Jumat, 25 Desember 2015

Ngajual Sora

Carpon, dimuat di Tribun Jabar. 15-17 Desember 2015


Ngajual Sora
Ku: Nina Rahayu Nadéa

            Nagara geunjleung. Sora nu halimpu, nu lumengis, pabaur jeung nu patingcorowok awor meulah simpé, ngamuara dina tungtung langit. Pepedut nyarumput nyinglar, inggis kabagi balai. Sieun geutih campuh di ieu nagri. Sora-sora anu asalna ngeundeurkeun nagri saeutik-saeutik mundur, ngahiang ngiles dilegleg tangkeupan kamelang. Ngahindar tina kasakit. Kasakit materialistik tina ladang ngajual sora. Sora anu nyumput, anu baketut jeung nu seuri koneng. Seuri nu nyumputkeun semu. Nyamunikeun rusiah nagara. Kabéh campuh teu éléh géléng. Pagilinggisik nyiwitan wanci. Pagilinggisik jeung sasama, jeung sabalad-balad. Pon kitu pagilinggisik jeung musuh bubuyutan. Musuh politik anu sumebar di sakuliah jagat.  Musuh natrat musuh bungkeuleukan ogé musuh anu demit.
Ti ditu ti dieu silih udag lampah nu pasalia, black campaign mahabu. Siligoréngkeun ahlak geus jadi sasalad. Nerkab. Heueuh kétang pan keur usumna. Usum ngalus-ngalus partai. Ngalus-ngalus partai anu pro jeung dirina. Teu anéh lamun loba kajadian babaturan jadi musuh, atuh musuh jadi babaturan. Pédah sapamadegan, sapilihan. Sosobatan anu geus dalit nepi ka bengkah. Demi ngabélaan naon? Ngabélaan pilihan. Tokoh  anu rék bajoang hayang jadi no hiji di tatar priangan.
            Neureuy ciduh. Hayang kuring nyumput. Malikeun lalampahan nu geus kasorang. Hayang ngabuktikeun ka jalma réa yén kuring teu boga salah. Yén kuring euweuh sangkut pautna jeung urusan politik.        Aya nu lumengis kacida di dieu. Dina haté pangjerona. Kahayang jeung kanyataan kacida tojaiyah. Idéalisme nu geus dipupusti puyar. Papagon keur kahirupan pituin piraku kudu oyag? Leungit baganti ku bagja anu ngan sakedet nétra karasana. Hayang malikeun lampah sangkan nundung kalangkang hideung, nyieuhkeun pamadegan nu tojaiyah jeung lelembutan.  Kayakinan anu ngiles lantaran kahayang maranéhna karuhun nagri. 
            Teu hayang ulubiung dina urusan politik. Nu penting gawé bener. Ngajalankeun paréntah atasan kalawan daria. Teu saeutik oge aya pikiran ka dinya. Mending soson-soson gawé nu bener, ngarah pangabutuh di imah kacumponan. Loba éta gé nu ngolo-ngolo sangkan kuring guyub jeung maranéhna. Nurut kana kahayangna.
            “Enggeus lah milih calon Z, tong milih nu lain?” Ahmad, sobat kuring nepungan ka kantor dina hiji poé.
            “Lah, naon piuntungeunna. Rék saha-saha nu meunang gé, angger wé kuring gawé, kurah koréh néang berita.”
            “Naék engké mah. Hayang jadi naon?  Pemred? Asal bantuan wé. Masalah éta mah gampang.Sok ku kuring dibéré modal sabaraha? 2 juta, 3 juta...”
            “Halah... halah....geus gandéng. Moal kabita!”
            “Percaya ka di dinya. Moal babari kabita. Nétral.”
            “Sukur ari ngarti mah.”
            “Tapi kuring apal di dinya mah jalma nu sok tutulung. Moal téga ningali sobat keur meunang kasusah.”
“Insya alloh ditulungan ari kuring bisa mah. Asal tong maksa milih si X si Y, si Z, wé siga tadi.”
“Moal. Ngan pilakadar mangbagikeun ieu, daék?” Ahmad mikeun amplop ka kuring.
“Teuh nya pasti misi nu tadi deui.”
“Moal maksa sangkan maranéhna milih. Pédah wé ka amanatan ti atasan.”
“Jeun teuing ari kitu mah atuh. Keun ku kuring dibagikeun. Ngan tong nganaha-naha wé lamun pilihanna teu sapagodos jeung di dinya. Jaman kiwari mah, sora jalma hésé dibeulina. Geus palinter.”
“Ngarti... ngarti. Ieu mah sugan jeung sugan aya nu nyanggut.”
            Sakedapan panon manco kanu ngungkug balik nonggongan. Ehm, enya daékan, demi duit, demi pangabutuh, manéhna rido ngorbankeun diri. Ras kana dongéng manéhna sababaraha waktu kaliwat yén  keur lieur néangan gawé. Ngalamar ka ditu ka dieu nyamos. Antukna kitu geuning ngorbankeun diri anu geus nawing na pucuk gawir. Atawa kétang sayaga bebenah diri pikeun nyalametkeun hirup anu mémang geus nangtawing, ku cara ngajual sora. Pilakadar ngajual sora. Nu penting bisa menyat dina kahirupan. Pilakadar ceunah loba nu béntrok teu sapamadegan. Lakadalah kuma aing. Nu penting bajoang. Komo deui bisa narik simpati masa anu leuwih loba pan berarti nilai jual bisa ngaronjat nikel. Sakapeung néwo-néwo jalma sangkan biluk. Daék heug heuteu piraku pan geus disogrogkeun duit anu gedé. Kuring bati gogodeg.
            “Héndar, manéh jadi tim suksés no sabaraha euy?” Purkon ngelol tina lawang panto.
            “Heuh. Jol itu jol ieu nanyakeun téh nu kitu. Boro-boro mikiran nu kitu, gawé gé numpuk.”
            “Pédah wé babaturan di dinya meni remen nganjang... ngabibita.”
            “Urusan manéhna ta manah.”
“Enya kétang. Meuning kitu. Kudu nétral ka sasaha gé. Komo urang gawéna siga kieu...”
“Siga kieu kumaha Public Figure téa meureun nya Pur? Héhé.”
            “Heueuh, tukang néangan figure batur méh bisa diékspos ka public. Haha.  Urang mah kudu jonjon nya Hén... Bisi tijalikeuh. Mending siga ayeuna wé hirup mah saujratna. Néang berita anu bener. Teu kacampuran ku nanaon. Hayang dipercaya masarakat téh hésé jaman ayeuna mah. Pan nyaho ning keur naékeun oplah surat kabar gé kudu tibeberegég. Suku dijieun hulu, hulu dijieun suku téh lain bobohongan. Kuring gé embung kaeuntreupan nu teu uni. Sanajan enya kétang ku ayana  pilkada kieu téh loba golontoran duit anu asup ka media urang.”
            “Kumaha tah... hukumna?”
            “Hukumna éta mah wajib ditarima, mubazir. Haha.”
            “Asal teu déngdék topi wé nya?”
            “Kuma duit éta mah. Pan ceuk Pemred gé bekerja harus profesional. Pan iklan téh kudu dibayar. Atuh lamun méréna sarua jeung tempatna hayang  strategis. Nya naon héséna tempatkeun wé kabéhanana. Dibagi-bagi. Teu kudu lieur.”
            “Jadi  di dinya rék milih  saha?”
            “Ah éta mah rusiah. Teu meunang diucah acéh. Indung suku gé teu meunang dibéjaan. Luber.”
            “Asoy tah pamadegan téh. Sugan téh geus teu jaman Luber ayeuna mah. Pédah dina média sosial meni teu di dingding kelir tah kana pilihan téh. Teu sirikna dibéja-béja rék milih saha. Lieur ngabandungana.”
            “Ah urang mah... kudu bisa nyekel prinsip. Anjing menggonggong khafilah tetap berlalu.”
“Nuhun lah geus ngingetan.”
            “Kumaha bérés ngawawancara narasumber téh?”
            “Bérés. Ceuk redaktur mah eusina sudah okéy cenah. Malah rék dimuat di halaman utama. Keur diedit heula cenah méh leuwih apdol.” Kuring seuri, asa agul meunang berita top.
            “Sukur atuh, sugan wé jabatan di dinya téréh naék. Meunang waé berita nu hédéd euy! Kadé inget kudu nétral. Tral!”
            “Enya heueuh atuh.” Kuring nyeuseup rokok nu kari saeutik deui. Sanggeus dikenyot sababaraha balikan. Sésana dipiceun kana asbak.
            “Géhél. Éta nu moal ngarokok... calacahna kuat ka ngahunyud kitu.” Purkon diuk gigireun. Nenget-nenget calacah nu aya dina asbak.
            “Haha. Saeutik lah. Méh teu ruwet.”
            “Kunaon aya masalah di imah?”
            “Budak nu leutik tiktik brek waé. Pulang anting ka dokter euweuh robahna. Sugan aya milik hayang mawa budak ka rumah sakit!” Kuring rumahuh.
*
            Rapat rédaksi asa ngadadak. Tadina mah moal ngiluan. Lebar keur aya jugjugeun nyiar berita. Tapi kudu. Matak kitu gé penting nakeran.
            “Jadi kabéh kudu ngarti. Kumaha merjuangkeuna. Jadi wayahna berita nu dimuat téh rédaksina dirobah saeutik.” Pak Danu  salaku Pemred ngomong écés.
            “Punten, Pak. Éta mah di luar jalur berita. Teu loyog. Teu sesuai kenyataan. Tojaiyah ngaranna. Nu salah dibenerkeun.” Kuring nyeuneu. Asa teu diajénan. Capé-capé néang berita aktual. Jeung pangheulana bisa ngorék ieu masalah. Kari-kari dicut ku dunungan.
            “Kuring ngarti... tapi maranéh kudu leuwih ngarti nasib media urang. Nasib karyawan kabéh.”
            “Jadi?”
            “Wayahna gugu kahayang kuring. Demi mertahankeun maranéh sakabeh.” Pak Danu nutup riungan, paromanna alum.
            “Kuring teu satuju,” kuring nangtung. “Mending eureun gawe.” Leos ka rohang gawe.
            Ngarahuh neuteup layar monitor anu reup bray. Rek balik asa wegah, reg barang gawe teu purun. Aeh, gawe naon ketang pan geus menta eureun, rumahuh beki kerep. Cengkat waktu HP disada, aya SMS asup. Pamajikan nitah mulang, menta anteur ka dokter. Kalangkang budak nembongan.
            Ngarandeg lebah ruang parkir, waktu aya mobil ngaliwat. Teu apal mobil saha, tapi sareret katingali ringkang nu dalit, ringkang nu tadi nutup rapat. Seuri suka bungah jeung hiji jalma. Ahmad!***



Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat jrrd.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar