Jumat, 28 Agustus 2015

Minyak Seungit



Minyak Seungit
Ku Nina Rahayu Nadéa
            “Minyak seungitna yeuh. Murah... murah.” Dodo jojorowokan di jero kelas. Ngasongkeun ka babaturanna. Utamana budak awéwé.  “Hesti seungit geura. Sok ambeuan.”
            “Ei. Enya ning, Do. Seungit nakeran. Sabaraha hargana?”
            “Murah  25 rébu.  Sok buru. Meungpeung hargana murah. Bulan promo. Ké bulan hareup mah hargana normal deui. 50 rébu.” Dodo ngarayu. “Nu gareulis... nu darénok. Calon sarjana. Énggal... énggal geura pésér minyak seungit ti Aa Dodo. Dijamin nyugemakeun.”
            Awéwé pada ngadeukeutan. Maranéhna mimiti kataji ku dagangan Dodo. Da jeung enyana. Waktu diangseu téh sengitna ngahiliwir.
            “Pesen hiji nu melati nya.”
            “Kuring gé hiji nu mawar.”
            Jul jol nu paresen. Si Dodo, sumanget nuliskeun pesenan.
            “Iraha barangna?”
            “Minggu hareup. Ngan duitna kudu ayeuna.”
*
            “Barangna datang yeuh.” Dodo norojol ka jero kelas.
            “Asiik. Kadieu atuh urang cobaan ah. Meungpeung pengawas can aya.”
            Sebrot... sebrot para mahasiswi nu geus pesen téh nyebrotkeun minyak seungit nu kakara katampa.  Teu lila garandéngna téh da kaburu aya pengawas asup.  Atuh jep kelas ngadadak jempling.
            “Sadun kunaon manéh seuseurian waé?” Tanya Nita waktu geus bérés ujian.
            “Teu nanaon ah. Nya hayang seuri wé.” Sadun nutup biwirna nahan kaseuri.
            “Ari si Dodo ka mana nya? rek mayar urut minyak seungit.”
            Biasa si éta mah paling nangkring di basecamp Pecinta Alam.”
            Nita jeung nu lainna kaluar. Maksud rék ka si Dodo. Ngan teu ku hanteu beut jadi teu pararuguh. Asa loba nu merhatikeun ka maranéhna.
            “Ka mana Nit?. Rek ka pulau Sumatera nya?” Si Boim ngajorowok beulah katuhu.
            “Ka mana wéh.” Nita teu miroséa.
            “Lain ari jalma téh asa aranéh nya ka urang.” Wati neuteup, rét kana baju Nita. “Nit... ari éta baju keuna kunaon? Paingan si Boim nyebut pulau sagala. Da baju téh  enya siga aya pulauan.”
            Nita ngarérét ka Wati. Sarua neuteup baju. “Ari éta ning baju Wati...”
            Duanana karék sadar. Yén kabéh jalma di kampus téh malencrong ka maranéhna, dumeh anéh. Bajuna nu asalna bodas  beresih ning jadi emblog emblogan lebah kélék, kerah jeung tukang. Urut minyak seungit téa.
            ‘Dodoooo....!” Maranéhna lumpat ka basecamp pecinta alam.
            “Éh. Nita jeung wati. Dé mayar hutang nya?”
            “Mayar hutan naon. Tingali baju urang?”
            “Heuleuh kunaon baju téh, Wat. Maké mamawa pulau sagala. Da ka Bali mah bulan hareup.” Dodo cicirihilan
            “Belegug, gara-gara manéh tingali baju urang?” Nita ngambek.  Laju ngajéwér ceuli katuhu Dodo satarikna.
            “Haduh hampura. Nit. Dodo gé da teu apal.”
            “Ari ieu meulina ti mana? Asli lain?”
            “Asli enyaan asli... ngan... ngan...”
            “Ngan ditambahan alkoholna loba, da mun asli mah euweuh batian.”
            “Belegug. Kasebelan..” Wati ngajéwér ceuli kénca.
            “Ampun... ampun....” Dodo  teterejelan. “ ceuli duanana digugunyeng ku Nita jeung Wati.
            “Kadieukeun duit parurugi. Bonganna geus ngabohong.”
            “Teu  boga!”
            “Ah. Teu boga.. teu boga. Cokot tah Nit! Na saku bajuna.”
            “Pikasebelun.” Nita jeung Wati ninggalkeun Dodo sanggeus meunang duit.
            Dodo humarurung. Rék meunang untung, jadi buntung. Katambah ceulina nyeri nyanyautan.***




Dimuat  di Majalah Mangle No 2526, 7-13 Mei 2015


Tidak ada komentar:

Posting Komentar