Taun Baru
Ku Nina Rahayu Nadéa
Sora
luhureun suhunan beuki tarik. Imah asa inggeung karasana. Tini nutupan ceuli ku
bantal. Babaturan ti luar kadéngé
surak, marotah pisan.
“Hayu
Tini...” teu kanyahoan Andin aya hareupeun. Metot leungeun satengah maksa.
“Moal,
Din. Tini mah mending di dieu waé.” Tini mugen.
“Ih,
hayu atuh. Jauh jauh ka dieun ngadon murungkut di kamar. Teu asiik, ah.”
“Kunaon
ah, Andin téh
maksa.” Hing wé Tini ceurik.
Sora
petasan jeung mércon beuki tarik. Ting jelegér.
Babaturanna gé kabawakeun ku kaayaan. Surak teu eureun bari jeung ting
jorowok. Tini beuki ngagukguk. Leungeun pageuh nyekel bantal nutupan ceuli.
Andin
ngahuleng ningali Tini kitu.
“Eu...
hampura atuh Andin, nya, maksa waé Tini ka luar. Tadina mah nya méh
Tini apal wé
kaayaan taun baru di dieu. Karunya Bu Cicih, tos nyiapkan babakaran di luar.
Aya bakar jagong, sosis, saté, kumplit. Karunya. “ Andin ngajanteng.
Asa dosa maksa Tini ka luar kamar.
“Andin
gé
moal ka luar atuh, rék maturan Tini waé di dieu.” Gék Andin na biwir ranjang, semu
bingung.
“Sok
wé
Andin mah ka luar. Karunya Bu Cicih.”
“Kéla
atuh, Tini ka luar heula nya....” siga nu atoh. Beretek wé
ka luar kamar. Teu lila ogé kadéngé corowokna, ngahiji jeung lain. Kacipta maranéhna anteng naringali mércon,
petasan nu tinggurilap mapaésan langit, Tini ngabayangkeun nu aya
di luar.
Lémbang.
Tempat ayeuna anu ku Tini dicicingan. Ngahaja ka darieu. Tadina mah mugen da
geus kajudi naon anu bakal kaalaman. Tapi babaturan keukeuh maksa. Mamah gé
ngajurungkeun. Diajar mandiri cenah. Barina gé pan lain di sasaha di Lémbang
téh.
Di imah bu Cicih, Wali kelasna. Itung itung sukuran cenah yén
barudak geus ngalaksanakeun Ujian Akhir
Semester hiji kalawan lancar. Tur
nileina nyugemakeun.
Ti
baheula barudak ngarenghik ka bu Cicih. Hayang ulin ka Lémbang. Barudak ka bu Cicih dareukeut pisan. Béda
jeung ka guru lain. Lian ti jadi wali kelas téh bu Cicih kacida getén
merhatikeun barudak. Teu anéh lamun kolot gé teu melang nitipkeun barudak.
Ka bu Cicih asa ka kolotna sorangan. Aya
nanaon pasti curhatna ka bu Cicih. Mun aya dahareun saeutik saeutik pasti sok
mekel ka sakola, inget ka barudak.
Kabéh
dareukeut. Bu Cicih geus apal kana kaayaan barudak. Taya anu dirusiahkeun ka bu
Cicih. Iwal Tini meureun anu ngemu rusiah. Ngan indungna nu apaleun. Ayeuna
taun mimiti Tini diajar ka luar ku indungna. Ngahaja.
“Enyaan
Tini moal ka luar. Tuh Ibu gaduh popcorn
seueur. Bisi Tini alim babakaran mah.”Bu Cicih ngelol ka kamar. Dibéjaan
ku Andin sigana, yén Tini ceurik di kamar.
“Wios atuh ari Tini hoyong di kamar mah. Ngan asa anéh,
nu lain mah curak curak. Ari ieu beut nyorangan. Pan Ibu jadi melang. Rieut
Tini téh?”
bu Cicih nyabak tarang Tini.
“Heunteu.”
“Tong
nyeuseul ka Andin nya. Cenah tadi maksa téh bakating ku nyaah ka Tini. Méh
apal kaayaan Lémbang dina taun baruan. Pan ti basa éta
gé
Tini hoyong ameng ka dieu. ka bumi Ibu. Hampura lamun Ibu karék
ngajak ayeuna.”
“Bu
hapunten Tini.” Tini nyegruk.
“Enya
teu nanaon.”
“Bu.
Saleresna...” Ngarandeg.
“Sok
atuh kunaon?” Bu Cicih neuteup.
“Tini
mah... upami taun baru téh sieun. Sieun ngadangu pepetasan sareng mércon.
Sieun pisan, Bu.” Tini nginghak.
”Baruk?”
“Kapungkur
sababaraha taun ka pengker, Tini siga nu sanés. Resep pisan nyeungeut petasan.
Resep ningali mércon nu mapaésan langit. Ngan duka kumaha
ngawitanna. Petasan nu ngapung ka langit téh, muragna beut ka bumi Aki. Ngaduruk bumi Aki. Aki anu nuju kulem dugi ka ngantunkeun. Matakna
Tini téh
alim pisan ngadangu petasan. Dini sieun, Bu, sieuuun.”***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar