Rabu, 30 Desember 2015

#Jangan

Dimuat di Majalah Mangle, 31 Des-6 Januari 2016. Alhamdulillah


Jangan
Ku: Nina Rahayu Nadéa
                Di sakola sok aya acara rutin arisan bulanan. Lain karna duitna nu sabenerna mah, tapi ngahaja dilaksanakeun  pikeun maheutkeun tali silaturahmi  jeung duduluran diantara sasama pagawé. Dilakukeun sacara bagiir ti hiji imah ka imah lain, kabéh kudu bagéan teu meunang aya nu embung.
                Harita nu kabagéan giliran téh Bu Wati, imahna lumayan  jauh ti  sakola. Sanajan jauh, kabéh gé marilu. Resep wé nu aya itung-itung jalan jalan haratis. Mobil geus disadiakeun ku sakola. Tinggal niatna waé, sangkan daék  milu.
Lantaran kakaraeun ka imah Bu Wati téa. Tatanya di jalan geus teu kaitung. Enya gé mawa peta nu dijieun. Tapi angger prak-prakanna mah lieur, puputeran sabaraha kali. Tungtungna mah nelepon ka Bu Wati sangkan ngajemput di jalan raya.
                Antukna anjog kanu dituju. Datang datang langsung ngalempréh,  neundeun kacapé.
                “Haduuh punten nya, kieu kaayaanna geuning. Jaba butut, jaba tebih.”
                “Jaba daerah Bodogol mah teu aya dina atlasna gé, Bu.” Pak Hambali ngaheureuyan.
                “Héhé...” Nu boga imah anggur ngahéhéh.
                Sur sor susuguh ti pribumi. Heunteu diengkékeun deui. Langsung pada moro. Acara dimimitian ku biantara ti kepala sakola, tinu boga imah, ceramah jeung doa.
                Keur ceramah ti Pak Hambali  karasa élékésékéngna. Lain waé kuring. Babaturan gé sarua. Enya teu uyahan tah nu méré ceramah aya kana sajamna leuwih. Teu inget ka babaturan anu geus nahan lapar. Nu boga hadasna mah, ih, haré-haré waé sangkilang geus dikiceupan. Bangun ngahajakeun. Dasar si tukang bodor, kitu tah landian Pak Hambali  di sakola. Beuteung geus pupurilitan ménta eusi, manéhna mah ngahajakeun ngulur waktu. Najan enya dihareupeun aya kadaharan ringan, tapi  angger beuteung kuak kéok hayang dieusi  sangu.
                Sanajan lila, teu burung ceramah  bérés. Waktu nu dianti sakeudeung deui baris dilakonan. Makan siang nu geus kacida dianti ku para pamirsah.  Beuteung nu geus kukurubukan ayeuna baris kaeusian.
                Dahareun geus ting garupay luhureun meja. Beuki kumejot hayang gera dahar. Geus kacipta nikmatna...
                “Ayo, cepet dinikmati hidangannya...” Mitoha Bu Wati norojol ti kamar.
                “Iya, Bu. Makasih banyak. Maaf merepotkan.” Bu Mursih ngomong basa – basi. Bari jeung ngaléngkahkeun suku. Ngantri, nuturkeun nu tiheula.
                Antukna giliran kuring. Langsung ngalas sangu, jeung deungeunna. Rempeg. Bari terus ngaléngkahkeun suku.
                “Ayo, Nak. Yang banyak. Silahkan dicicipi, yah. Nah, ini jangan... ini jangan.”
                Ngarengkog. Ngan teu lila. Langsung muru nu lain nu geus ngariung.
                “Naha teu maké sayur gudeg, énak gera.”
                “Ih, naha geuning Bu Mursih mah bisa ngalas sayur. Da ka kuring mah teu meunang.” Kuring ngaharéwos.
                “Teu meunang? Ah, maenya.”
                “Enya. Tadi gé kuring rék ngalas sayur. Ngan ceuk mitoha Bu Wati, jangan cenah.”
                “Haduuuh. Bu Emi aya-aya waé. Jangan téh bahasa Jawa... nu artina, sayur.”
                “Oh.” Kuring kapiasem.


Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat. jrrd.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar