Jumat, 28 Agustus 2015

Panggeuing ti Jero Masjid

Panggeuing ti Jero Masjid
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Adan Magrib  ngalanglaung. Haget cengkat, gura giru leumpang ka hareupeun masjid. Leumpang malibir. Dada méh rapet kana témbok masjid, inggis labuh kana susukan. Gajleng, ngaluncatan  pager beusi lebah tukang. Pager nu jadi hahalang masjid. Pangharepan ngumpul di dinya. Geus diajam ti saanggalna, yén mun adan magrib, rék ngajugjug ka hareupeun masjid. Sugan jeung sugan milik diri teu pahili. Enya wé barang datang téh geus ngagimbung ku jelema. Kabéh sigana simaan ku kuring. Da ning teu hésé ngaléngkah sakitu jalma ngaréntob gé. Barang Kuring datang langsung nyingray méré jalan.
                Song hiji jalma mikeun bungkusan. Sasat dirontok bakat ku atoh. Éta nu dipikahayang. Bener wé ceuk itungan. Lamun bulan puasa mah bakal loba jalma anu méré kadaharan. Moal hésé dahar. Da loba jalma anu méré sodaqoh. Dina bulan puasa loba jalma paréa-réa nyieun amal. Geus meunang dahareun mah nyalingker deui cara sasari di tempat anu merenah.
Nu aya dina kantong kérésék dibudalkeun. Aya kolek, kuéh, cai mineral jeung nasi dus. Regot nginum cai, laju ngaluarkeun nu aya dina dus. Kumétap barang nempo nu aya hareupeun. Hayam dibumbu beureum, tahu goréng, tumis, maké sambel jeung lalab, ditambah puding.
                Bagja manggih puasa téh, moal kakurangan dahareun cara sasari. Teu kudu leumpang jauh  persaben ka unggal jalma, sumawona kokoréh kana wadah runtah. Da geus puguh ayeuna mah. Unggal magrib di masjid sok aya waé dahareun. 
                Sanggeus wareg awak nyarandé kana témbok masjid. Reup  saré bakating ku tunduh, babakuna mah euweuh nu ngaganggu ku beuteung anu kukurubukuan ménta eusi. Hudang sotéh kagareuwahkeun ku speker ti masjid anu asa ngajelengéng.
                “Allohuma sholi wasalim wabarik alaih!”
                “Kéhéd téh. Keur ngeunah saré jadi kaganggu.” Kuring nutupan ceuli ku dua leungeun. Sangkan éta sora ngaleungit tina dédéngéan. Kahayang mah ngejat. Ngan kamana deui.  Nya najan gandéng gé kapaksa wé ngabetahkeun manéh cicing. Rék saré teu reup, rék miang horéam. Antukna ngahuleng, ngumbar panglamunan.
                Kalakuan kuring sorangan anu nyababkeun hirup  siga ayeuna. Dahar teu matuh kuma paméréna atawa sapamanggihna. Mun lapar teuing sarta taya nu haat méré, na wadah runtah  gé jadi. Asal beuteung kaeusian. Kitu deui cicing teu matuh. Salilana ngider. Ayeuna wé teu ngider sotéh ampir kana sabulan. Betah sotéh pédah wé tempatna rada nyumput, teu kagiridig ku batur.
                Sakapeung mindeng ngarasula, naha atuh harita beut daék dibabawa ulin ku si Wéndi. Dibéré inuman gratis, antukna deudeuieun hayang maké. Tungtungna diri kajiret ku barang haram téa. Geus kangeungeunahan diwowoy ku si Wéndi. Atuh ngagarapak basa si Wéndi ngaleungit. Antukna mimiti ngajualan barang kolot dapon pangabutuh awak kacumponan. Beuki lila daék pulang paling kanu lain. 
                Tapi hirup teu salilana lana. Nu tadina loba batur loba balad. Ningali kuring euweuh pangboga mah ngariles. Hiji dua babaturan ninggalkeun kuring. Kasebeleun tah.  Datang ka imah babaturan anu salila ieu sok senang-senang anggursing ngusir nitah indit.
                “Hampura Yudis. Ayeuna mah urang geus éling. Moal deui hubungan jeung manéh sok buru-buru indit ti dieu. Bisi urang kababawa.” Omong Amran waktu kuring datang ka imahna.
                “Rusli mah geus lila teu di dieu. Geus pindah kontrakan.” Ceuk hiji awéwé waktu kuring datang ka kontrakanna.
                Kitu jeung kitu wé waktu kuring datang ka babaturan. Euweuh sahulueun tah jalma. Nyaho lah nyarumput maranéh téh. Sieun meureun kahéroan ku kuring. Anu ayeuna batan sakieu.
Taya deui keur kitu, anu dipiinget lian ti indung bapak. Ngalengis kacida waktu datang ka imah, ning geus dieusian batur. Antukna aprak-aprakan néang kolot. Untung aya nu haat ngabéjakeun lebah-lebahna dimana kolot cicing.
                “Pak, hampura Yudis. Yudis insap.” Kuring ngarawu suku Bapak.
                “Geus... geus tong kikieuan. Bapak mah geus capé. Jig  ayeuna mah geura indit. Tong ngaganggu Bapak jeung indung manéh. Indung manéh  karék neut neutan cageur. Jig  indit, tong aya di dieu, lamun enya mah nyaah ka kolot.”
                “Yudis jangji moal ngarungsingkeun deui.”
                “Ku Bapak dihampura lahir batin.” Bapak eureun nyarita. Aya nu nyelek tina tikoro. “Lain Bapak teu narimakeun manéh datang. Ngan Bapak embung ngabarubahkeun indung hidep. Ceuk Bapak gé tadi. Indung hidep karék cageur. Ayeuna gé keur uubar di anteur ku tatangga. Urang silidoakeun. Hirup urang salilana aya dina panangtayungan mantenNa.”
                “Pak. Bapak...” Kuring ngagedor panto nepi ka leuleusna. “Gusti, hampura abdi.” Jero haté jumerit, inget kana sagala dosa. Jumarigjeug leumpang ninggalkeun imah. “Hampura Yudis, Pak, Ema.”
                Leumpang sakaparan-paran. Antukna manggih tempat anu  merenah. Dina gang nyelempét. Pipireun hiji toko gedé kahalangan masjid. Di dinya aya tempat nyelegon. Hareupeun kamalir.  
Ayeuna peuting munggaran ceuli mikawanoh kana bacaan dina tarawéhan. Sanajan sakapeung angger sok ditutupan ku dua leungeun mun pareng kadéngé sora nu ngagéréwék séah ti jero masjid. Tangara yén rakaat anyar dina tarawéhan baris dimimitian. Susuratan dina solat tarawéh jadi batur saban peuting. Malah mindeng ieu biwir ngagerenyem nuturkeun bacaan anu digalindengkeun ku imam. Nu asalna ceuli asa katorékan malah remen ditutupan ayeuna mah tara. Malah ngarep-ngarep kana datangna éta sora. Ti Magrib geus kaeuntreupan sono, hayang geura tepung jeung tarawéh sanajan ngan saukur ngadéngékeun sora.
                Surat pondok anu beheula diapalkeun keur leutik ayeuna beut kaingetan deui.  Ieu haté  beuki suka. Geus lila tara ngalakukeun solat. Panineungan keur leutik nyalampeurkeun. Kumaha getén jeung galakna nu jadi kolot lamun katohyan teu ngalakukeun solat. Keur leutik pada pamujian balaréa. Solat suhud  sakapeung ngajarkeun ngaji ka barudak.
                “Karék diberesihan masjidna. Piraku teu ningali.” Sora jalma ngagareuwahkeun kuring harita waktu boga niat asup ka jero masjid. “Tingali baseuh kénéh nya? Teu boga cedo pisan.” Cenah garihal.
                “Eu... deuk solat... solat tarawéh.” Témbal téh pondok bari jeung panon neuteup manéhna.
                “Banjur gera. Méh teu wanieun asup.” Hiji lalaki nyampeurkeun.
                Gentak kuring ninggalkeun masjid basa apal rék dibanjur.
                “Ehm, teungteuingeun.” Gerentes haté.
                Tapi ka masjid teu euih-euih. Angger datang lamung geus ngadéngé adan Isa.
                “Indit... indit.” Siga sasari éta jalma ngusir.
                “Rék solat.” Témbal pondok
                “Indit!” Manéhna nyorongot.
                “Kuring hayang solat, Pak. Solat di ieu masjid. Kuring hayang babalik pikir.” Sora kuring tarik.
                “Jig... gera indit. Yeuh sangu keur manéh.” Ceuk hiji kolot nyampeurkeun.
                Teu hayang nampanan. Kuring ngaléos ninggalkeun maranéhna. Moal deui cicing di dieu. Rék néang tempat anyar. Kuring norowéco.
*

                “Awas Jang!” Sora kuring handaruan. Leungeun réflék metot leungeun budak leutik nu rék meuntas basa teu kanyahoan hiji mobil ti kulon nyemprung.
                “Sujang  teu nanaon?” Hiji awéwé ngagbrung. “Ngadon lumpat ku Mamah keur dicekelan téh.”
                “Teu nanaon... Bu?” nu ti masjid rabul nyampeurkeun.
                “Teu nanaon. Untung aya ieu tah nu gélo.” Cenah nunjuk kuring anu keur ngahuleng. Can kumpul pangacian.
                “Abdi mah teu gélo, Bu.“
                “Leuh geuning?”
                “Oh ieu mah nu sok matuh di dieu, Bu.” Lalaki purah sasapu di masjid nyampeurkeun.
                “Abdi mah teu gélo. Hayang solat.” Kuring ngungkug asup ka masjid basa hawar-hawar kadéngé takbir.
                Allaahu Akbar... Allaahu Akbar... Allaahu Akbar... Laa Ilaaha Illallaahu wallaahu Akbar. Allaahu Akbar walillaahil hamd.
Panggeuing ti jero masjid leuwih bedas harusna batan nu adurenyom luareun masjid.***
                 
               
                Nina Rahayu Nadea. Menulis dalam bahasa Sunda dan bahasa Indonesia. Tulisannya dimuat di   Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Koran Merapi Yogyakarta, Tribun Jabar, Majalah Guneman, Majalah Kandaga, Majalah Loka, Majalah HAI, dll


Dimuat di Koran Galura, Minggu ka V Juli 2015




Tidak ada komentar:

Posting Komentar