Jumat, 28 Agustus 2015

Oreo masa kini

Oréo Jaman Kiwari
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Bagja lamun kaparengkeun sakabéh anak bisa ngumpul ngariung. Alhamdulillah beuki kolot téh kabagja katambahan ku nambahan incu. Méh tiap taun jumlah incu nambahan.
                Ripuh, riweuh nyayagikeun kadaharan téh kaganti ku kabagja ningali maranéhna anak incu nu ngariung. Kompak katingalina tur alakur. Sanajan dahareun anu disuguhkeun atawa nu disadiakeun tara ieuh anu méwah. Tapi kabagja teu bisa diukur ku matéri.
                Siga ayeuna. Poé Minggu. Sigana barudak kabéh geus jangjian sangkan nganjang ka imah kuring. Atuh anu tadina asa simpé, taya batur téh kaubaran sapada harita. Komo ningali incu anu langsung pada muru ka kuring. Nyebut Enin... Enin... sono.
                Pembantu geus tatan-tatan. Biasa. Tibarang jol geus disadiakeun kadaharan. Lain  disadiakeun kétang. Da geus biasa barudak téh lamun daratang langsung wé popolah. Barang  Jol langsung nyieun mie kocok. Béak mie kocok langsung nyieun roti cané. Roti anu dibakar, bari jeung maké sosis, mayonés, teu poho maké  saos luhurna. Saréak. Komo atuh da ieuh mah kadaharan barudak nu keur meujeuhna. Harita kénéh langsung korédas. Lain budak waé ketang anu beuki, kolot gé sarua....
                Di imah lamun ditingali siga sayang manuk téh lain bobohongan. Aya nu anyang-anyangan. Aya nu maén Bp-Bpan, aya ogé anu sasauangan hareupeun imah. Kabéh lalamakan di imah nu garedé mah pasti wé parindah ka luar. Geus puguh sabangsaning anduk, sepré, sajadah, diringkid, dipaké tiung keur saung méh teu panas.
                Ari indung bapakna. Aréak-éakan di tengah imah. Sagala diobrolkeun sagala ditanggap. Teu weléh galumbira . Matak resep ningalina.
                “Sok ieu. Masak  naon deui. Tuh barudak geus ting keleneng deui. Sigana hayang pasakan nu anéh deui.” Wati anak kahiji cumarita ka salakina.
                “Kalem lah ké boga resep anyar.” Salakina nangtung.
                “Nyieun naon?”
                “Urang nyieun oréo goréng gera, dijamin pédo jeung deudeuieun. Komo barudak mah pasti wé rarampus.” Omongna bari jeung  ngaléos ka dapur.
                “Tétéh... mésér oréo jig!” Kadéngé sorana ti dapur atra. Nitah anakna nu panggedéna.
                “Ah, nuju maén Bp-Bpan atuh Pa.”
                Énggal urang masak nu anéh geura.” Dikitukeun mah teu burung budak téh daékeun. Sanajan enya ngan meuli oréo wungkul, tapi nu nganter ka warungna kuat ka ngabring. 9 incu kabéh nuturkeun.
                Teu lila tidapur kadéngé sora tingcereces. Tandaning keur aya nu dipasak. Barudak mimiti ting kulampreng. Lalar liwat muru dapur. Kagupayan ku seungit anu bijilna ti dapur.
                “Masak naon, Wa?”
                “Masak oréo goréng.”
                “Oréo?”
                “Muhun oréo.”
                “Naha da oréo mah sanés digoréng. Tapi diputar, dijilat sareng dicelupin.”
                “Ih. Ieu mah oréo masa kini. Dipasak memakai terigu yang dijamin enak. Oréo ala Uwa Wawan. “ Cenah siga nu keur promosi.
                “Wah... hoyong, Wa.”
                “Enya ké sakedap.”
                “Héi! aya oréo goréng. Énggal yeuh Uwa Wawan ngadamel” Ceuk Caca, incu ti si bungsu capétang.
                Teu lila gé incu kabéh ngaronyom ka dapur. Oréo nu karék dijait, amrin sapada harita.
                “Mana atuh keur indung bapana?“ Wati norojol ti patengahan.
                “Enya kéla.... siga barudak waé. Taya kasabaran.” Ceuk salakina bari jeung anteng ngagoréng.
                Teu lila oréo nu dibulen ku tarigu geus bérés. Terus disadiakeun kanu keur ngariung.
                “Waw... énak” Jol itu jol ieu nyebut énak.
                “Nyieun deui nu anéh geura.” Wati cumarita ka salakina.
                “Taya nanaon. Oh enya aya tahu na kulkas. Ké urang tariguan, dicocolkeun jeung sambal céngék. Ma’nyus geura.” Cenah haget laju nguniang. Taya kacapé. Da karesepna kanu masak. Teu anéh lamun  Wawan, minantu kuring, langsung pada nitah masak. Da pada apal, pasakanna  teu weléh énak jeung aranéh.
                “Masak deui naon?” Kuring nanya ka Wawan.
                “Iyeu hoyong deui ngaropi cenah, Mah. Tah aya tahu. Urang ditariguan, dicoélkeun kana sambel  céngék. Méh seger.”
                Kacaturkeun tahu goréng jeung sambel céngék geus ngajagrag  luhureun méja. Kabéh tingcamuil kana tahu anu keur meujeuhna haneut, laju dicocolkeun ka sambel céngék anu lada. Sanajan sareuhah tapi angger wé diopi. Keur aranteng ngopi torojol  Mamat anak nu jadi bibi.
                “Ngaropi nu anéh naon yeuh?”
                “Tahu. Sok énak geura dicocolkeun kana sambel.”
                “Leuh enyaan wé, nikmat.” Cenah bari jeng celemun deui celemun deui kana tahu aya kana 4 potongna.
                Rét kana gigireun tahu. Anu sarua dibulen ku tarigu. Terus dicokot dicoélkeun kana sambel céngék.
                “Haduh, naha ieu mah tahu téh beut amis. Jaba lada deui.”
                “Nya enya atuh da éta mah oréo amiiis. Maenya dicocolkeun kana sambel.” Nu aya sareuri  ager-ageran, kagugu ku kalakuan Jang Mamat. J  ***


Tidak ada komentar:

Posting Komentar