Jumat, 25 Desember 2015

Nu Nganti Dawuh



Dimuat di Tribun Jabar, 8-10 September 2015

Nu Nganti Dawuh
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Adan Shubuh  ngalanglaung. Antaré nakeranan dina sela hiliwir angin nu sumulusup. Ngageuingkeun umat  sangkan  lilir tina impian. Sayaga nyanghareupan ibadah  sangkan teu kaluli-luli. Ngélékéték nu tibra. Metot nu ngahodhod tina rungruman pangdoja dunya. Nu éling buru-buru cengkat. Tapi nu bedang jeung ingkar leuwih loba batan éling. Panggero sétan leuwih maskét, méré tibra nu pohara sangkan  jauh tina panyaur Gusti.
                Ceuli Darman rancung ngadéngé sora adan. Hayang sabenerna hudang. Tapi nu montél  leuwih bedas harusna batan panggeuing. Pageuh montél dina keukeupan hiji awéwé rancunit. Sataranjang dina héabna katresna nu ngagedur teu eureun ditalikung simpé. Teu miroséa waktu nu beuki ngagilir maju ka beurang. Beuki pogot. Beuki hanaang maturan diri ku haroshos birahi, parat nepi ka  méléték panon poé.
                Rét kana baju dines hansip nu ngadaplok dina kapstok tukangeun panto. Rét ka gigir. Buukna nu ngarumbay antel kana pameunteu. Seungit ngahiliwir mingkin betah dina rungruman. Rét deui kana jam nu ngadaplok dina témbok. Jam dalapan. Haduh kabeurangan, gerendengna. Niat rék cengkat. Ngan teu kuhanteu nu gigireun mageuhkeun rangkulan. Teu jadi cengkat. Nu nangkeup diusap deudeuh.
                “Acan hoyong gugah?” Sora méh dipompokeun kana ceuli.
                Ngajawab ngan saukur ku gideug
                “Akang ka kantor heula nya.”
                Manéhna malikeun awakna. Imut ngirut. Ehm, matak nineung ninggalkeunna. Kamelang teu eureun-eureun ngungsi na ati. Sieun si geulis ngejat, sieun  widadari téh ngapung hiber kajauhna teu euntreup deui.
                “Nis, Wios teu?” Darman ngulinkeun buukna nu galing mutang
                “Teu sono ka Nisa kitu?”
                “Ehm... sono mah pisan. Wegah papisah. Hoyong teras reureujeungan. Hoyong teras ngeukeupan Nisa nu matak deudeuieun.” Darman ngambung  embun-embunan.
                “Naha atuh beut badé mulih ayeuna?” manehna  ngajanggilek ogo.
                Antukna bolay deui. Teu tulus ka kantor nu méh saminggu teu didatangan. Beuki kagémbang ku Nisa nu beuki manting, hésé pohona.
                Deui-deui  ngabohong kanu di imah, aya tugas penting ka luar kota. Urusan dinas, ngokolakeun program anyar di luar kota.
                “Kang...”
                “Naon, Nis?”
                “Tos lami Akang teu mangmésérkeun perhiasan ka Nisa.” Cenah bari jeung ngaléndotan pipi ku biwirna. “Komo ayeuna mah nuju usum batu ning. Moal batu nu anéh Nisa mah ah, cekap berlian waé.... Méh kaanggéna lami sareng nilai jualna teu lungsur. Pan ari batu sanés mah nilaina naék turun. Nya, Kang da kasép.” Celengok biwirna kana biwir Darman.
                “Hem.” Ngomong teu jelas da kahalangan.
                “Berlian nya.”
                “Enya, ké mésér.” Darman garo-garo teu ateul. Meuli berlian nu pangajina lain saeutik. Tapi da lamun teu dienyakeun, geus apal kana adatna pasti ngagadeud lila. Pasti moal méré deui kasenangan. Pasti bakal ngontrog ka kantor, tah éta sabenerna nu dipisieun. Rusiah bakal kabokér. Kumaha nasib. Bisa-bisa meureun dipecat tina PNS. Nganyerikeun Larasati pamajikanna.  
Nisa teh awéwé nu bisa ngabagjakeun. Teu siga Larasati nu prigid kaayeunakeun. Nu salilana ngurusanan incu jeung incu. Leuwih gedé merhatikeun maranéhna tinimbang salaki, nu sabenerna kacida butuh manéhna.  Nisa? Uyuhan daék ka aki-aki, 4 taun deui pensiun. Sarat na ngan hiji. Pangabutuhna kudu kacumponan. Mimitina tina telepon nyasar, nya terus wé diheureuyan antukna nyambung, malah ngajak kopi darat sagala.
                “Nisa.” Cenah manéhna ngasongkeun leungeun.
                “Darman.”
                “Oh iyeu, Kang Darman téh. Gening gandang nya.” Cenah imut leleb. Méh waé Darman katurelengan basa ngadéngé omonganna.
                “Naha leres Nisa hoyong dipihukum ku Akang?” Tanya Darman togmol. Nuluykeun ugeran carita nu remen dina SMS.
                Manéhna unggeuk.
                “Naha beut hoyong ka Akang? Pan Akang mah tos sepuh. Sakedap deui gé pénsiun.”
                “Biar tua, tapi onderdilna masih oké pan?” Cenah teu eleum-euleum. Leungeunna langsung nyekel leungeun Darman.
                Asa aya nu nguruyud. Ehm... lila tara aya nu ngaheureuyan, tara aya nu ngulinkeun haté. Ari Nisa ning beut langsung conggah, langsung KLIK kana haté.
                “Janten serius Nisa ka Akang?”
                “Pan matak tepang ayeuna gé, serius atuh.  Ti ngawitan Nisa SMSan teras BBMan, ningali poto Akang. Nisa tos ngaraos cop sareng Akang. Ti kapungkur gé Nisa mah gaduh cita-cita hoyong gaduh carogé téh ka PNS. Nya ayeuna tepang jeung Akang. Lamun enya téh urang ngajodo. Ehm, banget ku bagja.”
                “Tapi Nisa tos terang pan, yén Akang téh tos gaduh...”
                “Ah, éta mah gampil. Asal akang adil. Nisa mah teu sawios.” Cenah tambah lindeuk.
                Ti dinya Darman diajar lalayaran deui dina sagara cinta. Cinta nu méh hanaang  téh ayeuna tingparentul karembangan deui. Bakat ku remen diceboran kaasih Nisa.
                Tapi nya kitu, ku ayeuna mah resiko téh ning nambahan. Kabutuh nu di imah katambah kabutuh Nisa nu kacida gedéna. Meuli perhiasan téa, mobil téa, ka salon téa. Pokona tékték bengék nu ngajadikeun Nisa unggal poé kaciri kinclong matak deungdeuleueun. Katambah kabutuh incu nu beuki ngagedéan.
                “Kumaha atuh ayeuna sareng Nisa?” manéhna nalék dina hiji poé.
                “Kumaha... kumaha ari Nisa?”
                “Pan tos sababaraha kali Nisa nyarios hoyong berlian. Piraku teu acan waé. Jaba arisan tos 3 sasih teu kabayar. Nisa téh isin atuh.” Nisa carinakdak. Biwirna nu ipis beureum téh semu ngawet.
                “Deudeuh, Nis. Sanés teu emut geulis. Kamari nguruskeun heula incu. Dirawat di rumah sakit.”
                “Incu wé diuruskeun ari Nisa? Pami Akang tos teu sanggeum mah. Uihkeun waé Nisa ka sepuh.” Inghakna tambah kerep.
                “Tong kitu atuh. Ké saminggu deui Akang kénging proyék anyar. Sadayana gé diancokeun kanggé Nisa.” Ceuk Darman bari jeung mangku awakna, regenyeng dibawa ka kamar. Jep.
                Matakna basa ti kantor aya program anyar tur nampa gepokan duit. Teu inget nanaon ngan golosor ka Nisa. Kitu jeung kitu wé tiap aya kagiatan ti kantor. Osok éta oge sakali-kali mah programna dilaksanakeun, ngan tamba heunteu teuing dilaksanakeun. Bisi katanyaan. Bari jeung nu sabenerna mah. Jumlah anggaran jeung kanyataan jauh tanah ka langit.
                Tapi kalilaan mah teu burung aya nu comél. Nu sirik meureun. Da éta wé teu puguh-puguh ujug ujug kadatangan ti bagéan  keuangan pusat, cenah mah rék mariksakeun.
                “Tos wé, Pak. Pami Bapak hoyong aman. Alim dipariksa ku pulisi, mending gentosan wé artos nu kaanggé program kamari.” Manéhna méré lolongkrang, waktu kaciri Darman salila-lila ngan ngahuleng.
                “Kedah iraha artosna?”
                “Paling leuir, énjing tabuh 12 éta artos kedah dipasihkeun.”
                Tihothat nginjeum ka ditu ka dieu, mobil dijual sadua-dua. Tungtungna kieu karasana, hésé menyatna. Nisa gé ningali  bangkrut mah, rada ngajauhan.
                Neut neutan usaha rada maju basa aya kawuhan anyar. Asikin. Nya manéhna pisan anu ngahudangkeun sumanget. Atuh duit gé teu sirikna nyalampeurkeun. Nisa gé, ninggali  hojah mah, nyampeurkeun deui. Usaha jeung manéhna terus mesat. Enyaan babari nakeranan. Atuh Nisa gé  tambah geugeut. Cinta  beuki ngait hésé  leupasna. Komo deui diwowoy ku duit. Atuh haté moal kasieunan Nisa ninggalkeun. Da kahayangna sagala geus kacumponan.  
                Jeung Asikin beuki dalit. Ti manéhna mimiti apal jeung rokok. Rokok spésial nu kacida nikmatna. Nganteurkeun panglamunan. Nganteur kaéndahan dunya nu asa can kungsi katimu. Atuh ayeuna mah teu kudu jeung Nisa waé reureujeungan téh. Da geuning awéwé téh lindeuk nyalampeurkeun. Suka senang nyeuseup madu sawarga dunya.
Nepi ka hiji poé,  kagebahkeun kunu anyar datang, teu sirikna tempat saré diburak-barik. Sagala disingkabkeun. Harita Darman  keur anteng lalayaran dina sagara cinta jeung Luna, awéwé rancunit nu anyar papanggih di hiji hotel. Teu manggappulia. Darman dicerek, digiringkeun ka kantor pulisi. Teu  bisa hojah waktu barang bukti kapanggih pisan ti kamar tempat saré.  Pulisi hasil ngamankeun barang bukti magrupa  1 kg sabu.
                Lain karna éta deuih nu nyababkeun Darman kudu urusanan jeung aparat. Tapi lantaran kapanggih geus nyéléwéngkeun duit nagara. Duit program anu sakuduna dilaksanakan lolobana teu dilaksanakeun. Loba kagiatan fiktif. Dina ayana gé teu sesuai jeung duit program anu gedé.
                Darman sasadu sarta  méré kamandang ka maranéhna. Nerangkeun yén sanyatana manehna ngan saukur korban. Darman mah teu  niat ngajualan sumawona jadi pengedar nu kararitu. Ngan sakadar ngabantuan babaturan nganteurkeun barang méh aya tambah-tambah keur ngabanjel kahirupan salaku PNS nu gajihna beuki seret, lantaran loba potongan. Kitu ceuk Darman méré alesan. Waktu diintrogasi ku petugas.  Tapi petugas teu kitu waé percaya, komo deui geus puguh barang bukti kapanggih pisan.
                Antukna Darman narimakeun. Teu bisa kukumaha. Pengacara  nu kaditu kadieu, néang luang ku cara méré paleuleueur sagala. Lumayan hukuman téh rada ngurangan tinu asalna. Sanajan dina haté mah  embung narimakeun. Tapi rék kumaha deui? Masalah teu bisa bérés ngan saukur ceurik. Teu bisa bérés ngan sakadar ngaluarkeun cimata.
                Sakieu gé masih syukuran, dina waktuna Darman manggih masalah anu kacida gedéna, Larasati datang nepungan. Méré pangdeudeul anu kacida ngabantuan pikeun kategeran haté. Béda jeung Nisa ogé Luna nu teu katingali irung-irungna acan. Pikasebeleun.
                “Sing emut, ieu kajantenan téh kanggé pangémut urang nu kumelendang, Kang. Émut urang téh bakal mulih. Urang ngan saukur nganti dawuh.” Cenah bari jeung nyusutan cipanon.
                “Hampura Akang, nya.”  Kalangkang kahirupan nu enggeus-enggeus narémbongan. Larasati ning awéwé sajati nu sanyatana narimakeun kana dodoja. Awéwé tohaga nu narimakeun  kumaha baé ayana. Suka senang jeung manéhna. Babarengan lain ngan saukur keur amisna tapi ogé paitna. Kaduhung mahung diri. Cimata bedah dina tangkeupan.
Sanajan nyaho kalakuan  anu geus mangnircakeun, nganyerikeun haté leuwih ti misti. Tapi manéhna nu nyadarkeun Darman sangkan narima kana papastén. Nya ka manéhna Darman tigin. Seja tumamprak.  Rék babalik pikir nyanghareupan hirup anu tinggal ngitung poé milang bulan. Dina sésa umur ieu, rék meresihan haté kujalan ibadah nu leket sanajan di pangbérokan.
                Tapi ning kahayang téh kacida héséna. Di pangbérokan anggur kalakuan beuki kucrut. Di jero lapas panggih jeung jalma-jalma nu nuyun Darman ngalakukeun teu puguh. Mingkin jauh kana tobat. Sipir gé siga nu haré-haré mireungeuh kalakuan nu aya di jero penjara. Api-api teu apal, nu penting aya pérélék asup kana leungeunna. Peun.
                Jeung Asikin, Darman neruskeun hanca. Neruskeun pitapak. Ngédarkeun narkoba. Di jero lapas asa leuwih merdika. Teu kudu sieun dibeberik pulisi. Di jero lapas malah Darman dibéré kabébasan pikeun maké alat komunikasi. Pan tadi gé geus disebutkeun, asal manéhna senang tinangtu kagiatan  gé lancar. Asikin nu udar iderna, ari Darman nu méré komandona.
                Sora adan kadéngé ngalanglaung. Dina ramo lintingan ganja diseuseup antaré. Kitu deui babaturan panghuni sél nu sakamar, saruka bungah nyeuseup sawarga dunya. Ngahimel kuéh anu sarua ngandung ganja.  
Awak mendeyang, suka seuri digorogotan wanci, dicabakan mangsa. Wanci beuki pareum, sorot panon beuki lamur, dina tungtung umur, dina wanci nganti-nganti dawuh, teuing sabaraha ratus lekik botol maturan. Teuing sabaraha linting ganja marengan. Sora adan ngalanglaung pagiling gisik nyiwitan wanci.***




Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman, Koran Harian Sumatra Barat, jrrd

Tidak ada komentar:

Posting Komentar