Jumat, 25 Desember 2015

Bau Naon

Dimuat di Majalah Mangle N0 2547, 16-21 Oktober 2015



Bau Naon
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Geus biasa sakadang laptop dibabawa. Teu nyaho waktu, teu nyaho tempat, dimana wae mun aya waktu tur aya ide nu alus, langsung dibuka harita kénéh. Geder ngetik.
                Siga harita,  sanggeus nganteurkeun budak sakola. Rét kana jam. Jam 6.45. Aya waktu rinéh saméméh asup ka kantor. Kabeneren aya kahayang pikeun  tutulisan, tur sakadang ide ti kamari kénéh geus hayang dikotrétkeun kana laptop.
                Rarat rérét ka sakurilingeun. Loba bangku tapi katangen geus parinuh ku ibu –ibu nu ngadon nungguan barudakna. Sakapeung mah sok  mikiran. Naha betah caricing di sakola sakitu lilana nungguan. Ti jam 7 kaluar jam satengah satu. Ceuk urang mah mending baralik, tibatan ngarumpi teu puguh. Tapi kétang meuereun ceuk maranéhna mah itung-itung hiburan. Matak kitu gé barosen caricing di imah.
                Rét kanu rada nénggang, katangen bangku Kosong. Horséh! Hate surak lain dikieuna. Langsung ngajugjug kadinya. Muka laptot. Geder nulis. Tara diengkékeun, sok langsung wé ngetik. Haré-haré wé kanu lain. Sanajan loba nu ningali ka kuring. Pantes marelong atuh. Da ngetikna  bari cingogo. Tadina mah diuk dina éta bangku panjang. Laptop diteundeun dina pingping, bari suku rada dicengkatkeun saeutik. Nahan kasaimbangan, tapi kalilaan mah karasa cangkeul utamana lebah punduk da tungkul teuing. Antukna laptop diecagkeun, di teundeun dina bangku, ari kuring cingogo nyanghareupan  laptop téa.
                Anteng ngetik. Eureun-eureun sotéh, sanggeus ngetik geus beubeunangan loba, sarta na sirah geus béak pikeun ngetrukeun. Eureun, sawatara lila ngahuleng. Mun kandeg kitu, sok tumpa tempo kana naon waé nu bisa ditempo. Ibu- ibu nu ngariung masih aya kénéh, katangen tingkecewis, bapak satpam nangtung lebah panto gerbang. Kuring ngarénghap panjang.
                Tah lebah ngarénghap panjang beut kaangseu bau teu puguh. Teuing nanahaon. Ngarénghap deui. Bener da bau. Rarat rérét ka tukang ka gigir. Teu kapanggih sumber bauna. Ah, rarasaan meureun. Jeun teuing, ceuk pikir bari langsung deui nereleng neruskeun hanca tutulisan.
                Ketikeun geus bérés. Tinggal ngedit. Tah keur ngedit kitu nu kaambeu téh aya deui. Rét kana jam,  sakeudeung deui asup ngantor. Editeun lebar deuih. Geus di kantor mah sok loba pagawéan. Tapi nu bau? Ih, beut pipilueun hayang katempo ku kuring meureun. Dangdak déngdék. Teu sirika laptop diilikan lebah bujurna. Taya nanaon. Irung diantelkeun kana laptop. Karasa rada cangkeul. Suku ngised saeutik. Pelenghir nu bau tambah rosa. Rét ka handap.  Gehel sihoréng tai ucing ngadungkuk handapeun pisan sapatu. Kaangseu pisan, komo da kakoerkeun meureun ku sapatu. Paingan bau sihoréng tai ucing. Sanajan bau hanca diteruskeun deui. Anggursing nganuhunkeun ka tai ucing nu geus méré sumber tulisan J



Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, jrrd.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar