Dimuat di Majalah Mangle No. 2586, 21-27 Juli 2016
Nundung Kaasih
Ku Nina Rahayu Nadéa
Nu
ngajepat hareupeun diteteup teu eureun-eueruen. Teuteup pamungkas nu hamo
kasungsi deui. Dibulen ku boéh, natrat hareupeun. Kahayang mah ngarawu,
mangku manéhna.
Ngan inget kana papastén. Bati istigfar nu teu eureun-eureun digalindengkeun
paselang jeung rasa kuciwa nu moho jeroeun dada.
Kitu
pantes. Keur meujeuhna sono. Keur meujeuhna ieu tresna mangkak karembangan kudu
peunggas digileus gurat takdir. Ehm, Gusti kudu kumaha ieu pilampaheun diri nu
saterusna. Pan manéhna nu salila ieu mayungan haté, méré kanyaah nu kacida gedé.
Manéhna
nu gedé
jasa, nu geus ngajait diri tina kasangsaraan haté. Tina katuna dunya nu salila
ieu akrab jeung diri. Manéhna
nu tigin ngajait kuring tina lamokot durjana. Nu méré kasugemaan jeung teu eureun
nyalindungan diri ku peupeujeuh, ku usap deudeuh nu teu eureun eureun ngamalir ka diri.
“Ran...
Akang mah leres-leres seja mikanyaah ka Ranti. Hoyong Ranti ngejat ti ieu
tempat.” Manéhna
ngusap buuk waktu harita tepung.
“Geuleuh
nya ka Ranti. Maké jeung miwarang ngejat.” Kuring ngaléndotan.
“Lain
geuleuh tapi nyaah ka Ranti. Hoyong Ranti ngan milik Akang. Cinta gembleng, teu
kabagi-bagi kanu lain.”
“Ah,
pameget mah biasa sok nyarios kitu, Kang. Akang gé boa kitu keukeuh. Pameget mah
ngan saukur ngalajur napsu. Emut nya nu di bumi, héhé.”
“Masih
teu percanten ka Akang?”
“Héhé.”
Ukur ngahéhéh
neuteup manéhna
hareupeun. Sok resep panggih jeung Kang Danu téh. Kacida ngahormatna ka
ngaran awéwé.
Teu siga nu lain mun papanggih téh sok langsung tempur... Ari Kang Danu
mah, tara sing daék. Mimiti mah anéh manggih lalaki nu kieu. Pan biasana
mah lalaki manggih paisan lauk cenah mah bakal langsung dirontok, dihénggoy.
Tapi Kang Danu mah ning lain, béda tinu lain. Manggihan téh
ngan saukur ngajak ka luar. Puputeran.
Ka café
atawa balanja. Sok sagala ditawaran lamun keur balanja téh. Teu sing pedit deuih Kang
Danu mah. Sagala dipangmeulikeun. Mimiti mah sok kasempetan, sagala dibeuli. Nu
teu butuh gé
dihayang-hayang. Tapi kadieunakeun mah beut jadi éra sorangan. Sok gideug waé,
ari lain Kang Danu maksa mah.
“Jalan
jeung saha, Ran...”
“Biasa
nu hideung, rada bureuteu, nu bageur saalam dunya.”
“Waw.
Asiik atuh mucekil deui di dinya. Hasil naon waé? Mana oléh-oléhna.”
“Tidak....
tidak. Ayeuna mah moal barang pénta ka si Akang. Karunya...”
“Sotoy
pisan nya manéh. Biasana gé sagala diteureuy. Ari ayeuna aya basa
karunya sagala. Kadé nya manéh bogoh. Inget profesi siga urang mah
teu meunang kaeuntreupan bogoh. Kudu bébas merdéka. Rat.” Nuning neuteup bari
jeung melenyun udud.
Enya
kadieunakeun beut aya nu béda dina diri. Hayang geura malam minggu. Hayang geura
panggih jeung Kang Danu. Hayang neuteup héhérang panonna. Hayang ngadéngékeun ucap carita nu pinuh ku kadeudeuh. Tingtrim pisan karasana.
Teu siga baheula, hayang panggih jeung si Akang téh, ukur ngan hayang mirit
duitna. Hayang sagala dipénta. Da apal manéhna mah kacida merhatikeunna. Ngogo ka
kuring.
“Bagja
Ranti bisa ngejat ti ieu tempat. Meresihan diri. Aya nu sayaga micinta Ranti.
Kuring mah teuing iraha. Angger di dieu.
Da kahanyang mah siga Ranti hayang ngejat. Hayang jadi jelema bener.” Nuning nangkeup pageuh
kuring, bari jeung hujan cimata.
“Ah.
Mugia waé
Nuning geura tinemu bagja, nya. Kabéh jalma geus aya jalan séwang-séwangan.
Meureun ké
milik Nuning gé nyampeurkeun, ayeuna mah Ranti heula meureun.” Kuring
sarua hujan cimata.”Ranti miang heula, nya.” Humaréwos kana ceulina.
Ngantai
sasalaman, poé harita. Poé panungtungan kuring aya di Imah Mamih
Mirta.
“Jig.
Ran. Didoakeun ku Mamih nya, sing pinanggih bagja.”
*
Sanajan
wegah mimitina nyanghareupan rumah tangga. Lain karna wegah bareng jeung Kang Danu
tapi wegah ku nyanghareupan anak-anakna. Tilu. Awéwé wungkul. Geus kasawang
kumaha pibalukareunna jadi indung téré
maranéhna
bari jeung lalakon kuring ka tukang kacida hideungna.Sanajan Kang Danu geus
papaitan moal rék mukakeun lambaran nu baheula. Tapi kasieun angger
ngalangkang.
“Peun lalakon
baheula mah urang tutup, anggursing muka lambaran anyar deui.” Kitu ceuk Kang Danu
lamun pareng kuring rumahuh ihwal masalah nu karandapan.
Rumah
tangga jeung Kang Danu éstu tiis ceuli hérang panon. Kang Danu siga nu surti kasalempang kuring. Sanggeus ngadahup langsung
meuli imah di luar kota, atuh kuring
bisa samemena ngatur sagala kahayang jeung Kang Danu.
Enyaan
beuki dieu cinta kuring ka Kang Danu beuki nambahan. Geus tigin dina ati seja
hirup sapapait jeung manéhna. Moal incah balilahan deui. Nepi ka pakotrék
iteuk, nepi ka dipundut umur, seja mikahéman Kang Danu. Nyimpaykeun tresna nu mingkin
ngagedur. Atuh beuki dieu beuki layeut waé.
Kang
Danu gé
sarua, ih, da meuni siga anyar panganténan waé. Ka ditu ka dieu teu weléh
babarengan. Réréntétan waé. Hayang waé babarengan. Teu kaur kaluar imah sakeudeung, HP langsung
ngirining, omat-omatan sangkan geura mulang. Atuh kuring gé
tara lila ka luar imah téh. Komo kadieunakeun Kang Danu ririwit pisan. Meusmeus
brek ... meusmeus brek. Atuh beuki hésé ingkah. Beuki remen ngabaladah rasa jeung manéhna.
“Hampura
nya, Rat. Akang téh ngadon ririwit kieu.” Panon Kang Danu neuteup lalangit
siga nu jauh panineungan.
“Ah,
tong seueur émutan
Akang. Tos janten kawajiban Ranti. Pan Ranti téh istri Akang nu sakedahna
ngawulaan.”
“Ehm...
geulis. Deudeuh katarimakeun tah kanyaah téh. Hampura nya Akang mah beut
teu bisa males kahadéan Enung. Anggur beut kieu waé. Bisi Ranti rék
ninggalkeun akang. Akang rido geulis. Komo Ranti mah ngora kénéh.
Akang embung ningali hirup Ranti susah.”
“Tong
nyarios kitu Akang.” Kuring nangkeup Kang Danu. Teu pupuguh kamelang eutreup.
“Anggur Ranti nu teu tiasa males kasaéan Akang. Akang tos ngajait Ranti tina
kokotor. Ranti jangji kumaha waé
kaayaan Akang bakal salamina nyarengan. Bagja Akang éta bagja Ranti, kasusah Akang tos
pasti éta kasusah Ranti.”
“Ran...”
Kang Danu ngusap deudeuh sirah nu nyuuh.
Teu
nyoara. Anggur mageuhan rangkulan
“Ran.
Bisi Akang pondok umur. Pék tah imah jeung pakaya nu di dieu mah kabéh
keur Ranti. Tong hariwang kabéh gé geus atas nama Ranti. Moal
aya nu ngagugat.”
“Ah
ari akang. Tong nyarios nu kitu. Anggur akang sing séhat nya. Jeung na deui tada
teuing barudak benduna apal bumi ieu ku Ranti. Barina Ranti mah teu ngemutkeun
ka dinya. Pokona Akang sing séhat.”
