Selasa, 16 Juni 2020

Sabot Nungguan

Dimuat di Majalah Mangle No 2775, 26 Maret-1 April 2020



Sabot Nungguan
Ku Nina Rahayu Nadéa

            Horéam sabenerna nganteur pamajikan ka rumah sakit. Kakaraeun deuih manéhna ngajak pan biasana gé jeung indungna.
            “Cing atuh kali-kali nganteur. Maenya Nénéng jeung Mamah waé dipariksa téh.” Pamajikan baeud basa kuring ngabéjaan yén di kantor keur loba pisan pagawéan.
“Di kantor keur réalisasi anggaran, Néng.”
            “Bosen ngadéngé alesan. Ning kamari Pak Burhan bisa cuti nepi ka samingguna. Piraku Akang teu bisa.  Pira nganteur kontrol. Moal nepi ka soré. Ké geus bérés mah bisa ka kantor deui. Asa kamalinaan gawé téh. Lamun enya dunungan teu ngidinan. Sok Nénéng nu ménta idinna.”
            “Pan apal Nénéng gé, Akang téh sieun asup ka rumah sakit. Trauma... trauma,“ kuring nandeskeun.
            “Sakali wé atuh, Kang.” Manéhna nginghak. “Akang mah nunggun di luar. Keun kuring jeung Mamah nu asupna.”
            Ningali pamajikan ceurik kuring teu bisa nanaon. Gék diuk di gigireun.
            “Lain nanaon, Nénéng mah bisi aya nanaon. Pan Akang apal sekeudeung deui ngalahirkeun. Tinggal itungan poé. Piraku Akang téga ninggali Nénéng. Ti mimiti kontrol nepi ka ayeuna Akang acan pernah marengan. Bisi majar teu boga salaki.”
“Wayahna, Jang. Anteur sakali mah. Meureun ieu kahayang orok. Hayang dianteur ku Bapakna.” Mamah nyarita. “Pasti kuat. Inget demi budak....”
            Éléh déét kuring antukna nganteur pamajikan. Éra ku Mamah-mitoha kuring bisi pajar teu merhatikeun, teu nyaah ka budakna. Rumasa salila kontrol jeung lain-lainna sok ngandelkeun Mamah. Pasti ridhoeun Mamah gé kétang. Nénéng anak panggedéna, incu anu dikandung incu munggaran. Pangpangna ngarti kana kasibukan kuring di kantor.
            “Tong loba pikiran. Perkara Nénéng kontrol mah, keun wé ku Mamah.” Cenah hiji waktu.
            Mamah mah ngarti ku naon meureun pangna kuring embung nincak rumah sakit, geus apaleun pan nu jadi indung maotna téh di rumah sakit. Tugas kuring harita ngemitan kolot nu gering ti poéan asup nepi ka ninggalkeun alam dunya. Kitu gé kahayang kuring waktu sawala jeung dulur-dulur. Rumasa tunggu beurang mah teu bisa. Jadi kuring mah bagéan tunggu peuting. Mamah pasti apal tiap kuring ngaliwat ka rumah sakit téh sok deg degan. Komo ieu, nincak rumah sakit. Ari di kota kuring, rumah sakit  téh ngan aya hiji-hijina, jadi mun aya nanaon tinangtu ka rumah sakit éta. 
            Sanggeus nelepon ka dunungan, ménta idin. Kuring, pamajikan jeung Mamah langsung ngabelenyeng muru rumah sakit.  Teu loba omong di jero mobil, sajeroning nyupiran pikiran ngadon cus-cos ka nu enggeus-enggeus. Ngabayangkeun kumaha-kumahana mun geus aya di rumah sakit.
            “Mugia waé teu aya nanaon,” gerentes haté.
            “Kang ngadon ngalamun waé.” Pamajikan nyigeung.” Kadé pokus ka jalan. Tong ngalamun.”
“Saha nu ngalamun. Nu puguh mah ningali jalan.”
“Moal nanaon, Kang. Akang bakal kuat. Demi dédé utun yeuh.” Manéhna ngusapan beuteung anu bureuyeung. “Dé, Bapak ayeuna nganteur, Dé. Alhamdulillah. Sing bageur nya.”
Kuring ngarérét ku biwir panon. Ngusapan beuteung pamajikan.
            “Najongan nya, Kang?”
            Kuring tiban unggeuk
            “Tong borangan siga Bapak. Sieuneun ka rumah sakit.”
            “Turutan nu alusna, piceun nu goréngna.” Cekéng.
            “Kadé, Kang... bisi labas. Pas parapatan bélok ka kénca.”
            Beuki deukeut ka rumah sakit haté teu puguh rasa. Tagiwur. Lambaran lalakon tilu takun ka tukang némbongan deui.  Rumah sakit, di dieu, sagala carita téh aya.
            “Akang nunggu di dieu wé nya.” Kuring nyarita, waktu geus meunang tempat parkir.
            “Ih, kumaha ari Akang. Pan ceuk Nénéng gé, nungguna di rohang tunggu. Moal... yu moal nanaon. Lahaula atuh, Kang, piraku sieun waé ka rumah sakit. Pan rék ngadidik budak méh teu borangan. Ké mah pas dipanggil ku dokter, Nénéng jeung Mamah nu asupna. Hayu atuh.”
            “Enya... enya ngan tong lila teuing di dituna. Bisi...”
            “Bisi pingsan? Tenang aya satpam.”
            Sanajan wegah teu burung suku ngaléngkah. Beurat karasana. Asa napak asa henteu.         Ngeleper mimiti asup ka rumah sakit. Sanajan kitu, teu burung panon ngarérét ka sakuriling. Masih angger siga baheula. Lebah dinya. Tempat diuk kuring, mun peuting nganjang. Nyieuhkeun kasumpek waktu ngemitan kolot, tempat nu pinuh ku lalakon.  Poé ieu beut narémbongan. Haté dipinuhan ku rupaning rasa. Teu pupuguh beut aya nu umajak. Korsi  ngagupay sangkan diuk. Goloyor ka lebah dinya, nyipta-nyipta nu baheula.
            “Kang. Hayu. Di beulah ditu.” Pamajikan ngagupay.
            Langsung cengkat nuturkeun pamajikan.
            “Di dieu, Kang, tempat nunggu nu kakandungan  mah. Naha ari Akang ngadon di ditu?”
            Teu némbalan. Ngadon ningali rohangan nu aya. Enya masih angger siga baheula. Hareupeun kuring ngajeblag tulisan  Dokter Gigi, ngagiler ka lebah kénca Dokter  Umum.  Ari Dokter Kandungan, tempatna hareupeun pisan Dokter Umum. Rohang tungguna dihijikeun. Tapi moal pahili da pasén dipanggil tina spéker.
            “Bapak Ana. Ruang gigi.”
Panggilan tina spéker kadéngé.
            “Ibu Ana?” pasien cengkat nanyakeun ka nu manggil.
            “Ana Kusuma?”
            “Muhun abdi.”
            “Oh, punten, Bu. Manawi téh pameget. Mangga ka lebet Bu.” Nu jaga  ménta hampura
            “Ibu Ina, ke Dokter Umum.” kitu terus. Ti isuk nepi ka beurang, rumah sakit teu weléh sibuk ku urusan administrasi.  Pendaftaran, nu dipariksa jeung réa réa deui. Mun peuting mah tempat ieu téh karasa simpé. Teu katangen riweuhna siga ayeuna. Mangsa peuting waktu ngemitan kolot téh waktu anu kacida diantina ku kuring. Mun peuting datang, kuring  ka luar ti kamar kolot lamun geus datang lanceuk atawa adi.
            “Ibu Beti. Ke Dokter Kandungan.”
            “Ning téréh. Geus dipanggil deui?” kuring nanya ka pamajikan.
            ‘Titip nomor ti Subuh kénéh, pan.” Pamajikan cengkat. “Hayu, bisi hayang kenal jeung dokterna.” Pamajikan seuri.
            “Moal, ah.  Akang mah di dieu wé. Sok  jeung Mamah.” Kuring ngarérét ka mitoha anu ngalenggut.
            “Hayu, Mah,” pamajikan noél indungna.
            “Ibu Beti. Ruangan kandungan.“ Sora tina spéker kadéngé deui.
            Pamajikan jeung mitoha cengkat tina pangdiukan, muru hiji rohangan.
            Kuring melong  ka rohang di mana pamajikan asup. Tapi lain ningali pamajikan. Pameunteu  teu lésot ka hiji awéwé nu leumpang ka luar ti toilét.
            “Eu... Detin?” Maksa nanya banget ku panasaran, hayang mastikeun, waktu manéhna geus deukeut.
            Beulah gadona. Karang handapeun biwir, moal salah. “Detin nya?”  nanya deui. Sieun salah.
            “Eu... Kang Dadan?” manéhna semu reuwas basa ningali kuring.
            “Kumaha séhat? Naha teu diseragam?” kuring neuteup.
            “Tos teu damel di dieu.”
            “Aya nu teu damang?”
            “Muhun. Pun anak.” Manéhna tungkul
            “Ku naon?”
            “Panas.” Cenah pondok.
            ‘Dirawat?” kuring nanya deui.
            “Muhun. Tos saminggu tapi ayeuna tiasa uih.”
            “Alhamdulillah.”        
            Sawatara lila taya nu nyoara. Kuring jeung Detin anteng na lamunan sewang-sewangan.
            “Tos bérés?” Detin nampa telepon. “Abdi di ruang tunggu”
            “Kela... kela... Tin. Akang...” tikoro ngadadak seuseut. Ngahuleng deui. Kecap nu geus diuntun laluncatan.
            “Mam... Maah...” Budak  umur dua taunan, ditungtun ku hiji lalaki nyampeurkeun Detin.
            “Ih... Dédé cantik. Tos damang nya?” Detin mangku budak.
            “Ih, Dédé gemes. Geulis pisan. Putra Ibu?” Pamajikan teu kanyahoan geus aya hareupeun.
            “Muhun.” Detin nyarita halon. “Sabaraha sasih?”
            “Salapan sasih.”
            “Ehm sakedap deui atuh.”
“Rambutna meni galing kieu. Lucuuu. Kang, tingali ieu pangambungna meni mancung, siga Akang.” Pamajikan ngajembélan pipi budak.
“Hayu, Mah. Mang Dudung nungguan di parkiran.” Nu lalaki nyarita. “Hayu Dé, diais ku Papa.”
Dikantun, Téh, Bu.” Detin ngaléos ningalkeun kuring. Ngaitkeun lalakon tilu taun ka tukang.
“Kang Dadan sok wé kuring nu ngemitan. Karunya Akang bisi capé.” Adi beuteung nyarita. “Téti da énjing libur.”
Atoh nu aya, harita langsung ka luar ti rohangan. Muru ka tempat diuk nu biasa. Tempat pendaftaran. Manéhna geus nyampak, maké kénéh baju dines.
“Uih ayeuna?”
“Muhun.”
“Hayu atuh dijajap.”
Manéhna unggeuk. Langsung muru kontrakan manéhna nu teu pati jauh ti rumah sakit. Hujan ngecrek jadi saksi lalampahan kuring. Kuring jeung Detin anteng cumarita dina rasa. Lalayaran dina sagara katresna.
“Gusti. Boa...boa...”
“Kang, rambut jeung pangambungna nyeplés Akang.” Pamajikan nyarita deui.*** 
 



Tidak ada komentar:

Posting Komentar