Rabu, 17 Juni 2020

Sagagang Kembang keur Fika

Dimuat di Majalah Mangle




Sagagang Kembang keur Fika
Ku Nina Rahayu Nadéa

                Tadina rék langsung mulang. Beuteung geus kukurubukan. Tapi maranéhna metot leungeun Fika.
                “Fika. Tong waka balik. Hayu ditraktir ku urang.” Mila teu méré kasempetan ka Fika.
                Antukna Fika nuturkeun maranéhna.
                Barang gék diuk na méja. Lagu  selamat ulang tahun tina CD kadéngé, dituturkeun ku sora Mila anu cempréng. Ana jeung Anggi gé sarua ngilu ngahaleuangkeun lagu ulang taun. Fika gé sarua ngiluan nyanyi.
                Teu lila kurunyung Budi, KM kelas mawa kueh ulang taun tuluy diteundeun dina méja.
                “Tiup lilinnya....” Budi pipilueun nyanyi.
                “Ayo, Fik. Tiup lilinna. Bengong waé.” Ana nyigeung awak Fika.
                “Ayo tiup sama-sama. Satu... dua...tiga...” Mila méré komando, lilin pareum sapada harita.
                “Hapi berdey Fika...” Mila nangkeup Fika.
                “Selamat. Semoga cepat mendapat gaetan baru lagi.”
                “Dapat yang lebih cakep ti Robi, nya.” Jol itu jol ieu nyarita.
                “Nuhun... nuhun...” Fika  nampa  pangwilujeng sobat-sobatna. Karék sadar yén dirina nu ulang taun. 
                Babaturan sakelasna  milu gabung da diajakan ku Budi. Kantin pinuh ku kelas 3 IPA hiji.
                “Mugia sing aya gantina nya putus jeung Robi téh.”
                “Diduakeun si Robi sing jomlo tah.”
                Kabéh  apaleun perkara Fika anu  putus jeung Robi. Putus teu pupuguh.  Mimitina Fika  sok ngaheruk inget waé ka Robi. Tapi sok inget kana caritaan indungna yén SMA mah tong nyieun hubungan nu serius, bisi nyeri haté.
                “Tong mendalam teuing ari bobogohan téh.” Ceuk indungna hiji poé.
                “Naon, ih, ari Mamah,” pipi Fika beureum. Asa kanyahoan. Da jeung enyana harita keur maca WA ti Robi. HP dikeukeupan. Ti balik sakola teu daék ka mamana. Gogoléran wé na kasur bari jeung  teu lésot kana HP.
                “Moal lés deui?”
                “Moal, Mah. Asa rieut.”
                “Rieut wé. Ari maca HP teu rieut.” Indungna gogodeg.
                Untung boga babaturan anu balageur. Enjoy ayeuna mah. Tara inget waé ka Robi. Niatkeun diri  rék soson-soson diajar anu bener komo sakeudeung deui Ujian Nasional. Sieun nguciwakeun nu jadi kolot.  Pan hayang neruskeun kuliah ka ITB. Kabita ku Angga nu kuliahna di ITB tur jadi guru lés Fika di Bahana Pelajar.
                Nya jilim Angga anu nyababkeun Fika ayeuna terus-terusan diajar. Lés ogé anu biasana ngedul lantaran hayang bareng waé jeung Robi ayeuna mah dihangkeutkeun deui.  Jadwal lés saminggu tilu kali, kamari-kamari mah ukur saminggu sakali, da remen kanganggu. Remen kaganggu ku SMS, WA atawa teteleponan.
                Putus jeung Robi. Fika jadi sumanget diajar.  Nambah sosobatan anu baheula pukah  ayeuna mah dibeungkeut deui. Robi téh saangkatan jeung Fika sarua kelas 3 ngan béda kelas. Mun istirahat atawa balik teu weléh bareng jeung Robi. Teu anéh lamun sasakola apal yén Fika téh kabogoh Robi.
                Kuring imut ngagelenyu piligenti ka Mila, Ana jeung Anggi.
                “Kalian, sohib-sohibku yang nyaris terlupa.” Fika nangkeup pageuh.
                “Wilujeng tepang taun Fika....” hiji lalaki deku hareupeun Fika. Mikeun sagagang kembang ka Fika. Kembang  ros nu anyar kénéh  metik.
                “Kang.... “ Teu kebat. Neuteup lalaki nu aya hareupeun. Sidik Angga Kusuma lalaki nu jadi pamecut dirina pikeun terus diajar.
                “Cié.... cié...” nu lain surak
                Panon beureum. Éra parada ku babaturan.
                “I Love you...” Angga mikeun kembang ka Fika.
Sanajan éra, teu burung  leungeunna nyokot éta kembang.
                “Ciéééé.” Nu surak beuki éar.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar