Jumat, 28 Agustus 2015

Nu Rumahuh


Nu Rumahuh
Ku Nina Rahayu Nadéa
                “Bibi mah kieu waé geuning, Néng. Taya menyatna. Ripuh di lembur mah, komo ayeuna sagala mahal. Lah duka kumaha ieu Bibi. Jaba barudak keur meujeuhna biayaeun.”
                “Ari si Dédé, sakola di mana ayeuna, Bi?”
                “Tadina mah moal di sakolakeun ku Bibi téh. Cukup SMP gé. Sina ngalamar  gawé  tadina mah. Malaur kaayaan Bibi batan sakieu. Ngan alhamdulillah dicandak ku  Badar ka Surabaya.”
                “Badar... raina Mang Jana nya?”
                “Enya. Tah éta nu getén ngintunan ka Bibi mah, Néng.”
Kuring ngahuleng, kabawakeun ku omonganna. Neuteup  Bi Uti nu kacida alum, kalimpud ku kasusah. Ehm... paingan atuh unggal panggih téh ngan ngangluh jeung ngangluh. Enya balukar ékonomi meureun. Da mun senang mah moal teuing manéhna ngarasula. Moal teuing nu diobrolkeun téh ngan kasusah jeung kasusah.
                “Nya sing sabar wé, Bi. Aéh anya ari Héndri ayeuna damel di mana?”
                “Nyéta kaluar. Kamari damel di showroom ngan kuat dua bulan. Majar teu betah da gajihna alit. Keur ongkos gé Bibi téh mindeng nombokan.”
                “Di showroom mana, Bi?”
                “Di showroom Andalas.”
                “Oh atuh sareng jeung  Érik nya?”
                “Enya pan éta gé dilebetkeun ku Érik  ka dinya téh. Ngan nya kitu budakna teu betah.”
                “Nya sugan sing geura kenging deui atuh, Bi.”
                “Nya mudah-mudahan, wé. Ngan kieu geuning Bibi beuki ripuh. Da  teu kabantu pisan ku Héndri. Komo ayeuna Anis, nyanghareupan ujian sakola. Acan mayar SPP. Kamari mah nepi ka teu sakola budak téh da cenah éra ditagih waé.”
                Kuring beuki leleb neuteup Bi Uti. Gusti... enya sok ras ka diri sorangan.  Karasa riweuhna ngurusan budak sakola téh. Anak kuring onaman ngan dua jeung leutik kénéh.  Tapi karasa pisan meredelna pangabutuh. Mayar outbound téa, renang téa, mayar buku téa. Alhamdulillah kétang kuring masih bisa ngajeujeuhkeun duit. Ras ka Bi Uti anu hirup ngan saukur tina tani. Anakna reuay, pagabutuh loba. Tada teuing susahna.
“Iraha Enéng  ka Jakarta deui?”
“Ké sonten jigana, Bi.”
“Baku si Enéng mah ka dieu téh ngan sajorélat. Hayu atuh ka Bibi heula.”
“Ké sanés waktos. Bi, hatur lumayan nya kanggé jajan.” Kuring ngeupeulkeun duit kana leungeun Bi Uti.
“Nuhun, Néng. Malaur di bumi geus teu aya sabun-sabun acan.”
Bi Uti téh adi Ibu pituin. Imahna masih kénéh salembur jeung Ibu. Ngan rada nenggang. Ibu jeung Apa kacida merhatikeun kaayaan Bi Uti jeung kulawargana. Kitu deui lamun panén atawa aya rejeki pasti  tara elat méré. 
Sababaraha sawah nu Apa digarap ku Bi Uti jeung salakina. Sanajan enya lamun palebah panén, hancengan Ibu téh sok teu puguh hasilna. Alesanna mah rugi, atawa béak dipaké meuli gemuk jeung pangabutuh tani lainna. Tara dipikiran ku Ibu. Da niatna gé lain hayang aya bagéan, tapi asal Bi Uti aya pagawéan méh aya panghasilan nu leuwih.
Ku kaayaan Bi Uti kitu. Kabéh dulur asa ngabogaan tanggung jawab. Kabéh ihtiar sangkan budakna Bi Uti bisa ngambeu bangku sakola. Atuh dulur lain harideng méré biaya, sanajan teu dipénta.
Ari kuring, satutasna boga salaki jeung cicing di Jakarta. Geus tara ngelol deui ka imah Bi Uti. Barina gé kétang da rék naon ka imahna. Pan Bi Utina gé unggal poé sok ngelol ka imah Ibu. Jadi lamun kuring  ka lembur téh, pasti wé panggih jeung Bi Uti di imah Ibu. Duka sabaraha taun tara nganjang ka imahna.
“Rik. Kunaon cenah si Héndri kaluar ti pagawéana?” tanya kuring kanu jadi adi.
“Ah, duka. Ngadon ngérakeun puguh diasupkeun gawé téh. Padahal ngahaja dititipkeun ka dunungan méh diperhatikeun. Éh, karék dua bulan geus kaluar.”
“Majar cenah gajihna leutik? Jeung nombokan waé ceuk Bi Uti.”
“Ari karék asup mah nya wajar atuh.  Jeung moal mungkin nombokan deuih da ku Ibu sok mindeng dibéré. Kitu deui ari ongkos mah sakali-kali gé ku Érik sok dibéré. Ah, duka kunaon budak téh. Tuh gening ayeuna mah ngadon kitu wé gawéna. Geugeuleuyeungan kana motor teu puguh. Ngojég onaman puguh puguh ngahasilkeun duit.”
“Motor nu saha kitu?”
“Bi Uti atuh meuli. Anyar pisan. Érik mah nepi ka ayeuna can kabedag meuli motor ninja. Na ari si Héndri, teu boga gawé gé langsung  boga motor alus.”
“Kutan Bi Uti meuli motor anyar  keur Héndri?”
“Enya Téh.”
“Heuleuh loba duit atuh.”
“Ari perkara éta mah Érik gé teu apal, Téh. Da nu sidik mah ningali Bi Uti sok karunya puguh gé. Gawe ngan ngarahuh wé jeung ngarahuh. Lain Bi Uti waé kétang. Mang Jana salakina gé sarua. Mun ngobrol téh ngan ngomongkeun kasusah wé. Matak karunya puguh Érik  mah.”
“Sing hideng wé méré roko-roko waé mah, Rik. Karunya.”
“Teu kudu dibéjaan éta mah. Unggal  panggih gé teu weléh dibéré keur roko waé mah.”
“Ari Ibu kumaha, masih kénéh sok ngiriman?”
“Nya pasti atuh. Piraku deui Ibu tambélar.”
“Enya sok karunya ku Bi Uti jeung Mang Jana. Hirup téh ripuh kitu. Paroman tara pisan béar. Urang mah kudu loba syukuran ka Pangéran. Bisa ngahasilkeun, sanajan leutik gé. Alhamdulillah ning bisa cukup. Tabungan atuh saeutik waé boga.”
“Téh, geus ka imah Bi Uti acan? pan Wati anak nu panggedéna geus ngalahirkeun. Cicing di dieu ayeuna mah.”
                “Naha Bi Uti teu ubral obrol ning?”
                Éraeun meureun. Pan salakina Wati téh kabur, teuing ka mana?”
                “Euleuh?.”
                “Salah Bi Uti. Teu asak pipilih. Kabongbroy teuing ku harta. Ngakukeun gawé di bank. Tapi ning supir angkot bari jeung cicingna teu puguh. Disusul teuing ka mana nyusulna.”
*
                Méméh mulang ka Jakarta. Nyimpang heula ka imah Bi Uti.  Sanajan geus taunan teu ka imahna. Tapi lebah-lebahna mah apal kénéh. Enya kitu ieu imah Bi Uti?  Kuring ngajanteng hareupeun imah sigrong. Sigana mah bener da aya motor ninja sagala. Gerentes haté, banget ku hélok.
                Pananya téh nyinglar waktu ti jero aya Bi Uti ngurunyung.
                “Heuleuh aya Enéng geuning sareng Aa. Sok ka lebet.”
                “Majar cenah Wati aya di dieu, Bi?”
                “Enya. Tuh di kamar.”
                Bi Uti cakah cikih di dapur. Ari kuring rarat rérét ka nu aya di imah. Gusti... bet jauh tina panyangka. Kaayaan imah Bi Uti éstu agréng, kitu deui parabot, eusina pepek jeung aralus.  Kulkas nu gedé, dua pintu. Tivina gé 21 in bari jeung layar datar. Ari kuring di imah ngan saukur 14 in kitu gé nu biasa. Sagalana jauh pisan jeung kaayaan imah kuring, nu basajan.
                “Sok Néng. Tah caina. Nya kieu geuning di Bibi mah. Komo deui ayeuna tah katambahan ku Wati cicing di dieu. Jaba hasil tatanén teu kajadian. Duka kumaha puguh Bibi ayeuna téh. Asa teu pararuguh. Jeung cenah listrik sakedap deui naék. Haduh Bibi mah baringung puguh gé.”
                Teu hayang mairan. Harita kénéh langsung mulang sanggeus  nempo incu Bi Uti. Sajajalan euweuh nu cumarita. Kuring jeung salaki anteng dina panglamunan.
                “Hatur nuhun Ya Rabb. Anjeun masihan nikmat ka jisim abdi. Nepi ka danget ayeuna abdi masih bisa ngucap syukur ka Anjeun. Syukur kana naon rupa rejeki nu datang. Sukuran kana naon nikmat kahirupan nu teu bisa dibandingkeun kunaoan waé. Hatur nuhun Gustiiii.... Mugia abdi salamina aya dina jalan lempeng, sareng teu weléh ngucap sukur.” Cipanon nu teu karasa ngalembéréh, disusut ku tonggong leungeun.***


Dimuat di Koran Galura No 12, Minggu ka IV Junia 2015



Tidak ada komentar:

Posting Komentar