”
“Abi mah sok tamat. Da ku Mamah sok
dipasihan artos.” Sarah némbongkeun artos tina sakuna.”
“Aduh artosna meni seueur.”
“Muhun pan saum waé. Teras saur Mamah upami saumna tamat kénging pahala anu ageung ti Gusti Alloh. Engké wengi urang tarawéhan nya.”
“Muhun. Hayu ah, urang uih tos
sonten. Amengna atosan nya.” Bring nu tiluan téh ngalabring uih ka bumi séwang-séwangan.
*
“Sarah énggal abdas heula.”
“Sakedap atuh, Bu. Hoyong nongton
heula”
“Énggal Sarah tarawéhna badé dikawitan.”
“Muhun. Sarah nyandak heula mukena.”
“Sarah badé di payun atanapi di pengker netepanna?”
“Ah, hoyong sareng Ibu di pengker. Di
pengker mah tiasa nyarandé.”
“Atanapi badé sareng réréncangan di payun? Pan aya Syla sareng
Salma ayeuna mah.”
“Nya tos atuh Sarah mah netepanna sareng
réréncangan di payun.”
“Sok atuh kaditukeun énggal mukenana bisi kabujeng ditempatan ku nu sanés tempatna.”
“Muhun, Bu.” Sarah lumpat ka masjid anu
aya payuneun bumi.
Dugi ka
masjid Sarah nyampeurkeun Syla sareng Salma. “Héy, Syla, Salma, netepanna di payun
yu?”
“Hayu...” Syla sareng Salma nuturkeun
Sarah.
“Sarah
ayeuna téh sunat. Sarah badé ngiringan sunat teu?” Syla naros.
“Ah, moal waka.
Bisi capé engké tarawéhna. Da saur Mamah tarawéhna kedah pul, teu kénging liren.”
“Hayu atuh
meungpeung sunat urang calik heula. Urang maén aabécéan.” Sarah, Syla sareng Salma ameng
aabécéan.
“ABC ada lima.” Ramo sadayana
luhureun sajadah.
“Tina bubuahan nya.” Sarah nyarios.
“a...b...c...d...e...f...g...h...i...j.”
“J?”
“Abi Jeruk.”
Saur sarah
“Jambu,”
saur Syla.
“Aduh abi
naon nya.” Salma ngahuleng.
“Salma éléh... Salma éléh.... Kedah diciwit.”
Tapi amengna teu diteraskeun kumargi
waktosna netepan Isa. Salma, Syla sareng Sarah énggal tatih ngiringan netepan.
Dina
waktosna netepan tarawéh. Sarah mah giat. Netepan teras.
Syla sareng Salma mah seueur lirénna, teu giat siga Sarah.
“Sarah tong netepan
teras atuh capé. Mending istirahat heula siga abi.”
“Alim, ah.
Pan abi mah netepan kedah pul. Améh artosna ditambihan. Héhé.”
“Ah, abi gé engké mah badé netapan pul, ah. Engké ka mamah badé nyungkeun artos siga Sarah.”
Balubar ti
masjid kaluar sasarengan. Ngobrol heula di buruan masjid.
“Sila, Salma urang mésér baso yu ka Pa ustad.”
“Hayu atuh.
Ku abdi diantos nya di bumi Pa ustad. Abina nyandak heula artos.”
“Duh kumaha
nya. Abi mah teu gaduh artos. Artos jajanna tadi tos diséépkeun.” Saur Syla. “Duh Sarah mah artosna meni seueur.” Syla
ningal artos Sarah.
“Pan abi mah
tarawéh sareng saumna pul, janten ku mamah sok dipasihan artos.”
“Ah abi gé ayeuna mah tarawéh sareng saumna badé pul. Méh siga Sarah.”
“Nya sok
atuh. Ayeuna mah artos basona ti abi heula. Énjing artosna ti Syla.”
“Siap
Sarah.” Syla seuri atoh. Tah ti harita, Sila sareng Salma rajin netepan sareng
saumna.***
Kintunan:
Regalia
Candranaran Arief Nadea
Kelas
2B
SD
YWKA.
Jalan
Rajawali Bandung.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar