Dimuat di Majalah Mangle No 2767, 30 Januari-5 Februari 2020 |
Carpon
Rumaja
Cinta Segitiga
Ku Nina Rahayu Nadea
“Mending purtuskeun kabogoh kitu mah. Komo nyebut teu satia, aya
cinta segitiga.“ Tini sobat kuring mamatahan waktu keur curhat jeung manéhna. Nyaritakeun Angga
nu jadi cuék.
Angga téh kelas XI sarua jeung
kuring. Kuring XI IPA1 sakelas jeung Tini. Manéhna IPA2. Kuring, Tini, Angga,
Tedi ka mamana sok bareng. Ari Tedi sobatna Angga. Sarua
IPA2.
Geus
putus mah bébas, teu aya nu timburu ka kuring. Teu ngeunah atuh kuring disebut maén
jeung Tedi di satukangeun Angga. Padahal teu sing. Kungsi sababaraha kali jalan
bareng jeung Tedi ka Gramedia atawa ka
kantin. Pédah wé euweuh pisan batur. Angga teu aya, HPna teu aktif. Tini
sababaraha poé teu sakola. Antukna ngajakan Tedi. Suérna gé teu aya nanaon. Sajajalan
nu dicaritakeun iwal ti pelajaran. Peun. Taya nu leuwih
Gosip beuki nyebar. Mimitina mah teu
didéngékeun. Ké gé répéh sorangan. Kadieunakeun Angga beuki ngajauhan, padahal hayang ngobrol
panjang lebar.
“Kudu dihajakeun,” gerentes haté. Kakesel
numpuk na angen waktu sababaraha kali nelepon teu diangkat. Kitu deui mun
pasarandog, haré-haré. Pokona kuring téh diantepkeun. Dianggap euweuh ku manéhna.
Ti dinya mah kuring gé cuék teu hayang nyaho kabar manéhna. Sok ngahajakeun wé
nyampeur Tedi mun istirahat téh.
Beuki buleud sangkan putus ti Angga,
basa Tini ngabéjaan yén Angga geus boga kabogoh anyar.
“Ted... hayu ngabaso.” Kuring ngelol
ti lawang panto.
“Angga...” Tedi nyampeurkeun ka bangku
Angga. Nu ditanya teu ngarérét rérét acan. Tonggoy nulis. Api-api nulis meureun.
“Ted. Kuring ka kantin jeung Ina,
nya?”
“Hayu, Ted. Kuring lapar yeuh.”
Kuring ngagero beuki tarik
“Hayu...” méh lumpat Tedi muru kuring.
Sina panaseun tah Angga. Emang euweuh
manéhna kuring sedih? Sori. Tadina gé nampa kacinta manéhna téh hayang aya batur.
Hayang aya pakukumaha dina urusan pelajaran.
Tini sobat kuring gé harita milu.
Atuh jadi tiluan ka kantin téh. Leuwih seru. Da Tini mah jalmana resep ngobrol
jeung sagala dicaritakeun. Di kantin teu karasa. Kabeneran deuih Pak Iman guru
Olahrag teu asup. Jadi bisa lila ngagosip di kantin. Tedi mah tiheula ka kelas
basa bél tanda istirahat lekasan.
“In, ka kelas heula nya?”
“Yo. Hati-hati, Ted.”
“Cie... cie... so perhatian.” Tini
seuri.
“Ih. Naon, ah.”
“Ari kamu beneran jadian jeung Tedi?”
Tini nanya daria waktu Tedi geus teu aya.
“Ku naon, teu gugur teu angin nanya nu
kitu. Saruana jeung Angga. Pan geus dicaritakeun ti basa éta gé kuring mah
euweuh nanaon jeung Tedi. Geus ah, sebel ngadon nanya nu kitu. Jadi bété,”
kuring cengkat. Teu ngeunah ku pananya Tini.
“Lain kitu, In. Tapi....”
“Geus ah, Ina ka kelas heula.”
Kuring muru kelas.
Gek
diuk na bangku, waktu geus di kelas. Ngadon ngahuleng. Mukaan buku tulis
Matematika laju gagambaran teu puguh. Kitu deui waktu mukaan novel Tere Liye
bawa ti imah, anggur dibukaan wungkul.
Rét
kana buku catetan Matematika Tini anu ngagolér luhureun bangku. Sugan kudu
dicaritakeun naon kakeuheul ka Tini, méh manehna maca, gerentes haté. Rek nyieun surat keur
Tini perkara haté nu keuheul, kitu paniatan téh.
Pulpén
geus dicekel, kalimah geus merenah dina uteuk. Leungeun kénca muka lambaran
terakhir. Ngagebeg waktu maca tulisan hareupeun.
“Bahagia hari ini, aku
dan Angga telah jadian. Anjing menggonggong kapilah berlalu. Yang penting
hepi.”***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar