Jumat, 28 Agustus 2015

Pahili

Pahili
Ku Nina Rahayu Nadea

                Lima bulan kawin, alhamdulillah ngandeg. Kabéh bungah. Geus puguh ari kuring mah tong diomongkeun deui, da éta nu dipikahayang ti mimiti gé. Matakna  teu dikabé.
                Asa teu percaya waktu dpariksa ku bidan yén kuring geus eusi, umur utun inji téh 8 minggu cenah. Maklum awak kuring téh begang, asa euweuh robahna. Ngan dipariksa sotéh pédah wé teu kadatangan tamu matuh.
                Waktu dibéjakeun ka mitoha, kacida manéhna bungaheun. Bubuhan ieu téh incu munggaran. Jadi incu nu dianti. 
                “Ayeuna mah dipariksana ka dokter wé, Téh. Méh rutin di USG.” Ceuk mitoha.
                “Muhun engké wé, Mah.”
                “Lamun dipariksa omat ajakan Mamah nya. Hayang apal tah rupa si utun dina USG.” Paroman mitoha béar banget ku bagja.
                Dijawab ngan saukur ku unggek.
                Tadina mah dipariksa ka dokter téh rék kanu deukeut wé. Méh teu barabé. Tapi mitoha ngeukeuhan kudu ka Dr. Ibrahim da cenah dokterna alus. Geus kawentar kamamana. Tinimbang aya nanaon, nurut wéh kanu jadi kolot.
                Geus aya di tempat prakték Dokter. Pasien geus ngantai.  Kuring daftar heula kanu jaga.
                “Antosan heula wé, Bu. Di tempat tunggu.” Ceuk nu jaga bari nuduhkeun hiji rohangan nu geus pinuh kunu rék dipariksa.
                Kuring jeung mitoha cicing di dinya bari jeung ngobrol.  Lumayan kesel oge nungguan téh, da kieu ari dokter nu ternama mah ngantrina gé kuat ka loba.
                Sanajan kesel nungguan. Teu burung ngaran kuring dipanggil.
                “Wati Komalasari.” Ti rohang dokter, ngelol hiji suster.
                Kuring jeung mitoha cengkat méh bareng, langsung muru ka rohangan.
                “Ibu palih dieu heula calikna.” Ceuk suster ka kuring. Kuring nurut gék dina korsi nu aya. “Ibu ka palih dieu.” Ceuk suster nungtun mitoha ka rohangan sabeulah.
                Sanajan kahalangan. Tapi sora nu dijero kadéngé jelas. Maklum ngan saukur disekat ku triplek bodas.
                “Sok mangga di dieu heula, Bu.” Hiji sora kadéngé.
                “Ibu kedah diparios, Néng?” Atra sora mitoha.
                “Muhun.”
                 “Naon nu karaos, Bu?” sora lalaki nanya.
                “Teu aya nanaon, Dok. Ibu mah séhat wéh....”
                “Murel, mual. Teu aya?”
                “Alhamdulilah teu aya.”
                “Telat tos sabaraha sasih?”
                “Telat?”
                “Muhun telat karseban.”
                 “Dok. Nu  ngandeg mah itu pun anak. Sanés abdi.” Mitoha seuri.
                Tayohna duméh mitoha gendut jadi wéh disangka eusian.  ***
                 
                Nina Rahayu Nadéa, lahir di Garut 28 Agustus. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Guneman, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura, Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Majalah HAI, dll   Tulisanna dipaluruh  di www.ninarahayunadea.blogspot.com

Dimuat di Majalah Mangle No 2538. 13-19 Agustus 2015


Tidak ada komentar:

Posting Komentar