Kanyaah Indung
Ku Nina Rahayu Nadéa
Sora takbir
ngalanglaung. Biwir ngagerenyem nurutan. Beuki kadéngé haté beuki gumeter beuki kebek ku kabingung. Saputangan nu dibawa geus baseuh ku cipanon.
Bi Éti
nu aya gigireun ngarérét ku juru panon, teu daék tumanya. Manéhna
gé
katangen ngeclakeun cipanon. Dina poéan Lebaran pastina kabéh
cipanon narémbongan,
cipanon kasuka jeung kasedih. Bisa
sililubarkeun dosa dina poéan ieu. Ngan kuring meureun anu ngemu kasedih. Kamelang
anu teu eureun eureun. Cipanon teu saat, angger merebey sanajan sabaraha kali
disusuatan. Teu daék ingkah kanyeri téh.
“Mangga anu di
luar geura kalalebet. Sakedap deui netepan id badé dikawitan,” Ustad Zénal
ngumumkeun tina toa masjid.
Nu di luar
mimiti asup ka jero masid. Shaff dirapetkeun. Kuring gé kitu, ngagésér
ka belah katuhu. Waktu aya nu datang
duaan. Pagling.
“Bu Dédéh
nya.” Miheulaan nanya ka kuring waktu aya gigireun.
“Muhun. Ké...
Enéng
téh
saha.” Sakedapan ngumpulkeun ingetan. “Néng Déti téa, putra Pak Haji Kohir?”
“Muhun.”
“Kumaha damang
Ibu? Dupi Déni ayeuna di mana?”
Aya nu nonjok
kana angen. “Nuju ka ninina. Hoyong boboran di ditu cenah. Enéng
masih damel di Bandung?” ngahaja nyalénggorkeun.
Déti
téh
babaturan anak kuring nu ka dua. Déni. Keur SMA mah mindeng arulin ka
imah. Ngalabring jeung babaturanna. Biasana mun tos Lebaran téh
sok ngarumpul di imah jeung babaturan sakolana. Reuni. Ngan sigana ayeuna mah
moal. Boroning jeung batur. Dalah jeung kuring gé teuing iraha ngumpulna.
Sakabéh
indung siga kuring kitu? Ngabélaan budak kumaha waé
carana. Rarasaan mah kuring mah adil. Ka ditu ka dieu sarua. Tapi teu kitu.
Masalah angger nampeu. Keur mah eukeur hirup ngan sapotong. Ti barudak bureuy sakabéh
pangabutuh ditangkis ku sorangan. Sugan téh ari barudak geus gedé
mah meureun kasusah téh ngurangan. Katurug katutuh ning. Nu panggedéna
babakuna. Budak lalaki anu sakuduna jadi taméng. Jadi pamecut tur pigur keur
adi adina. Gaganti nu jadi Bapak. Teu
jadi panutan.
Jajauheun ka
jadi panutan anu puguh mah matak pikasebeleun kabéh baraya. Teu waé
baraya. Apanan sasat salembur kacida ngéwa kanu panggedéna. Ngéwa kana kalakuanna. Kalakuan
budak kuring mémang teu eucreug. SMP teu tamat da kalakuanna gejul. Di
sakola ngan gelut jeung gelut. Mabal téa mah. Ah, geus loba masalah nepi ka
kuring remen pisan ka sakola lantaran dipanggil. Padahal mah salaku indung asa
geus capé
mamatahan téh.
Asa geus béak
sora béak
kecap. Jangji ukur dina biwir wungkul, angger kitu. Sanajan dina haté
pangjerona aya harepan, yén tinangtu hiji mangsa nu jadi anak bakal robah. Ngan duka
iraha.
Sugan
téh
geus gedé.
Geus gawé
mah bakal eucreug. Da cenah ceuk kolot meureun can wareg nyacapkeun kapanasaran waktu
keur ngora. Tapi budak kuring? Enya Komara anak kuring angger teu eucreug.
Cenah kudu dikawinkeun méh cageur. Kungsi
dilakonan. Kuat ngan dua taun, rumah tanggana pukah. Pamajikanna teu kuat
nyanghareupan salakina nu teu euih euih.
Kuring,
nu jadi indung. Angger narimakeun nu jadi budak, nyieuhkeun pacogrégan
kulawarga pamajikanna. Narima Komara méh puguh panyirurukeun, méh
hirup teu kadungsang dungsang. Nu jadi indung sayaga nampa nu jadi budak kumaha
waé
kaayaanana. Rék hideung rék bodas. Rék cacad atawa sampurna. Angger narima.
Sanajan
enya kanyaah indung siga kieu téh teu sapagodos jeung anak nu lain.
Jeung Deni ogé Rahmat. Teu resep lamun kuring terus terusan méré
kanyaah ka Komara. Geus kacida ceuceubna kana lampah Komara. Embung narima manéhna
salaku lanceuk. Sikepna geus haré-haré. Kitu deui dulur dulur mah
geus teu kudu disebutkeun. Dulur sagetih geus apilain komo ieu ngan saukur
katalian dulur. Nu narima nu sadrah nu iklas ka manéhna taya deui iwal ti indungna.
Kuring sorangan.
Wiridan
husu, muntang ka mantenNa sangkan nu jadi anak disalametkeun tina balai, teu
kabaud ku hal anu negatif. Doa nu panghususna ditujukeun ka si cikal. Komara nu
ti kamari taya mulang ka imah. Tiap léngkah manéhna salilana ninggalkeun
kamelang. Kahayang mah enya nitah cicing waé di imah. Tapi teu bisa.
Piraku teuing ari kudu dipahung di jero
kamar mah.
“Ma,
Kuring rék
ka luar heula nya. Biasa balangsiar. Doakeun ku Ema sing hahasilan.” Manéhna
nyampeurkeun kuring.
“Ka
mana deui, Jang?” kuring nalék. Paneuteup anteb ka manéhna.
“Ah,
Ema mah teu kudu nyaho. Pokona doakeun wé
sing hasil.” Ngoloyong ka luar kamar sanggeus maké jakét anu ngagantung dina kapstok.
Teu lila gerungna motor kadéngé ngagaur.
“Rék
ka mana deui cenah, Ma. Si ontohod téh.” Rahmat si bungsu nanya.
“Ih.
Teu meunang kitu ka lanceuk téh. Komo jeung nyebut ontohod mah,
pamali.”
“Ah,
lanceuk sotéh
lamun bener. Ieu mah, pan ...”
“Geus...
geus.... Anggur doakeun wé ku saréréa lanceuk manéh
sing jadi bageur tur soléh.”
“Rék
nepi ka iraha ngadoana, Ma. Geus teu
kudu didoakeun nu kitu mah. Adat kakurung ku iga. Manasina budak leutik, rumaja,
kudu diihtiaran. Geus jebrog... kolot kitu mah. Antep waé.”
Teu
didéngé.
Ngaléos
waé
ka dapur. Teu hayang papanjangan. Ukur bisa ngurut dada. Kahayang téh
boga budak tilu alakur. Nu jadi indung mah ningali barudak tengtram gé
geus bagja. Teu kudu mikiran pamulang tarima.
Komara.
Kitu ngaran anu dibikeun ku salaki ka manéhna. Ngahaja cenah méh
bisa ngangkat darajat kulawarga. Méré komara. Ningkatkeun ajén
kulawarga di mata balaréa. Teuing atuh pédah beurat teuing ku ngaran? Da geuning beut pasalia.
Gulutrak.
Sada panto pager dibuka. Sada aya nu leumpang. Ngalenggut téh
kagareuwahkeun kunu datang. Bungah nu
dianti ayeuna datang. Ngudar mukena nu dipaké.
“Ma...”
kadéngé
nu ngetrokan panto.
“Ké...
“ témbal
téh.
Nyampaikeun mukena kana paku. Mukakeun panto kamar.
“Hararésé
pisan... Ma... Ma...” nu keketrok beuki harus.
“Nya...”
panto dibukakeun.
Selengseng
bau teu pararuguh kaambeu. Bau inuman tina sungutna kaambeu pisan. Nyenyekel
botol inuman, bari jeung diacung acung.
“Na...
teu ngadéngé,
Ma. Keketrok lila téh.” Awakna ngagubrag kana ubin. Botol inuman nu dicekel
peupeus.
“Hampura.
Emana keur solat.” Niat nangtungkeun.
Orokaya teu katanagaan. “Ujang... Ujang na kalakuan téh kieu waé.”
Rawah riwih ceurik. Ugal ugil ngahudangkeun manéhna.
“Teu
nanaon, Ma. Kuring mah karék balangsiar.“ Komara nangtung leumpang dadaligdeugan.
Muru ka jero imah. Oorolo utah. Geblug.
Labuh deui di tengah imah.
“Dén...
Rahmat...” Gegeroan ka barudak. Suwung.
“Dén...”
Ngetrokan panto kamarna.
“Aya
naon, Ma?” ngelol tina panto kamar.
“Itu
lanceuk manéh
tulungan.”
“Antepkeun
wé,
Ma.”
Antukna
kuring ka luar menta tulung. Kabeneran aya Pak RT nu ngabring. Asa ditulungan.
“Pak
RT hampura tulungan. Pangmindahkeun
budak ka kamar.”
“Ka
marana ieu téh
ngalabring kieu?” Tanya kuring sanggeus perkara Komar réngsé.
“Kabeneran
aya Ceu Dedeh. Nyéta ngahaja rék ka dieu. Aya babadamian.”
“Ooh...”
Bungah ngadadak leungit baganti ku honcéwang.
Baganti ku kasalempang.
“Ceu.
Wayahna Komara kudu urusan jeung nu berwajib.”
“Berwajib?
Aya urusan naon?” tikoro ngadadak nyelek.
“Geus
ngaruksak toko boga kuring. Sarta geus wani ngagasab duit gedéna
ampir 20 juta tina brangkas.” Hiji lalaki nu tatadi cicing katangen ambekna.
“Panuhun.
Ulah dugi ka urusan sareng berwajib, Pa. Abdi kolotna rék tanggung jawab.”
“Muhun
saéna
kitu, Pa. Mending sok dicandak waé kanu berwajib. Méh
pun lanceuk kapok. “ Deni ka luar kamar.
Nyarita panjang siga nu manggih kasempetan.
“Pak
RT. Omat pangurusankeun masalah ieu. Pék tuh béngkél anu di pasir jaminannana.
“Ma...
Pan éta
mah titinggal Bapak hiji hijina.”
“Teu
nanaom. Ema rido asal nu jadi anak salamet.”
Sora takbir
ngalanglaung. Cipanon juuh neuteup kanu ngingkig ngajauhan. Indit teu bisa
dihalangan. Deni jeung Rahmat arindit
mawa katugenah. Teu régrog ku panggero. Teu surti ku kanyeri anu ngajeletit dina
ati. Angger ngingkig meulah simpena peuting. Leumpang norobos dibaturan takbir.
Nyupata indungna. Enya nyupata kuring anu majar pilih kasih.***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar