Senin, 14 Desember 2015

Hate Liwung

Haté Liwung

                “Teuing... teuing...!” Téh  Arum ngabalieus. Waktu kuring ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman. Seja pamit.
                “Téh. Piduana nya.” Kuring ngagabrug manéhna nu angger miceun beungeut.  Tapi katangen tina juru panonna aya nu bedah.
                “Enyaan ieu téh Dini rek luluasan?” Sekar nu aya di gigireun Téh Arum tumanya.
                Kuring tiban unggek. Teu wasa paadu teuteup.
                “Leuh padahal mah geus wé atuh di dieu, Din. Pan di dieu mah geus puguh. Gajih gedé, saré teu kudu mikiran. Ari ayeuna Dini rék ka lembur moal ka dieu deui. Asa teu kaharti puguh gé. Naha aya nu narik haté di lembur?” 
                “Duka.”
                “Jig atuh lamun geus dipikiran dibulak balik mah. Sekar mah ngan saukur bisa ngadoakeun. Bari jeung bingung sabenerna naon anu ku Sekar kudu diucapkeun. Naha kudu ngucapkeun selamat atawa kudu ngupahan Dini.  Datang-datang ngadon ceurik jeung langsung luluasan rék ninggalkeun ieu tempat.” Sekar ngarangkul kuring.
                “Mangga Téh...  Sekar.” Kuring ngajingjing koper. Ngalangkéhkeun suku. Ninggalkeun imah nu geus maturan kuring salila 10 taun. Tempat kuring salila ieu neundeun kasuka jeung kasedih. Aya Téh Arum, Téh Éma, Sekar jeung awéwé  lain nu geus asa jadi dulur sorangan.
Para awéwé nu niginkeun haté  rék hirup nyorangan. Teu butuh jalma nu ngaran lalaki.  JOJOBA-Jomblo Jomblo Bahagia kitu meureun ceuk judul novel karya Arumi E.  Kumpulan para wanoja nu narah reureujeungan jeung lalaki sacara serius. Ngarasakeun kabébasan sacara individual hirup nyorangan ku cara mekarkeun kaparigelan nu aya dina diri séwang-séwangan.
                Lain karna dihaja tepung jeung maranéhna téh. Panggih waktu kuring keur meujeuhna kabungbulengan ku Kang Arman.  Lalaki nu geus téga meunggaskeun kasuka lantaran kabaud ku awéwé lain. Padahal harita ondangan geus nyebar. Pisaminggueun deui rék ngadahup. Dunya asa tijuralit sapada harita waktu aya utusan ti kulawarga, ngabolaykeun acara. Nyerina haté teu bisa diubaran ku naon waé. Geus puguh wirang mah  hésé nyumputkeunna.
                Antukna demit, kuring ninggalkeun imah. Teuing ka mana anu dituju. Di hij café tepung munggaran jeung maranéhna. Maranéhna nu saihwan jeung kuring nyieun komunitas pikeun ngubaran haté nu raheut. Komunitas positif dina widang usaha butik anu geus loba pelangganna.  Nya di ieu tempat, kuring jeung babaturan tumaninah ngalakonan kahirupan. Bari jeung teu dirurudet ku ngaran lalaki. Geus gilig jeung nu lainna yén hirup bisa terus maju tanpa lalaki.
                Matakna maranéhna kagéteun pisan, waktu dina hiji poé kuring datang bari jeung reumbay cimata.
                “Kunaon Dini, dak dumadakan rék eureun gawé?” Téh Arum nanya.
                “Teu aya nanaon, Téh.” Cekéng pondok.
                “Boa-boa gering serius meureun nya? Saminggu teu asup gawé. Datang-datang langsung ceurik bari jeung rék eureun gawé. Bruk brak ka Tétéh naon ceuk dokter?”
                “Teu aya nanaon Tétéh. Dini mah hoyong istirahat heula di lembur.”
“Pan biasana gé Tétéh tara ngaulah-ngulah mun ka lembur.  Naha di dieu asa kasiksa? Naha di dieu teu méré kabébasan  pikeun indit ka lembur? Pan heunteu. Ieuh inget Dini, di dieu mah merdéka, pék téh teuing.”
                Kuring cicing. Ngan wasa nyusut cipanon anu mingkin ngalémbéréh.
                “Sok aya naon atuh di lembur? Teu gugur teu angin ménta eureun gawé. Tuh tingali omzét butik téh beuki dieu beuki loba. Nu datang beuki murudul.”
                “Teu aya nanaon, Téh. Enyaan teu aya.  Hoyong niis waé abdi mah.”
                “Enya  atuh lamun keukeuh mah hayu dianteurkeun ka lembur.”
                “Enya Sekar gé hayang ka lembur Dini.”
