Jumat, 25 Desember 2015

Karunya

Dimuat di Majalah SundaMidang Edisi No. 132 / Oktober 2015



Pangalaman Midang
Karunya...
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Rada ngajenghok waktu ku kepala dititah tugas anyar. Tugas nu saméméhna can kungsi kalakonan. Atah kénéh. Can kungsi terjun sakali-kali acan. Ngajar PAUD.
                “Bu Wayahna, nya, ti ngawitan Senén ngabantosan ngajar di PAUD.”
                “Ngajar di PAUD?” kuring malik nanya. Asa teu percaya kana dédéngéan. “Duh, Bu kumaha da abi mah teu tiasa. Pami ngajar SMP atawa SMA mah siap saratus persen.” Kuring garo-garo teu ateul.
                “Teu kedah ngajar langsung. Ibu mah tingal calik wé. Ngaasisténan. Ningalikeun wungkul barudak.  Pan guru tetep na mah tos aya. Saukur maturan.” Ibu kepala siga nu surti kana kasalempang kuring.
                Teu bisa kumaha. Kahiji geus puguh dines di dinya, aya SK ti pamaréntah. Katambah nu nitah dunungan. Mun teu daék téh meureun réputasi gawé kuring goréng kasebutna. Antukna sanajan wegah jeung seunggah kapaksa dilakonan.
                Sanajan enya cenah ari ceuk kepala tinggal cicing ngaasisténan. Tapi teu kitu dina prakna. Kangaranan barudak PAUD keur meujeuhna. Ari anu ngajarna pan ngan saurang. Kadua kuring. Nya piraku ku kuring kudu diantepkeun ari ningali budak anu leuleumpangan waé, nu ceurik waé, jeung saterusna. Teu fokus kana materi nu diajarkeun.
Ti dinya mah nya icikibung sabisa-bisa. Unggal poé kapaksa ngapalkeun lalaguan barudak. Untung budak kuring karék asup ka SD, atuh barang dititah ngalagu waktu keur TK téh haget da karesepna. Murudul. Nya éta nu jadi bahan pulunganeun kuring, diajar ti budak sorangan.
                Kitu wé siligantian jeung guru nu aya. Jeung sigana téh kasempetan aya kuring asup téh. Sakituna mah enya atuh da uyuhan ngajar PAUD ku sorangan. Jaba barudak sakitu reuayna. Lian ti ngajar, pan manéhna kudu nuliskeun administrasi, tabungan téa, mariksaan buku PR téa, mariksa tugas nu poé harita dikerjakeun di sakola. Kitu nu kabandungan ku kuring salila di PAUD téh. Atuh piraku ningali manéhna riweuh, kuring kudu cimekbleb onaman. Karunya teuing. Sok ngarumasakeun manéh. Nya tungtungna mah silibantuan. Mun manéhna keur riweuh tutulisan, kuring anu maju. Ngajarkeun nyanyanyian, atawa mangmacakeun dongéng. Naon waé sabulang béntor. Nu penting aya kagiatan.
                Kalilaan mah geus loma kana kaayaan PAUD, atuh istirahat nu asalna tara aya di dinya lantaran lieur ku barudak ayeuna mah ceuli geus narimakeun. Unggal poé cicing di ruang PAUD nepi ka bubaran. Naon wé nu digawéan, mun bérés sasapu, merhatikeun kalakuan barudak. Ogé merhatikeun nu barang dahar. Saméméh istirahat téh barudak PAUD ngahaja dititah muka bekelna séwang-séwangan. Brak dahar babarengan.
                Dina hiji poé. Cara sasari kuring aya di ruang PAUD waktu barudak keur barang dahar. Katingali barudak sumanget muka bekelna. Cacamuilan barang dahar. Resep ningalina. Tapi aya hiji budak anu bekelna téh teu didahar. Mimiti diantepkeun. Isukna kitu deui. Bekelna teu dibuka-buka acan. Karunya ningalina. Utamana mah sok ras ka budak sorangan, mun bekel angger téh sok ngarasa kuciwa komo taya tapakna acan dihuapkeun.
                Budak dideukeutan dilelemu. Sangkan  bekelna téh dipurak. Mugen. Antukna diolo, dihuapan. Sanajan lila, alhamdulillah amrin. Kitu wé unggal po,é éta budak jadi deukeut jeung kuring. Komo indungna mah meni atoheun. Nganuhunkeunna teuing sabaraha puluh kali basa apal bekelna korédas waé da  dihuapan ku kuring. Di imah geus jadi catur cenah, “hoyong emam di sakola, hoyong dihuapan ku ibu guru.”
                Isukna nu ngahunted barang dahar aya kana duana. Kapaksa dihuapan, da karunya téa.  Isukna deui nu ngahunted beuki loba. Hayang dihuapan ibu guru. Mimitina mah diladangan. Nu penting bekelna amrin. Budak anu tadina geus mandiri, bisa dahar sorangan gé ngadadak hayang dihuapan ku kuring. Jol itu jol  ieu hayang dihuapan Bu guru. Atuh budak ngajajar, ku kuring dihuapan.
                Enya mimitina mah resep. Tapi ari unggal poé mah. Haduh capé nakeranan. Pangpangna mah beut aya budak nu baeud sagala, réwél ka indungna pédah ku kuring tara dihuapan da loba teuing budak anu hayang dihuapan.
                Asa dosa kareureuhnakeun. Mikir salila-lila. Kuring geus salah. Nu asalna hayang nulungan beut kieu tungtungna. Budak jadi teu mandiri. Atuh kuring jadi katempuhan. Tungtungna diakalan, lamun pareng waktuna dahar atawa istirahat. Kuring ngiles ti éta kelas. Lain... lain karna capé  nu utamana mah. Ngan karunya ka barudak, bisi arep arepeun ka kuring salilana. Atuh meureun iraha budak rék mandirina?
               


Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, jrrd.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar