Jumat, 28 Agustus 2015

Awewe Tohaga


Awéwé Tohaga
(Ngaguar Carita Srikandi Néangan Gawé)
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Awéwé téh diciptakeun kumantenNa papasangan jeung makhluk nu ngaran lalaki. Nya jeung nu ngaran lalaki, awéwé hirup sapapit samamanis pikeun hirup kumbuh  babarengan. Engoning ngawelah sagara dina lautan rumah tangga. Tinangtu waé para awéwé daék reureujeungan jeung nu ngaran lalaki dina kaitan laki rabi, lian ti ngabeungkeut kanyaah ngahijikeun kaasih pasti ogé loba nu dipikahayang. Hayang hirup senang ngahenang ngahening. Hayang bangbaluh nu tadina ngan saukur dikukut ku sorangan ayeuna bisa longsong saeutik kusabab aya nu marengan.
                Tapi teu kitu ning kanyataan hirup. Loba anu geus rumah tangga téh anggur tinemu jeung kasusah. Padahal teu ngimpi saeutik eutik acan. Babakuna mah pan geus boga bebekelan ti saanggalna, utamana lebah sakola. Sakola luhur ceuk ijiran mah tinangtu waé bakal babari pikeun digawé di kantor waé mah. Teu kudu hésé capé néangan gawé.
                Awéwé tohaga. Meureun  kitu pibasaeun nu pantes pikeun ngaguar awéwé-awéwé nu aya dina  kumpulan carpon Tiktik Rusyani,  “Srikandi Néangan Gawé  wedalan PT Kiblat Buku Utama Taun 2014.
                Kumaha daria jeung soson-sosonna  awéwé nu katelah Srikandi.  Luyu jeung carita pawayangan. Apanan Srikandi téh hiji tokoh anu  sakti mandraguna sarta bisa mancalaputra mancalaputri tina awéwé sajati jadi satria digjaya.  Srikandi anu sakuduna jadi awéwé andalemi  jeneng dina kahirupan salaku kodrati awéwé. Kulantaran kaayaan. Nya antukna manéhna hojah, ngaléngkah panjang néang pagawéan di luareun imah. Pagawéan pikeun nyumponan pangabutuh kulawarga. Pangabutuh anu sakuduna dicumponan ku ngaran lalaki.
Srikandi anu  ngabogaan titél, kuliah luhur, dina emprona nyanghareupan hirup, manéhna kudu ngabukakeun panon. Nya kahirupan sorangan ieu anu antukna noélan haté. Teu géngsi ngagigiwing ijasah pikeun ngalamar ka ditu ka dieu. Naon baé pagawéan. Nu dipiharep sangkan manéhna boga panghasilan. Bajoang soson-soson, sangkan bisa dahar bisa ngurusanan kabéh anak-anakna nu keur meujeuhna.
                Ku kahirupan ogé anu antukna nyadrahkeun manéhna salaku awéwé. Nyanghareupan jaman anu sabenerna kacida teu dipiharep. Nya kitu antukna, tuturubun unggal shubuh ngabélaan kulawargana.  Nya ieu pisan anu antukna ngaleungitkeun égo manéhna. Nyieuhkeun géngsi pribadina pédah boga titél luhur. Da geuning dahar jeung hirup mah lain ngan saukur nyenyekel ijasah. Sadrah kana nasib. Sadrah lain ngan saukur tumamprak teu baranggawé. Tapi mingkin soson-soson  sumanget nyanghareupan hirup. Nya ieu pisan nu saeutik-saeutik neundeun panglamunan. Neundeun kameumeut réhna manéhna kungsi maké toga sagala. Disimpen dina lamunan susuganan engkéning jaga tinemu bagja – dina carita ‘Nu aridit wanci janari’.
                Tohagana awéwé bisa kasaksian dina carita Apa. Kumaha  budak  awéwé-Tintin sanajan dina haténa neundeun rasa kuciwa nu pohara kanu jadi bapak. Tapi angger pamustunganna nyatujuan, teu bisa ngaulah-ulah waktu bapakna bébéja   rék kawin deui. Ieu putusan anu nyababkeun adi-adina sarua neundeun kuciwa. Lantaran dina leungeun Apa, indungna geus dinyeyeri lantaran dicandung. Tapi ning sakitu sabar. Nya kasabaran éta nu ngajadikeun  Tintin angger tohaga nyanghareupan adi-adina. Sangkan maranéhna angger mihormat. Angger ngaku ka bapakna. Sanajan dina haté pangjerona neundeun katugenah anu pohara. Tapi pan indungna gé ayeuna geus taya dikieuna, geus aya di alam kasenangan -surga ngaranna pédah daék diwayuh ku  Apa. Dina leungeun Tintin, adina anu asalna micua neutneutan saeutik  saeutik ngahargaan ka ngaran lalaki nu ngaranna bapak. Nyumputkeun kapeurih haténa. Enyaan awéwé nu kacida tohagana.
                Kumaha peurih jeung nalangsana hiji indung. Waktu apal, yén anak  awéwéna ning  remen ngarandapan kasusah jeung tunggara,  padahal anak nu lainna kacida senang.  Nya dina leungeun hiji indung- anakna nu sarua awéwé kudu dilelemu jeung diléléah haténa sangkan teu narimakeun teuing kada kadar. Kudu betus jeung sayaga nyanghareupan kahirupan. Antukna ning anakna bisa hojah. Nyieun  putusan anu kacida tojaiyah jeung haténa. Nu sabenerna hayang ngabagjakeun indung bapakna. Lahlahan nyieun putusan sangkan pisah tinu jadi salakina. Salaki nu sabenerna geus mangnyerikeun, geus mangnircakeun  ka awéwé lain. Salila ieu nutupan haté kujalan teu bébéja ka indung bapak sangkan  tetep ayem. Teu apal kana naon rupa kamusibatan anu dialaman ku  manéhna. 
Antukna gilig, nyieun putusan anu tohaga ceuk ukuran dirina nu salila ieu tungut ka salakina. Nyieuhkeun kasieun dirina jeung turunanana. Hojah tina  kahengkeran diri, bajoang miceun kanalangsa. Kucara nyieun putusan rido pepegatan  tibatan  dianiaya. Haté indung mémang kacida apalna. Sanajan anakna teu cumarita, teu betus kana naon rupa anu karandapan. Nya ieu nu  jadi tugas indung-hiji awéwé nu kudu nangtungkeun anakna sacara mandiri. Teu bisa ngan saukur mamadapan kanu jadi salaki. Lamun salaki salah tur nganyenyeri naha kudu sumuhun dawuh?
                Pindah imah dina kaayaan ékonomi keur rada menyat. Dadagangan nu keur meujeuhna payu. Kudu ngajulaé. Basa nu bogah imah datang ngabéjaan yén imah rék dijual ku harga anu teu kaerong ku maranéhna nu karék kasinugrahan kabagja pédah dagangan payu kajojo kamamana. Ayeuna? Kudu tijurarlit sapada harita. Usaha mah geus puguh tihothat ka ditu ka dieu sangkan meunang duit pikeun meuli imah téa. Tapi ning can dikersakeun aya milik. Diridokeun ku rénghap nu kacida beurat, rénghap sedih jeung kasusah nu antukna maturan katineungna. Kudu sadrah kana nasib.  Di dieu perluna aya batur pakukumaha saha deui ari lain nu jadi salaki. Paheuyeuk leungeun, ngawangun katineung pikeun neruskeun hanca dina kahirupan nu masih ngembat pangjang. Nya salaki anu kudu bisa maheutkeun kayakinan.  Teu kudu sieun, pan milik teu pahili-hili bagja teu paala-ala.
                Awéwé nu cenah lemah, bisa jadi ngawasa. Ngawasa haté salaki jeung lainna. Pan loba kacaritakeun salaki nu sieunan ku awéwé. Loba kacaritakeun di luar nu cenah sahaok kadua gaplok tapi balik ka imah jadi lalaki nu taya simaan éta pangaruh awéwé.  Ieu pisan kumaha digjayana awéwé. Tong dianggap énténg kakuatan awéwé. Tong ngan sukur ditingali tina fisikna anu ceuk sasaha lemah jeung emosi ku ceurik jeung ceurik.
                Turus. Nyaritakeun kumaha ngawasana hiji awéwé ka salaki. Nepi ka éta lalaki  cul ka indung bapakna. Cul ka adi-adina. Padahal geus diamanatan ku kolotna yén dirina téh salaku turus kulawarga nu kudu ngamajukeun adi-adina. Sakolana anu luhur kitu deui jabatan anu kacida nyongcolang ogé pakaya dimamana kacida patukang tonggong jeung kahirupan dulurna. Imah kolotna nu méh doyong. Bapakna nu  tilar dunya bari jeung teu katungkulan.  Banjir nu nyababkeun imah jeung mobilna ancur, nu antukna nyadarkeun manéhna . Kudu aya perubahan.  Awéwé kudu diatik lain ngan saukur diendog beureum ku harta tapi kudu bisa maca haté nu lain. Yén hirup téh lain ngan saukur ngagugulung dunya jeung harta loba anu kudu disinghareupan. Salaku awéwé tangtu waé kudu bisa maca maké haté. Tong nepi ka ngabatu,  ngaleungitkeun rasa haté pangjerona.  Kanyaah salaki  teu nogéncang ka manéhna salaku awéwé. Tapi kudu ogé aya kanyaah kanu lain-dulur dulurna. Apanan gubrag ka alam dunya téh karna aya maranéhna indung bapak.
                Salaku manusa mémang urang ngan saukur bisa ikhtiar jeung ikhtiar. Kitu deui awéwé teu bisa ngan saukur tumamprak. Narimakeun manéh kana naon rupa kajadian. Urang sarua kudu ikhtiar. Lain ngan saukur cicing waktu meunang katugenah. Hirup téh wawayangan, kalan-kalan aya di luhur kalan-kalan aya di handap. Kudu saigel kudu bisa mihapékeun manéh enggoning muru kahirupan nu leuwih nyata. Sanajan kuliah. Boga titél anu luhur can tangtu bisa jadi jelema anu ngahenang ngahening lebah salaki meunang karerepet. Awéwé tohaga kudu sarua bajoang.  Kudu lilir tina lilingeran.  Teu meunang rumahuh nilik milik salaki ngan saukur sahuap sakopeun. Jaman kiwari perlu awéwé anu heunteu céngéng. Anu heunteu ngan saukur tumamprak. Awéwé jaman kiwari kudu bisa ngigelan jaman. Hayu urang guar. Urang témbongkeun ka sakabéh jalma. Yén urang  awéwé nu  teu bisa dianggap joré-joré.  Hayu para srikandi urang singkil, sanajan kudu nepi ka néangan gawé. Teu meunang boboléh!***




Dimuat di Majalah SundaMidang, Mei 2015


Tidak ada komentar:

Posting Komentar