                “Teu kedah, Téh.  Tos ngaréntal mobil.” Gasik dijawab.
                “Ih, teu pararuguh nya.” Téh Arum bangkenu.  
“Ah, nya keun waé kétang ari Dini moal daék betus mah. Teu pantes barina gé maksa. Sok atuh ngan sakadar bisa ngadoakeun mudah-mudahan Dini bisa méréskeun masalah. Bisa pinanggih jeung bagja.” Téh Éma nu tatadi ngahuleng cumarita. Ngusapan  kuring kalawan deudeuh. ”Lamun aya nanaon, lamun butuh bantuan mah sok ka dieu wé nya. Pasti ditampa kalawan leungeun tumamprak. Moal  disaha-saha. Dini téh geus jadi dulur Téh Éma.”
                “Nuhun Téh pidoana.” Ceuk kuring ngudarkeun rangkulan. 
                Kuring ngaléngkah ka luar imah. Ninggalkeun panineungan nu  lawas maturan kuring. Mapag lalakon anyar  hareupeun. Gura-giru megat angkot ngajugjug ka terminalkeun.
                “Tos bérés?” SMS asup.
                “Muhun. Atos ayeuna nuju dina beus. Tilu jaman deui dugi ka lembur.” Kuring ngabales SMS bari biwir ngarenyu. Imut.
                Bangbaluh saeutik saeutik  ngaleungit kaganti ku kabagja. Lambaran lalakon narémbongan piligenti. Kolot jeung baraya di lembur, kalindih ku gambar Téh Arum, Sekar oge Téh Éma atra dina layar lalakon marengan beus nyemprung meulah  jalan.
                Inget ka Téh Arum nu teu daék nampa patarémana leungeun  waktu kuring amitan. Meujeuhna. Manéhna sasat teu percaya kana kahayang kuring. Pan saencana, kuring kungsi nyarita ka Téh Éma rék soson-soson mekarkeun karya di éta tempat. Mesatkeun usaha nu sasatna geus ngabaju jeung kuring. Malah ku Téh Arum sorangan kuring dipercaya nyekel  usaha. Kuring geus jadi kapercayaan manéhna.
                Matakan inyana kacida reuwas, asa  teu percaya kana putusan kuring. Kuring sorangan lamun kudu dicaritakeun mah, sarua asa teu percaya. Keur betah cicing di ieu tempat, tumaninah ngarasakeun kanyaah ti maranéhna. Ayeuna kudu ngejat ninggalkeun kaasih, nuturkeun pangharepan anyar nu sayaga diuntun.
                Hampura Téh Arum, Téh Éma ogé Sekar.  Mun kongang mah hayang kuring cumarita nu sabenerna. Ngan kuring embung nganyerikeun haté. Naha kuring kudu betus atawa mending kemba? Meureun ieu nu sabenerna nyababkeun kuring gering. Teu asup gawé aya kana samingguna. Nya putusan nu kadua nu antukna  ditungut. Teu cacarita ka sasaha waé perkara kuring nu sabenerna.  Kaputusan anu sakuduna diémbarkeun ka sakabéh jalma ngarah sarua milu bagja. Tapi kabagja  kuring can tangtu ceuk maranéhna. Banget ku nyaah ka Téh Arum, Téh Éma, Sekar ogé awéwé lain pangeusi butik. Hampura lamun taya carita saujratna tina biwir kuring.
                Mimitina mah keukeuh haté nolak waktu Kang Yudis ngajak ngahiji. Ngarangkep sacara resmi. Sanajan dina haté pangjerona aya rasa nu sarua. Tapi pan kuring geus tigin kana kayakinan diri, sarua jeung tiginna  pangeusi butik tempat kuring gawé. Heunteu waé meureun nyebut cadu mah.
                Tapi ning haté teu bisa dibohongan, kaasih nu mangkak karembangan dina jeroeun dada téh beuki dieu beuki malekar. Nyaliara minuhuan lulurung kalbu. Kuring  ngan tiban unggeuk pamustunganna. Ieu nu nyababkeun kuring antukna kudu hojah, miang ninggalkeun kanyaah Téh Arum saparakanca.
                “Din. Isukan Tétéh jeung nu lain rék nganjang ka lembur.” SMS ti Téh Arum nambahan haté liwung.***
                                                                                                     Bangbarung Pasundan, Fébruari 2015
                                                                                                         -Tawis tineung kanu dikantun-

Dimuat di Majalah Mangle No 2541, 3-9 September 2015

                Nina Rahayu Nadea. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman, jrrd

Tidak ada komentar:

Posting Komentar