Jumat, 25 Desember 2015

Anjing nu Bumela

Dimuat di Majalah SundaMidang Edisi No. 132 / Oktober 2015



Anjing nu Buméla
Ku Nina Rahayu Nadéa
Peuting keur meujeuhna simpé. Sakabéh jalma keur meujeuhna saré tibra. Béntang di langit baranang nyaksian lampah – lampah jalma anu patingraringkang maraké teregos, ngadeukeutan hiji imah. Imah nu kacida gedong. Panggedéna di éta lembur. Keteyep, keteyep sukuna jararéngké. Inggis ngaluarkeun sora anu baris ngabarubahkeun sakabéh kahayangna. Ngabarubahkeun paniatan anu geus dibadamikeun ti beurang kénéh.
Sakapeung léngkahna ngarandeg, rurut rérét ka ditu ka dieu, sieun bisi aya nu nyaksian kana lampahna. Sieun warga harudang ngagareuwahkeun pagawéanna.
Druuut....
Kadéngé sora hitut. Ti jalma nu jangkung.
“Goblog! manéh hitut.”
“Hampura kuring asup angin. Rumasa tadi teu barang dahar heula. Jadi wéh kembung kieu.”
“Sst...” curuk jalma nu pendek antel kana biwirna. Basa katingali babaturana rék engab pisan ngomong.
“Tuh,” cenah nunjukeun anjing gedé anu aya di hareupeun imah. Anjing nu harita semu rungah ringeh. Katingalina ceulina nangtung nyidik-nyidik sora anu kadéngé. Teu lila manéhna ngagolér deui sanggeus pangrasana aman.
“Tenang,” cenah sorana humaréwos méh antel kana ceuli babaturanna.
Sanggeus katingali éta anjing ngagoler deui. Éta jalma neruskeun deui léngkahna. Beuki dieu beuki ngeteyep. Comrék. Ngan sora jangkrik jeung bangkong anu kadéngé marengan léngkah-léngkah jalma.  Koréléng maranéhna ka pipir, ngahaja teu ngaliwatan anjing. Bisi geuruh.
Geus aya di pipir. Ceg kana tarajé anu kabeneran aya di dinya. Dibebenah sangkan pas aya di handapeun jandéla. Térékél naék kana tarajé, nu dimaksud rék nyokél jandéla kamar. Barang keur kitu.
“Gog...gog...gog,” teu kanyahoan anjing geus aya dihandapeun pisan. Handapeun tarajé tempat maranéhna naraék.
“Ssst,” ceuk nu awak jangkung. Teu sadareun yén anu disada téh anjing.
“Gog...gog...gog,” sora anjing beuki tarik.
“Aya saha tumang?” kadéngé ti jero imah hiji sora.
Si tumang- anjing téa beuki tarik ngagogogna, manting dihandapeun tarajé.
“Hayu balik deui,” ceuk nu awak pendék bari geuwat ngaganjleng tina tarajé.
“Saha éta?” ceuk no boga imah. Ngajenghok waktu ngadéngé aya nu gagebluk tarik ti tukangeun imah.
“Lumpat,” ceuk awak jangkung, bari jeung langsung ngaberengbeng lumpat. Kitu deui nu pendék bari jeung ugal ugil lantaran labuh basa ngagajleng tina tarajé, teu burung bisa cengkat, laju lumpat nuturkeun babaturanna anu geus lumpat tiheula.
“Hadé tumang,” ceuk nu boga imah ngusapan tonggong éta anjing. Manéhna cengkat nenget-nenget kanu lumpat. “Na saha atuh nu wani-wani asup ka ieu imah. Kasebeleun. Ah, untung wé aya manéh tumang.”
Juragan Ganda kacida nyaaheun ka si tumang. Sabab geus sababaraha kali imahna kaanjangan sémah nu teu diondang. Tapi ku alpukahna si tumang éta bangsat teu jadi asup ka imahna. Sanajan enya ngabogaan si tumang téh sok pada diomongkeun  ku tatanggana. Sababna mah si tumang teu kaop aya nu ngulampreng, rentang-rentang angger wé ngagogogan.
“Pami teu kaabotan mah piceun wé atuh si tumang téh, Juragan. Karunya ku masarakat di dieu sadayana sarieuneun.”
“Naon ari RT. Ngomong téh sangeunahna. Mémang warga aya nu ngarasa dirugikeun ku ayana si tumang?”
“Heunteu. Ngan asa kaganggu cenah. Kaganggu ku gandengna. Jeung na deui barudak wé sarieuneun. Sarieuneun lamun ngulampreng téh.”
“Keun waé atuh RT. Da barina gé si tumang mah tara gugal gégél. Perkara éta sok ngagogogan, keur kuring mah wajar. Ké lamun aya nu bohak anu kungsi digégél ku si tumang karék laporan ka kuring,” Juragan Ganda keuheul ka RT duméh wani-wani nyawad kahayangna, ngukut si tumang.
Kabayang ku manéhna kumaha kaayaan di imah lamun euweuh si tumang. Si tumang geus kacida gedé jasana. Ku ayana si tumang, imahna nu lega, harta loba. Ceuk paribasa mah lubak libuk harta. Bru dijuru bro di panto ngalayah di tengah imah téh aman. Teu sieuneun kapalingan. Ngan  si tumang anu ngajagaan téh jeung na deui ku ayana si tumang, pan teu kudu ngaluarkeun duit pikeun ngagajih. Béda lamun manéhna ngukut satpam.
Padahal mah harita kungsi miceun si tumang. Kujalan ngasupkeun si tumang kana karung, terus ditalian sarta  dibawa kana treuk. Teuing diturunkeun di mana. Da dititipkeun ka tukang treuk anu kabeneran ngaliwat. Tapi isukana, si tumang geus aya di imah. Kitu na téh geus sababaraha kali. Tapi angger balik deui balik deui. Nya ti saprak kajadian harita si tumang diantepkeun waé. Malah dipernahkeun di tukang, handapeun kandang hayam paragi saréna téh.
Harita mah miceun si tumang téh pédah wé ceuli ngarasa rawing. Jol itu jol ieu ngaromong nitah si tumang dipiceun. Lain nanaon cenah ngagandengan batur jeung rujit ku awakna anu bau.   Komo ningali létahna anu sok ngelél waé pikagilaeun, saréréa gé sarieuneun. Sanajan can kungsi ngegél tapi angger wé kabéh sarieuneun ku ningali tangtungan si tumang anu badag kitu. Tong boroning batur, dalah kulawargana sorangan. Kulawarga Juragan Ganda sorangan gareuleuhan ningali anjing ngulampreng di buruan téh. Tah éta meureun anu ngamimitian paniatan harita pikeun miceun si tumang ka mana waé.
Ari geus kasaksian si tumang balik deui balik deui mah. Kulawargana tara ngomong deui. Lamun enya mah nitah miceun. Paling kieu omongan Juragan Ganda.
“Jig waé atuh piceun sorangan ari daék mah. Da kukuring gé geus sababaraha kali. Tapi angger we balik deui ka imah. Matak kitu gé geus betaheun di dieu. Keun wé barina gé da teu ngaganggu.”
Ngan aya nu béda ayeuna ningali si tumang. Anu biasana ngadagoan saban waktu ayeuna mah beut rada cicingeun. Mindeng katempo tara aya di buruan. Juragan Ganda kacida keuheulna. Komo lamun sakalieun aya sémah datang teu puguh-puguh, datang ka imah Juragan Ganda. Siga poé harita, teu pupuguh aya tamu anyar pinanggih ngakukeun ti PLN. Mimitina mah ngomong ngalér ngidul. Ari geus kana inti mah haténa reuwas, kalakuan goréngna kabokér. Intina mah Juragan Ganda geus kaperegok maok listrik, kucara ngaganjel meteran ku kawat, jadi meteran majuna teu tarik teuing. Nu jadi keuheul téh pédah biasana si tumang méré tangara, aya sémah nu datang. Ari ieu kapanggih pisan, da kabeneran panto bolongor, atuh sémah langsung asup. Atuh pantes kalakuan Juragan Ganda anu maok listrik téh langsung kanyahoan. Antukna kudu uculan duit ka éta PLN keur mayar denda anu pohara gedéna.
Keuheul kacida, Juragan Ganda. Keuheul jeung lebar ku duit anu antukna dibikeun ka PLN harita. Jeung na deui ayeuna mayar listrik pasti bakal gedé, moal murah siga biasana. Kusabab PLN geus ngawawadian lamun kitu deui, listrik rék dicabut. Kasebeleun tah si tumang.
Barang datang si tumang, teu antaparah deui ngan hapuk hapuk  si tumang diteunggeulan nepi ka garetihan.
“Gaik...gaik,” kadéngé sorana meulah langit. Tapi Juragan Ganda siga nu kasétanan nyiksa si tumang nepi ka teu walakaya.
“Tah rasakeun siah ku manéh. Kunaon teu ngajaga imah, nyaho teu gara-gara manéh euweuh di imah kuring jadi rugi. Kapanggih ku PLN anu datang ka imah. Modar! rasakeun tah.”
Juragan Ganda langsung ka imah nutupkeun panto satarikna. Haténa angger keuheul. Kakara ayeuna tah ambek pisan ku si tumang anu geus cicing lila di imahna. Bonganna. Ari si tumang, anu disangka paéh téh geuning hirup kénéh. Lalaunan manéhna cengkat sarta indit ninggalkeun imah. Nyeri haté kacida. Pilakadar aya sémah naha beut kudu diteumbleuhkeun ka manéhna. Padahal salila ieu si tumang kacida getén, kacida merhatikeun dunungan, can kungsi nguciwakeun.
Manéhna leumpang sakaparan-paran teuing kamana ngajugjugna. Nuturkeun indung suku. Ka kalér ka wétan kamana waé bréhna. Dahar anu asalna geus nyampak ayeuna mah néang sakaparan-paran. Kadang manggih kadang heunteu. Kacida peurihna hirup di jalan. Kahayangna mah cicing waé di imah Juragan Ganda, tapi kumaha atuh. Pan manéhna geus diusir. Dititah indit ti imah Juragan Ganda lantaran nyieun kasalahan.
Ngan bati haté nu kumejot. Enya ogé ngarasa nyeri haté ku kalakuan Juragan Ganda. Tapi dina haté pangleutikna kacida pisan nganuhunkeun ka Juragan Ganda. Pan ku ayana manéhna kahirupan baheula anu asalna teu puguh jadi merenah. Cicing, renggenek di imah Juragan Ganda. Salah sorangan naha atuh basa kajadian, euweuh di imah. Babakuna mah pédah tadi di imah Pak Samsuri aya anjing anyar. Hayang ulin, hayang kenalan. Ngan sakitu. Gerendeng si tumang dina haténa.
Kacaturkeun Juragan Ganda. Haténa kacida nalangsa jeung handeueul geus nyiksa si tumang sarta harita kénéh ka luar rék nguburkeun si tumang. Kasadaranna datang, basa asup ka dapur, manggihan tempat dahar si tumang, beut jadi rus ras kanu enggeus – eunggeus. Ku ayana si tumang paré nu aya di leuit jeung sagala pakaya anu aya di imahna,  aman tara kapalingan nanaon. Ari tadi beut asa kaasupan sétan. Jasa si tumang anu sakitu gedéna beut kaéléhkan ku kajadian anu ngan teu pira. Kuduna kajadian anu tumiba ngabukakeun haténa. Yén pagawéan maok téh kacida dipahingna ku agama.  Enyaan haté Juragan Ganda kaduhungeun.
Gura giru manéhna ka luar, hayang mastikeun naha enya si tumang téh paéh. Lamun paéh rék dipulasara. Lamun hirup kénéh rék diubaran. Tapi dirina ngajenghok waktu ka luar, si tumang geus teu aya teuing ka mana.
“Ehm, jigana geus aya anu nguburkeun,” ceuk gerentesna.
Tapi aya harepan sanajan saeutik ogé. Waktu ngadéngé ti tatangga deukeutna yén kamari ningali si tumang siga anu geus disiksa indit ninggalkeun imah.
Teu dibéjakeun ka sasaha yén nu nyiksa si tumang  téh dirina. Ngan Juragan Ganda geus nyieun wawaran, sing saha waé anu manggihan si tumang baris dibéré persénan.
Ngadéngé si tumang euweuh, tatanggana mah atoh wé nu aya. Lantaran ayeuna aman teu sarieuneun lamun pareng ngaliwat ka imah Juragan Ganda. Atuh saré bisa tibra, da teu kaganggu ku sora anu ngagogog. Kitu deui barudak leutik tara aya nu ceurik lantaran digogogan ku si tumang.
Tapi kaatoh tatangga jeung nu lainna téh geuning baganti jadi kasalempang jeung kasieun. Pangpangna mah tisaprak si tumang teu aya di lemburna. Di lembur jadi harénghéng. Remen waé kabangsatan. kitu deui Juragan Ganda, saprak si tumang teu aya manéhna geus kapalingan aya kana dua kalina.
“Kumaha atuh Juragan Ganda. Téangan geura si tumang téh. Lembur jadi teu aman,” ceuk hiji tatanggana, ngahaja ngadeuheus ka Juragan Ganda.
“Lain atoh euweuh si tumang?” Juragan Ganda neuteup anteb pasemon sémahna. Neuleuman haté  nu sabenerna.
“Enya, hampura lah basa éta ngomong teu pati ngeunah. Nyarita sangkan si tumang tong aya di lembur. Tapi ayeuna mah karasa. Euweuh si tumang jadi teu aman. Ku ayana si tumang kaamanan kampung urang katulungan. Kitu deui ronda kabantu pisan.”
“Mugia waé atuh si tumang geura mulang atawa aya nu mulangkeun. Pan geus nyaho kuring geus nyieun wawaran: sing saha waé anu manggihan si tumang baris dibéré persénan,” Juragan Ganda ngahaguleng bari jeung mikiran kaayaan si tumang ayeuna.
***
Dina hiji poé Juragan Ganda keur balanja ka pasar. Balanja kabutuhan sapopoé. Manéhna anteng balanja, teu miroséa ka sabudeureunana. Karék sadar, waktu aya hiji awéwé cumarita.
                “Copét, Pak,” cenah nunjukeun saku calana tukang.
 Juragan Ganda ngarénjag, bari jeung ngaragap lokét dina saku calana. Tétéla geus leungit.
                “Itu, Pak,” ceuk éta awéwé nunjuk hiji lalaki baju bodas nu indit ngabéngbéos semu rusuh.
                “Héy. Tungguan,” Juragan Ganda ngagorowok. sarta lumpat muru éta lalaki.
                Ari  copét téa, basa nyahoeun manéhna diberik, ngan berengbeng waé lumpat. Teu nolih katukang. Kitu deui Juragan Ganda langsung lumpat muru copét. Copet  bakat ku reuwas teu ningali titincakeun. Jedug sukuna najong batu nu aya hareupeun. Atuh, gubrag wé awakna langsung tijungkel.
                Kasempeten éta teu dilalaworakeun ku Juragan Ganda. Manéhna langsung ngagabrug awak  copét. Teu antaparah deui, ngan beledag beledag wé sirahna dditeunggeulan. Copét téa ningali Juragan Ganda nyiksa teu cicingan. Sakilat ngaluarkeun péso tina saku calana.
                Rikat Juragan Ganda ngaleupaskeun awak copét anu keur didempét, basa leungeun copét nyabetkeun péso kana awakna. Copét langsung ngagurinjal hudang bari jeung ngamang-ngamang pésona. Hapuk! éta péso diheumbatkeun kana beuteung Juragan Ganda. Rikat Juragan Ganda ngagiwar, tapi hanjakal  péso keuna pisan kana leungeunna.
                “Aw,” Juragan Ganda ngajerit bari jeung nyekel leungeun anu baloboran getih.
                Copét siga manggih kasempetan anu pohara. Rikat ngaheumbatkeun peso, kana awak Juragan Ganda. Tapi na atuh, ari kocéak éta copét ngocéak bari jeung awakna teu pupuguh ngagebru. Si tumang geus aya di dinya. Ningali dununganna aya dina mara bahaya, sungutna rikat ngagégél satarikan suku  copet. Digugunyeng nepi ka teu bisa hojah. Juragan Ganda reuwas ningali  copét ngajungkel teu pupuguh, tapi kacida bagjana waktu ningali si tumang buméla keur manéhna. Dunungan anu kungsi nganyerikeun haté.
                Pulisi jeung warga langsung ngaronyom ka tempat kajadian. Pulisi muji ka si tumang anu rikat ngagégél suku copét.
                “Anjing pahlawan, hébat,” cenah bari jeung ngacungkeun jempolna  ka si tumang. “Anjing saha ieu téh, Pak?”
                “Anjing kuring. Pak,” Juragan Ganda giak némbalan.
                Ti kajadian harita si tumang diaku deui ku Juragan Ganda. Dirawat kalawan getén. Kitu deui masarakat anu aya di sabudeureun kacida bagja kadatangan si tumang deui. Komo waktu arapaleun yén si tumang geus jadi pahlawan. Beuki geunjleung waé maranéhna, sugema boga anjing anu sakitu buméla ka dunungan. Buméla dina hal-hal bebeneran.
                Kadatangan si tumang ka imahna geus nyababkeun Juragan Ganda sadar kana kasalahan. Ayeuna mah si tumang teu pati teuing dikerem siga baheula. Karék apal téh ti Pak Samsuri, yén saenyana waktu kajadian harita. Waktu aya PLN ka imah Juragan Ganda,  si tumang téh geuning keur babarengan jeung anjing bogana. Sadar enyaan, yén sato ogé geuning sarua jeung manusa butuh babaturan pikeun tempat ngobrol.
                Kitu deui si tumang ayeuna mah gawéna enya-enya. Komo deui kabantuan ku anjing bogana Pak Samsuri. Manéhna teu beurat teuing. Unggal waktu, unggal peuting maranéhna teu weléh kukurilingan. Ngurilingan lembur bisi aya bangsat.***

Nina Rahayu Nadea. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Guneman, Majalah Loka Tasikmalaya, jrrd.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar