Senin, 06 November 2017

Lebaran Ka dua

Dimuat di  SundaMidang no 152. Dapat apresiasi dari Bu Walikota Bandung- Atalya Kamil


Lebaran Ka dua
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Lieuk deui lieuk deui. Beuheung manjangan. Teuing sabaraha puluh kali ngarérétan buruan. Némpoan jam saban usik. Angger suwung. Manéhna? enya Kang Mulyana salaki kuring. Apanan jangji dina Lebaran ka dua rék balik ka imah. Balik ti tempat gawé anu salila ieu méré pangupah jiwa keur napakahan. Kuring salaku pamajikan kudu sugema lain meueusan. Teu kitu kumaha apanan ti barang Kang Mul gawé ka luar Jawa mah hirup téh senang.  Lantaran kahayang cumpon. Pakaya loba.
 Pruk kawin. Balangsak. Kawin lain  karna materi anu ngaleuya tapi jangji sapapait samanis ngawelah rasa. Ngadumaniskeun katunggara jeung katuna malahmandar jadi beungkeut. Jadi simpay pikeun maheutkeun tali asih méh teu uculan.
                Brol budak kahiji. Can karasa teuing ripuh. Sahuap sakopeun teu masalah, nu penting aya. Tara ieung ngarasula, sanajan puasa Senén Kemis tara kaliwat, lian ti sunat maksud lain méh budak bisa cacap tibra rasa teu kudu apal kasusah.
Brol budak ka dua mimiti karasa. Susuna, pémpesna jeung lainna.  Teu bisa ku sabar jeung ngusapan dada sumawona siliélingan jeung nu jadi salaki siga anyaran jatukrami. Teu anéh mingkin ka dieu adat robah. Sabar  jadi aral. Imut ganti jamedud.  Ieu ogé meureun anu  nyababkeun Kang Mul antukna narima pangajak babaturan gawé ka luar Jawa.  Atoh wé nu aya, éta nu dipénta. Geus kajudi transferan tiap bulanna. 
                Enya tisaprak salaki gawé. Sujud sukur ka mantenNa,  duit  mayeng. Unggal bulan tara elat ngirim.  Ngan kitu teu bisa datang sahayangna. Tepung 6 bulan  sakali noron aya kana dua kalina. Kadieunakeun sataun sakali. Ayeuna?  Panceg dua taun can tepung. Teu ngarasula. Apanan kana kipayah mah nganomorhijikeun.   Nelepon tara elat. Nanaon lamun aya pangabutuh darurat tara ieuh diengkékeun. 
                “Hésé peréna”
                “Duitna dikumpulkeun keur pangabutuh” Kitu jawabanna. Lamun ku kuring dipuntangan kahayang sangkan bisa mulang.
                “Apanan ieu gé kahayang Nénéng. Méh loba duit.” Geus dikitukeun mah sok jempé. Rumasa. Sasat kuring anu ngajurungkeun gawé. Kurang sabar. Pangpangna geus dalit jeung karipuh.
                Teu ieuh dimoyah moyah duit pangajén ti salaki téh. Éstu dijeujeuhkeun kana kaperluan anu positip. Tuh imahna. Kitu deui sawah jeung kebon ayeuna mah boga. Atuh awak kuring anu asalna kuru ayeuna mah lingsig. Kitu deui  barudak jarangkung badak teureuh Bapak. Pangaruh gizi anu alus cumpon. Asuransi saeutik saeutik boga. Pikeun bekel budak sakola  luhur. Kitu deui tabungan di Bank sayaga.
                Taun ayeuna. Paling elat Lebaran ka tilu manéhna jangji bakal datang ka lembur. Surak. Dua taun teu panggih. Geus kabayang kumaha gumbirana. Pangpangna meureun dina Lebaran ayeuna mah moal nunggelis teuing. Aya nu ngalengkepan kulawarga kuring. Budak atoh basa dibéjaan taun ayeuna mah bapakna bakal balik.
                Sora adan ti masjid ngalanglaung. Bari popolah di dapur, leungeun sakapeung ningalian  HP. SMSan jeung Kang Mul.  Ngarenyu maca SMSna.
                “Kadé nya Kang, hilap. Lebaran ayeuna mah kudu ka lembur.”
                “Pasti atuh. Da Akang gé geus sono ka Nénéng, ka barudak. Pangpangna hayang geura ngeukeupan.”’
                Rék ngabales SMS teu jadi waktu aya si bungsu ngurunyung.
                “Mah, Bapak teh cios uihna nya?” budak nanya semu cadél. Panon neuteup ka kuring,
                “Muhun. Kunaon kitu naros waé?”
                “Tuh nya, engké Bapak Deni ka dieu.” Beni anak kuring nyarita ka Wawan babaturan sapantarna. “Ieu gera, Mah. Teu percanteneun, Bapak  dé uih téh. Abong tiap Lebaran Bapa tara aya.” Deni gogodeg  siga kolot. Terus wé ka luar. Ninggalkeun kuring anu seuri. Kagugu ku polah budak anu keur meumeujeuhna.  Basa ditinggalkeun ku Kang Mul téh umurna 6 bulanan. 
                “Mah. Ukeun kejuna wios?” budak ngurunyung. Celemun kana kuéh keju. Teu ngadago jawaban ti kuring.
                Antukna nguntun  deui panglamunan ka mangsa mangsa anyaran kawin jeung Kang Mul. Sanajan enya hirup dina kaayaan masakat tapi kaasih kahéman kacida gedé. Tara ieuh aya pacogrégan. Éstu sapapait samamanis sabagja sacilaka. Tapi kaasih jeung kahéman antukna luntur bedah... kalindih ka hal lain nu kuring sorangan hésé pisan narimakeun. Teu bisa gumbira. Teu bisa méré imut kareueut ka salaki. Padahal kahayang haté mah hayang anggeur imut, hayang angger nyanghareup geugeut ka salaki. Hésé. Asa teu iklas.   
                “Abdi teu butuh héman Akang. Cinta mah asa keur budak SMA, budak SMP. Ayeuna  duit nu dipikabutuh téh, Kang.” Kuring ngomong ka Kang Mul. Waktu hiji poé Kang Mul nitah sabar sarta angger rék mikahéman waktu kuring nyarita yén di imah geus teu aya béas.
                “Tapi kumaha atuh. Can aya milikna, Néng. Lamaran gé geus ka ditu ka dieu. Tapi nyamos waé.”
                “Lalaki wajib ihtiar, Kang. “
                “Naha Akang salila ieu cicing Néng? pan Nénéng gé apal pangabisa Akang ti baheula ukur jujualan. Jualan sapatu. Pan Nénéng gé geus apal. Sugan wé atuh usaha urang bakal nyugemakeun ka hareupna.”
                “Butuhna ayeuna. Kuring bisa puasa. Ari barudak? Jeung ceuk pikiran kuring. Angger jualan sapatu komo jualanna di Kampung urang mah,  moal maju, Kang. Bakal tetep miskin. Ceuk kuring mah mening tanpa tawaran Mang Giman gawé ka luar Jawa.”
                “Enya atuh. Ari éta kahayang Nénéng. Satadina mah Akang téh hayang angger ngariung.”
                Genep bulan sakali. Sataun sakali. Panggih jeung Kang Mul. Ayeuna dua tahun. Kang Mul bakal nepungan kuring. Jangji. Tapi enya kitu? Apanan nu enggeus enggeus gé  hésé.  Tina genep bulan  sakali panggih téh jadi naék deui sataun sakali. Ayeuna? Ampir  dua taun. Boa boa... ah, kuring miceun kahariwang.
*
                Takbir ngalanglaung. Kuring neundeun panglamunan. Ka cai seja  ngalaksanakeun ibadah solat Isa. Dadahut, isukan manggih kabagja tepung ngaring jeung kulawarga bari jeung sililubarkeun pangampura. Poé Lebaran.
                Lebaran ka dua pabeubeurang. Haté mimiti dilimpudan kamelang. Inggis manéhna sulaya. Teu datang deui ka dieu. SMS peuting nyebutkeun yén poé ayeuna geus aya di lembur. Kasalempang angger euntreup. Sieun siga nu enggeus eunggeus. Tapi asa piraku. Geus dua taun teu panggih. Meureun cukup nipuk duit. Aya kasono nu geu moho, mun anjeun perlu nyaho, Kang. Ah. Beut naha geuning kalangkang salaki némbongan. Karasa kadieunakeun. Aya rasa nu hésé dikedalkeun. Komo ningali ti kamari mula. Nu ngalabring ka masjid, nu nadran ka makam, nu ngabring ménta pangampura ka ditu ka dieu reujeung salaki, ari kuring?  Geus diniatan ayeuna mah. Lamun salaki datang rék namplokeun kasono anu moho, rék ngolo sangkan teu deui ninggalkeun kuring. Teu ngajauhan barudak. Hayang ngariung satuluyna. 
                Lebaran  ka dua pasosoré nu dianti téh ngurunyung. Ginding. Pangling. Lintuh beresih.  Andika budak ka hiji langsung  sasalaman. Ngan nu bungsu anu murungkut waé téh. Némpél waé di kuring. Enya gé ti saban waktu nananyakeun bapakna. Tapi dina prungna mah anggur cicing. Maklum. Asa ka jalma asing meureun.
                Lebaran ka dua wanci geus mimiti peuting. Sepré geus diganti. Kembang kembang kaasih nyaliara jeroeun dada. Sasabaraha kali ngeunteung. Inggis nguciwakeun. Samemena beberesih. Manéhna nu dianti keur ka luar heula, nganteur barudak ka toko. Kuring nyiapkeun nu dicipta. Hayang sampurna nyugemakeun. 
Sora HP di sada sababrah kali.     “Leuh geuning HP salaki tinggaleun,” ngagerentes.  Paneuteup pindah kana HP nu aya di luhureun koper gedé ngaréndéng jeung lomari. Sigana rusuh. Da tadi budak hayang geura geura indit.  HP disada deui. Dicokot. Aya SMS asup. Dibuka.
“Pap. Tong lami nyabana nya. Ieu si geulis kudu ka rumah sakit.”  Ngahuleng sakedapan.  SMS? Nganteur panasaran. Mukaan galery. Poto Kang Mul lolobana nu keur di proyék. Gagah.  Leungeun ngagésérkeun layar ka lebah luhur. Klik kana galery kulawarga. Pastina keur ngubaran kasono, poto kuring jeung barudak aya di dinya, gerendeng haté. Geus nyipta nyipta poto kuring jeung barudak bakal mapaésan.  Ngagebeg. Basa nitenan potona. Awewe geulis keur mangku orok. Kang Mul? Aya di dinya. Mangku budak nu umurna dua taunan.***    
               
               
Nina Rahayu Nad
éa. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Tulisannya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Banyuwangi, dll

Tidak ada komentar:

Posting Komentar