Jumat, 25 Desember 2015

Genyas

Dimuat di Majalah Mangle No 2542, 10-16 September 2015



Genyas
Ku Nina Rahayu Nadéa
                “Aww!” Kuring nyekelan suku nu nyeri.
                “Punten nya,” aya sora kadéngé. ”Abdi Genyas.” Manéhna ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman. “Punten tadi kajejek nya”.
                “Euu... Arum.” Kuring nampanan leungeunna. “Teu nanaon.” Ceuk kuring bari muringis nyekelan suku.
                “Nyeri kénéh? Yu, urang ka UKS, supados diurut.” Genyas metot leungeun kuring.
                Teu wasa nolak. Ieu awak hideng nuturkeun kahayangna. Suku ngaléngkah bari jeung ingkud-ingkudan.
                “Teu nanaon da tos biasa ieu mah. Sanes nyeri pédah kajejek. Nanging tilas kacilakaan kapungkur.” Kuring tungkul deui.
                “A...rum Purwaningrum.” Manéhna ngagerendengkeun ngaran kuring. Katingali panonna neuteup kana name tag nu ngadaplok dina dada. “Ari tadi nuju naon di aula  meni pajejel? Janten wé Arum  kajejek.”
                “Aya pengumuman ti ketua kelompok kanggé candakeun énjing.”
                “Oh... keun engké dibantosan ku Genyas nya. Tenang, kaka kaka di dieu mah balageur da. Pilakadar aya senior nu nyentak, éta mah ngan sakadar latihan méntal wungkul. Tong dilebetkeun kana haté.”
                “Genyas. Kunaon di dieu? Kumaha sih ketua senat téh. Dari tadi anak-anak pada nyariin tuh.” Hiji awéwé norojol ka ruang UKS. “Pantesan adem di sini, ternyata ada céwék cantik.” Cenah rada sinis ka kuring. “Sakit beneran?” Manéhna nalek kuring.
                “Matak aya di dieu gé nya pasti atuh. Arum belum kuat berdiri lama. Dia baru sembuh dari sakitnya, jadi harus diawasi.” Genyas nangtung. “Saha petugas UKS ayeuna? Naha ning ruangan téh beut suwung?”
                “Nya pastilah mereka  pada keluar. Ngontrol. Takut ada yang sakit.”
                “Ah. Kuduna mah tong ka luar kabéh atuh. Maenya UKS suwung kieu.” Genyas katangen keuheul.
                “Tapi kan kamu seneng paduduaan.”
                “Yasmin!” Sora Genyas tarik. “Sok ka mana waé...” Bari ngaléos ninggalkeun ruang UKS.
                “Memang beneran kaki kamu sakit?”
                “Iya, Kak. Tadi pagi sih ngak sakit, cuma keinjek sama Kak Genyas, jadinya sakit lagi.” Ceuk kuring bari ngusapan suku.
                “Tapi masih bisa berdiri kan? Awas jangan cari perhatian dari Kak Genyas. Dia tuh sudah punya céwé.”
Teu hayang némbalan. Barina gé lain urusan kuring. Da kuliah téh  lain keur anu teu paruguh, tapi keur nyuprih élmu. “Awas, tong kamalinaan kuliahna. Opat taun kedah tos bérés. Lamun lebih tina targét, biaya nyalira.” Ngajelengéng omongan Mamah. Ayeuna karék gé asup geus dirudetkeun ku urusan nu kieu. Ih, teu harayang teuing.
                “Oh, ternyata ada pasien di sini. Siapa namanya?”
                “Iya siapa nih. Bening amat matanya.” Lalaki tukangeun éta awéwé pipilueun nanya.
                Éits, awas... awas pasien cewek bagéana cewek. Kaditu Rangga. Kamu kan ada urusan. Tuh tadi Genyas nyariin kamu.” Yasmin nyampeurkeun kanu duaan.
                “Aya naon cenah?”
                “Ga tau. Ngan sigana keur rada ngambek. Keur bété.”
                “Enya. Ari ieu pasien jurusan naon nya?”
                “Euuuh angger cunihin. Sakitu kabogoh gigireun téh. Dasar lalaki. Awas ka ditu....”
                “Heureuy kétang, Puput sayang.   Tong dianggap kana haté.” Rangga noél gado Puput.
                “Kunaon cenah tadi Genyas ngambek ka Rangga, Yas?” tanya Puput sanggeus Rangga teu aya.
                “Kateuing lah. Hayang katangar pédah jadi ketua senat meureun.”
                “Ih, manéh mah. Kitu ari bogoh teu diladangan téh.”
                “Gandéng, Put!”
                “Tapi enya cintrong kan?”
                “Cinta sih cinta.... Ngan Genyas ning haré-haré waé.”
                “Tetap berusaha dong. Tuturkeun ka mana waé Genyas... Awéwé téh kudu agrésif. Turutan atuh Puput.” Manéhna nepak dada. “Rangga gé ning antukna serah bongkokan. Ari ditutur tutur waé mah , teu burung....”
*
                Genyas. Ketua Senat Universitas DarmaSakti. Lalaki nu kacida didama-damana ku para wanoja.  Enya kétang teu ngabibisani Genyas téh kasép kharismatik. Teu anéh lamun awéwé rabul nyalamperukeun, malah nepi ka barang béré sagala. Beuki lila kuliah, beuki apal ka Genyas, beuki apal karakterna. Hiji nu hésé dikobét, ningali Genyas nu haré-haré waé ka awéwé. Ceuk Dini mah cenah Genyas bogoheun ka kuring. Ah, teu hayang ngadéngékeun.