“Moal.
Da maranéhna
mah geus barogaeun. ” Manéhna nangkeup pageuh ka kuring. “Ranti geulis hampura pisan Akang nya.”
Dunya
asa nangkub sapada harita. Waktu apal Kang Danu dipundut kunu rahayu dicandak kunu kawasa. Hayang ceurik
jejeritan. Kaasih udar sapada harita. Kanyaah peunggas kapegat pati.
Masih
karasa tangkeupan, rungrumanna. Matak nineung salilana. Ah, Kang lamun teu inget kana purwadaksi,
meureun boa kumaha tah kuring. Tapi pan anjeun nu salila ieu ngingetkeun
sangkan deukeut ka mantenNa. Anjeun nu geus ngajarkeun kuring jadi jelema bener. Gusti ngan éta
nu inget yén
sadayana kagungan Alloh. Makhluk nu kumelendang tinangtu mulang ka kalanggengan.
“Tos,
Bu.” Badé
dikurebkeun. Rosdi, minantu panggedéna Kang Danu nyarita. Kuring ngolésédkeun
leungeun nu aya dina dada Kang Danu.
“Tah,
Bu. Matakna pami aya nanaon téh atuh wartosan. Mun apal Bapak teu
damang mah meureun énggal dicandak ka rumah sakit. Meureun Bapak téh
bakal salamet.” Riris anak Kang Danu nyarita bari jeung nginghak.
“Ehm...
geulis sanés
kitu..”
“Ssst.
Tos Ris. Tos, Ibu. Ieu sanés kahoyong urang.” Rosdi nyarita deui. “sabar Ris...”
Rosdi ngupahan sirah Riris.
Rék dibaeudan
ku barudak, ngarti. Enya bongan kuring meureun teu bébéja ka maranéhna
waktu Kang Danu gering. Da sugan téh gering biasa. Sugan téh
moal ninggalkeun. Jeung na deui Kang Danu na nu nyarék. Mun apal rék
ninggalkeun mah meureun kuring gé
bakal bébéja. Ah, nyéta atuh saha nu apal kana pimaoteun.
Gusti...
enyaan ieu diri beut teu kuat. Lain teu kuat pédah dibaeudan barudak.
Moal. Éta mah moal dipikiran. Tapi beuki
lila aya di dieu. Kang Danu beut beuki napel waé. Pagiling gisik. Imutna,
teuteupna aya di dieu. Di kamar, dina korsi, dina jandéla. Ah, Kang...
Hampura,
Kang. Mun ayeuna dina poé katujuh Akang ninggalkeun. Kuring gé rék
miang. Kuring teu kuat nandangan lara. Teu kuat ngarasakeun kasiksana rasa...
“Maenya,
Ibu, badé
angkat ti bumi ayeuna?” Budak panggedéna nalék.
“Enya,
hampura Ibu.”
“Ibu
téh,
kumaha. Meni teu gaduh peraosan pisan. Kabéh keur berduka, Ibu ngadon
ninggalkeun. Enyaan teu boga perasaan.” Riris cengkat. Katangen ambekna.
Sanés,
Ris. Sanés
masalah éta.”
“Enya
sok... wé.
Mangga Riris moal ngahalangan. Ngan omat,
tong ngungkit harta Papih saeutik gé. Bonganna Ibu ninggalkeun.”
Kuring
unggeuk. Teu hayang réa omong. Teu... teu hayang teuing ngomongkeun perkara
harta. Moal. Pék téh teuing maranéhna rék mikir nu lain-lain perkara
kuring. Tapi naha maranéhna ngarti kumaha nalangsana ieu haté.
Kumaha nalangsana kuring aya di ieu imah. Nu saban detik saban menit teu weléh
ngingetkeun ka jalma nu dipicinta. Kuring teu kuat.
Hampura
Kang, lain... lain Ranti nundung kaasih. Ngan Ranti teu kuat nandanganana.
Lalaunan suku ngaléngkah kaluar ti imah. Nyoléndangkeun ransel. Ngajingjing
tas badag. Peuting beuki moékan.
Rét
ka imah. Lebah korsi di paléstér, Kang Danu ngagupay.***
Nina
Rahayu Nadéa.
Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di: Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan,
Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh,
Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah
Mangle, SundaMidang, Galura, Tabloid
Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka
Tasikmalaya, Majalah Guneman, jrrd
Tidak ada komentar:
Posting Komentar