Jumat, 25 Desember 2015

Cimata di Pangberokan

Dimuat di Majalah Mangle,  8 Oktober 2015



Cimata di Pangbérokan
Ku Nina Rahayu Nadéa
            Deui deui cimata bedah. Teuing anu geus sabaraha puluh kali. Teu kalis disusutan angger ngalémbéréh teu kaampeuh. Angger datang sanajan dipikageuleuh ku kuring. Pan salila ieu kuring kacida teu resep ka lalaki anu ngaluarkeun cimata. Narah pikeun lalaki ceurik. Ari ayeuna? Bet karandapan ku kuring.
Ukur sumujud ka mantenNa. Ngan ieu meureun cara pikeun  ngubaran kasakit nu karandapan. Remen nyalahkeun diri naha atuh bet nyiar pipanyakiteun. Geus puguh nu jadi indung omat-omatan sangkan teu kabawa kusakaba-kaba. Nya antukna kasasab ka ieu tempat. Sanajan mindeng kacaritakeun, mindeng kadéngé perkara ieu tempat. Tapi teu ngimpi saeutik-eutik acan kuring bisa cicing di dieu. Tapi naha salah? Pan kuring bajoang téh pikeun ngabélaan jalma leutik. Méh pamaréntah nyaho yén kawijakan téh kacida ngarugikeun  jalam anu miskin. Jalma anu seuseut seuat hayang hirup, hayang nuluykeun sakola. Naha salah?
            Ngan cimata nu maturan kuring. Nganteurkeun panglamunan kuring nepungan Ema. Ema nu dipicinta, nu boga cita-cita mulya. Ngajurung sakabéh anak pikeun sakola luhur. Nu dipamrih sangkan jadi jalma pinter, sangkan bisa ngajait kulawarga tina kahirupan anu kacida walurat. Jadi jalma anu dihargaan ku batur. Mun Ema apal kuring aya di dieu. Tada teuing haté Ema sedihna. Atawa boa... boa Ema geus apal kana naon anu dipilampah?
            “Jig ati-ati di jalan. Inget papagah Ema. Omat tong kabawa kusakaba-kaba.”
            “Kopina hiji, Bi.” Mang Juna, supir angkot ngelol tina lawang. Gék diuk dina korsi kosong.
            “Tah, goréng cauna haneut kénéh. Jun.“ Ema ngésérkeun goréng cau ka Mang Juna. Leungeunna ngocékeun kopi. Sor ka hareupeun  Mang Juna.
            “Haduh nikmat nakeranan kopi téh. Enyaan matak deudeuieun.” Mang Juna nyuruput kopi. Katangen meureudeuy bakat ku nikmat. Ngarasakeun haneutna kopi nu ngahaneutan awakna. Celemun kana goreng cau. Regot deui kana kopi. Kuring neuteup maranéhna nu aya di jero kios. Kios nu teu weléh haneuteun kunu daratang. Ngarasakeun kopi jieunan Ema. Ceuk sasaha  kopi meunang Ema kacida nikmatna. Kacida béda tinu lain. Bari jeung ceuk kuring mah nya sarua waé rasana. Sarua  jeung kopi nu lain. Pédah wé meureun maranéhna mah datang dina kaayaan lapar. Atawa dina waktu keur meujeuhna teu nyobat. Hujan misalna waé. Jadina karasa nikmat.  
            Ari nu datang ka tempat  Ema. Nya paling gé supir atawa nu geus baralik ti pasar. Da kabeneran kios Ema téh pernahna sisieun jalan, aya di parapatan anu dék ka pasar. Ari nu dijualna? Kopi, roko, roti, goréng bala-bala jeung nu lain. Ditambah wé mi rebus.
“Budak si Euceu ieu téh?” Mang Juna tumanya. Rét ka kuring..
            “Enya. Anak panggedéna. Sakeudeung deui gé jadi sarjana. Ayeuna keur ngangsitkeun skripsi.” Sora Ema atra, katangen reueusna.
            “Haduh bagja temen si Euceu, boga budak jadi sarjana.”
            “Alhamdulillah. Meunang hésé capé gé. Teu burung geuning téréh kaala hasilna.” Ema eureun nyarita. “Sing menyat atuh hirup téh, entong siga indungna ngan saukur dagang waé. Kahayang mah nu jadi anak téh kabéh gawé di kantoran.”
            “Mudah-mudahan wé sing geura bérés lah. Ngilu reueus kuring mah. Tong siga budak kuring, SMA gé teu tamat.”
            “Kutan?”
            “Nya kitu téa, Ceu. Kabawa kusakaba-kaba. Mimitina mah ngan saukur setia kawan cenah. Milu  abring-abringan teu puguh. Antukna kitu jadi katalanjuran, resep campuh  teu puguh. Dapon senang wé ka ditu ka dieu ngilu tawuran. Antukna mah dikaluarkeun ku sakola.”
            “Atuh lain pindahkeun sakolana?”
            “Kungsi éta gé. Ngan lah.... kaolok olok duit. Budakna teu bisa robah adat. Komo kadieunakeun maké jeung kana obat-obatan sagala.” Mang Juna rumahuh.
            “Nya sing sabar wé atuh, Jun.”
            “Matakna kudu bener-bener nalingakeun téh. Budak lalaki gé, angger wé ku jaman ayeuna mah. Budak urang nu bageur, anggeur ning loba batur nu marabunan.”
            “Tuh déngékeun tah. Lamun hidep kitu téh. Teu karunyaeun wé ka kolot.” Ema ngarérét ka kuring. Siga nu boga lolongkrang pikeun méré ceramah.
            “Ma. Arman mios heula.”
            “Aéh enya. Jug atuh bisi kabeurangan.” Ema neuteup kuring. “Wayahna keur semesteran mah moal waka nya. Ema rék kukumpul heula. Ké sugan minggu hareup bisa kabahanan.”
            Kuring ngan saukur unggeuk. Tel kana leungeun Ema laju diambung. Ngarasakeun usap deudeuhna kana embun-embunan. Gerenyem tina biwirna masih atra kagambar dina lamunan. Ngan saukur lamunan anu nepungkeun kuring jeung Ema ti wangkid harita.
            “Hudang... hudang! Waktuna beberesih.” Sora nu jaga  kadéngé atra. “Inget, ayeuna poe Jumaah. Waktuna meresihan kamar séwang-séwangan. Tong poho moékeun kasur jeung bantal urut saré. Buru dadahut!” Sorana nu bedas  beuki ngajauhan, ngahudangkeun anu lain.
            Kuring buru-buru cengkat. Neundeun sajadah urut tadi salat Shubuh. Niténan sakurilingeun. Hem, masih aya di dieu. Padahal kahayang mah ieu téh ngan saukur ngimpi. 
            “Ambuing, listrik bulan hareup naék deuih. Teu euleum-euleum nya sakitu BBM karek naék gé. Aéh turun kétang ayeuna mah. Turun 900. Tapi angger wé hahargaan nérékél.”  Kuring anteng kana tivi hareupeun. “Hem sakeudeung deui biaya semesteran naék deui jigana.”
            “Menggeus nonton waé nu kitu ka teuteuari.” Teu kanyahoan Ema nyampeurkeun. Cetrék mareuman tivi. “Matak geuring mikiran nu kitu mah. Anggur kuliah sing bener. Méh téréh bérés. Geura gawé di kantor. Tuh tingali adi-adi.” Ema ngaléos ka dapur. Teu miroséa ka kuring nu hareugeueun. Keur anteng nonton berita, kapegat. Tapi teu nyarita. Anggur neuteup tonggong Ema nu ngungkug ka dapur, neruskeun hanca.
            Kuring ngahuleng. Ngalenyepan omongan Ema. Kuring téh anak lalaki  hiji-hijina. Anak panggedéna. Gaganti Bapak. Sanggeus Bapak ninggalkeun alam dunya, kuring ngabogaan tanggung jawab anu kacida gedéna pikeun kamajuan adi-adi kuring. Teu anéh lamun Ema unggal panggih teu weléh mamatahan perkara kahirupan, perkara kuliah, perkara itu ieuna, bisi kuring kalalanjoan meureun.
Demi ngamajukeun kuring, Ema tisuksuk tidungdung néangan kipayah.  Ti subuh geus dadahut saksak siksik, nyieun sabangsaning gogorengan. Goréng bala-bala, comro jeung lainna. Sakapeung gé kuring sok mantuan ari keur aya di imah mah.  Mantuan ngiangkeun dagangan ka kios. Mun kuring euweuh mah nya kunu jadi adi, duaan piligenti. Awéwé wungkul. Sok karunya sakapeung mah. Tapi da kumaha. Lamun teu kitu meureun moal bisa dahar. Atuh kuring katut adi  moal bisa sakola.
            Ema téh unggal poé ngajualan kopi. Kopi Ema geus kajojo kamamana. Ngan tisaprak Bapak ninggalkeun alam dunya, jujualan eureun  ampir kana sataunna. Kabéh kaleungitan ku Bapak anu jadi gunung pananggeuhan. Komo Ema asa leungiteun. Mindeng huleng jentul  teu puguh. Taya pakukumaha. Karék sababaraha taun ayeuna dikeureuyeuh deui. Gawé ti nol deui, léléngkah halu. Komo ayeuna geus loba  nu jualan kopi, reuteum lebah pasar. Jadi teu pati payu siga baheula. Najan enya ari nu arapal mah angger wé mareuli ka Ema.
Mimiti rada haneuteun sanggeus dadagangan téh ditambahan ku rupaning gogoréngan. Sanajan teu mundel siga baheula pibatieunna tapi alhamdulillah bisa ngabanjel kabutuhan sapopoé. Atuh Ema bisa kumpal kempel keur bayareun sarakola utamana kuring anu keur meujeuhna butuh biaya.
*
            Kampus keur meujeuhna harénghéng, lantaran aya pemilihan réktor anyar. Kituna mah pasti. Sabab tina sababaraha calon anu geus ngajukeun diri. Aya hiji calon anu disatru ku mahasiswa, nyéta Pak Marzuki. Ari Pak Marzuki? Kabéh geus pada apal. Incuna nu ngadegkeun ieu kampus. Nya kulawarga manéhna anu sasatna nyieun kawijakan di ieu kampus salila ieu. Kulawargana kabéh ulubiung. Ti dékan, dosén, bagéan administrasi geus puguh pagawé purah sasapu mah,   kabeh aya patalina jeung kulawarga maranéhna. Salila ieu geus pada apal yén pemilihan  téh tamba heunteu teuing waé. Da  pamustungan mah anu meunang dina pilihan téh angger nu aya patalina jeung hubungan getih.
            Ceuk hasil panaluntikan Pak Marzuki téh  geus gawé bareng jeung salah sahiji mentri anu nyata-nyata geus kabaud kasus hukum. Kabaud kasus korupsi. Sanajan ceuk Pak Marzuki sorangan, waktu diwawancara ku hiji tivi nandeskeun yén naon anu dilakukeun ku manéhna jeung Pak mentri lain korupsi, tapi gratifikasi. Hem teu  kireum-kireum tah si ontohod. Rék gratifikasi, rék korupsi nu puguh mah maranéhna geus nyababkeun rahayat ting kocéak. BBM naék, hahargaan lain naék.
            Kuring jeung sabatur-batur anu kacida mikanyaah kampus. Geus tatahar siga biasana rék nyieun demonstrasi. Demonstrasi nu apik. Demonstrasi nu intelék, némbongkeun kaparigelan kuring jeung sabatur salaku budak anu nyakola. Da geus biasa dilakonan jeung sabatur batur. Nu penting caina hérang laukan beunang. Nu diajam sangkan calon réktor mundur. Mundur terhormat. Kituna mah teunangan tah  Pak Marzuki. Sakitu dieundeuk eundeuk ku mahasiswa. Pon kitu deui dicap goréng dina media masa jeung dunia maya, manéhna teunangan, keukeuh nyalonkeun diri sangkan kapilih jadi réktor.
            Tapi teuing kumaha jujutana démonstrasi anu geus diatur téh, beut jadi teu puguh. Waktu saabrulan jalma anarkis ngagabung jeung para mahasiswa. Milu aub. Orasi teu puguh. Paréa réa omong, tungtungna mah der wé bet jadi silisiku silibabuk sagala.
Komo basa sababaraha mahasiswa tingjarungkel kakeunaan pakarang mah.  Kabéh tingjarerit waktu apal kana kaayana. Getih dimana-mana. Kampus geueuman.
            “Man, manéh penghianat.” Sora Rian gumeter. Leungeunna nyekelan beuteung anu gudawang baloboran getih.
            “Rian! kuring hareugeueun.
            “Téga manéh ngorbankeun babaturan demi kahayang sorangan. Aduuuuh...!”
            Kuring rikat nyekelan leungeun Rian. Maksud rék nulungan.
“Ka ditu anjing! Aing teu sudi dicekel ku sia...” sorana séah kabawakeun ku angin tinggelebug.
            Kampus harénghéng. Kabeh pada nyangka. Aya siluman nu nyiliwuri mindah rupa.  Jeung nu anéh. Kabéh nuduh kuring salaku otak dina ieu  kajadian. Omongan kuring nu ngabudah teu didéngé saeutik eutik acan. Euweuh nu percaya. Antukna kieu  jadina,  maneuh di pangbérokan.
            “Enggeus beberesihna?” Saurang sipir nyampeurkeun. Létahna kaluar, ngalamotan sésa-sésa kopi dina biwirna. Kaambeu kénéh seungitna. Seungit kopi ngahudang rasa.   Hiji jilim ngulampreng na ingetan. Ema kuring.
            “Aya sémah nu hayang panggih. Rék ditepungan moal?”
            “Saha?”
            “Duka teuing sok wé ka ditu heula.”
            Kuring ngabetem, neuteup manéhna nu ngajauhan sanggeus méré jalan keur kuring. Léngkah rumegag, waktu katiten ti rohang sabeulah. Rohangan keur tunggu, aya  waruga anu moal bireuk deui. Tumpukan rokok jeung kopi ngajagrag luhureun méja petugas. Maranéhna seuseurian suka bungah. Réktor kajajadén datang pikeun ngahuru ieu lapas.  Manéhna datang pikeun ngabudal badil hirup kuring. Kuring teu bisa hojah, teu walakaya. Ema, hampura kuring. Cimata deui deui bedah di dieu. Di pangbérokan.***

Nina Rahayu Nadea. Menulis dalam bahasa Sunda dan bahasa Indonesia. Tulisannya dimuat di   Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Koran Merapi Yogyakarta, Tribun Jabar, Majalah Guneman, Majalah Kandaga, Majalah Loka, Majalah HAI, dll

Tidak ada komentar:

Posting Komentar