                “Rum... katitipan salam ti seseorang.” Andini sobat kuring datang bari jeung gék sisieun korsi.
                “Halah terus waé, cowok nu diobrolkeun téh.”
“Serius yeuh. Kasép pisan. Salamna gé 3 beungkeut cenah.”
                “Males ah, ngomongkeun waé lalaki.” Kuring ngaléos, teu miroséa ka Dini.
                Resep ka Andin téh, sok ramé, sagala diobrolkeun. Ngan éta nu teu dipikaresep téh. Sok ngobrolkeun waé lalaki. Pan sebel.
                “Euuh. Sigana Arum, mah prigiiid. Meni teu resep mun Dini ngobrolkeun lalaki téh.”
                “Enya atuh da bosen. Barina gé kuliah téh pan keur diajar lain keur ngabahas lalaki. Ceuk Mamah gé kudu soson-soson diajar. Bisi kuliah teu anggeus.”
                “Hem, dasar anak Mamah.” Andin gogodeg. ”Tapi enyaan yeuh, Rum. Aya salam ti Genyas. Lamun Arum teu nolak. Engké ku Genyas ditungguan di Gramedia jam 1 cenah. Kitu gé lamun Arum heunteu nolak. Tapi mun nolak téh kacida teuing. Mun nolak téh berarti bener wé Arum téh prigid.”
                “Gandéng... gandéng. Barina gé moal mungkin atuh Genyas neundeun haté  ka Arum.” Kuring ngarénghap panjang. Aya momot nu kacida beuratna jeroeun dada. “Naon sih anu dipikaresep ti kuring, Din. Pan nyaho Dini gé. Arum mah batan sakieu.” Nu ngeyembeng na juru panon teu kaampeuh ngeclak. “Arum mah pan cacad, Din. Teu bisa leumpang normal siga nu lain. Matakna Arum mah embung deukeut jeung ngaran lalaki. Inggis ngayerikeun haté. Embung kajadian nu enggeus-eunggeus karandapan deui.”
                “Arum?”
                “Naon Din? Anéh nya  ka Arum...”
                “Anéh pédah Arum beut jadi capétang kieu.” Dini nangkeup pageuh kuring. “Okéy Dini ngarti ayeuna... ngarti kana kaayanan Arum. Ngarti Arum kungsi meunang kapeurih ku lalaki.”
                “Sukur ari Dini ngarti mah. Geus tong ngomongkeun waé Genyas.”
                “Tapi naha bener Arum teu nyaah ka Genyas. Teu peduli lamun salila ieu Genyas merhatikeun. Daék mangerjakeun tugas Arum. Naha éta hartina taya nanaon, Rum.  Moal mungkin, Rum. Genyas cinta ka Arum heunteu ningali fisikna. Aya hal lain nu matak narik ati. Cinta teu mandang rupa, Rum.”
                Kuring nyusut cipanon nu ngalémbéréh. Kalangkang Genyas aya dina kongkolak panon. Genyas. Enya Genyas anu salila ieu kaimpikeun waé. Ngalangkangan tiap usik, tiap menit. Genyas anu kacida perhatianna ka kuring. Genyas nu sanyatana dipicinta. Ah, Genyas.
                “Hampura lamun Dini ikut campur urusan Arum. Ngan sakadar méré jalan. Tong kaduhung engkéna. Ceuk kamandang Dini mah sok tepungan heula Genyas.  Omongkeun sagala kasalempang Arum. Lamun geus diomongkeun sagalana, nepi ka bubuk leutikna mah. Jeun teuing.”
                “Dini daék nganteur?”
                “Pasti, Dini siap mengantar sobat dalam keadaan suka dan duka.”
*
                Panon poé keur meujeuhna hadé. Teu panas teuing heunteu poék teuing, basa aya nu ngetrok kana panto kamar
                “Arum.... énggal  aya tamu!” Mamah ngageroan ti luareun kamar.
                “Tamu saha, Mah?” Kuring ngelol.
                “Duka. Pameget. Kasép. Kabogoh nya?” Mamah ngagelenyu.
                “Iyy. Saha ari Mamah. Enyaan aya tamu pameget, Mah?”
                “Muhun. Sok énggal tepangan.”
                “Genyas?” Kuring ngajenghok waktu apal saha nu datang.
                “Naha meni reuwas. Teu kénging kitu ka dieu?”
                “Sanés kitu. Nanging....”
                “Nanging naon? Masih teu percanten ka Genyas. Rum pokona Genyas nyaah ka Arum. Sanés ngan saukur tina fisikna wungkul. Urang diajar silih mikanyaah. Mihapékeun diri.”
                “Kunaon atuh Genyas téh meni keukeuh waé. Naon sih anu dipikaresep ti Arum?” Kuring neuteup gegenclang panonna.
                “Resep ku pribadi Arum nu soléh. Teu kacandakeun janten gadis gaul siga jaman ayeuna. Sareng resep ku suanten Arum pami nuju ngaos. Genyas hoyong budak Genyas, putra urang pinter kana agama jalaran Umina ngajarkeun.”
                “Genyas!”
***

                Nina Rahayu Nadea. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman, jrrd

Tidak ada komentar:

Posting Komentar