Senin, 06 November 2017

Rusiah Domba

Rusiah Domba_Mangle No 2636


Rusiah Domba
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Di leuweung éta mah geus pada apal  wéh yén domba téh sato anu pangjorokna. Tara mandi, tara meresihan awakna. Matakna awakna kacida bau. Teu anéh lamun sato nu lain embung ngadeukeutan  domba. Tapi domba mah sigana téh haré-haré waé.
                “Paduli teuing lah euweuh batur gé nu penting teu nyusahkeun batur. Nu penting bisa dahar.” Kitu wé ceuk pikiran domba mah.      .
Nu paling teu resepeun ka domba téh nyaéta oray piton. Tong boroning ngadeukeutan, ngulampreng ka tempat domba gé, éta oray kacida embungeun pisan. Mun aya perlu heug kudu ngaliwat ka tempat domba anu deukeut. Éta oray piton ngabélaan jalan nguriling jeung jauh bakat ku embung ngambeu awak domba.
                Dina hiji poé domba keur jalan-jalan. Manéhna reuwas ningali  Bapak bangkong anu keur ceurik.
                “Kunaon di dinya ceurik. Sok caritakeun.”
                Bari jeung rada ngajauhan embung ngambeu awak domba, éta bangkong nyaritakeun  masalahna.
                “Kurang ajar tah si piton. Wani-wani ngahakan pamajikan bangkong,” domba keuheul kacida.
                “Ayeuna kudu kumaha pilampahan kuring  domba? Jabaning ceunah manéhna téh ayeuna keur ngincer budak kuring hiji-hijina. Embung teuing kaleungitan anu kadu kalina. Eukeur mah eukeur pamajikan geus ilang. Piraku ayeuna anak kuring gé kudu leungit dihakan oray si atah adol.”
                Sawatara lila domba ngahuleng.  “ka dieu gera...”  Bangkong ngadeukeutan semu asa-asa, teu kuat ku bau tina awak domba. Tapi inget kana masalahna teu burung bangkong nyampeurkeun sarta ngaregepkeun kana naon omongan nu diharéwoskeun ku domba.
                “Nuhun domba nya. Éta papagah téh urang laksanakeun. Mugia waé aya hasilna.” Bangkong marahmay.
                “Enya geus tong sedih waé ayeuna mah.” Domba ngaléos ninggalkeun bangkong.
                Dina hiji poé bangkong jeung anakna keur arulin.
                Gorobas... sada aya nu ngagorobas sarta kadéngé aya sora hos hosan.
                “Pa... Babak... Sieun. Oray piton datang,” anak bangkong ngadeukeutan bapak bangkong.
                “Meunggeus tong sieun. Sok ayeuna mah praktékeun naon anu basa éta geus dicaritakeun. Éta téh dibéjaan ti domba. Sok buru-buru.” Bapak bangkong méré komando.
                Teu lila oray piton gedé datang. Létahna ulal elél panjang. Panonan burial buncelik neuteup kanu hareupeun.  “Lakadalah aya bangkong hareupeun. Rasa lapar téh sigana bakal kaubaran yeuh ngadahar manéh.” Oray nyampeurkeun. Bari jeung langsung nyapluk anak bangkong anu murungkut hareupeun.
                “Uwooo... “   Teu pupuguh oray utah uger. Miceun bangkong anu geus dicaplukna. Langsung ngaléos  ti éta tempat bari jeung angger utah uger.
                “Enyaan papatah domba téh matih pisan. Nuhun domba.” Bangkong seuri. Mun panggih deui jeung domba rék nganuhunkeun deui.
Papatah domba memang manjur. Paingan salila ieu domba tara mandi, tara meresihan awakna. Malah ngahajakeun awakna sina bau. Da éta rusiahna. Rusiah sangkan teu dihakan ku sakadang oray anu kacida telengesna. (  Tina buku Kura-kura pemanjat pohon PT Cahaya Pustaka Raga)

                Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Solopos, JogloSemar, jrrd.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar